Sunday, September 21, 2014

MALURUH KARUHUN MASARAKAT ADAT PANCER PANGAWINAN.
(Tina sababaraha tulisan Anis Djati Sunda dumasar sumber Pantun Pajajaran)

Sumanget neuleuman kasundaan ayeuna keur meumeujeuhna rame. Diampir unggal kota di Jawa Barat, ngaruniang komunitas-komunitas Kasundaan. Anu helokna, di Jawa Barat mah komunitas kasundaan teh anggotana dimonopoli ku para pemuda. Hal ieu beda di Jawa Tengah jeung Jawa Timur rata-rata ajaran Kejawen diteuleuman ku nu geus aya umuran.
Kusabab beuki loba anu neuleuman Kasundaan, teu heran loba anu ngarasa butuh figure anu bisa dipake rujukan ku sakumna aktivis Sunda dipakotaan. Kampung-kampung adat Sunda antukna loba didaregdeg, pikeun jadi patokan dina nerapkeun kasundaan, saperti kampung Naga, kampung Urug, Kanekes, jrrd. Kampung adat Ciptagelar di Kab. Sukabumi salah sahiji kampung anu dipikolot ku sakuma aktivis kasundaan di kota, Abah Ugi sesepuh kampung Ciptagelar najan umurna ngora keneh dianggap kokolot ku para aktivis. Malah teu saeutik anu nganggap Bah Ugi minangka ahli waris kasundaan has Pajajaran, kabeh dituna malah aya anu nganggap Bah Ugi turunan langsung Prabu Siliwangi. Malah cenah ceuk kabar anu can puguh bener salahna, Bah Ugi kalan-kalan sok karaksukan rohna Prabu Siliwangi. Wallahu alam.

Kusabab kitu nimbulkeun patanyaan, Naha enya Urang Ciptagelar teureuh raja Pajajaran Prabu Siliwangi ? Naha bener-bener Nyundana teh ? Anis Djati Sunda Suwargi dina diktatna anu ngaguar asal muasal Urang Ciptagelar negeskeun yen mun dibanding jeung masarakat adat Kaneskes di Banten, Urang Ciptagelar leuwih logor dina ngalaksanakeun pikukuh karuhun. Diantara cek Anis, Urang Ciptagelar “ Aya dina dua parahu” ngagenggem agama Islam dina hal ibadah, ari dina kahirupan sapopoe make pikukuh Pajajaran. Beda jeung Urang Kanekes, utamana Baduy Jero nepika ayeuna masih tuhu “dina hiji parahu” nyaeta ngagenggem agama Sunda Wiwitan. Malah masih ngadawamkeun sahadat Pajajaran jeung sumpah satia ka Pajajaran sataun sakali dina uparacara di Balay Pamunjungan di Kanekes. Eusi sumpah satia teh diantarana nyebutkeun moal eudek ganti sinembah ku agama sejen, pengkuh kana agama Sunda Pajajaran, kitu ceuk Anis Djati Sunda dina dua diktatna “ Rawayan Urang Kanekes” , jeung “ Tilu Carita Aheng” ditambah Pantun Bogor.    
Nurutkeun ADS, Urang Ciptagelar sabenerna sakokocoran jeung masyarakat adat lainna anu sumebar di tilu kabupaten, kayaning Sukabumi, Bogor jeung Lebak. Eta masyarakat adat teh nyaeta Kampung Urug di Kiarapandak, Cigudeg Kab. Bogor, jeung Kampung Citorek desa Ciparay Kacamatan Bayah Kab. Lebak Banten. Tilu pakampungan adat ieu disebut Pancer Pangawinan. Ditilu masarakat adat ieu masih keneh pengkuh make budaya Sunda Pajajaran utamana dina “Budaya Pare” jeung struktur organisasi adatna.
Ari karuhun urang Pancer Pangawininan teh nyaeta Barisan Kaamanan raja Pajajaran anu disebut Bareusan Pangawinan. Mun dirucat tina etimologi mah Pangawinan teh asalna tina basa Sunda Kuno “ngawin” nu ngandung harti “nginjeum” atawa “ngahijikeun”. Disebut kitu teh kusabab Bareusan Pangawinan dina jaman ngadegna Pajajaran boga tugas utama ngamankeun kaayaan Dayeuh Pakuan puser dayeuh Pajajaran, ari anggotana teh campuran ti sagala elemen , dijerona aya Bupati, Mantri Taman, Demang, Puun, Guru Alas, Patih Jaba, Kanduru jsb. Ayana Bareusan Pangawinan teu unggal poe tapi kumaha kabutuhan. Saumpama kaayaan nagara keur genting Bareusan Pangawinan turun tangan, matak mun keur kaayaan Pajajaran aman jeung tentrem mah, anggota Bareusan Pangawinan baralik deui kana tugas sapopoena sewang-sewangan.
Anggota Bareusan Pangawinan teh, jalma pinilih syarat-syaratna diantarana : teu meunang cacat lahir-batin, ahli bela diri, jembar sawangan tur lega ambahan. Di Baduy Jero barisan sarupa kieu, masih keneh aya dina konsep pamarentahan “ Paku Tangtu Telu”, disebutna teh “Bareusan” henteu make deui kocap Pangawinan deui. Ngan tugas utamanamah sarua samodel jaman Pajajaran, tangtuna geus disaluyukeun jeung kaayaan jaman ayeuna.
Masyarakat adat Pancer Pangawinan ayeuna, eta teh katurunan Bareusan Pangawinan jaman Pajajaran. Ngan katurunanana ieu teu make deui sebutan Bareusan, ayeunamah diganti make sebutan anyar kocap “Pancer”. Hal eta kitu teamah kaharti kapan Pajajaran oge geus euweuh, ngan saukur pangeling-eling ka karuhunna. Tapi bisa oge asalna mah minangka tarekah nutupan diri sangkan ulah disangka boga kakaitan jeung Pajajaran, boh bisi diburu ku musuh-musuh Pajajaran, utamana dina jaman-jaman Pajajaran anyar runtag. Samodel cara urang Baduy baheula, anu nutupan dirina kusebutan “ Urang Rawayan” padahal saestuna mah sebutanana teh Urang Rawayan Pajajaran, ngan kusabab hal eta matak ngundang kacurigaan musuh Pajajaran antukna kocap Pajajaran disarumputkeun, cenah ngan diucapkeun na jero hate, sabab mun dikedalkeun bisi kaambeu ku musuh.
Ari kocap Rawayan dididieumah lain hartina jambatan, tapi ngandung harti “katurunan”. Kusabab urang Kanekes mangrupakeun turunan pakaburan Pajajaran sawaktu dihurup musuh baheula. Arinyana lain katurunan Bareusan Pangawinan, tapi katurunan Prabu Anom (Putera Makuta) Kian Santang, nyaeta anu gubragna ayeuna teh ka anu disebut Baris Kolot “Tangtu Cibeo”. Tapi ayeunamah katembongna Urang Kanekes atawa Pancer Pangawinan oge geus loba anu siga teu arapaleun deui saha karuhunna, utama mah barudak ngorana. Ku ayana kitu matakna ulah aneh saumpama aya ilmuwan anu nalungtik hasilna beda-beda ngeunaan asal usul sajarah arinyana, tapi bisa wae eta teh tarekah nyamurkeun diri kujalan “alok” atawa pura-pura teu nyaho ka karuhun arinyana nu bibit buitna ti Pajajaran.
Saumpama ngajujut  sajarah asal muasal Urang Pancer Pangawinan mimitinamah ti jaman ahir Pajajaran. Harita Pajajaran keur dikepung ku rebuan musuh ti Cirebon, Banten, Jayakarta jeung Demak. Puser Dayeuh ge diduruk taya nu nyesa sakumaha digambarkeun dina Pantun Bogor lalakon “ Kalang Sunda Makalangan “ anu nyaritakeun kaayaan Dayeuh Pakuan anu dibumi hanguskeun ku musuh “
“ Perang meujeuh munclak di rorosa. Musuh narajang deui-narajang deui leuwih beungis leuwih garalak, kuta Dayeuh Bogor loba anu raruntuh. Tapi Euweuh musuh anu bisa asup, lantaran Pajajaran ngalawan. Ngalawan anggeus-anggeusan; gorowong kuta anu molongo katutup deui ku bangke-bangke musuh anu memeh asup, geus paregat beuheung saremplak taktak.
Ger surak musuh ngaguruh, cara guruh Guntur urug gunung. Laju der dimana-mana jero dayeuh seuneu hurung diloba suhunan, nyeak bari ngagedag-gedag, ngaguruh hurung dina injuk meuleum hateup imah lembur-lembur parek kuta !
Jero Dayeuh beulah kaler eujeung kulon, belah wetan eujeung kidul, lembur-lembur parek kuta kahuruwan, dihuru musuh anu ti ruareun kuta melesat-melesatkeun panah marawa seuneu eukeur hurung: panah-panah dibeuleum tapas eujeung kapas dicampuran warirang eujeung sandawa.
Dimana-mana surak musuh mani ngaguruh. Dimana-mana seuneu ngaguruh bari ngagaur, luntab lentab bari ngagedag-gedag, nyeak hurung sabari nyuit ditiup angin kenceng anu ngahiyuk. Beuki loba imah anu kahuru, beuki bae lega lembur-lembur anu jaradi tegalan seuneu.
Gaur seuneu eujeung surak musuh dibarung pating beletok awi imah-imah keur hurung jaradi unggulan nala sinalaan, nyilep jerit sasambatan somah anu kasima teu walakaya, nyilep haregungna balad anu taratu !
Kumaha harita jero Dayeuh ? kumaha harita jero saban kalang pangperangan ? mowal kacipta ku Pujangga, mowal kagambar ku Pangarang, mowal katepi ku tukang mikir, mowal kacatur ku tukang mantun, ambek, keuheul, rusuh, ngenes, gemes, siyeun, nyeuri, sedih, keuheung…kabeh jadi hiji.
Di meujeuh urang Dayeuh Bogor Pajajaran tutumpuran ngalawan musuh anu bilangan arinyana lain tanding. Nya geus kitu dimuduna, ditangtukeun ku Anu Nyieun Sakabeh Lalakon, seuneu jiga diaur-aur ka mamana, nyundut hateup imah anu jarauh…saban seak angin ngaleok, raranggeum seuneu beuki deui ngalegaan, nya hanteu kebel deui ogeh meh sa dayeuh Pakwan Bogor Pajajaran Tengah jadi Talaga Nala hambal-hambalan !
Nya hanteu kebel deui, kabeh anu aya jero Dayeuh euweuh anu kari…euweuh saung anu nangtung, euweuh leuit anu kari, euweuh, euweuh anu waluya, euweuh imah anu weuteuh saeutik-eutik acan. Kabeh euweuh anu nyesa, kabeh, kabeh ngan kari urutna wungkul. Karaton ngan kari umpak, ting pacenghul dina lebu anu hawuk. Taman-taman jiga rarahan anyar, taretena pada layu kabarerang. Pakujajar mah jiga tihang gantungan bajajar-jajar…kadu manggu eujeung tundun, dukuh picung eujeung gintung hideung lestreng jaradi areng, ting lenggeceng sabari ngelun.
Kabeh, kabeh…kabeh jaradi lebu eujeung areng !   

Kusabab kaayaan di Dayeuh Pakuan katenjona beuki genting Aki Santa Rupa ahli taman Pajajaran geuwat rek nyalametkeun tangkal “Hanjuang Bodas” minangka tangkal Pupunden (Jimat) Pajajaran. Kusabab cek kayakinan harita saumpama eta tangkal direbut musuh, Pajajaran moal nguniang deui sapanjang jaman. Kitu deui mun karebut musuh, musuh bakal digjaya Saumur-umur tur moal aya anu bisa ngelehkeun. 
Sabenerna tangkal Hanjuang Bodas pikeun urang Pajajaran oge dirusiahkeun pisan, taya nu apal kumaha bentukna iwal ti Ki Santa Rupa nu ngurusna, Raja Pajajaran, Ki Lengser, Bramesta, Marakangsah jeung Guru Sekar. Sawaktu keur nyenyekel tangkal Hanjuang Bodas, Aki Santa Rupa kabeneran ningal Rakean Wilang Nata Dani teu jauh ti dirina. Wulang Nata Dani teh salah saurang gegeden Pajajaran boga pangkat Patih Taman. Harita keur ti hot hat nakisan serangan musuh.
Tadina Hanjuang Bodas rek dititipkeun ka Wulang Nata Dani sangkan disalametkeun, ngan duka timana datangna sawaktu rek nyampeurkeun Ki Patih Taman, ujug-ujug aya jamparing musuh ngabelesat laju nanceb mani parat kana dada Ki Santa Rupa, Hanjuang Bodas nu keur dicekel teh macleng ka dapuran tangkal Pakujajar. Ari Ki Santa Rupa tiwas sapada harita oge.  Ningal kayaan kitu, bari nakisan serangan musuh ku pakarang Kujang Ki Patih Taman surti laju buru-buru muru tangkal Hanjuang Bodas diantara leubeutna tangkal Pakujajar. Kitu teh bari teu nyaho kumana bentukna Hanjuang Bodas teh. Leungeun Ki Patih Taman upuy apay neangan Hanjuang Bodas anu tadi macleng kadinya, gep lengeuna nyekel sagerewel anu diperkirakeun Hanjuang Bodas tuluy didudut tadina rek dibawa ka Raja Pajajaran. Ngan Prabu Siliwangi katingal keur dikurubut ratusan musuh di Tegal Lega.
Rakean Wulang Nata Dani terus nyiar tempat anu leuwih aman. Inyana naek kana tonggong Kuta (Benteng) Pakuan Pajajaran. Kabeneran didinya harita geus nyampak anggota Bareusan Pangawinan anu kasohor jarago, Ki Buluh Panunjang nu boga jabatan Puun, Ki Luntang Kendengan nu boga jabatan Guru Alas, Ki Haur Tangtu nu boga pangkat Demang tiluanana jeung para prajurit keur mertahankeun kadatuan Raja jeung Pakuan sakuliringna tina gempungan musuh anu terus rabul bari geus mimiti arasup ngangsreg ka luhur Kuta.
Bari ti hot-hat nakisan serangan musuh, Ki Patih Taman ngadeukeutan Ki Demang Haur Tangtu bari ngaharewos , “ Ised Ki Demang, cekelan ieu tangkal. Keun kaula sorangan be anu ngabedah ieu aleutan ajag. Dia asup ka itu lolongkrang. Bisi kaula ninggang apes, sumputkeun ieu tangkal ulah beunang ku musuh lantaran ieu tangkal Tangkal Pupunden Pajajaran Sanagara” . Ngadenge wasiat kitu, Ki Demang geuwat narima eta tangkal bari tuluy ngajak Ki Puun jeung Ki Guru Alas nyingkah ti luhur Kuta bari neangan tempat nu rada aman. Dina eta perang campuh teh Ki Patih Taman gugur diluhur Benteng Kuta Pakuan Pajajaran. Ari Hanjuang Bodas gancang dibawa nyingkah kanu jauh ku Demang Haur Tangtu, Guru Alas Luntang Kendengan, jeung ku Ki Puun Buluh Panunjang sakumaha amanat Ki Patih Taman.
Kacaritakeun Prabu Siliwangi laju mundur tina medan pangperangan, dibarengan Ki Lengser jeung rombongan sejenna ngesat neangan tempat nu aman. Salila tilu bulan mapay mapay gunung jeung leuweung antukna bras ka basisir Tegal Buleud seja meuntas ka pulo Nusa Larang, satadina rek nyieun basis pertahanan anyar di eta pulo anu harita jadi bagian tina wilayah karajaan Pajajaran .
Bareusan Pangawinan anu tilu milu ngagabung ka rombongan raja. Sakumaha dipedar dina Wangsit Siliwangi tina Pantun Bogor lalakon “Pajajaran Seuren Papan” , Prabu Siliwangi teu bisa laju meuntas ka pulo Nusa Larang, kapegung ku ombak anu gede ambal-ambalan nepika kabeh parahu nu dipake meuntas ancur burak-rakan neungar cadas sangeus dibuntang bating ku gedena ombak. Hyang Prabu Siliwangi laju mutuskeun rek ngahiyang di Tegal Buleud (Kab. Sukabumi ayeuna), ngan samemehna sang Prabu mere kabebasan ka pasukanana ku sababaraha pilihan, antukna tina puluhan prajurit jadi opat bagian barisan, aya anu milu ngahiyang, aya anu muru tapak Kian Santang ka Kanekes Banten, aya anu biluk ka musuh, aya oge anu mulang deui ka urut Dayeuh Pakuan, lian ti eta aya anu netral nyaeta nyieun pilihan sorangan.
Cek Pantun Bogor, eta tilu kokolot teh samemeh arinyana arindit, kungsi meunang pangwawadi heula ti Hyang Prabu Siliwangi diantara jeung pancen waris Lebak Cawene, oge pancen ngajaga kasalametan Hanjuang Bodas. Geus kitumah kalayan dijurung ruhum tangtayung kanyaah sang Raja, arinyana miang seja ngamimitian ngalalana, pieun muru kahiji tempat mandiri nu jadi tujuan.
Sapajang lalampahan ngalalana, di saban babakan tempat arinyana ngangjrek, tangkal Hanjuang Bodas teh sok dipelakeun. Arinyana bakal arindit deui mun eta tangkal Hanjuang Bodas tea geus sirungan jeung aranakan. Nya anakna atawa sirungna eta nu sok dibarawa tuluy dipareulakeun deui disaban babakan panganjrekan arinyana. Saban melak eta Hanjuang Bodas saban jadi bari subur.
Antukna sanggeus mangtaun-taun lumampah, Ki Demang, Ki Puun jeung Ki Guru Sekar katut rombonganana teu jadi muru tapak Kian Santang ka Banten Kidul. Arinyana teu waranieun asup ka leuweung Citorek nu kasohor geueuman tur angker. Arinyana muter ngaler tuluy ngulon, ngaradegkeun babakan bari meulak Hanjuang Bodas. Tidinya arinyana pindah deui-pindah deui, lalampahan kitu teh bari terus garanti ngaran pikeun nyamurkeun diri ti musuh-musuh anu baroga nariat jahat ka sakur-sakurna warga katurunan Pajajaran.
Pipindahan arinyana lila-lila mah bari papisah. Ki Demang Haur Tangtu tuluy tatapa di Gunung Liman, kabeh dieuna sanggeus inyana maot leuwih dipikawanoh ku ngaran Embah Dalem. Pajaratan Embah Dalem kiwari aya dilembur Guradog kuloneun lembur Gajrug wilayah Kabupaten Lebak. Warga masarakat di eta lembur nyarebutna teh DALEM TANGTU AWI LEAT didinya Ki Demang ngarundaykeun turunan / Rawayan anu kiwari rata-rata jadi Kokolot Kampung Kasepuhan Adat Citorek .
Cek catetan Anis Djati Sunda, ieu katurunan mun diitung ti garis indung mah mangrupa katurunan / rawayan Ki Puun Buluh Panunjang. Sabab keur waktu lalampahan pipindahan tea, salah sahiji anak awewe Ki Puun aya anu dikawin ku Ki Demang. Caricingna katurunan Ki Demang di Citorek kiwari (Kec. Bayah Kab. Lebak. Banten) lokasina dilembur Guradog, eta ngaran lembur nyoko kana ngaran Guradog Kolot nu dikuloneun lembur Gajrug. Hilireun lembur Guradog Citorek kahalangan ku lahan kosong kira-kira sapuluh lengkah aya oge lembur nu ngarana Lembur Naga, ngaran ieu oge mangrupa bawaan tina ngaran lembur Leuwi Naga nu baheulana cenah dideukeut Guradog Kolot tea.
Balik deui ka mangsa Ki Demang Haur Tangtu basa tatapa di gunung Liman tea. Harita tangkal Paku jajar nu dipajarkeun tangkal Hanjuang Bodas teh dipasrahkeun ka Ki Puun Buluh Panunjang mitohana, geusan ngarekahkeunana. Ki Puun anu kapasrahaan tuluy pipindahan deui nyiar katentreman hirup. Mimiti ka lembur Pariyang, pindah deui ka Parung Kadu, tuluyna ka Silenggang. Katurunan Ki Puun ngaradegkeun lembur di sahunjareun Gunung Kendeng. Diantara katurunan inyana anu masih keneh makeukeuhan Adat Sunda Pajajaran nyaeta anu aya dilembur Urug (ayeunamah asup kana wilayah Desa Kiara Pandak Kacamatan Sukajaya Kabupaten Bogor ). Arinyana jadi Olot (Sesepuh Adat) sacara turun tumurun, diantarana Olot Jariah, Olot Surya, Olot Sapri, Olot Rukman, jeung Olot Adang. Ieu wewengkon nepika ayeuna disebut Kampung Adat Urug.
Ki Guru Alas Luntang Kendengan, inyana oge jeung rombonganana tuluy pipindahan. Inyana maju ka lebah Kidul tur akhirna nganjrek dihiji tempat nu baheulana disebut Gunung Sunda Pulang. Inyana ngarundaykeun turunan nepika Ki Buyut Kayon, Ki Warni, Ki Santayan, Ki Arikin, Ki Jasiun, Ki Rusdi, Abah Ardjo, Abah Ucup/ Sucipta (Abah Anom) nepika Abah Ugi ayeuna anu jadi sesepuh Lembur Adat Ciptagelar di kacamatan Cisolok Palabuanratu Kab. Sukabumi.
Rundayan Ki Demang, Ki Puun jeung Ki Guru Alas ieu nu kiwari katelah ku sebutan Masyarakat Adat Sunda “ Pancer Pangawinan” . Arinyana aya anu dumuk dilembur-lembur utama (Urug, Citorek, Ciptagelar). Aya oge nu caricing di lembur-lembur nu kaasup wilayah eta tilu lembur utama tea. Hal ieu gumantung kana deuheus jeung henteuna atawa pakuai-pakait kabarayaan henteuna kanu jaradi Kokolot turunan tokoh nu tilu tea.
Nepika decade taun 1960-an, sebutan kalungguhan Kokolot Lembur diwilayah gunung Sunda Pulang nepika Lembur Tegal Jambu masih keneh disarebut “Prebu”. Kitu deui di Lembur Citorek diitung ti Aki Kaderin mundur katukang masih keneh ngagunakeun sebutan akrabna “AMA” kocap pondok tina RAMA. Sedengkeun kokolot Lembur Urug rada teu pati jelas naon sebutan heubeulna. Tapi nempo kana kaayaan dua adat lembur tadi, sacara hipotesis mah bisa dipapantes sebutanana teh RESI atawa pandita.
Sanajan kiwari tilu lembur Masyarakat Adat Sunda Pancer Pangawinan ayana di tilu wilayah administratip nu beda, malah beda provinsi, tapi konsep struktur budaya nu ku arinyana dipageuhan masih keneh dumasar kana struktur budaya Sunda Pajajaran, nyaeta nu disebut TRI TANGTU DI BUANA (Tilu Patokan Ngaheuyeuk Dunya) “ Jagat daranang di sang Rama, Jagat Kreta di Sang Resi, Jagat Palangka di Sang Prebu” sakumaha kauger dina Lontar koropak 632 lambar II versi Kabuyutan Ciburuy. Nu hartina “ Urusan asuhan/ kamakmuran mangrupa tanggung jawab Sang Rama, Urusan Kasajahteraan jadi tanggung jawab sang Resi / Pandita, Urusan Pamarentahan jadi tanggung jawab Sang Prebu”.

AHLI WARIS LEBAK CAWENE.
Tilu masarakat adat ieu disebut oge Kasatuan Banten Kidul, ari sebutan keur para kokolotna sok rubah-rubah. Misalna sebutan Ama di Citorek diganti ku sebutan “Oyok” atawa “Olot” (akrabna ti Kokolot kasarna tina Kasepuhan). Kitu deui Prebu dilembur adat Sirnaresmi / Cikaret diganti ku istilah Kasepuhan lemesna ti Kokolotan, jeung sebutan Abah pikeun sebutan kokolotna.
Digarantina sebutan-sebutan kaadatan para kokolot tadi, cenah mah mangrupa hiji usaha ngarah Pancer Pangawinan tetep pageuh dina sikep eksistensina sajeroning ngigelan obahna jaman. Sasatna mangrupakeun hiji perjoangan keur neruskeun nu dianti-anti ku para Karuhun Pajajaran  nyaeta ngadegna deui nu disebut “ Pajajaran Mandiri” jaga dina mangsana mun Uga geus ngawaruga, nya engke dina kagarapna Lebak Cawene.
Ngadegna Pajajaran nu Mandiri tea, cenah diaradegkeuna teh kudu para rawayan (turunan) nu baroga pancen jadi ahli waris, nyaeta warga Pancer Pangawinan. Ari anu disarebut warga Pancer Pangawinan teh mun ditilik sacara kaadatan mah kudu arinyana anu aya dina pakumbuhan masarakat adat tea. Tapi ari cek bibilangan rawayan (katurunan) sacara genetika mah, aya oge anu caricing diluar masarakat adatna. Ngan bae nu kudu dikanyahokeun naon sababna ngan warga Pancer Pangawinan wungkul anu kasabit-sabit dina Wangsit Siliwangi anu boga hak pindah ka Lebak Cawenw teh ? henteu kasabit-sabit Urang Sunda sejenna ?
Hal ieu dumasar kana waktu turunna Wangsit Siliwangi, waktu babagi di Tegal Buleud tea. Pamadegan Ki Demang Haur Tangtu, Ki Puun Buluh Panunjang jeung Guru Alas Luntang Kendengan marilih mandiri moal milu ka sasaha, arinyana tetep tangguh mertahankeun eksistensi jiwa Pajajaran. Hal ieu kabukti nepi ka kiwari, najan rawayan arinyana ngaraku hirup “ Nincak Dua Parahu”, nyaeta najan agamanamah geus Islam, tapi ari sikep budaya jeung hukum adat mah tetep masih keneh pageuh napak dina Sunda nu “ Majajaran”. Alesan sejenna, sanajan rawayan Pajajaran sejenna leuwih maraju dina sikep budaya hirupna, tapi teu mawa ciri-ciri budaya kahirupan Pajajaran sacara konsekuen. Arinyana mah leuwih condong sacara nyorangan-nyorangan (individualis) teu ngalompok dina wadah sacara adat anu Majajaran. Tah nya alesan ieu pisan pangna Prabu Siliwangi leuwih mercayakeun urusan warisan Pajajaran teh ka Pancer Pangawinan.
Ari Urang Kanekes (Baduy) ceuk saliwatan mah leuwih teleb keneh Pajajaran-na mun dibanding urang Pancer Pangawinan. Tapi naha teu kawaris Lebak Cawene ? Matak arinyana teu kawaris bisa hirup di Lebak Cawene teh kusabab arinyana teu kungsi milu jeung Raja Pajajaran di Tegal Buleud dina harti teu kungsi meunang wangsit ti Raja, oge geus matok diri ku harirup jadi masarakat patapaan (ascetic) nyaeta nu disebut “ Tapa di Mandala” tea. Ari masarakat Patapaan geus moal bisa dipapancenan geusan hal ihwal anu sifatna duniawi, arinyana leuwih condong kana hirup basajan nu napak dina “buyut” jeung “ teu wasa “ dina hartio sagala hal teh sumerah diri ka Hyang Tunggal. Sejen ti kitu, sakumaha geus disabit dina Pantun arinyana mah geus meunang warisan khusus pipindahan engkena nyaeta ka Sirah Ciberang jeung Sirah Ciujung tea.
Tapi sanajan kitu, mun Lebak Cawene geus dicaricingan ku masarakat Pancer Pangawinan mah, Urang Sunda luar oge anu cek arinyana disebutna teh Urang Are (Rawayan Pajajaran nu araya diluar) dihacengan lahan sabudeureun Lebak Cawene, lain dilebakna.
Cindeknamah, mun teamah tug nepi ka kiwari warga Pancer Pangawinan teu eureun-eureun neangan Lebak Cawene, utamanamah urang Ciptagelar jeung urang Citorek bari can kapanggih wae, atuh laju nimbulkeun patanyaan naha iraha atuh Uga Ngawaruga datang sangkan arinyana bisa pindah ka Lebak Cawene ? Pijawabeunana teh babari tapi hararese. Ari babarina kapan geus pabalatak uga anu netelakan kudu iraha warga Pancer Pangawinan pindah ka Lebak Cawene. Ari hararese na ? napsirkeun eta uga ku hal anu pasti, sabab eta uga teh lolobana mangrupa siloka. Ari Siloka tea kapan cenah “Silo” hartina hese dibuka, alias pageuh ngarusiah. Dina akhir tulisanna ngeunaan Pancer Pangawinan, Anis Djati Sunda sual Uga Lebak Cawene negeskeun kieu “ Tapi ari keur arinyana anu geus rada heubeul kokojayaan dina talaga budaya Sunda nu Majajaran mah, kawasna moal kapalingan. Saeutikna bae mah pasti rada remeng-remeng kana piirahaeunana jeung kumaha proses parindahna”. ( Luki Muharam)             



No comments:

Post a Comment