Sunday, September 21, 2014

MALURUH KARUHUN MASARAKAT ADAT PANCER PANGAWINAN.
(Tina sababaraha tulisan Anis Djati Sunda dumasar sumber Pantun Pajajaran)

Sumanget neuleuman kasundaan ayeuna keur meumeujeuhna rame. Diampir unggal kota di Jawa Barat, ngaruniang komunitas-komunitas Kasundaan. Anu helokna, di Jawa Barat mah komunitas kasundaan teh anggotana dimonopoli ku para pemuda. Hal ieu beda di Jawa Tengah jeung Jawa Timur rata-rata ajaran Kejawen diteuleuman ku nu geus aya umuran.
Kusabab beuki loba anu neuleuman Kasundaan, teu heran loba anu ngarasa butuh figure anu bisa dipake rujukan ku sakumna aktivis Sunda dipakotaan. Kampung-kampung adat Sunda antukna loba didaregdeg, pikeun jadi patokan dina nerapkeun kasundaan, saperti kampung Naga, kampung Urug, Kanekes, jrrd. Kampung adat Ciptagelar di Kab. Sukabumi salah sahiji kampung anu dipikolot ku sakuma aktivis kasundaan di kota, Abah Ugi sesepuh kampung Ciptagelar najan umurna ngora keneh dianggap kokolot ku para aktivis. Malah teu saeutik anu nganggap Bah Ugi minangka ahli waris kasundaan has Pajajaran, kabeh dituna malah aya anu nganggap Bah Ugi turunan langsung Prabu Siliwangi. Malah cenah ceuk kabar anu can puguh bener salahna, Bah Ugi kalan-kalan sok karaksukan rohna Prabu Siliwangi. Wallahu alam.

Saturday, May 24, 2014

KARAJAAN JAMPANG MANGGUNG CIKAL BAKAL CIANJUR


KARAJAAN JAMPANG MANGGUNG

Nara sumber   : KH. Djalaluddin Isa Putra / Eyang Junan sesepuh Pontren Bina Akhlak Desa Babakan Karet, Kec. Cianjur. Pemilik Radio Swasta Bukit Suara 104,4 FM.
Disusun & disundakeun ku : Luki Muharam, SST wartawan Tabloid Sunda Galura, Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur, Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC).

Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4 M, dina bulan kawolu taun 330 Saka kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407 M. Samemeh jadi karajaan Jampang Manggung disebutna karajaan Jampang Datar dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge Aki Wengku. Aki Wengku oge marentah di di karajaan Malabar.
Kujang Pilawa dipulung mantu ku Raja Sugiwanca, ngadahup ka Dewi Anumirti anakna Sugiwanca, sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari karajaan Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona Sugiwanca nyaeta Gasman sanggeus jadi raja disebut Prabu Sabatan Kati.

PAIS LAUK TULANG HIPU ASALNA KARESEP DALEM KANCRA


PAIS LAUK TULANG HIPU ASALNA KARESEP DALEM KANCRA

Kabupaten Cianjur lian ti kasohor ku tauco atawa manisannana kasohor oge dina ngolah laukna saperti pespol gurame, beuleum laukna, kasohor oge ku pais lauk bibitna, utamana pais lauk tulang rangu hartina cucuk tulangna oge moal matak nyocog lamun dikeremus teh. Taya nu apal sacara pasti asal muasal asakan-asakan khas Cianjur eta, ngan sawaktu ngobrol jeung Rd. Teddy Achdiyat (60) salah saurang pangusaha di Cianjur anu paduli kana kalangsungan budaya Cianjur, manehna boga dongeng ngeunaan asal-muasal pais lauk hipu cucukna.
Cek Teddy anu boga teureuh Dalem Muhyidin / Bupati Cianjur Aria Wiratanu Datar ka IV (periode taun 1761-1776) asal muasal sagala asakan eta lauk teh cenah mimitina tina karesep Dalem Kancra Pejabat Bupati Cianjur anu nyangkring gelar Raden Tumenggung Wiranagara (periode taun 1833-1834).
Nurutkeun buku “ Sajarah Cianjur Sareng Raden Aria Wiratanu Dalem Cikundul Cianjur “ karya Bayu Surianingrat ngebrehkeun yen Tumenggung Wiranagara teh putrana Bupati Cianjur Adipati Prawiradireja I anu marentah Cianjur samemehna. Sanggeus marentah ti taun 1813 nepika taun 1833 Adipati Prawiradireja I menta pangsiun ka Walanda, sarta menta sangkan dirina diganti ku Wiranagara anakna. Ngan kusabab Wiranagara kasohor boga talajak resep moro jeung marak lauk, ku Walanda teu diidinan, tapi kusabab Prawiradireja I oge keukeuh pamentana ditedunan. Wiranagara antukna dijadikeun pupuhu Cianjur kalayan catetan Wiranagara ngan diangkat salaku Wakil Bupati ( Wld = waarnement regent) jeung dibere mangsa uji coba dua taun. Saumpama bisa nembongkan talajak hade dina marentah kadaleman Cianjur, Wiranagara bakal tuluy diangkat jadi Bupati, ngan lamun inyana masih keneh bolay kana jabatan wakil bupatina, bakal dipocot.

Thursday, May 22, 2014

SITUS GUNUNG PADANG CIANJUR

SITUS BATU GUNUNG PADANG
Disusun ku Luki Muharam Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Cianjur
Situs Batu Gunung Padang pernahna di desa Karyamukti Kacamatan Campaka Cianjur Pakidulan, nepika ayeuna masih keneh terus ditalungtik ku para ahli ti sababaraha disiplin ilmu.
Laporan munggaran ngeunaan situs gunung Padang, dumasar bulletin kepurbakalaan anu judulna Raporten Van De Oudheidkundige taun 1914. Tuluy ku sejarawan Belanda N.J Korm taun 1949 diguar deui najan teu tuntas. Taun 1979 tilu warga lokal kayaning Endi, Soma jeung Abidin manggihan tumpukan batu-batu anu katutupan ku rungkun jeung lukut, eta pamanggih teh dilaporkeun ka penilik kebudaaan Kab. Cianjur Edi Kusnadi nu tugasna di Campaka. Sanggeus dilaporkeun  bari Dirojong ku Kepala Seksi Kebudayaan Departemen Pendidikan Kebudayaan Kabupaten Cianjur, R. Adang Suwanda, dua pejabat ieu ngayakeun panalungtikan dasar pikeun laporkeuneun ka Pusat Penelitian Arkeologi Nasional (Arkenas). Ti harita najan aya deui sababaraha fihak anu nalungtik, informasi ngeunaan situs gunung Padang tacan nyebar siga ayeuna.
Najan panalungtikan modern ngeunaan Situs gunung Padang terus diayakeun tetep wae nepika ayeuna masih kalimpudan ku dongeng-dongeng rahayat, majar teh ieu situs digeugeuh ku roh-roh raja-raja Sunda baheula jeung cocog saumpama di tapaan ku para biduan anu hayang kasohor, atawa ulama anu hayang moyan. Malah cek beja Darso, Upit Sarimanah jeung Deti Kurnia oge kungsi tirakat di gunung Padang, padahal beja eta teh can karuhan bener henteuna.

SANG HYANG SIRAH

         HIKAYAT GUHA SANG HYANG SIRAH
Ku Luki Muharam, PAGUYUBAN PASUNDAN CIANJUR

Sang Hyang Sirah ayana ditungtung kulon pulo Jawa, mangrupakeun guha alam anu aya diwewengkon Kab. Pandeglang. Sang Hyang Sirah dikaramatkeun pisan kusabab dipercaya tempat patilasanna Prabu Siliwangi jeung Kian Santang.
Sang Hyang Sirah mangrupakeun salah sahiji tempat nu dipercaya minangka tilas tilemna Prabu Siliwangi, lian d Sang Hyang Sirah aya sababaraha tempat lainna anu dipercaya minangka tempat ngahyangna Prabu Siliwangi saperti basisir laut Tegal Buleud di Ujung Genteng Kab. Sukabumi, kampung Pajajaran di Majalengka, Leuweung Sancang, jsb. Jadi dimana atuh ngahiyangna Prabu Siliwangi anu sajati ? Siganamah kabeh oge bisa wae aya benerna, kusabab sawaktu Prabu Siliwangi Sri Baduga wafat taun 1521 M, lebu jasadna anu diasupkeun kana kendi-kendi leutik dipendem disababaraha tempat di Tatar Sunda, tapi naha atuh riwayatna bisa beda-beda ? sigana etamah lalakon anu datang kabeh dieunakeun sanggeus kendi lebu jasad Prabu Siliwangi dipendem di eta tempat, wallahu alam !

PALABUAN RATU

SAJARAH PALABUAN RATU NURUTKEUN PANTUN BOGOR & BABAD CIANJUR
(Cek Buhun Sunda, Nyi Roro Kidul Ngan Saukur Dongeng Ciptaan Mataram)
             

Runtuhna karajaan Pajajaran teu sakaligus, kusabab wadyabalad Islam geus aya 12 kalina ngagempur Pajajaran salila 5 taun angger nagen teu bisa ditembus benteng pertahananana. Kakarak dina mangsa karajaan dipimpin ku Prabu Nilakendra, benteng Pajajaran nu dibangun ku Prabu Siliwangi taun 1478 ahirna ancur ditarajang wadyabala Islam. Kitu oge aya sababaraha sabab anu jadi cukanlantaranna, dina buku Sajarah Cianjur nu disusun ku Drs. Bayu Surianingrat ngajelaskeun yen ancurna benteng Pajajaran kusabab nu jaga panto gerbangna nyaeta dua sadulur Ki Jongjo jeung Ki Jungju hianat ka Pajajaran kusabab nyeri hate pangkatna teu naek-naek, ahirna mukakeun panto gerbang benteng Pajajaran.
Sedengkeun cek Pantun Bogor jebolna pertahanan Pajajaran kusabab Jaya Antea salah sauran gegeden Pajajaran hianat, sarta biluk ka pasukan Banten. Lian ti eta runtagna Pajajaran kusabab kaayaan pamarentahanana geus nyirorot pamorna teu siga jaman Prabu Siliwangi buyutna Prabu Nilakendra, korupsi dimamana, gegeden karajaan geus loba hianat ka rahayat jeung rajana, ari Prabu Nilakendra raja Pajajaran hirupna ngaresi, resep nyepen, puasa saban poe, nepika teu paduli kana kaayaan nagara.
Kaayaan kitu pikeun Sultan Banten Maulana Yusup matak pihariwangeun, dilain-lain oge karajaan Pajajaran teh warisan karuhuna nyaeta Prabu Siliwangi, kapan Maulana Yusup teh putrana Maulana Hasanuddin Sultan Banten ka I, ari Maulanan Hasanudin putrana Sunan Gunung Jati Cirebon, Sunan Gunung Jati Cirebon putrana Ratu Mas Rara Santang, sedengkeun Ratu Mas Rara Santang putrana Prabu Siliwangi Sri Baduga Maharaja ti prameswari Ratu Subanglarang. Jadi sabenernamah antara Banten jeung Pajajaran sakokocoran sarua seuweu siwi Prabu Siliwangi. Panembahan Yusup ngarasa geus waktuna Pajajaran disalametkeun tina sagala rupa krisis moral anu tumiba ka rahayatna.

BADUY / RAWAYAN URANG KANEKES

Cek Urang Baduy Bag I :
DINA SASAKALA NGADEGNA DUNYA, NABI ADAM LAIN URANG ARAB
Tina Diktat : Baduy Rawayan Urang Kanekes, Ku Anis Djati Sunda

Tug nepika ayeuna, masih keneh loba anu boga pamadegan yen Urang Baduy teh jumlahna ngan 40 kuren. Ari karesep urang Baduy Cai lutung buruk nu digantung dina para seuneu, karedul mandi, teu baroga agama jrrd. Pamadegan eta dipahing ku Anis Djati Sunda sawargi anu kungsi nalungtik jeung anclub kana kahirupan urang Baduy salila puluhan taun ti taun 1967.” Da eta loba anu ngaduga-duga kana kahirupan urang Kanekes (Baduy) teh, diantarana anu tadi majar teh ngan 40 suhunan, anu jumlahna dipertahankeun. Teu boga aturan hirup, Padahal teu kitu, Urang Kanekes dina segi kahirupan geus miboga system anu lengkap, geus mangrupa peradaban turun tumurun, lain sakumpulan jalma liar nu teu nyaho kana aturan hirup, “ cek Anis Djati Sunda kanu nulis sawaktu jumeneng keneh.
Dina buku “Rawayan Urang Kanekes” Anis Djati Sunda nerangkeun yen sajatimah urang Kanekes ngarasa teu suka disebut Urang Baduy ku urang luar teh. Masarakat Baduy anu ayeuna kabagi ku tilu klasifikasi Jero-Luar jeung Dangka teh leuwih sugema disebut Urang Kanekes utamana masarakat Urang Tangtu (Baduy Jero) anu aya di Cikeuseik, Cikertawana jeung Cibeo. Urang Tangtu ngarasa sugema disebut Urang Kanekes kusabab memang ayana didesa Kanekes, ngan kusabab ayeuna geus umum disebuy “Baduy” ku urang luar, antukna sebutan Baduy ditarima najan kapaksa “ Siganamah pedah aya gunung Baduy jeung wahangan Cibaduy nu jadi sabab urang luar nyebut Urang Tangtu teh Urang Baduy pedah eta gunung jeung wahangan teh teu jauh di padumukan Urang Kanekes, “ cek Anis deui.
Urang Baduy boga anggepan yen maranehna teh katurunan Nabi Adam, tapi pamahaman Nabi Adamna beda jeung pahaman urang Islam ka Nabi Adam AS. Lengkepna aya dipedaran awal diciptakeunana alam dunya jeung jelema, “ Nyacahkeun riwayat urang dieu mah henteu meunang dipisahkeun jeung ngadegna Weweg Sampeg Mandala Pageuh, bisi dimarah para Batara, “. Weweg Sampeg Mandala Pageuh teh alam dunya. Mimiti ngadegna alam dunya cenah diwewengkon Kanekes. Ayana alam jeung manusa teu bisa dipisahkeun, sabab saumpama dipisah-pisah bisi dibenduan ku para dewa (bisi dimarah para Batara).