Saturday, May 24, 2014

KARAJAAN JAMPANG MANGGUNG CIKAL BAKAL CIANJUR


KARAJAAN JAMPANG MANGGUNG

Nara sumber   : KH. Djalaluddin Isa Putra / Eyang Junan sesepuh Pontren Bina Akhlak Desa Babakan Karet, Kec. Cianjur. Pemilik Radio Swasta Bukit Suara 104,4 FM.
Disusun & disundakeun ku : Luki Muharam, SST wartawan Tabloid Sunda Galura, Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur, Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC).

Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4 M, dina bulan kawolu taun 330 Saka kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407 M. Samemeh jadi karajaan Jampang Manggung disebutna karajaan Jampang Datar dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge Aki Wengku. Aki Wengku oge marentah di di karajaan Malabar.
Kujang Pilawa dipulung mantu ku Raja Sugiwanca, ngadahup ka Dewi Anumirti anakna Sugiwanca, sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari karajaan Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona Sugiwanca nyaeta Gasman sanggeus jadi raja disebut Prabu Sabatan Kati.

PAIS LAUK TULANG HIPU ASALNA KARESEP DALEM KANCRA


PAIS LAUK TULANG HIPU ASALNA KARESEP DALEM KANCRA

Kabupaten Cianjur lian ti kasohor ku tauco atawa manisannana kasohor oge dina ngolah laukna saperti pespol gurame, beuleum laukna, kasohor oge ku pais lauk bibitna, utamana pais lauk tulang rangu hartina cucuk tulangna oge moal matak nyocog lamun dikeremus teh. Taya nu apal sacara pasti asal muasal asakan-asakan khas Cianjur eta, ngan sawaktu ngobrol jeung Rd. Teddy Achdiyat (60) salah saurang pangusaha di Cianjur anu paduli kana kalangsungan budaya Cianjur, manehna boga dongeng ngeunaan asal-muasal pais lauk hipu cucukna.
Cek Teddy anu boga teureuh Dalem Muhyidin / Bupati Cianjur Aria Wiratanu Datar ka IV (periode taun 1761-1776) asal muasal sagala asakan eta lauk teh cenah mimitina tina karesep Dalem Kancra Pejabat Bupati Cianjur anu nyangkring gelar Raden Tumenggung Wiranagara (periode taun 1833-1834).
Nurutkeun buku “ Sajarah Cianjur Sareng Raden Aria Wiratanu Dalem Cikundul Cianjur “ karya Bayu Surianingrat ngebrehkeun yen Tumenggung Wiranagara teh putrana Bupati Cianjur Adipati Prawiradireja I anu marentah Cianjur samemehna. Sanggeus marentah ti taun 1813 nepika taun 1833 Adipati Prawiradireja I menta pangsiun ka Walanda, sarta menta sangkan dirina diganti ku Wiranagara anakna. Ngan kusabab Wiranagara kasohor boga talajak resep moro jeung marak lauk, ku Walanda teu diidinan, tapi kusabab Prawiradireja I oge keukeuh pamentana ditedunan. Wiranagara antukna dijadikeun pupuhu Cianjur kalayan catetan Wiranagara ngan diangkat salaku Wakil Bupati ( Wld = waarnement regent) jeung dibere mangsa uji coba dua taun. Saumpama bisa nembongkan talajak hade dina marentah kadaleman Cianjur, Wiranagara bakal tuluy diangkat jadi Bupati, ngan lamun inyana masih keneh bolay kana jabatan wakil bupatina, bakal dipocot.

Thursday, May 22, 2014

SITUS GUNUNG PADANG CIANJUR

SITUS BATU GUNUNG PADANG
Disusun ku Luki Muharam Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Cianjur
Situs Batu Gunung Padang pernahna di desa Karyamukti Kacamatan Campaka Cianjur Pakidulan, nepika ayeuna masih keneh terus ditalungtik ku para ahli ti sababaraha disiplin ilmu.
Laporan munggaran ngeunaan situs gunung Padang, dumasar bulletin kepurbakalaan anu judulna Raporten Van De Oudheidkundige taun 1914. Tuluy ku sejarawan Belanda N.J Korm taun 1949 diguar deui najan teu tuntas. Taun 1979 tilu warga lokal kayaning Endi, Soma jeung Abidin manggihan tumpukan batu-batu anu katutupan ku rungkun jeung lukut, eta pamanggih teh dilaporkeun ka penilik kebudaaan Kab. Cianjur Edi Kusnadi nu tugasna di Campaka. Sanggeus dilaporkeun  bari Dirojong ku Kepala Seksi Kebudayaan Departemen Pendidikan Kebudayaan Kabupaten Cianjur, R. Adang Suwanda, dua pejabat ieu ngayakeun panalungtikan dasar pikeun laporkeuneun ka Pusat Penelitian Arkeologi Nasional (Arkenas). Ti harita najan aya deui sababaraha fihak anu nalungtik, informasi ngeunaan situs gunung Padang tacan nyebar siga ayeuna.
Najan panalungtikan modern ngeunaan Situs gunung Padang terus diayakeun tetep wae nepika ayeuna masih kalimpudan ku dongeng-dongeng rahayat, majar teh ieu situs digeugeuh ku roh-roh raja-raja Sunda baheula jeung cocog saumpama di tapaan ku para biduan anu hayang kasohor, atawa ulama anu hayang moyan. Malah cek beja Darso, Upit Sarimanah jeung Deti Kurnia oge kungsi tirakat di gunung Padang, padahal beja eta teh can karuhan bener henteuna.

SANG HYANG SIRAH

         HIKAYAT GUHA SANG HYANG SIRAH
Ku Luki Muharam, PAGUYUBAN PASUNDAN CIANJUR

Sang Hyang Sirah ayana ditungtung kulon pulo Jawa, mangrupakeun guha alam anu aya diwewengkon Kab. Pandeglang. Sang Hyang Sirah dikaramatkeun pisan kusabab dipercaya tempat patilasanna Prabu Siliwangi jeung Kian Santang.
Sang Hyang Sirah mangrupakeun salah sahiji tempat nu dipercaya minangka tilas tilemna Prabu Siliwangi, lian d Sang Hyang Sirah aya sababaraha tempat lainna anu dipercaya minangka tempat ngahyangna Prabu Siliwangi saperti basisir laut Tegal Buleud di Ujung Genteng Kab. Sukabumi, kampung Pajajaran di Majalengka, Leuweung Sancang, jsb. Jadi dimana atuh ngahiyangna Prabu Siliwangi anu sajati ? Siganamah kabeh oge bisa wae aya benerna, kusabab sawaktu Prabu Siliwangi Sri Baduga wafat taun 1521 M, lebu jasadna anu diasupkeun kana kendi-kendi leutik dipendem disababaraha tempat di Tatar Sunda, tapi naha atuh riwayatna bisa beda-beda ? sigana etamah lalakon anu datang kabeh dieunakeun sanggeus kendi lebu jasad Prabu Siliwangi dipendem di eta tempat, wallahu alam !

PALABUAN RATU

SAJARAH PALABUAN RATU NURUTKEUN PANTUN BOGOR & BABAD CIANJUR
(Cek Buhun Sunda, Nyi Roro Kidul Ngan Saukur Dongeng Ciptaan Mataram)
             

Runtuhna karajaan Pajajaran teu sakaligus, kusabab wadyabalad Islam geus aya 12 kalina ngagempur Pajajaran salila 5 taun angger nagen teu bisa ditembus benteng pertahananana. Kakarak dina mangsa karajaan dipimpin ku Prabu Nilakendra, benteng Pajajaran nu dibangun ku Prabu Siliwangi taun 1478 ahirna ancur ditarajang wadyabala Islam. Kitu oge aya sababaraha sabab anu jadi cukanlantaranna, dina buku Sajarah Cianjur nu disusun ku Drs. Bayu Surianingrat ngajelaskeun yen ancurna benteng Pajajaran kusabab nu jaga panto gerbangna nyaeta dua sadulur Ki Jongjo jeung Ki Jungju hianat ka Pajajaran kusabab nyeri hate pangkatna teu naek-naek, ahirna mukakeun panto gerbang benteng Pajajaran.
Sedengkeun cek Pantun Bogor jebolna pertahanan Pajajaran kusabab Jaya Antea salah sauran gegeden Pajajaran hianat, sarta biluk ka pasukan Banten. Lian ti eta runtagna Pajajaran kusabab kaayaan pamarentahanana geus nyirorot pamorna teu siga jaman Prabu Siliwangi buyutna Prabu Nilakendra, korupsi dimamana, gegeden karajaan geus loba hianat ka rahayat jeung rajana, ari Prabu Nilakendra raja Pajajaran hirupna ngaresi, resep nyepen, puasa saban poe, nepika teu paduli kana kaayaan nagara.
Kaayaan kitu pikeun Sultan Banten Maulana Yusup matak pihariwangeun, dilain-lain oge karajaan Pajajaran teh warisan karuhuna nyaeta Prabu Siliwangi, kapan Maulana Yusup teh putrana Maulana Hasanuddin Sultan Banten ka I, ari Maulanan Hasanudin putrana Sunan Gunung Jati Cirebon, Sunan Gunung Jati Cirebon putrana Ratu Mas Rara Santang, sedengkeun Ratu Mas Rara Santang putrana Prabu Siliwangi Sri Baduga Maharaja ti prameswari Ratu Subanglarang. Jadi sabenernamah antara Banten jeung Pajajaran sakokocoran sarua seuweu siwi Prabu Siliwangi. Panembahan Yusup ngarasa geus waktuna Pajajaran disalametkeun tina sagala rupa krisis moral anu tumiba ka rahayatna.

BADUY / RAWAYAN URANG KANEKES

Cek Urang Baduy Bag I :
DINA SASAKALA NGADEGNA DUNYA, NABI ADAM LAIN URANG ARAB
Tina Diktat : Baduy Rawayan Urang Kanekes, Ku Anis Djati Sunda

Tug nepika ayeuna, masih keneh loba anu boga pamadegan yen Urang Baduy teh jumlahna ngan 40 kuren. Ari karesep urang Baduy Cai lutung buruk nu digantung dina para seuneu, karedul mandi, teu baroga agama jrrd. Pamadegan eta dipahing ku Anis Djati Sunda sawargi anu kungsi nalungtik jeung anclub kana kahirupan urang Baduy salila puluhan taun ti taun 1967.” Da eta loba anu ngaduga-duga kana kahirupan urang Kanekes (Baduy) teh, diantarana anu tadi majar teh ngan 40 suhunan, anu jumlahna dipertahankeun. Teu boga aturan hirup, Padahal teu kitu, Urang Kanekes dina segi kahirupan geus miboga system anu lengkap, geus mangrupa peradaban turun tumurun, lain sakumpulan jalma liar nu teu nyaho kana aturan hirup, “ cek Anis Djati Sunda kanu nulis sawaktu jumeneng keneh.
Dina buku “Rawayan Urang Kanekes” Anis Djati Sunda nerangkeun yen sajatimah urang Kanekes ngarasa teu suka disebut Urang Baduy ku urang luar teh. Masarakat Baduy anu ayeuna kabagi ku tilu klasifikasi Jero-Luar jeung Dangka teh leuwih sugema disebut Urang Kanekes utamana masarakat Urang Tangtu (Baduy Jero) anu aya di Cikeuseik, Cikertawana jeung Cibeo. Urang Tangtu ngarasa sugema disebut Urang Kanekes kusabab memang ayana didesa Kanekes, ngan kusabab ayeuna geus umum disebuy “Baduy” ku urang luar, antukna sebutan Baduy ditarima najan kapaksa “ Siganamah pedah aya gunung Baduy jeung wahangan Cibaduy nu jadi sabab urang luar nyebut Urang Tangtu teh Urang Baduy pedah eta gunung jeung wahangan teh teu jauh di padumukan Urang Kanekes, “ cek Anis deui.
Urang Baduy boga anggepan yen maranehna teh katurunan Nabi Adam, tapi pamahaman Nabi Adamna beda jeung pahaman urang Islam ka Nabi Adam AS. Lengkepna aya dipedaran awal diciptakeunana alam dunya jeung jelema, “ Nyacahkeun riwayat urang dieu mah henteu meunang dipisahkeun jeung ngadegna Weweg Sampeg Mandala Pageuh, bisi dimarah para Batara, “. Weweg Sampeg Mandala Pageuh teh alam dunya. Mimiti ngadegna alam dunya cenah diwewengkon Kanekes. Ayana alam jeung manusa teu bisa dipisahkeun, sabab saumpama dipisah-pisah bisi dibenduan ku para dewa (bisi dimarah para Batara).

PANGERAN KORNEL KEUR RAHAYAT SUMEDANG

BELA PATI PANGERAN KORNEL KEUR RAHAYAT SUMEDANG
Ku Luki Muharam

Saumpama miang ka Sumedang ti arah Bandung, diantarana aya wewengkon nu disebut Cadas Pangeran mangrupakeun gunung cadas , ditempat ieu dibangun patung Pangeran Kornel anu keur pahareup-hareup jeung Jenderal Willian Herman Daendels Gubernur Jenderal Belanda periode 1808-1811.
Saha ari Pangeran Kornel teh ?
Pangeran Kornel teh gelar pikeun Pangeran Kusumahdinata IX, Bupati Sumedang periode 1791-1828 nu jumeneng sawaktu lemah cai dijajah Belanda jeung Inggris. Dina mangsa kapamimpinan Pangeran Kornel, Sumedang aya dina jaman kaemasan, wilayahna ampir saparo Jawa Barat kusabab loba kabupaten anu dibubarkeun ku pamarentah penjajah tuluy digabungkeun ka Sumedang. Dina taun 1816 wewengkon Sumedang ngalimpudan 15 distrik kayaning : Balubur, Darmaraja, Pagerageung,  Tanjungsari, Darmawangi, Rajapolah, Depok, Pawenang, Indihiang,  Malandang, Malangbong,  Cicariang, Congeang, Ciawi jeung Singaparna. Wilayah Kabupaten Sumedang beuki lega, sawaktu kabupaten Sukapura dihapus ku penjajah, tuluy jadi bagian Kabupaten Sumedang. Kabupaten Sumedang ayana diantara Kabupaten Limbangan, Parakan Muncang, Talaga jeung Cirebon, wahangan Cipunagara parat nepika Pamanukan malahmah asup kana bagian Sumedang.
Pangreran Kornel Bupati Sumedang anu dipicinta ku rahayatna, hirupna basajan padahal inyana bisa wae hirup beunghar, ngan kusabab nyantri sapopoena loba dibaktikeun keur rahayatna. Sumedang harita ngalaman kaayaan gemah ripah loh jinawi, sepi paling towong rampog. Malah Komisi Belanda nyebutkeun yen Pangeran Kornel teh Bupati anu jembar wawasanna, leber wawanenna dina sagala bidang, malah dipisepuh ku para Bupati di tatar Sunda, remen dipenta wejangannana ku para Bupati sejenna.
Kunaon sababna disebut Pangeran Kornel ?,

PAPAJAR TRADISI MAPAG RAMADHAN DI CIANJUR

PAPAJAR TRADISI MAPAG RAMADHAN DI CIANJUR
Ku Luki Muharam


Bulan Ramadhan moal lila baris datang, bulan anu diagung-agungkeun ku sakumna umat Islam sadunya. Dina bulan ieu Alloh SWT ngabuka salega-legana panto surga, malah pahala mangpirang-pirang ibadah oge ditikel-tikel deui sababaraha darajat jumlahna leuwih gede alabatan ibadah dina bulan biasa. Kukituna umat Islam loba anu ngarasa sugema dina nyanghareupan bulan Ramadhan, diantara ngagelar tradisi mapag bulan Ramadhan.
Di Cianjur kitu deui, aya tradisi anu geus ngaurat ngaakar anu dilaksanakeun saban rek nyorang bulan puasa. Urang Cianjur boga tradisi “Papajar “ nyaeta dahar bareng atawa mayoran jeung kulawarga, atawa jeung batur sapagewaan samemeh datangna bulan puasa.
Beuki dieu tradisi Papajar “dikoordinir” ditiap instansi negeri atawa swasta, sakapeung bari disisipkeun acara-acara samperan anu dipiharep bisa masieup Papajar anu datangna ngan sataun sakali. Kagiatan anu masieup Papajar biasana diantarana dirancang sangkan diayakeun ditempat wisata, ditambahan ku acara nguseup na balong, aya oge anu dtungtungan ku ngabagi-bagi amplop tunjangan hari raya, anu intina kagiatan Papajar sangkan karasa unsur ngahiburna keur balarea. Misalna anu baris diayakeun ku para guru jeung karyawan SMKN I Cilaku Cianjur, koperasi Mitra anu anggotana warga SMKN I Cilaku Cianjur bakal ngayakeun Papajar di tempat wisata di daerah Cibeber Cianjur di kolam pamancingan, “ Kagiatan ieu rutin dilaksanakeun ku koperasi SMKN I Cilaku Cianjur dina raraga Papajar. Mung sangkan aya unsur ngahiburna, bade dilaksanakeun di tempat wisata, ayeunamah baris diayakeun di kolam pamancingan, rengse marancing teras digelar acara Papajar bakar ikan mangrupa mayoran. Ditutup ku doa bersama sareng ngabagikeun amplop “THR” ti koperasi kanggo mayunan munggah Ramadhan,” cek Drs. Murjani (48) Ketua Koperasi “Mitra” SMKN I Cilaku Cianjur sawaktu dikolongan Galura, Senen (17/6) di sakolana.

KUDA KOSONG

DIMUAT DIMAJALAH ISMA

TRADISI KUDA KOSONG DARI MASA KEMASA. bagian ke I
Oleh Luki Muharam, Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC), Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur.
dikirim Sabtu 25 Mei

Iring-iringan Kuda Kosong selalu hadir pada saat pelaksanaan Pawai Pembangunan setiap peringatan hari jadi kabupaten Cianjur tanggal 12 Juli. Kuda bertubuh tinggi dibawa seorang ulama yang dikawal beberapa hulu balang, ini menggambarkan Dalem Aria Kidul / Rd. Aria Natadimanggala saat tiba di Cianjur setelah menempuh perjalanan panjang dari ibu kota kesultanan Mataram di Kertosuro Jawa Tengah ratusan tahun lalu. Kuda sengaja tidak dinaiki karena Aria Kidul merasa yang berhak menaiki kuda adalah Bupati Cianjur Rd. Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala (1691-1707) kakaknya. Dibelakang iring-iringan kuda kosong terdapat para jawara yang membawa pohon Saparantu hadiah dari Sultan Mataram Amangkurat II (1680-1702). Anugrah Amangkurat II lainnya adalah kuda Eropa dan keris bertahtakan intan berlian yang dibawa Aria Kidul. 
Iring-iringan Kuda Kosong biasanya menempati barisan terdepan dalam Pawai Pembangunan hari jadi Cianjur, setelah itu diikuti anggota pawai lainnya perwakilan sekolah, instansi pemerintah daerah, swasta, pesantren, dsb. Kuda Kosong adalah salah satu tradisi khas Cianjur, seperti halnya Penca Cikalong, dan Mamaos. Pawai Pembangunan nampaknya tidak memiliki “dangiang” apabila tidak dihadiri iring-iringan Kuda Kosong, namun begitu, tradisi Kuda Kosong sempat dilarang digelar Ir. H. Wasidi Swastomo Bupati Cianjur periode tahun 2001-2006. Pelarangan tersebut berdasarkan desakan para ulama melalui Silaturahmi Majelis Ulama (Silmui) di gedung Dakwah Cianjur yang memutuskan bahwa tradisi Kuda Kosong sarat dengan praktek perdukunan karena didalamnya terdapat ritual pemanggilan Rd. Suryakancana raja lelembut dari gunung Gede Cianjur. Ritual ini dikhawatirkan akan mengarahkan warga Cianjur yang melihatnya kepada perbuatan Syirik dosa besar dalam agama Islam. 
Pelarangan tersebut mengakibatkan selama beberapa tahun Kuda Kosong tidak hadir disetiap Pawai Pembangunan hari jadi Cianjur tanggal 12 Juli. Padahal Kuda Kosong selama puluhan tahun telah menjadi daya tarik luar biasa bagi warga yang melihatnya, mereka pada umumnya yakin bahwa Rd. Suryakancana selalu “hadir” dan duduk diatas kuda tersebut, walaupun secara kasat mata tidak tampak. Larangan tampilnya Kuda Kosong mengakibatkan hubungan yang kurang harmonis antara Pemerintah daerah dan para aktivis budaya di Cianjur seperti Paguyuban Pasundan, Dewan Kesenian Cianjur, Lembaga Kebudayaan Cianjur dsb. Hubungan kurang harmonispun terjadi antara Majelis Ulama (MUI) Kab. Cianjur dengan para aktivis budaya yang dipelopori Abah Ruskawan Ketua Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur.

AGAMA SUNDA

                          
                                AGAMA SUNDA
Ku Anis Djati Sunda judul asli “ Fenomena Keagamaan Masa Sunda Kuno Menurut Berita Pantun dan Babad “ Kp Sindang Barang, Bogor 20 April 2008. dialih basakeun ku Luki Muharam.



Nepika danget ieu tacan aya pamadegan para ahli sejarah anu bisa mastikeun naon agama urang Sunda baheula,najan diantarana aya anu boga anasir yen agama urang Sunda baheula teh Hindu jeung Budha. Ari pikeun Anis Djati Sunda (ADS) sawargi dina sababaraha tulisanna negeskeun agama urang Sunda baheula teh nyaeta agama Sunda. Inyana nyoko kana naskah lontar Carita Parahyangan koropak 406 nu nerangkeun ayana para wiku / pendeta “ nu ngawakan Jati Sunda”,nyaeta para pendeta anu ngamalkeun ajaran agama lokal anu mulasara “kabuyutan parahyangan”.
Kabiasan ngamalkeun agama lokal sarta mulasara kabuyutan nepika ayeuna masih aya anu nuluykeun nyaeta Urang Rawayan (Baduy) anu ngagenggem agama Sunda Wiwitan. Sesa tina kabuyutan Jati Sunda atawa Parahyangan nyaeta Mandala Kanekes pamukiman urang Baduy jeung system anu ngatur sapopoena warga Baduy utamana Baduy Jero anu masih keneh tuhu kana adat. Kabuyutan anu dijaga tur dipulasara ku warga Baduy Jero galibna disebut Sasaka Domas, Sasaka Pusaka Buana, atawa disebut oge Sasaka Pada Ageung.
Katerangan sejen anu negeskeun yen agama Sunda geus aya ti baheula sakumaha anu dipedar dina Pantun Bogor bagian Pantun Gede / pantun sakral episode “ Curug Sipada Weruh” nu ugerna kieu “ …Saacan urang Hindi ngaraton di Kadu Hejo oge, Karuhun urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama Sunda tea….”  Tokoh anu dimaksud Urang Hindi cek Anis Djati Sunda taya lian Dewawarman,anu dina naskah Wangsakerta dijelaskeun yen Dewawarman minantuna Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya. Dewawarman ditikahkeun ka Pohaci Larasati anakna Aki Tirem. Inyana teh urang India / Hindi anu ngagemgem agama Hindu, tuluy diangkat jadi raja Salakanagara nu puser dayeuhna di Rajatapura (130-168 M) ngagantikeun Aki Tirem. Kadu Hejo nurutkeun Pantun Bogor pernahna di Kabupaten Pandeglang Propinsi Banten,nepika ayeuna eta wewengkon masih keneh disebut Kadu Hejo.
Anis Djati Sunda nyoko kana pamadegan Ayah Sacin ahli sastra bambu jeung panasehat Puun di kampung Baduy Tangtu Cikeusik taun 1972 anu negeskeun yen jaman “prahajian” Pakuan Pajajaran agama manehna “Agama Sunda Pajajaran “ anu nepika ayeuna diagungkeun, maranehna ngiket ku ikrar nu disebut “ Sadat Sunda” atawa Sahadat Sunda nu ugerna : “ Pun sadu Sadat Sunda, tuan katata tuan katepi, selam larang teu kasorang, tuan urang (H) aji Pakuan,”
Sadat Sunda ieu matuh diikrarkeun sataun sakali ku Urang Rawayan dina acara muja di Babalay Pamujaan “ Sasaka Pada Ageung “ nyaeta tempat pamujaan urang Baduy.
Naon atuh hartina kocap Sunda cek Pantun Bogor ? ADS nerangkeun yen dina carira “ Ngadegna Nagara Sunda” dina episode “Pakujajar Beukah Kembang” kocap Sunda ngandung harti Suci atawa nu nyampurnakeun, uger pantunna kieu “ Harti Sunda teh suci, wareh nu nyampurnakeun . Wewengkon Sunda awalnamah disebut Buana Sunda ngaran anu dijieun ku Sanghyang Wenang. Kusabab sawaktu wewengkon ieu masih keneh tanah kosong loba didaregdeg ku jalma-jalma anu rek “Nyundakeun diri” (tatapa), ugerna kieu “ ….didinya ta hade jasa pieun panyundaan nyundakeun diri, pieun nyampurnakeun raga jeung sukma, abeh bisa ngarasa paeh sajero hirup, ngarasa hirup sabari paeh….”. Beuki lila buana Sunda beuki gegek ku jalma anu rek nyundakeun diri, lila-lila maranehna disebut Wang Sunda (jalma suci) nepika antukna ngabentuk suku Sunda.
Sabenerna agama Sunda geus aya samemeh Prabu Dewawarman ngawasa karajaan Salakanagara (130-168 M), umpama diitung mah umurna geus leuwih ti 19 abad. Ari kitab suci agama Sunda aya tilu nyaeta Sambawa, Sambada jeung Winasa,nu ditulis ku raja Sunda Prabu Resi Wisnu Brata. “ ….Pikukuhan agama Sunda Pajajaran dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada, Winasa anu dituliskeun ku Parabu Reusi Wisnu Brata. Nya inyana anu tukang tapa ti ngongora. Inyana anu saenyana ngagalurkeun jadi kabehan pada ngarti agama anu kiwari disebut agama Sunda Pajajaran tea. Agama anu hanteu ngabeda-bedakeun boro-boro ngagogoreng ngahaharuwan agama sejen. Lantaran euweuh agama anu hanteu hade. Anu hanteu hade mah lain agama,tapi metakeun agama,jeung laku lampah arinyana anu arembung bae ngarti hartina Ahad teh Nunggal anu ngan sahiji-hijina, ngan sahiji bae … “
Diperkirakeun saumpana nyoko kana naskah Wangsakerta, Prabu Resi Wisnu Brata teh taya lian nyaeta Rakean Darma Siksa Prabu Sanghyang Wisnu raja Sunda (1175-1297 M). Kusabab raja Sunda ieu anu kasohor adil wijaksana,hirupna ngaresi sarta geten nyebarkeun agama Sunda, diperkirakeun samemeh inyana nyusun agama Islam dina buku, agama Sunda geus ngaurat ngaakar salila hiji milinium, sarta tacan jadi agama resmi nagara. Sanggeus inyana nyangkin kalungguhan jadi raja Sunda ti harita agama Sunda jadi agama resmi hiji-hijina di karajaan Sunda,tangtu katerangan ieu butuh ditaliti deui kalayan gemet ku para ahli sejarah Sunda.
Diperkirakeun pangaruh agama Hindu jeung Budha anu jadi agama resmi ti jaman Prabu Darmawarman abad ka 2 masehi pangaruhna geus nyilorot di karajaan komo deui di masarakat harita kadeseh ku agama Sunda anu memang geus aya samemehna sarta terus diamalkeun ku rahayat nepika agama Sunda dijadikeun agama resmi karajaan. Dina Pantun Bogor episode “ Tunggul  Kawung Bijil Sirung “diterangkeun yen anu mimiti nyebarkeun agama Sunda meunang jujuluk Mundi Ing Laya Hadi Kusumah “ sanggeus inyana mawa Layang Salaka Domas tiJagat Jabaning Langit “ . Hakikatna Layang Salaka Domas teh nyaeta Kitab suci 800 ayat ( The Holy Scripture Of Eight Hundred Verses ) anu eusi ajaran hirup manusia ti mimiti gubrag ka alam dunya / lahir (sambawa) tuluy dewasa nepika kolot (sambada) tuluy wafat sarta asup ka alam lain nyaeta alam hyang (winasa). Kumaha eusina tiap ayat dina tilu kitab eta ? nepika ka ayeuna masih dirahasiakeun ku urang Baduy. Atawa memang di Baduy oge geus sirna.
Dina jaman Prabu Siliwangi marentah karajaan Pajajaran kitab-kitab suci tadi biasana dibaca dina suasana jempling, tingtrim tur jauh tina karamean dunya. Ari resmina tradisi maca kitab suci diayakeun dina puncakna upacara Kuwera Bakti di Balay Pamunjungan Kihara Hiyang, digelar ditengah lapang sawaktu peutingna bulan purnama, kalayan dicaangan ku obor “damar sewu” nu ngajajar ngabarakbak caang. Anu macana nyaeta Brahmesta pendeta agung nagara. Isukna isuk-isuk kitab Sambawa, Sambada jeung Winasa diarak dina “ Jampana Niskala Wastu “ dikurilingkeun di Balay Pamunjungan tuluy ka kompleks karaton Pakuan.
Ayeuna urang pedar, saha sajatina tokoh anu nyangking gelar Mundi Ing Laya Hadi Kusumah teh ?  taya katerangan deui anu can kaboker, aya oge katerangan dina Pantun Mundinglaya Dikusumah anu nyebutkeun yen inyana teh putrana Prabu Siliwangi, tapi asa teu mungkin kusabab asa ngora pisan mun sajaman jeung Prabu Siliwangi mah. Saestuna Mundi Ing layah Hadikusumah ngandung makna filosofis hiji tokoh anu geus aya dina tingkatan hirup anu geus makrifat satara jeung utusan Sang Kholiq. Asupna sang tokoh ka Jagat jabaning langit diluar alam nu aya tuluy nepungan Sang Hyang Tunggal, nandakeun tokoh ieu teh lain jalma samanea.  Jagat Kabaning Langit teh “Mandala Agung”, mun make istilah urang Baduy mah disebutna teh Buana Nyungcung sadarajat jeung Sidratul Muntaha dina agama Islam,tempat linggihnya Sang Hyang Wenang, Sang Rumuhung, Sang Hyang Tunggal Nu Maha Agung.
Ningal kana katerangan tadi bisa disimpulkeun yen ti baheula urang Sunda geus nganut faham Monotheisme dina hal beragama, dina Pantun Bogor Gusti Anu Maha Agung geus digambarkeun saperti kieu : “ Nga inyana anu muhung di ayana,aya tanpa rupa aya tanpa waruga, hanteu kaambeu-ambeu acan, tapi wasa maha kawasa disagala karep inyana.”  Sedengkeun dina Sahadat Pajajaran ngeceskeun nyoko kana Tunggalna Sang Murbeng Alam, mirip-mirip jeung surat Al-Ikhlas dina Al Qur-an :” Hyang Tunggal tatwa panganjali, Ngawandawa di jagat kabeh alam sakabeh, haling giya disaniskara, hung tatiya ahung, “
Dina esa-na Sang Hyang Rumuhung Nu Ngersakeun dibantu ku para Sang Hyang kayaning : Sang Hyang Wenang, Sang Hyang Wening, Sang Hyang Guru Hyang Tunggal (Guriang Tunggal), Sang Hyang Kala, Sang Hyang Guru Bumi, Sang Hyang Ambu Sri Rumbiyang Jati, Sunan Ambu jeung para Sang Hyang lainna luyu jeung tugasna sewing-sewangan dina ngokolakeun alam dunya.
Sang Hyang anu geus ngatur papasten manusa nyaeta Sang Hyang Kala disebut oge Dewa Papasten anu ngatur waktu.  Nu ngagenggem agama Sunda yakin yen hirupna geus aya dina papasten,saperti papatah Sang Hyang Lengser ka Prabu Siliwangi anu gagal meuntas ka Nusa Larang katarajang gedena ombak lautan, sawaktu rek nyalametkeun diri sanggeus karaton Pajajaran pasukan Islam,  “ Dengekeun Gusti ! Saha anu bisa ngabentung gunturna waktu, saha anu bisa nyahatkeun talaga lara,saha anu bisa mungpang papasten,”.  Dilebah ieu teges-teges dijentrekeun yen moal bisa milampah saumpama can cunduk kana waktuna,dina istilah karuhun mah tacan nepi kana “uga”.
Sedengkeun dina usum tatanen,Hyang anu digero ku para patani nyaeta Sang Hyang Ambu Sri Rumbiyang Jati ( Dewi Kasuburan pepelakan) jeung Sang Hyang Ayah Kuwera Guru Bumi disebut oge Batara Patanjala (Dewa Kasuburan jeung Karaharjaan). Dua dewa eta  teh laki rabi, tugasna pangbayu hirup huripna urang Sunda kusabab kitu dijadikeun inti pamujaan utamana dina kariaan gede samodel lebaran nyaeta upacara taunan Seren Taun Guru Bumi atawa upacara winduan Upacara Tutug Galur Kuwera Bakti di Pakuan. Kariaanana digelar saban geus panen gede dihuma. Dina mangsa ieu masih keneh aya urang Sunda anu ngalaksanakeun tradisi Tutug Galur nyaeta di masyarakat adat Pancer Pangawinan, Baduy, Naga , Dukuh, Sumedang Larang, Cigugur jeung Sindang Barang Bogor.
Agama Sunda ngajarkeun proses kahirupan manusia ti mimiti lahir, hirup, maot, tuluy nitis (reinkarnasi). Dina proses ieu kabagi ku tahapan Jagat Jadi Carita jeung Jagat Kari Carita (alam dunia jeung alam baqa) . Di alam Jagat Kari Carita aya Mandala jeung Buana Karma atawa Jagat Pancaka, sedengkeun Mandala aya 9 tahapan ti handap nepika pangluhurna nyaeta : Mandala Kasungka, Mandala Parmana,Mandala Karma, Mandala Rasa,Mandala Seba, Mandala Suda, Jati Mandala, Mandala Samar, jeung Mandala Agung. Urang roh jalma nu geus maot bakal asup heula ka Mandala Kasungka (panghandapna), saumpama sawaktu hirupna loba dosa bakal diasupkeun heula ka Kawah Panggodogan / naraka, nu aya di Buana Karma. Ngan pikeun jalma anu salila hirupna milampah hade bisa langsung asup ka Mandala anu tingkatanana leuwih luhur.
Ari para karuhun dipernahkeun di Mandala ka genep nyaeta Mandala Suda, najan geus nempatan Mandala Suda karuhun dibere kabebasan bulak balik ka alam dunya, ngan teu ngawujud, karuhun bisa kontak jeung jalma hirup ngan mangrupa sora tanpa wujud atawa ngan saukur make perasaan. Ti Mandala Suda bisa naek ka alam anu tiis tingtrim nyaeta Jati Mandala, di mandala ieu aya dua paseban nyaeta Paseban Pangauban nyaeta tempatna para karuhun anu geus dibere kabebasan datang deui ka alam fana nepungan jalma hirup ngan teu ngawujud, sawates kontak perasaan atawa sora tanpa wujud. Saluhureun Paseban Pangauban aya Papanggung Bale Agung di tingkatan ieu kumpul para karuhun nunggu kagiliran waktuna nitis ka jalma anu masih keneh hirup. Saluruhureun Jati Mandala aya tempat Mandala Samar, di mandala ieu kumpul para karuhun anu geus boga jadwal tetep nitis, kusabab kitu teu perlu naek tahapan kusabab geus kagiliran nitis, para karuhun dina tingkatan ieu geus ngahiji jeung alam sapangeusina.
Di saluhureun Mandala Samar aya tilu tempat nu dieusi ku para Hyang, Beulah tengah aya Sang Hyang Guriang Tunggal, Beulah kencana aya Sang Hyang Wenang, sedengkeun Beulah katuhu ngarumuhung Sang Hyang Wening,persisi diluhur Sang Hyang nu tilu eta ngarumuhung Sang Hyang Kala. Sedengkeun di Mandala Agung anu anggangna kira-kira dua puluh salapan satengah jaman, atawa cek itungan urang Baduy mah sarua jeung sagorolong jeruk mipis, mandala ieu pisan anu disebut Jagat Jabaning Langit tempat calikna Sang Hyang Tunggal /Gusti Nu Murbeng Alam anu nunggal bae disakabeh alam, sakabeh jagat,tempat anu teu kawates ku waktu,teu kawates ku jarak teu kawates ku caang jeung poek.
Tempat Pamujaan  
Tempat ibadah agama Sunda dina jaman karajaan Pajajaran aya tilu tempat nyaeta :
1.Balay Pamunjungan mangrupa punden nu undakna 12 undakan. Anu dibagian ponclotna jeung dua tingkat dihandapna aya arca-arca nu jumlahna 800 siki, nu lajim disebut Arca Domas. Balay Pamunjungan anu pang tohagana nu dibangun Prabu Siliwangi lokasina di Kihara Hyang pernahna di Leuweung Songgom diperkirakeun ayeunamah aya dilebah Kampung Bantar Kemang Bogor. Di ponclot balay dipernahkeun 400 arca emas, ditingkat dua jeung tilu disahandapeunana nu disebut babalayan dipasang arca batu nu lobana 400 arca. Wangunan Punden tohaga kieu ngan aya dipuser dayeuh Pakuan, minangka paranti munjung ka Hyang Maha Agung dina acara seren taun Guru Bumi (taunan) atawa upacara Seren Taun Tutug Galur (Kuwera Bakti) saban dalapan taun sakali,lian ti eta digelar oge upacara lainna nu leuwih basajan. Pamingpim agama anu mingpin upacara disebut Brahmesta nu dibantu ku para Ganidri, Marakangsa, Puun Meuray,Puun Sari,para Puun jeun para Pangwereg Punjung.
Ari paranti mandi sucina dipernahkeun di Talaga Rena Mahawijaya nu pernahna di wahangan Cihaliwung anu disebut oge Leuwi Sipatahunan. Balay Pamunjungan jeung Talaga Rena Mahawijaya sakumaha kauger dina eusi prasasti Batu Tulis Bogor dijieun ku Sri Baduga Maharaja nu ugerna : …ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay, nyiyan samida, nyiyan talaga rena mahawijaya….” Bangunan Balay Pamunjungan jeung Talaga ieu dijieun ku Prabu Siliwangi minangka gaganti talaga Sang Hyang Rancamaya anu dirurug ku Sang Haluwesi adina Raja Sunda Sang Susuk Tunggal,kusabab di Rancamaya geus kaancikan roh jahat anu ngaganggu sakumaha pedaran kitab Carita Parahyangan anu ugerna : “…Sang Hyang Haluwesi nu nyaeuran Sang Hyang Rancamaya. Mijilna ti Sang Hyang Rancamaya:Ngaran kula ta Sang Udubasu,Sang Pulunggana,Sang Surugana, ratu hyang banaspati…” dina Pantun Bogor episode “ Disaeurna Talaga Rancamaya “dijelaskeun kieu ; gaib jahat eta tiap taun sok menta wadal / pimatarameun tujuh pasang nonoman awewe-lalaki nu disebut “ Sekar Manah”. Tina katerangan eta bisa disimpulkeun yen ti jamanna raja Sunda Sang Susuk Tunggal (1382-1482) mertuana Prabu Siliwangi, Talaga Sang Hyang Rancamaya jeung Pasir Badigul atawa disebut oge Sang Hyang Padungkulan nurutkeun Rajah Pakuan minangka Balay Pamunjungan, duanana geus teu dipake deui,tangtu pamadegan ieu kudu dibuktikeun deui dumasar panalungtikan ahli sejarah Sunda.
2).Babalayan Pamujaan :Ieu oge mangrupakeun punden berundak anu diwangun diluar puser dayeuh, pernahna di kapuunan-kapuunan.Jumlah undakna paling loba 9 undak saeutikna aya 7 undak jeung teu dipasang arca-arca, gaganti arca dipasang batu-batu gede unggal undakna. Fungsi Babalay Pamujaan sarua nyaeta paranti upacara muja karuhun atawa Sanghyang anu dipingpin ku para Puun atawa Kokolot.
3).Saung Sajen (Pancak Saji) ; mangrupa bangunan husus paranti nyimpen sasaji dina upacara “nyajen”. Bentuk bangunanana mangrupa imah panggung leutik teu make kamar-kamar, ngan disalah sahiji tempat dipasang meja altar keur neundeun sasajen. Saung aya dimamana, diimah warga, imah Puun, imah Bupati atawa di karaton. Lian ti eta dipasang oge paranti neundeun sasajen di tempat-tempat anu dianggap boga kakuatan magis, saperti dihulu cai, di guha, ditatangkalan gede, ditengah leuweung jsb, biasana ditempat-tempat eta dipernahkeun batu-batu gede atawa batu datar perlambang ngahijina kakuatan manusia jeung mahluk gaib anu dipihurmatna, ayana perlambang eta nandakeun yen antara manusia jeung mahluk gaib hubungana akur duanana sarua ciptaan Sang Hyang Keresa.
Sabab dina ajaran agama Sunda, jalma anu geus “nyunda” kudu geus apal yen nu disebut “ utek tongo walang taga, manusa buta detia, lukut jukut rungkun kayu, keusik karihkil cadas batu, cinyusu talaga sagara, bumi langit jagat mahpar, angin leutik angin puih, bentang rapang bulan ngempray, Sang herang ngenge nongtoreng, eta kabeh ciptaan Sang Hyang Tunggal, keur Inyanamah sarua kabeg oge taya bedana.   
Nyoko kana pedaran tadi bisa disimpulkeun yen pikeun manusa anu geus nyunda ayana alam lain keur ditaklukeun tapi pikeun dipulasara, dipupusti ngaliwatan mantera-mantera pupujian anu dikumandangkeun di tempat-tempat pamujaan tadi.
Wangunan tempat pamujaan anu aya dina Pantun Bogor kayaning : Balay Pamunjungan Rancamaya-Pasir Badigul penedetana Resi Tugu Perbangsa, Balay Pamunjungan Kihara Hiyang-Sipatahunan pendetana Bramesta Tunda Pura, Balay Pamujaan Mandalawangi- Talaga Wana pendeta Resi Handeulawangi, Babalayan Pamujan Genter Bumi Cisakawayana pendeta Resi Tutug Windu,Balay Pamunjungan Mandala Parakanjati (SBR) Sang Hyang Tampian Dalem pendetana Sang Hyang Resi Kumarajati jrrd.
Jalma nu nyunda dina nyanghareupan akhirat lain ngan saukur miharep surga,tapi bisa balik ka Kahyangan (Mandala Agung) sakumaha asalna,bari teu kudu ngaliwatan mandala-mandala anu tingkatanana sahandapeun mandala agung. Sawaktu gubrag lahir ka alam dunya tanpa rencana tetep asalnamah ti “Hyang” , balik deui oge ngaliwatan  “ Ngahiyang” nyaeta balik deui madep ka Hyang, ha lieu pisan anu disebut “ mulih ka jati mulang ka asal “.
Sarana peribadatan urang Sunda Kuno teu kapangaruhan ku Hindu-Budha,kusabab boga ajen-inajen nu beda tur mandiri. Kukituna saumpama di Jawa Tengah jeung Jawa Timur boga cirri candi-candi pikeun nandakeun kungsi aya pamarentahan mangsa katukang, di pusat-pusat karajaan Galuh,Pajajaran, Talaga, Singaparna oge Kawali anu jadi cicirenna nyaeta lain candi tapi ayana tradisi Megalitikum nyaeta kebudayaan Batu Besar, hal ieu jadi tanda yen urang Sunda baheula geus boga peradaban kebudayaan anu geus paripurna.    
SINDANG BARANG BOGOR KUNGSI JADI PUSAT KAGIATAN AGAMA SUNDA
Dina rajah Demung Kalagan (Pantun Ki Kamal taun 1969) ngaran Sindang Barang disebut-sebut minangka jampe bubuka jeung panutup : “ ….Ulah Sindang Barang geusan tata pangkat diganti deui, sang pamunah sang darmajati,tanah lemah tutup bumi, tutup buana dat mulusna …” (Ngaran Sindang Barang ulah diganti deui tempat awalna agama Sunda,anu geus nyucikeun pendeta darma jati, daerah papayung dunya nu nyampurnakeun).
Sindang barang teh tempat nu suci hal ieu sajalan jeung Pantun Bogor episode Tunggul Kawung Bijil Sirung anu nerangkeun : “ …..Babalayan Sang Hyang Parakanjati,Mandala suci Pamujan Kadatuan Sindangbarang saluareun dayeuh Pakuan. Saha tah nu ngeuyeukna…?  Nya inyana Pandita Agung anu ngaran inyana Sang Kumara Jati tea, nya inyana anu ngabebenah Sang Hyang Talaga Tampiam Dalem salebakeunana…”
Katerangan eta nandeskeun yen Sindang Barang teh tempat suci. Anu boga Balay Pamujaan utama nu disebut Sanghyang Parakan Jati jeung Sang Hyang Talaga Tampian Dalem. Pendeta Kumara Jati atawa Darma Jati tangtu jalmana eta eta keneh.Mandala di Sindang Barang tempat ibadahna agama Sunda wilayah kadatuan luar dayeuh Pakuan, Kadatuan Sura Bima Sindang Barang. Diperkirakeun lokasi urut Talaga aya didaerah handap Kampung Budaya Sindang Barang ayeuna,nyaeta Cilegok. Hal ieu bisa disimpulkeun yen urut kabuyutan agama Sunda Mandala Parakan Jati baheula pernahna di kampung budaya Sindang Barang ayeuna.
Aki Uyut Baju Rambeng dina Pantun Bogor tuluy nerangkeun yen raja Pajajaran Rakean Heulang Dewata diriwayatkeun dikubur di deukeut Hyang Talaga Tampian Dalem. Saumpama tokoh ieu identik jeung raja Pajajaran nurutkeun naskah Wangsakerta, gede kamungkinan inyana teh Ratu Dewata Buana (1535-1543). Kusabab inyana diriwayatkeun dikubur di  sawah tampian dalem, diperkirakeun makamna ayeuna mangrupakeun kuburan kuno nu panjangna 5 meter anu lokasina di Cilegok, nepika ayeuna eta kuburan taya nu mikawanoh identitasna (Maki.2008)
Satuluyna Pantun Bogor ngabewarakeun yen Prabu Wisnu Brata sawaktu marentah karajaan Sunda puserna di Pakuan “ Sang Hyang Saka Bumi “ disisi gunung Sanghyang Purwa (gunung Gede). Ditempat ieu inyana ngadegkeun Balay Pamunjungan “ Arca Domas” disuku gunung Parangguh (gunung Pangrango) kalayan dipingpin ku pendeta Bramesta (pendeta agung) Sang Jati Jatra. Diahir mangsa jabatanana Prabu Wisnu Brata masrahkeun kalungguhan ka alona nyaeta Prabu Kalang Carita. Raja anyar tuluy pindah ka Pakuan Pajajaran tuluy ngadegkeun Balay Pamunjungan Kihara Hiyang ditutugan Ardi Munda Mandala nyaeta Beulah wetan Arda Welah.
Ngan siganamah aya anu kaliru anu diberitakeun ku juru pantun ngeunaan lokasi Ardi Munda Mandala atawa Arda Welah anu ayeuna dipikawanoh ku sebutan gunung Salak, jeung lokasi Kihara Hyang, kusabab dina episode nu sarua Kihara Hiyang dituduhkeun ayana di di Leuweung Songgom peuntaseun beulah wetan Pakuan, saluhureun wahangan Cihaliwung (sabudeureun Bantar Kemang ayeuna). Dina episode “Pakujajar Di Lawang GIntung “ versi Jongol diterangkeun yen “ Pamujaan di Leuweung Songgom di mumunjul Kihara Hiyang, pamujaan batu anu tujuh, anu ngundak tilu tumpakan …” dua katerangan eta ngajelaskeun yen Balay Kihara HIyang lokasina aya di Leuweung Songgom lain di gunung Salak.
Dina episode Tunggul Kawung Bijil Sirung diterangkeun “ Prabu Kalang Carita nyieun Pamujan Agung di mumunggang Giri Dwi Munda Mandala, sajajaran eujeung Taman, disebutna Mandala Sang Hyang Parakan Jati, satonggoheun Talaga Sanghyang Tampian Dalem, nyela bumi di Kuta Babaton/ bentukna nyilang ti kuta Babaton…”  Tuluy disebutkeun yen Mandala Parakan Jati “ sajajar eujeung Taman, jeung Nyela / nyilang bumi di Kuta Babaton, anu dimaksud taman sigana lain Taman Milakancana di Pakuan, tapi Taman di kampung Sindang Barang. Dina berita pantun disebutkeun oge yen Prabu Ragasuci (1297-1303) putra Prabu Guru Darma Siksa bergelar Sang Mokteng Taman hartina dikurebkeun di Taman, ha lieu bisa nandakeun yen Prabu Kalang Carita ngaran lain keur Prabu Ragasuci, atawa duanana duduluran. Taman tempatna dikurebkeun moal jauh ti kabuyutan nu dibanguna atawa ku dulurna,nyaeta disabudeureun Kadatuan Surabima (Sindang Barang).
Dugaan samentara kompleks makamna aya di punden Sanghyang Rucita Pasir Eurih. Ngaran Kuta Babaton atawa Kuta Wawaton (Benteng Batu), diperkirakeun nyoko kana Kota Batu ayeuna anu teu jauh jeung kampong adat Sindangbarang. Kusabab kitu geus bisa dipastikeun yen Balay Pamunjungan disuku gunung Salak nyaeta Mandala Parakan Jati, lain Kihara Hiyang. Sakumaha nu geus dipedar yen Balay Kihara Hiyang dibangun ku Prabu Siliwangi abad 15-16 M pikeun ngaganti Sanghyang Padungkukan jeung Rancamaya nu geus ditinggalkeun kusabab geueuman. Prabu Kalang Carita alona Prabu Wisnu Brata Prabu Darmasiksa marentah karajaan Sunda abad 13 M, jadi aya jarak waktu anu jauh diantara dua raja eta nyaeta 2 abad. Moal mungkin babarengan.
Nyoko kana kaayaan di lokasi ayeuna,Kampung Sindang Barang leubeut ku titinggalan kuno warisan tradisi megalitikum “ non Hindu – Budha”. Hal ieu nandakeun ti saprak Pakuan Pajajaran diadegkeun dina abad ka 7 ku Prabu Tarusbawa, Sindangbarang mah geus jadi kabuyutan Jatisunda, minangka tuturus kabuyutan ti kabuyutan Arca Domas di gunung Sanghyang Purwa (gunung Gede Cianjur), Kabuyutan gunung Padang Campaka Cianjur Pakidulan jeung Kabuyutan Kuta Gegelang di gunung Bunder. Lian ti eta, samemeh ayana Kabuyutan Mandala Kihara Hyang beunang Prabu Siliwangi, upacara-upacara agama Sunda kayaning Tata Kinariyan, Tata Duriya, Bakti Astula,Bakti Arakana, Guru Bumi,Kuwera Bakti, kaasup upacara leutik lainna dipusatkeun di Kabuyutan Mandala Jati (Sindangbarang) oge di kapuunan-kapuunan diluar kadaton. Hal ieu jadi bukti yen anggeuman urang Sunda harita lain agama Hindu atawa Budha, tapi agama Sunda. Saumpama aya warna-warna Hindu atawa Budha ngan saukur ngulit bawang, bisa diartikeun ari agamanamah Sunda,ngan dina tradisi sapopoemah kacampuran Hindu jeung Budha.
Matak teu matak herang saumpama Putri Padmawati / Kentring Manik Mayang Sunda prameswari Pajajaran milih dumuk di Kadaton Surabima di Sindang Barang, henteu dikaraton di Pakuan. Cenah kusabab inyana hayang leuwih teleb neuleuman agama Sunda kusabab inyana boga teureuh Lampung / Nusa Bima ti Indungna lain asli Pajajaran (Partini Sardjono, 1991). Kusabab kitu Kadaton di Sindang Barang dingaranan Kadaton Sura Bima ku raja Sunda Prabu Susuk Tunggal / Sang Haliwungan ramana Kentring Manik. Malah Sang Surawisesa / Sang Kuwanen anakna Prabu Siliwangi ti Kentring Manik tileuleutik keneh diatik bagbagan agama Sunda ku uwana / Sang Amuk Murugul di Kadaton Surabima, lain eta wae Sang Surawisesa dilahirkeun di Sindangbarang. Sanggeus jadi raja Pajajaran kadua ngaganti Prabu Siliwangi anu wafat inyana disebut oge Prabu Guru Gantangan (1521-1533). Marentah dipuser dayeuh Pakuan nuluykeun ramana.
Kesimpulan
Urang Sunda ti jaman Purba keneh geus boga agama nyaeta agama Sunda, najan ahirna asup agama Hindu jeung Budha tapi teu bisa mekar kusabab ngan sawates ngalengkepan tradisi agama Sunda henteu nepika ngakar komo deui ngageser agama Sunda.
Ka pamarentah pusat jeung daerah miharep sangkan mulasara kampong Sindang Barang di Kacamatan Taman Kab. Bogor kusabab nepika ayeuna masih loba situs-situs titinggal kabudayaan Sunda Kuno nyoko kana Undang-undang Pemerintah no. 5 taun 1992 tentang Perlindungan Benda Cagar Budaya. Jeung deuih pikeun saha wae anu boga niat goreng ngagunasika kautuhan situs-situs titinggal Sunda Kuno di Sindang Barang jeung sabudeureun gunung Salak kudu dipahing, anu ngalanggar kudu ditibakeun hukuman sakumaha katangtuan hokum anu lumaku.  (Luki Muharam, 7/5) 
    

Sunday, May 11, 2014

NAGARA URANG CEK PANTUN BOGOR

“NAGARA URANG CEK PANTUN BOGOR”

Kaayaan nagara geus beuki pihawatireun, bencana alam dimana-mana, kasus-kasus korupsi dipilampah ku para elit politik anu sakuduna jadi suri tauladan masyarakat. Lain wae oknum anggota DPR, atawa pejabat pamarentahan, dalah Mahkamah Konstistusi oge Akil Muhtar anu harita Ketuana kagerus kasus korupsi, padahal salila ieu MK teh dianggap institusi pangluhurna saumpama hayang merjuangkeun kaadilan hukum.
Tibaheula keneh, Pantun Bogor geus ngaramalkeun kaayaan nagara sanggeus Pajajaran burak taun 1579 bakal siga ayeuna. Tokoh misterius Aki Uyut Baju Rambeng geus biasa noropong kaayaan alam nusantara ratusan taun kahareup, padahal inyana hirup dina taun 1800 di kampung Jasinga Bogor. Dina lalakon Ronggeng Tujuh Kalasirna diungkapkeun yen kaayaan bakal saperti ayeuna sakumaha gambaran Pantun “       
anu jareneng raruhur pangkat tapi ngaleuleuwihan wates kakawasaan, anu jadi pandita (ulama) tapi mahiwal tina kapanditaanana, anu bararenghar sareba sugih tapi kajembaran arinyana kabeh teh hanteu sawajar. Anu tarani tapi udar tina tali paranti, anu salingkuh bari ngan nganyeyeri bae.”

Aya dina kajayaan dianggapna bakal langgeng, nepika boga sikep sawenang-wenang. Jadi Bupati atawa Gubernur teh nu sakuduna ngabela kapentingan warga, kalahkah sabalikna digunakeun ku sababaraha oknum bupati/ walokota jeung Gubernur keur ngakaya sorangan jeung kulawargana. Samodel anu tumiba ka urang Banten, Tubagus Chaeri Wardana alias Wawan adina Gubernur Banten sawaktu lanceukna tacan asup bui, manehna meunang jujuluk “ Gubernur Jenderal “ Banten ku para pejabat jeung pangusaha, jujuluk eta nandakeun Wawan boga kakawasaan anu gede di Banten padahal ngan saukur ngamamfaatkeun jabatan lanceukna. Ciri-ciri kakawasaan anu sawenang-wenang ieu digambarkeun dina ugeran pantun saperti kieu :
Jelema-jelema anu dibendon Dewa, baris harayang sakti leuwih ti resi. Harayang kawasa unggul ti dewa. Harayang jaya punjul bae ti papada…laju engkena mararaksa mudu alam nurut bae kasakahayang arinyana sakarep-karep. “
Dina bagian lain digambarkeun sikep gumede jeung rasa aing para pangawasa otoriter anu diramalkeun bakal aya dina kahirupan urang sarengse Pajajaran runtag ratusan taun kaliwat , saperti ugeran pantun :
 Ngaing teh raja rajaning raja. Anu sagala bener pangbenerna. Anu wasa ngatur jaman. Euweuh deui raja anu unggul ti aing. Ngan ngaing anu bisa ngelehkeun sakabeh raja anu sajaman jeung ngaing.”
Tangtu gambaran diluhur lain ngan saukur warga Banten, gambaran kakawasaan anu sawenang-wenang kitu kungsi kaalaman ku bangsa urang dina jaman penjajahan, jaman orde lama, komo deui dina jaman Orde Baru mah. Malahmah saking kawasana, pamarentahan Orde Baru wani ngangkat budaya Jawa minangka budaya anu pangluhurna di Nusantara. Sajarah raja-raja Jawa kumplit dipedar dina buku-buku sejarah. Puncakna ngagul-ngagul kajayaan karajaan Majapahit. Sedengkeun suku-suku lain teu dibere tempat saeutik-eutik acan dina buku-buku sejarah di sakola-sakola. Kaasup sejarah Sunda. Malah ngahaja kunu anti Pajajaran disebar dongeng-dongeng anu ngahina ka Pajajaran. Dina mangsa Orde Baru anu ngagungkeun budaya Jawa Pajajaran teh disakompet daun keun jeung sarupaning elmu hitam, Pajajaran teh siluman meong, pellet, jrd.
Lain jaman Orde Baru wungkul, sawaktu jaman kakawasaan Kasultaanan di Jawa oge saumpama medar sejarah, kajadian perang sawaktu Kasultanan Banten, Cirebon jeung Demak ngarurug Pajajaran disaruakeun jeung perang agama antara Islam jeung agama Sunda. Antara pasukan utusan Waliyulloh anu suci ngagempur Pajajaran anu sasar. Hal eta diugerkeun dina Pantun Bogor anu unina kieu :

DURIAT APUN GENCAY”

CARPON DIMUAT DI MANGLE APRIL 2014
“DURIAT APUN GENCAY”
Ku Luki Muharam, dikintun Rebo (12/3)

Jalan ka Cikole dumadakan asa jauh, padahal sarua jeung minggu-minggu katukang naek bendi ditarik ku dua kuda Eropa, tapi ayeunamah karasana jauh, kitu cek gerentes Dalem Astramanggala. Pantes wae rek kitu oge kusabab Dalem keur kabengbat wanoja kembang desa Cikembar, najan bau lisung Apun Gencay kitu ngaran eta wanoja pikeun dirina siga bidadari kahyangan geulis campernik moal matak era dibawa ka pendopo, komo umurna 18 taun keur meujeuhna alaeun ibarat kembangmah. “ Kumaha Demang  eta budak awewe teh geus diparuluh kulawargana, Tanya atuh bisi geus boga papacangan pan kaula teu ngenah hate mun ngarebut bebene batur mah, “ cek Dalem Astramanggala Bopati Cianjur anu kasohor raja kaya, ahli ngebon kopi, pangawakanana jangkung leutik gagah naker, paromana kasep ngawirahma. Umur Dalem Cianjur 40 taun keur meumeujeuhnya kajayaan hiji lalaki cek dina itungan kolotmah.

Dalem Cianjur harita boga ketak rek mariksa para pagawe anu ngokolakeun manghektar-hektar kebon kopi, tangtu nu utamanamah sabari manggihan deui Apun Gencay wanoja geulis anu minggu katukang dipanggihkeun ka dirina ku Demang Cikole, wanoja anu sababara poe katukang ieu geus ngeusi lamunanana saban waktu “ Parantos Gusti, Apun Gencay masih sorangan, taya hahalang taya pakuat pakait sareng sasaha oge, cocog pisan saumpami dipigarwa ku gusti “ cek Demang Cikembar bari nyembah sawaktu mapag Dalem Cianjur turun tina bendi di pasanggrahan distrik Cikole paranti lalangse Bopati Cianjur mun lalanto ka Cikole.
Ayeunamah Sukabumi, mangsa harita masih disebut Cikole bagian ti Kabupatem Cianjur. Alamna dilingkung gunung, kayaning gunung Beser, gunung Bengbreng, Gunung Guruh, geus kitu loba pakaya tina cai aya palabuan ratu, Lembur Situ, Situ gunung estu ngajadikeun rahayat jeung gegedenna mamur tentrem ku kakayon alam.
Sewangan dikamar tukang pasanggrahan, Apun Gencay keur dirias ku Nyi Demang, kusabab geus kitu kudunya, sabab saumpama Apun Gencay diewed ku Dalem Cianjur mawa matak ka pangkat salakina, bisa wae diponclot tina pangkat demang. “ Apun ulah ngerakeun kami, maneh kudu tuhu kana sagala kahayang gusti Dalem ,sabab lamun teu kitu gusti Dalem tada teuing benduna. Akibatna kabeh urang Cikole bakal kabagean mamalana, “ cek Nyi Demang mamagahan Apun Gencay sabari dirias digeugeulis. “ Muhun Juragan, “ cek Apun ngajawab bari tungkul, padahal dina hatena ratug tutunggulan. Teu disangka sawaktu diamprokeun jeung Dalem Cianjur minggu kamari anu asalna ngarasa sieun boh bisi ngan saukur dijadikeun hiburan wungkul sabot Dalem aya di Cikole, ayeuna hate leutikna geus kapentang asmara ku Dalem Astramanggala anu kasep, gede kakawasaanana, katambah-tambah loba rajakayana. Apun salila ieu cicing dilembur Cikembar mantuan kolotna purah ngebersihan kebon kopi, geus ngarasa teu betah hirup ripuh. Dina angeunna nyawang yen hiji waktu dirina kudu hirup senang, sagala aya, hayang teu dibadegaan wae .
“ Bawa kadieu Nyi Apun !, “ cek Dalem Cianjur ka Demang Cikole. Anu dititah hariweusweus muru kakamar tukang, Apun Gencay kaluar ti kamar lir putri raja kaluar ti kaputren, geulis campernik, laju nyampeurkeun Dalem Cianjur anu seuri bungah ningali buah ati sakitu geulisna, “ Dieu geulis, deukeut kadieu. Akang teh sono aya samingguna teu manggihan nyai, “ cek Dalem Cianjur. Anu ditanya nyembah acung-acungan, tuluy diuk timpuh, ngeluk teu wani tanggah, ngarasa ajrih ku Dalem Cianjur.“ Gusti sembaheun abdi, nyanggakeun diri abdi kangge gusti, seja babakti ka gusti papayung nagri, “ cek Apun ngajawab semu dareuda, dadana ratug dagdigdug nahan gumuruh cintanana. “ Hayu ayeuna keneh urang ka Cianjur, nyai baris cicing dipendopo. Samemeh akang nikah ka nyai, Nyai baris dididik heula sababaraha waktu sangkan biasa jeung kahirupan pendopo, “ teges Dalem Cianjur,ti harita Apun Gencay dibawa ka Cianjur, ninggalkeun si ema jeung si bapa kolotna anu teu weleh pasrah kana nasib, Apun geus buleud rek ninggalkeun sagala kapeurihna hirup jadi jalma sangsara.

ARIA CIKONDANG GUGUR

CARPON :
“ARIA CIKONDANG GUGUR”
Dikintun dinten Kemis (20/2)
Ku Luki Muharam. Hp. 081912140779

Wiradimanggala nganaha-naha ka sikep bupati Cianjur lanceukna, anu dedepean ngarendahkeun diri sawaktu narima Raden Ronggo utusan Kasultanan Mataram. Pikeun dirina teu kudu nembongkeun sikep kitu kusabab Cianjur can puguh eleh nyanghareupan Mataram najan karak ngadeg kabupaten oge, “ Kakang eta teh pan ngan saukur pangkat utusan Mataram, naha kakang siga nyanghareupan jalma nu boga pangkat luhureun kakang ?, rengkuh pisan, sedengkeun manehna ceuleugeug kitu asa kurang hurmat ka kakang anu jadi papayung Cianjur “ cek Wiradimanggala ka Aria Wiratanu II Bupati Cianjur lanceukna sanggeus utusan Mataram ninggalkeun pendopo. , “ Rayi ngukurna ulah ku rasa wungkul atuh, tapi ku itung-itungan. Raden Ronggo teh mawa surat Sinuhun Amangkurat menta jawaban kakang naha rek tuhu ka Mataram atawa rek nonggongan Mataram…, “ jawab Bupati Cianjur teu nuluykeun omongannana tapi tuluy ngalenghoy ningalkeun adina. Aria Wiratanu II lempang muru Bale Kambang nyaeta hiji saung ditengah empang tukangeun Pendopo Cianjur gek diuk bari tuluy marentahkeun juru kacapi midangkeun tembang, di Bale Kambang oge geus nyampak Aria Natadimanggala alias Dalem Aria Kidul adina nu rek diajak babadamian nangtukeun sikep ka Mataram.

Kusabab masih keneh panasaran kujawaban lanceukna, Raden Wiradimanggala nyusul ka Bale Kambang, “ Rayi Wiradimanggala yeuh regepkeun, kabupaten Cianjur teh kapan karak ngadeg, ari kasultanan Mataram hiji nagara gede komo ayeuna didukung ku Belanda atuh beuki jauh wae saumpama dibandingkeun jeung kakuatan urang di Cianjur. Akang faham kana sikep rayi, jeung akan apal pisan yen rayi the jalma sakti. Tapi saumpama urang maksakeun nolak kakawasan sinuhun Mataram, karunya rahayat urang bakal katalangsara. Pikeun rayi tangtu moal nanaon kusabab akang apal najan dibedil oge rayi mah moal teurak, tapi korbanna bakal rahayat urang. Ayeunamah urang ngariung didieu bareng jeung rayi Aria Kidul lanceuk rayi, urang padungdengkeun kumaha sikep urang anu wijaksana nyanghareupan Mataram teh ? “ cek Dalem Cianjur kitu teh bari neuteup jauh kana legana empang, sajauh kamandangna kana nasib Kabupaten Cianjur kahareupna.
Raden Wiradimanggala alias Dalem Aria Cikondang dikitukeun ku lanceukna ngan bati melengek, tapi teu bisa ngucapkeun nanaon, geus kitu perbawana anu memang tegas kasasaha, katambah-tambah ayeuna ngarasa teu puas ku lanceukna. Batinna tuluy wae noroweco, kunaon kudu takluk ka urang Jawa ? kunaon kudu jadi abdi urang Mataram jeung Belanda ?. Jung inyana nangtung tuluy nyembah pamitan ka Dalem Cianjur, pikeun dirina taya anu kudu dibadamikeun deui, sikepna geus buleud teu panuju mun Cianjur kudu muka hubungan jeung Mataram . “ Mun kitu mah bener sikep rayi Haji Prawatasari, Mataram jeung Belanda kudu dilawan najan kumaha oge, ngan dimana ayeuna Prawatasari, tempo-tempo dikabarkeun aya di Bogor, laju aya kabar deui cenah ngaduruk pos Belanda di Sumedang ?  “ cek gerentes hatena bari tuluy naek kuda muru Cikondang daerah tanggung jawabna sakumaha pancen ti Raden Aria Wiratanu II. Satungtung jalan lelembutanana ngawangwang ka mangsa Cianjur katukang, ras inget kanu jadi rama nyaeta Dalem Aria Wiratanu I anu geus taya dikieuna, “ Duh jeung rama Dalem Cikundul, neda dihampunten kieu ning jaman anu lumangsung ka kabupaten anu ditaratas ku rama. Para putra teu tiasa nurutan jeung Rama anu gagah tur bijaksana anu teu kungsi daek dijajajah ku sasaha , “ cek gerentesna.
Sabot jongjon nyawang lamunan, dilebah kampung Kebon Kembang tempat ayana pasanggrahan keur tamu-tamu pendopo, Aria Cikondang ningal Raden Ronggo utusan Mataram keur sisiapan rek mulang ka nagarana, nyel aya niat dina hatena hayang ngajajal kasaktian utusan Mataram. Laju inyana turun tina kuda, nyampeurkeun Raden Ronggo, “ Raden ke heula ulah waka miang ka Mataram, kula hayang nanya heula naha kuat mana keris buatan Mataram jeung Kujang boga kaula ? “ cek Wiradimanggala. Anu ditanya ngarasa heran ditanya samodel kitu ku adina bupati Cianjur. Nada-nadana bangun nangtang dirina, “ Maksud raden naon, hayang ngajajal keris urang Jawa ? kapan ayeuna urang Jawa keur ngawasa daerah raden jeung kabeh tatar Sunda, “ cek Raden Ronggo semu teu ngeunah bari nyekel keris pusaka. Ngadenge jawaban Ronggo siga kitu, rey beureum paroman Wiradimanggala tandana kasigeung, “ Kurang ngajar siah, sok tah ari bisamah cokot jajantung kaula make keris andika, “ cek Wiradimanggala. Ayeuna balik Ronggo anu kasigeng ku Aria Cikondang, geuwat keris pusaka eluk salapan dicabut tina warangkana rek ditubleskeun kana lebah jajantung Aria Cikondang, ngan duka teuing kumaha keris teh siga ditubleskeun kana batu, kulit Aria Cikondang weduk teu neurak pakakas. Raden Ronggo  reuwas colohok mata simeuteun, “ Ngan sakitu pusaka anjeun Ronggo sok kabeh bedil boga pasukan anjeun tembakkeun ka awak kula, “ cek Aria Cikondang bari tetep nangtung ajeg, “ Tembaaaaak, “ cek Ronggo marentahkeun pasukananan sangkan nembak Aria Cikondang, anu ditembak rubuh getih baloboran tina kabeh awakna, ngan teu lila laju nangtung deui, kulit anu katembak nutup sorangan jagjag sabihara deui, “ Hayoh siah rek make pakarang naon deui ? “ cek Aria Cikondang. Kabeh pasukan Mataram taya anu ngajawab, caricing bari bingung kudu kumaha meruhkeun kasaktian Aria Cikondang.
Laju Raden Ronggo mapatkeun aji Lembu Saketi, cenah saumpama diteunggeulkeun kakuatanana sarua jeung kakuatan salikur banteng ngamuk, Deg-deg-deg Raden Ronggo neunggeulkeun peureupna ka awak Aria Cikondang, alabatan ngajengkang adi bupati Cianjur ieu kalahkan seuri leutik, “ Mmh ngan sakitu kabisa anjeun? yeuh rasakeun teunggeulan Braja Wikalpa , “ cek Aria Cikondang bari metakeun jurus maen pona, sakur jalma anu keuna ku teunggeulanana langsung ngajoprak humaregung nahan kanyeri nu taya bandingna, “ Yeuh regepkeun utusan Mataram, kajadian ieu taya hubunganana jeung Bupati Cianjur lanceuk kaula, saumpama Mataram rek ngirim pasukan teangan wae kaula. Sakali deui ieumah urusan kaula jeung Mataram, tepikeun ka pupuhu Mataram, “ cek Wiradimanggala bari tuluy ninggalkeun urang Mataram.          
Singket carita, dipaseban karaton Kertosuro puser dayeuh Kasultanan Mataram di Jogjakarta, Sunan Amangkurat II kacida ambekna narima pangaduan Raden Ronggo. “ Emh..wani-wani wong Cianjur ngalawan ka Mataram, ayeuna keneh kirimkeun pasukan tewak tah Aria Cikondang, rek hirup rek paeh. Kumaha wae carana, mun perlu bawa warok-warok ti Ponorogo nu sarua wedukna, “ cek Sultan Mataram.

BELA PATI PANGERAN KORNEL KEUR RAHAYAT SUMEDANG

BELA PATI PANGERAN KORNEL KEUR RAHAYAT SUMEDANG

Saumpama miang ka Sumedang ti arah Bandung, diantarana aya wewengkon nu disebut Cadas Pangeran mangrupakeun gunung cadas , ditempat ieu dibangun patung Pangeran Kornel anu keur pahareup-hareup jeung Jenderal Willian Herman Daendels Gubernur Jenderal Belanda periode 1808-1811.
Saha ari Pangeran Kornel teh ?
Pangeran Kornel teh gelar pikeun Pangeran Kusumahdinata IX, Bupati Sumedang periode 1791-1828 nu jumeneng sawaktu lemah cai dijajah Belanda jeung Inggris. Dina mangsa kapamimpinan Pangeran Kornel, Sumedang aya dina jaman kaemasan, wilayahna ampir saparo Jawa Barat kusabab loba kabupaten anu dibubarkeun ku pamarentah penjajah tuluy digabungkeun ka Sumedang. Dina taun 1816 wewengkon Sumedang ngalimpudan 15 distrik kayaning : Balubur, Darmaraja, Pagerageung,  Tanjungsari, Darmawangi, Rajapolah, Depok, Pawenang, Indihiang,  Malandang, Malangbong,  Cicariang, Congeang, Ciawi jeung Singaparna. Wilayah Kabupaten Sumedang beuki lega, sawaktu kabupaten Sukapura dihapus ku penjajah, tuluy jadi bagian Kabupaten Sumedang. Kabupaten Sumedang ayana diantara Kabupaten Limbangan, Parakan Muncang, Talaga jeung Cirebon, wahangan Cipunagara parat nepika Pamanukan malahmah asup kana bagian Sumedang.
Pangreran Kornel Bupati Sumedang anu dipicinta ku rahayatna, hirupna basajan padahal inyana bisa wae hirup beunghar, ngan kusabab nyantri sapopoena loba dibaktikeun keur rahayatna. Sumedang harita ngalaman kaayaan gemah ripah loh jinawi, sepi paling towong rampog. Malah Komisi Belanda nyebutkeun yen Pangeran Kornel teh Bupati anu jembar wawasanna, leber wawanenna dina sagala bidang, malah dipisepuh ku para Bupati di tatar Sunda, remen dipenta wejangannana ku para Bupati sejenna.
Kunaon sababna disebut Pangeran Kornel ?,
ieu teh sabenerna kusabab Pangeran Kusumahdinata ku pamarentah penjajah dijadikeun pamimpin militer para bupati ditatar Sunda, kusabab kitu dianugrahan pangkat Kolonel, sedengkeun para bupati lainnya pangkatna antara Mayor jeung Letnan Kolonel. Ari masarakat teu biasa nyebut Kolonel antukna sebutan teh jadi Kornel, ahirnamah nepika ayeuna Pangeran Kusumahdinata IX disebutna teh Pangeran Kornel.
Pangeran Kornel jeung para bupati sejena sababaraha kali meunang tugas di kumpeni pikeun numpes pemberontakan, saperti pemberontakan Ki Bagus Rangin, jeung Pangeran Diponegoro. Sabenerna ha lieu mangrupakeun strategi penjajah belanda Devide Et Impera, ngadu domba kaum pribumi. Perang jeung sadulur sanusantara eta bisa kajadian kusabab apan dina mangsa haritamah tacan sumebar rasa nasionalisme dikalangan menak di tatar Sunda jeung sakumna lemah cai.
Samemeh nanjeur jadi Bupati Sumedang anu kasohor, Pangeran Kornel kungsu ngalaman heula hirup rudin, sawaktu inyana rek diala pati kusabab hakna jadi Bupati Sumedang rek direbut. Kacaritakeun sawaktu bureuy keneh Pangeran Kornel sok disebut Aom Jamu atawa Raden Suranagara, ti garis ibu inyana teh katurunan Raja Sumedang Larang ari ti garis rama inyana turunan menak Limbangan. Aom Jamu teh putrana Bupati Sumedang Raden Adipati Surianagara (1761-1765), sawaktu ramana pupus inyana tacan dewasa kusabab kitu penjajah ngangkat mamangna nyaeta Dalem Adipati Surialaga jadi bupati Sumedang (1765-1773). Hanjakalna, mamangna oge wafat sawaktu umur Aom Jamu can dianggap dewasa jadi Bupati Sumedang.
Pikeun Bupati Panyelang di Sumedang, Pamarentah penjajah Belanda ngangkat Dalem Adipati Tanubaya Bupati Parakanmuncang jadi Bupati Sumedang, hal ieu sabenerna sifatna samentara samemeh Aom Jamu dianggap dewasa pikeun jabatan Bupati Sumedang. Adipati Tanubaya jadi Bupati Sumedang ti taun 1773-1775, malah Aom Jamu kungsi dipulung mantu ku Adipati Tanubaya. Ngan najan ka mantu, Adipati Tanubaya ngarasa teu panuju saumpama Aom Jamu diangkat jadi Bupati Sumedang, Adipati Tanubaya kalahkah masrahkeun kalungguhan Bupati Sumedang ka minantuna nu lain nyaeta Dalem Adipati Patrakusumah Bupati Parakanmuncang nepika jadi Bupati Sumedang ti taun 1775-1789. Najan kusakumna sesepuh Sumedang ditolak, pangangkatan ieu kalahkan disaluyuan ku penjajah Belanda.
Najan hakna pikeun jadi Bupati Sumedang geus dirampas ku Patrakusumah, ngan teu cukup kitu wae, Aom Jamu malah rek diala patina sangkan salilana kalungguhan Bupati Sumedang dicangking ku para menak Parakanmuncang. Samemeh maksud Patrakusumah hayang nelasan Aom Jamu laksana, Aom Jamu kaburu apaleun kana rencana jahat eta, inyana tuluy ngaloros nyalametkeun diri ka Malangbong, tuluy naek kuda muru kapakidulan Cianjur niatna rek nyalametkeun diri tina pangudag musuh titahan Patrakusumah anu rek ngala jiwana.
Aom Jamu antukna nepi ka kampung Kalapa Nunggal di pakidulan Cianjur nu jauh pisan kamamana, inyana nyamurkeun diri jadi rahayat biasa, ngan sawaktu-waktu kaparigelanana minangka menak turunan raja Sumedang sok diasah, Aom Jamu teh ahli dina naek muda, lian ti eta resep maca Kur-an. Hiji waktu kaparigelanana dina naek kuda jeung kapinteranana dina agama Islam, mawa panasaran ka mandor kopi nepika ditalekna saha sabenerna jati diri Aom Jamu teh. Ari geus kitumah Aom Jamu nyaritakeun lalampahanana nepika ka pakidulan Cianjur, nyaeta nyalametkeun diri tina niat jahat Dalem Patrakusumah anu rek ngala pati kusabab teu suka inyana jadi Bupati Sumedang.
Singket carita, mandor kebon kopi di Kalapa Nunggal laporan ka Bupati Cianjur RAA. Wiratanudatar VI/ Dalem Enoh (1776-1813) di pendopo Cianjur. Mandor kopi laporan yen diwewengkon Kalapa Nunggal aya menak Sumedang keur nyumput tina pangudag musuh anu rek ngala patina, eta menak Sumedang teh Aom Jamu putrana Bupati Sumedang Adipati Surianagara. Dalem Enoh Wiratanudatar VI ngarasa sedih nampa laporan kitu, inyana geuwat nyalametkeun Aom Jamu ka pendopo Cianjur, malah dijadikeun kulawadet pendopo Cianjur kujalan nikahkeun Aom Jamu ka Nyi Mas Lenggang Kusumah putri kawalon Rade Rangga Gede Wedana Cikalong.