KARAJAAN JAMPANG MANGGUNG
Nara
sumber : KH. Djalaluddin Isa Putra /
Eyang Junan sesepuh Pontren Bina Akhlak Desa Babakan Karet, Kec. Cianjur.
Pemilik Radio Swasta Bukit Suara 104,4 FM.
Disusun
& disundakeun ku : Luki Muharam, SST wartawan Tabloid Sunda Galura, Divisi
Sejarah Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur, Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan
Cianjur (LKC).
Karajaan
Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4
M, dina bulan kawolu taun 330 Saka kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407
M. Samemeh jadi karajaan Jampang Manggung disebutna karajaan Jampang Datar
dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge Aki Wengku. Aki Wengku oge
marentah di di karajaan Malabar.
Kujang
Pilawa dipulung mantu ku Raja Sugiwanca, ngadahup ka Dewi Anumirti anakna
Sugiwanca, sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari
karajaan Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona Sugiwanca nyaeta Gasman sanggeus
jadi raja disebut Prabu Sabatan Kati.