HIKAYAT GUHA SANG
HYANG SIRAH
Ku Luki Muharam, PAGUYUBAN PASUNDAN CIANJUR
Sang Hyang
Sirah ayana ditungtung kulon pulo Jawa, mangrupakeun guha alam anu aya diwewengkon
Kab. Pandeglang. Sang Hyang Sirah dikaramatkeun pisan kusabab dipercaya tempat
patilasanna Prabu Siliwangi jeung Kian Santang.
Sang Hyang
Sirah mangrupakeun salah sahiji tempat nu dipercaya minangka tilas tilemna
Prabu Siliwangi, lian d Sang Hyang Sirah aya sababaraha tempat lainna anu
dipercaya minangka tempat ngahyangna Prabu Siliwangi saperti basisir laut Tegal
Buleud di Ujung Genteng Kab. Sukabumi, kampung Pajajaran di Majalengka,
Leuweung Sancang, jsb. Jadi dimana atuh ngahiyangna Prabu Siliwangi anu sajati
? Siganamah kabeh oge bisa wae aya benerna, kusabab sawaktu Prabu Siliwangi Sri
Baduga wafat taun 1521 M, lebu jasadna anu diasupkeun kana kendi-kendi leutik
dipendem disababaraha tempat di Tatar Sunda, tapi naha atuh riwayatna bisa beda-beda
? sigana etamah lalakon anu datang kabeh dieunakeun sanggeus kendi lebu jasad
Prabu Siliwangi dipendem di eta tempat, wallahu alam !
Ari riwayat Sang
Hyang Sirah sabenerna mangrupakeun bagian tina Babad Kian Santang. Kacaritakeun
guha Sang Hyang Sirah ti jaman raja-raja Sunda remen dipake niis atawa
mujasmedi para raja-raja Sunda, jadi lain ngan saukur Prabu Siliwangi wungkul,
tapi raja-raja Sunda jeung Galuh luluhurna Prabu Siliwangi resep nyepen di Sang
Hyang Sirah. Sakumaha dipedar dina Babad Kian Santang, sawaktu Kian Santang
takluk ka Syeh Ali (katurunan Sayyidina Ali RA) di Mekkah kusabab kasaktianana
teu bisa ngimbangan kasaktian Syeh Ali, Kian Santang laju miguru ka Syeh Ali
sababaraha taun nepika jadi ulama punjul, malahmah nepika dibere ngaran ku Syeh
Ali keur Kian Santang nyaeta Syeh Rohmat. Samemehna dina bagian awal Babad Kian
Santang dicaritakeun yen Kian Santang oge kungsi mujasmedi heula di Sangyang
Sirah lilana 40 poe 40 peuting samemeh inyana nepungan Syeh Ali di Mekkah. Nyepen
di Sang Hyang Sirah minangka salah sahiji syarat pikeun Kian Santang samemeh
bisa tepung jeung Syeh Ali, sakumaha pituduh wangsit nu katarimana. Sanggeus
nyepen di Sang Hyang Sirah, Kian Santang dianugrahan gelar ngaran Galantrang
Setra
Sanggeus
ngarasa cukupn galap elmu agama Islam di Mekkah di Syeh Ali. Sunan Rohmat atawa
Kian Santang tuluy balik deui ka Pakuan puseur Dayeuh karajaan Pajajaran di
Bogor pikeun nepungan Prabu Siliwangi ramana. Sanggeus paamprok jeung ramana,
Kian Santang ngajak Prabu Siliwangi sangkan asup agama Islam, malah pangajakna
ditepikeun sababaraha kali, nepika sang Prabu ngarasa anakna rek merangan
dirina kusabab mamaksa sangka asup agama Islam. Boh bisi kajadian perang jeung
anak, Prabu Siliwangi ngesat diri, ngarolos ti karaton muru Sang Hyang Sirah
jadi brahmana.
Kacaritakeun
di Mekkah Syeh Ali hayang mere kanyaah ka Kian Santang muridna kujalan
ngahadiahkeun kitab Al Qur-an, ngan kudu kamana masrahkeunana ? Inyana meunang pitiuduh ti Nu Maha Kawasa,
sangkan mawa eta Al Qur-an ka Sang Hyang Sirah. Geus kitumah Syeh Ali miang ka
pulo Jawa rek nepungan Kian Santang di Sang Hyang Sirah. Geus kersaning Alloh
SWT, di guha Sang Hyang Sirah Syeh Ali panggih jeung Prabu Siliwangi anu geus
jadi Brahmana, tidinya duanana uplek ngobrolkeun bag-bagan kapercayaan
sewang-sewangan ka Gusti Nu Murbeng Alam, nepika Prabu Siliwangi kataji ku
bag-bagan agama Islam anu dipedar ku Syeh Ali, antukna Siliwangi asup Islam
harita keneh bari tuluy diwuruk maca Al Qur-an jeung diwejang elmu Tauhid.
Syeh Rohmat
atawa Kian Santang anu keur geten nyebarkeun agama Islam di wilayah Pajajaran
titinggal ramana, hiji peuting meunang impian panggih jeung Syeh Ali guruna di
guha Sang Hyang Sirah, dina eta ilapat Kian Santang dititah mawa Al Qur-an anu
disimpen di guha Sang Hyang Sirah. Teu diengke-engke, isukna Kian Santang tuluy
muru Sang Hyang Sirah arek mawa kitab Al Quran hadiah ti Syeh Ali. Ngan sawaktu
nepika guha Sang Hyang Sirah, Kian Santang reuwas ngadenge aya sora anu keur
maca Al Quran di jero guha, sawaktu disampeurkeun leuwih reuwas deui anu maca
Al Qur-an ramana anu salila ieu ngejat ti karaton Pajajaran.
Atuh duanana
papada ngudarkeun kasono antara bapa jeung anak, sang Prabu Siliwangi ngadadarkeun
pangalamanana paamprok jeung Syeh Ali nepika inyana asup agama Islam dibimbing
langsung ku Syeh Ali. Kian Santang atoheun pisan ningali kanyataan ramana geus
meunang asup agama Islam kalayan suka rela, Prabu Siliwangi tuluy menta ka
anakna sangkan Al Quran bawa Syeh Ali tetep disimpen di guha Sang Hyang Sirah
pikeun dirina ngadeukeutkeun diri ka Alloh SWT, Siliwangi oge nitipkeun sangkan
Kian Santang nuluykeun tahtana jadi raja Pajajaran, kusabab Siliwangi rek netep
di Sang Hyang Sirah nepika ajal datang. Ngadenge pedaran kitu Kian Santang nedunan
kahayang ramana anu rek netep di guha Sang Hyang. Geus kitu Kian Santang miang
deui ka tatar Priangan nuluykeun hancana nyaeta nyebarkeun agama Islam.
Sedengkeun
nasib Prabu Siliwangi diguha Sang Hyang Sirah teu kasabit deui, ngan dijero
guha aya batu titinggal Prabu Siliwangi anu disebut batu Kuran. Engkena Batu
Kur-an di jieun oge ku Syeh Maulana Mansyur di Cikadueun Banten,minangka
pangemut dirina ka Batu Kuran di guha Sang Hyang Sirah titinggal Prabu
Siliwangi.
Catetan
: Sang Hyang Sirah teu aya hubunganana jeung guha cai Sang Hyang Tikoro di
Rajamandala Bandung Barat.
No comments:
Post a Comment