Thursday, May 22, 2014

SITUS GUNUNG PADANG CIANJUR

SITUS BATU GUNUNG PADANG
Disusun ku Luki Muharam Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Cianjur
Situs Batu Gunung Padang pernahna di desa Karyamukti Kacamatan Campaka Cianjur Pakidulan, nepika ayeuna masih keneh terus ditalungtik ku para ahli ti sababaraha disiplin ilmu.
Laporan munggaran ngeunaan situs gunung Padang, dumasar bulletin kepurbakalaan anu judulna Raporten Van De Oudheidkundige taun 1914. Tuluy ku sejarawan Belanda N.J Korm taun 1949 diguar deui najan teu tuntas. Taun 1979 tilu warga lokal kayaning Endi, Soma jeung Abidin manggihan tumpukan batu-batu anu katutupan ku rungkun jeung lukut, eta pamanggih teh dilaporkeun ka penilik kebudaaan Kab. Cianjur Edi Kusnadi nu tugasna di Campaka. Sanggeus dilaporkeun  bari Dirojong ku Kepala Seksi Kebudayaan Departemen Pendidikan Kebudayaan Kabupaten Cianjur, R. Adang Suwanda, dua pejabat ieu ngayakeun panalungtikan dasar pikeun laporkeuneun ka Pusat Penelitian Arkeologi Nasional (Arkenas). Ti harita najan aya deui sababaraha fihak anu nalungtik, informasi ngeunaan situs gunung Padang tacan nyebar siga ayeuna.
Najan panalungtikan modern ngeunaan Situs gunung Padang terus diayakeun tetep wae nepika ayeuna masih kalimpudan ku dongeng-dongeng rahayat, majar teh ieu situs digeugeuh ku roh-roh raja-raja Sunda baheula jeung cocog saumpama di tapaan ku para biduan anu hayang kasohor, atawa ulama anu hayang moyan. Malah cek beja Darso, Upit Sarimanah jeung Deti Kurnia oge kungsi tirakat di gunung Padang, padahal beja eta teh can karuhan bener henteuna.
Hikayat gunung Padang oge kalimpudan ku dongeng klasik Prabu Siliwangi diudag-udag Kian Santang, cenah sang Prabu tuluy nyieun bangunan tina batu pikeun panyumputan tina pangudag Kian Santang. Sawaktu nyieunna ngan meakeun waktu sapeuting bari nu migawena oge lain jalma tapi jin taklukan Prabu Siliwangi. Ngan kusabab kaburu datang panon poe isuk, kabeh siluman anu migawe bangunan batu kalabur kusabab teu kuat ku cahaya panon poe, sang Prabu tuluy sasauran “ Deung Surya geus Padang” anu hartina “ Duh panon poe geus caang,” bari semu hanyelu nempo batu ngalayah can anggeus jadi bangunan kusabab ditinggalkeun ku para siluman. Cenah ti harita Prabu Siliwangi tuluy ngahiyang, ngaleungit ninggalkeun alam dunya asup ka alam siluman jadi meong siluman warna bodas, cek warga didinya sakapeung eta meong bodas jelmaan Prabu Siliwangi teh sok nembongan kanu kawenehan mah.
Sakumaha dongeng warga sabudeureun gunung Padang, cenah tiap umpak anu aya digunung Padang digeugeuh ku arwah para karuhun saperti : Dina Umpak kahiji loba batu ngalayah paranjang ngagoler arah kidul-ngaler, eta batu-batu teh digeugeuh ku Eyang Paraji Sakti disebut oge Putri Bungsu. Dina umpak dua aya sababaraha batu narangtung mangrupa pager, cenah eta batu-batu teh jelmaan para karuhun kusabab kitu teu beunang dipelakan. Umpak tilu aya batu mangrupa balai-balai ditengahna aya gundukan taneuh nu dipercaya minangka hiji kuburan. Dina umpak opat paling loba batu ngagarolel saperti batu meong,jeung batu Kutadunya. Diumpak lima aya batu anu patumpuk-tumpuk disebutna batu masjid, ari diumpak ka genep loba batu mangrupa alat-alat kasenian saperti kacapi,goong, reog jrrd.
Nurutkeun kapercayaan para kuncen roh-roh karuhun anu ngancik digunung Padang kayaning : Eyang Geleng Pangacingan, Eyang Sukasana, Eyang Bonang,Eyang Arca Dipa,Syeh Marzuki, Syeh Usman, Syeh Suhaepi,Syeh Abdul Faqor, Syeh Salingsingan, Syeh Kutadunya,Syeh Jaksi Sajantung, Eyang Katimbulan, Eyang Balung Tunggal, Eyang Prabu Prabu Ujungan,Eyang Tajimalela, Eyang Hariangan Banga, Eyang Ciung Wanara, Eyang Gagak Lumayung, Eyang Lutung Kasarung, Eyang Salam Tunggal, Eyang Perbuka, Eyang Putri Bungsu / Paraji Sakti.
Saumpama ditengetan daftar para karuhun anu tadi disebut, aya sababaraha ngaran raja saperti Tajimalela raja Sumedang Larang, Hariang Banga Raja Sunda, Ciung Wanara raja Galuh, Eyang Perbuka raja Jampang Manggung tangtu kuurang ulah dinggap bener yen para raja nu tadi kungsi ngariung, sigana ieu mah ngan saukur kapercayaan turun tumurun anu can karuhan benerna, kusabab para raja anu disebut tadi dina sejarahna sewang-sewangan teu aya kateranganana anu negeskeun yen pernah daratang ka gunung Padang.
Kusabab dipercaya minangka tempat ngumpulna roh-rohna para raja, situs gunung Padang kungsi jadi tempat anu dianggap sanget, unggal  jalma teu sagayah nincak gunung Padang. Anu daratang teh husus anu rek tatapa atawa jarah. Ngan dina jaman pambarutnakan DI/ TII taun 1949-1962 ponclot gunung Padang kungsi jadi basis kumpulna pasukan DI/TII. Kitu deui sawaktu Jenderal Suharto ngaburak-barik PKI antara taun 1965-1966, loba anggota PKI anu nyumput di ponclot gunung Padang, katerangan ieu sakumaha dipedar dina laporan Seksi Kebudayaan Kandep Dikbud Kabupaten Cianjur, tanggal 2 September 1984.    
Ngan pikeun anu ngagenggem agama Sunda Wiwitan situs gunung Padang nepika ayeuna remen dijadikeun tempat pamujaan, kusabab sakumaha pamedagan Anis Djati Sunda sawargi ngecesken yen situs gunung Padang teh mangrupakeun Balay Pamujaan agama Sunda pangheubeulna nu dijieun samemeh lahirna Prabu Siliwangi.
Taun 2011, Situs gunung Padang ngadadak kakoncara kasakuliah dunya ti saprak  Andi Arif staf ahli Presiden bidang bencana alam jeung tim penelusuran gempa purba nalungtik sabab musababna batu-batu digunung Padang kumalayah, Dr. Prof. Dr. Danny Hilman Natawijaya ahli gempa anu mingpin panalungtikan boga pamadegan yen lokasi gunung Padang dihandapna aya dina jalur lempengan gempa bumi cisokan jeung cimandiri. Tim ieu oge kungsi boga pamadegan yen situs gunung Padang teh asalna mangrupa pyramid siga di Mesir, ngan sanggeus ditalungtik ku para ahli kayaning ahli kepurbakalan, ahli arsitektur, jrrd tetela teu kapanggih sesa-sesa pyramid teh.  
Ayana situs gunung Padang di Cianjur geus mawa pangaruh anu hade pikeun dunia ilmu pangatahuan, antukna loba ahli anu ngayakeun panalungtikan. Dina eta panalungtikan diantarana nuduhkeun yen situs gunung Padang teh umurna kira-kira 13000 taun samemeh masehi, hartina 13000 taun samemeh nabi Isa AS lahir.
Eta nandakeun kabudayaan jalma anu harita dumuk di gunung Padang, leuwih tiheula umurna alabatan kabudayaan Mesopotamia jeung piramida Mesir, anu salila ieu dianggap peradaban pangkolotna sadunya, hartina kabudayaan jalma digunung Padang ayeuna jadi pangkolotna didunya. Kuayana pamadegan eta, diperkirakeun bakal ngarubah pamadegan elmuwan sadunya soal peradadaban bangsa pangkolotna jeung pangheulana didunya.
Panalungtikan di gunung Padang mimitina bulan November 2011, sanggeus ditalungtik ku sajumlah ahli, ahirna disimpulkeun yen situs gunung Padang lain situs nu basajan, tapi mangrupakeun bangunan anu agreng, malah cek para ahli kompleks situs gunung Padang saupama geus direstrukturisasi atawa dibangun deui gede bakal 10 kalieun gedena dibandingkeun jeung candi Borobudur di Jawa Tengah.  
Koordinator Tim panalungtikan Prof. Danny Hilman Natawijaya negeskeun yen dumasar panalungtikanana katingal yen susunan batu di gunung Padang dijieun ku kaahlian anu kawilang maju pikeun mangsana. Susunan batuna persis jeung situs Machupichu di Peru. Anu helokna cek Prof Danny,digunung Padang mah susunan batuna teh beda-beda umurna. Lapisan batu pangluhurna umur pangorana nyaeta 500 taun SM, aya oge nu umurna 7000 taun SM, sedengkeun lapisan batu panghandapna umurna 13000 taun SM.
Prof. Danny Hilman ngajelaskeun yen gunung padang teh mangrupa monument anu tohaga. Umpakna oge anu pangluhurna diperkirakeun luhurna 100 meteran, sedengkeun lega komplekna aya kana 150 hektarna, hartina 10 kali lipet legana mun dibandingkeun jeung Candi Borobudur.  Jeung deuih leuwih kolot alabatan piramida di Mesir nu umurna ngan 4000 taun SM. Peradabanana oge leuwih kolot dibandingkeun jeung peradaban bangsa Arya anu umurna 2500-4000 taun SM. Kitu deui jeung peradaban kuno bangsa Mesopotamia anu umurna ngan 6000 taun SM.
Luthfi Yondri salah saurang ahli arkeolog anu nalungtik Gunung Padang ngagambarkeun yen situs gunung Padang dibangun make bahan batu vulkanik pasagi panjang, mangrupa balok-balok batu. Eta batu asup kana jinis batuan andesit anu ngabeku warnana hideung, asalnamah bagian luarna hideung lemes ngan kusabab kungsi katutupan ku rungkun taneuh lilana mangabad-abad warnana anu hideung meles rubah jadi aya unsur warna koneng.
Kontruksi punden berundak gunung Padang masing-masing beda ukuranana.Umpak panghandapna mangrupakeun teras panggedena,beuki luhur beuki leutik.  Sewangan ahli arsitektur Pon.S. Purajatnika ngajelaskeun yen diperkirakeun saupama dibangun deui situs gunung Padang siga aslina manrupakeun tempat digelarna upacara, teras panghandapna pikeun masarakat biasa, ari teras kadua pikeun para gegeden kusabab aya batu-batu nu fungsina korsi. Teras katilu aya lima bangunan kelompok batu tegak, diteras kaopat aya tilu bangunan deui, sedengkeun teras pangluhurna mangrupakeun bagian pangsucina. tangga ka ponclot gunung Padang oge ngahaja dijieun nanjak pisan hal eta boga tujuan yen teu sagawayah jalma bisa naek ka gunung Padang.
Hasil panalungtikan ngeunaan lapisan batu di gunung Padang, anu dilaksanakeun ku para ahli lemah cai kungsi diragukeun bener henteuna, kukituna pamarentah pusat ngalibatkeun lembaga panalungtik nu tingkatanana dunya nyaeta Laboratorium Beta Analytic di Miami, Florida Amerika, laboratorium ieu remen jadi rujukan panalungtik sadunya.
Tetela hasil panalungtikan Beta Analytik Amerika ngeunaan lapisan taneuh jeung keusik dijero gunung Padang hasilna teu beda jauh jeung hasil panalungtikan ahli-ahli lemah cai,malah umur situs gunung Padang cek ahli ti Amerika ieu leuwih kolot pisan.  Cek ieu laboratorium, bagian jero taneuh anu dibor jerona 5 meter nepika 12 meter diperkirakeun umurna 14500-nepika 23000 SM. Sedengkeun hasil ngabor taneuh atawa kesik nu jerona 60 cm umurna 600 taun SM, ieu cek Dr. Ali Akbar ahli ti Laboratorium Badan Atom Nasional (Batan). Hasil ngebor jerona 3-4 meter, eusina keusik umurna 4700 SM (Batan), ruang pasir jerona 8 meter – 10 meter tina teras ka lima diperkirakeun umurna 7600-7800 SM (USA),ngan cek ahli ti Batan umurna leuwih kolot nyaeta 11600 taun SM.
Ku ayana panalungtikan anyar tetela geus ngagugurkeun hasil panalungtika puluhan taun kaliwat, komo sanggeus dibukbak rungkun-rungkun anu nutupan situs beulah ngaler diteras kalima kalebah handap, didinya ditimukeun 20 tingkatan umpak, anu diperkirakeun dibangun ku masarakat anu boga budaya luhung sarta geus aya gotong royong kalayan teknologi maju. Tangtu hasil panalungtikan ayeuna geus ngagugurkeun hasil panalungtikan samemehna puluhan taun katukang anu nyimpulkeun yen situs gunung Padang teh ngan saukur 5 teras dina daerah nu legana ngan 900 meter pasagi. Sanggeus dibukbak tetela digunung Padang diperkirakeun aya 20 teras, tangtu ha lieu oge tacan final, kusabab tim panalungtik masih terus maluruh.
Sewangan Menteri Pendidikan M.Nuh sawaktu datang ka gunung Padang tanggal 6 Juni 2013 negeskeun yen pamarentah pusat geus nyusun rarancang pikeun situs gunung Padang, saperti nyalametkeun situs, nyiapkeun sumber daya manusana pikeun mulasara, jeung anggaran anu bakal ngadukung panalungtikan anu bakal dituluykeun ku Tim Terpadu Penelitian Mandiri Situs Gunung Padang. Lian ti eta bakal ngajak gawe bareng instansi sejenna kayaning Badan Pertanahan Nasional pikeun ngabebaskeun tanah situs, Kementrian Pekerjaan Umum, Kementrian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif jrrd.

Sedengkeun nurutkeun Ali Akbar Ketua Tim Arkeologi Tim Terpadu Penelitian Mandiri Situs Gunung Padang ngeceskeun yen panalungtikan dina bulan Juni 2013 kungsi dieureunkeun kusabab aya pencekalan. Panalungtikan sanggeus meunang dukungan ti menteri pendidikan baris dituluykeun deui, targetna dina akhir September 2013 lapisan taneuh anu masih keneh nutupan areal situs bakal dibersihkeun, kagiatan ieu bakal dirojong ku para ahli ti kementrian pendidikan dan kebudayaan jeung bakal ngalibatkeun warga lokal urang gunung Padang. (17/6/2013)

No comments:

Post a Comment