Sunday, May 11, 2014

KH Abdulah Bin Nuh Lain Ngan Saukur Ngaran Jalan

“ KH Abdulah Bin Nuh Lain Ngan Saukur Ngaran Jalan “

Di Cianjur ngaran K.H. Abdullah Bin Nuh ngan jadi ngaran hiji jalan gede arah ka Jakarta ti taun 2003, sajarahna kurang pati dipiwanoh ku sagemblengna warga Cianjur. Tapi pikeun Prof. Dr. Nina Lubis ngeceskeun yen dina danget ieu pisan anu paling pantes diajukeun jadi Pahlawan Nasional ti Cianjur teh nya eta K.H. Abdullah Bin Nuh pisan, lian ti Raden Haji Prawatasari. Nina Ahli sajarah ti  Universitas Padjadjaran Bandung ieu ngebrehkeun yen K.H. Abdullah bin Nuh teh ulama, cendikiawan anu dipikaajrih di lemah cai oge di mancanagara ngaliwatan kitab-kitab karyana, pejuang kemerdekaan, sastrawan, sarta milu ngagedekeun Radio Republik Indonesia, sababaraha paguron luhur dina mangsa awal-awal ayana, sarta geus manjing pisan dina pasaratan lamun diajukeun jadi pahlawan nasional diantarana, geus maot, warna nagara Indonesia, jasana gede kalemah cai disagala bidang, sarta teu kungsi migawe curaling ka nagara jeung agama nepika maotna, sarta loba tokoh sejen anu nyakseni kana jasa-jasana eta sarta pada ngarojong sangkan inyana jadi Pahlawan nasional , “ Ayeunamah teu langkung ti pamarentah daerah Cianjur naha bade ngajengkeun KH Abdullah bin Nuh janten pahlawan nasional atanapi moal ka BPPD (Badan Penelusuran Pahlawan Daerah), kusabab BPPD hiji-hijina lembaga resmi anu didukung ku Gubernur Jabar kangge maluruh bari ngusulkeun ka Presiden sangkan pahlawan nu diajengkeun tiasa nyangkring gelar Pahlawan Nasional, “ cek Ninna basa ditelepon ku Galura sawatara waktu kaliwat.

Lain cek Nina lubis wungkul, malah mah salah saurang manten murid K.H. Abdullah bin Nuh nya eta K.H. Abdul Qodir Rozy (65) sesepuh Nahdhatul Ulama (NU) Kab. Cianjur negeskeun yen sawaktu jumenengna, KH. Abdullah bin Nuh teh hiji sesepuh ulama lintas mazhab, anu dipikaajrih ku sakumna mazhab, boh ti kalangan modernis atawa ti kaum salafiyahna, “ Mantenna teh bijaksana pisan upami ngaluarkeun pamadeganana ngeunaan hukum, salawasna ngutamakeun persatuan umat Islam, fatwana ditampi ku unggal mazhab, sanaos  mantenna teh ulama Salafi, “ cek kyai anu biasa disebut Ustad Koko teh. Ustad Koko anus sapopoena Ketua Komisi IV DPRD Kab. Cianjur jeung sesepuh Pontren Al Barkah Bojong Meron Cianjur teh kungsi langsung diwuruk sababaraha taun ku K.H. Abdullah bin Nuh mangsa taun 1980-an samemeh K.H. Abdullah ngalih ka Bogor sarta tilar dunya di Bogor. Manten murid K.H. Abdulah Bin Nuh sejenna diantarana H. Abbas Sihabudin (75) sesepuh kompleks pendidikan Gedong Asem Kaum Cianjur, anu  masih keneh kapiadi K.H. Abdullah bin Nuh. Cek Haji Abbas, K.H. Abdullah Bin Nuh boga ngaran leutik Raden Tatang samemeh anclub jadi salah saurang tokoh Peta (Pembela Tanah Air) di Cianjur taun 1943, kungsi ngawuruk ngaji Haji Abbas anu harita umurna karak 15 taun, “ Pun rama ngadeuheus ka Gan Tatang (KH. Abdullah bin Nuh) sangkan kersa ngawuruk sim kuring, sanaos anjeunna sibuk sarta seueur muridna di majelis  Al-Ianah, Alhamdulillah masih kersa nyempetkeun waktos ngawuruk sim kuring kalayan private bari gratis di rorompokna, nanging teu lami mung sababaraha sasih anjenna teras lebet Peta, “ cek Haji Abbas ayeuna minangka sesepuh terah Dalem Sabirudin Bupati Cianjur Dalem Wiratanu Datar V. Numutkeun Haji Abbas komara K.H. Abdullah Bin Nuh teh anteb, salila manehna diwuruk ngaji, teu wani tanggah netep raray KH. Andullah bin Nuh. “ Hal ieu oge diraoskeun ku unggal muridna, sanes sim kuring wungkul, “ cek Abbas. Dina sejen tempat Kepala BKKBN Kab. Cianjur Drs. H. Sudrajat Laksana oge kungsi ngalaman deukeut jeung K.H. Abdullah Bin Nuh kusabab manehna masih keneh kapiincu anjengan nu gede komarana ieu, “ Harita sim kuring masih keneh sapantaran murid sakola dasar kelas hiji, kantos dipangku, ditungtun ku pun Aki (KH. Abdullah Bin Nuh) da anjeuna mah estu nyaah ka budak leutik teh, najan budak tapi da sim kuring teu wani ogo da sakitu hurmatna ka mantenna anu jadi guru para ulama di Cianjur, “ cek Adjat nu kungsi panggih langsung jeung K.H. Abdullah bin Nuh taun 1980-an.
“ Ulama Pejuang ”
K.H. Abdullah bin Nuh lahir di kampung Bojong Meron Cianjur 30 Juni 1905. Inyana teh putra KH. Muhammad Nuh Bin Idris menak Cianjur anu ngadegkeun kompleks pendidikan Al-Ianah di Kaum Cianjur. Ari KH Muh. Nuh Bin Ibdris teh ulama jeung murid pinunjul ti KH. Muhtar Guru Besar di Masjidil Haram di Mekkah. KH. Muh. Nuh wafat taun 1966. Ibuna KH. Abdullah Bin Nuh putrana Raden Muhamad Sumintapura Wadana Tasikmalaya jaman Belanda. Nurutkeun nasabna K.H. Abdullah Nuh teh masih keneh rundayan Dalem Cikundul Rd. Aria Wiratanu I Bupati Cianjur munggaran, kusabab KH. Muhammad Nuh Bin Idris putrana Raden Arifin bin Haji Soleh bin Raden Haji Musyidin Natapraja bin Dalem Muhyidin / Aria Adipati Wiratanu Datar V Bupati Cianjur ka lima, bin Dalem Sabirudin / Aria Adipati Wiratanudatar IV Bupati Cianjur ka opat, bin Dalem Dicondre / Rd. Asramanggala / Aria Wiratanu III Bupati Cianjur ka tilu, bin Dalem Tarikolot/ Aria Wiratanu II bin Dalem Cikundul / Aria Wiratanu I. Ti keur burey keneh Abdullah bin Nuh netep di Mekkah jeung eyang putri ti ramana nya eta Nyi Raden Khalifah Respati anu beunghar kacida nu hayang pupus di Mekkah. Sigana pangalaman keur bureyna eta anu jadi dasar engkena KH Abdullah bin Nuh bakal jadi bujangga jeung sastrawan Arab.
Sakola formalna mimitina di kompleks pendidikan Al-Ianah nu diadegkeun ku ramana ti taun 1912, mangsa harita Al-Ianah kasohor minangkan lembaga atikan nu loba ngalulusan muridna nu pinunjul. Dina umur 8 taun inyana geus apal bahasa Arab, geus bisa nalar kitab Al Fiah Ibnu Malik., lian ti eta Abdullah Bin Nuh bisa bahasa Inggris kalayan diajar sorangan. Sedengkeun mulai diajar kitab Al Ihya Imam Gojali ti ramana pituin. Taun 1916 Abdullah Bin Nuh masantren di pasantren Syamailul Huda Pekalongan, Jawa Tengah di pingpin ku Sayyid Muhammad bin Hasyim bin Thohir Al Alawi Al Hadromi ulama kasohor asal Hadramaut. Pasantren ieu loba didaregdeg ku santri-santri dimamana malah aya nu asalna ti Singapura jeung Malaysia sagala, jumlah santrina oge pinilih, saangkatan Abdullah bin Nuh ngan 30 urang. Taun 1922 Sayyid Muhammad ngabuka Hadramaut School di Surabaya, kusabab pinter Abdullah Bin Nuh dibawa, sarta dijadikeun salah guru di ieu sakola. Di Hadramut School Abdullah bin Nuh jadi redaktur majalah mingguan bahasa Arab “Hadramaut”. Taun 1925 Abdullah Bin Nuh diajak ku guruna ka Mesir pikeun ngalap elmu di Fakultas Syariah Universitas Al Azhar di Cairo salila dua taun.  Rengse diajar di Universitas Al-Azhar Cairo Mesir inyana mulih ka Cianjur ngokolakeun yayasan Al-ianah nu ramana.
Taun 1940-an lemah cai keur rame-ramena perang ngarebut jeung mertahankeun kamerdekaan, Abdullah Bin Nuh anclub jadi anggota Pembela Tanah Air (Peta) keur wilayah Cianjur, Sukabumi jeung Bogor ti taun 1943 nepika taun 1945. Ti taun 1945-1946 Abdullah Bin Nuh dipercaya mingpin Badan Keaman Rakyuat (BKR) jeung TKR (Tentara Keamanan Rakyat) di Cianjur. Taun 1948-1950 inyana jadi anggota Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP) di Yogyakarta sawaktu pamarentah Indonesia Hijrah ka Jogja. Di Jogja oge, inyana diangkat jadi Kepala Seksi Siaran Berbahasa Arab di RRI (Radio Republik Indonesia) Yogyakarta, jeung milu ngarintis sarta diangkat jadi dosen luar biasa Universitas Islam Indonesia (UII) Jogjakarta. Taun 1950 nepika taun 1964 Abdullah bin Nuh diangkat jadi Kepala Siaran Berbahasa Arab di RRI pusat di Jakarta. Ti taun 1964 nepika taun 1967 inyana oge diangkat jadi Lektor Kepala Fakultas Sastra Universitas Indonesia (UI) Jakarta. Mimiti taun 1969 KH. Abdullah bin Nuh ngabuka majelis Al Ghazali dan Pesantren Al Ihya di Bogor. KH. Abdullah Bin Nuh remen diondang seminar ka luar negeri saperti Australia, Arab Saudi, Yordania, Turki, Irak, Thailan jeung Malaysia pikeun mere kamandang sual hukum Islam, inyana oge fasih saeutikna 6 bahasa. Dina kagiatan mieling Konferensi Asia Afrika (KAA) inyana remen dijadikeun juru penerangan pikeun para delegasi wakil nagara-nagara anggota KAA.
Karya tulis KH. Abdullah Bin Nuh anu kasohor diantarana kamus Indonesia-Arab-Inggris. Sedengkeun karya tulisna dina bahasa Arab diantarana nya eta : Al Alam Al Islami (Dunia Islam),Fi zilal Al Kabah Al Bait Al Haram (dibawah Lindungan Kabah), La Taifiyata fi Al Islam ( Tidak ada kesukuan dalam Islam), Mualimu Al Arab (Guru Bahasa Arab), Al-lulu Al Mansur (Permata yang bertebaran). Karya-karyana anu ditulis dina bahasa Indonesia diantarana Cinta dan Bahagia, Zakat Modern, Keutamaan Keluarga Rosululloh SAW, Sejarah Islam di Jawa Barat hingga jaman keemasan Banten, jeung buku make basa Sunda nya eta Lenyepaneun. Lian ti eta K.H. narjamahkeun kitab-kitab Imam Gazali saperti Minhaj Al Abidin (Jalan Bagi Ahli Ibada), Al Munqiz Min Al Dalal (Pembebasan dari Kesesatan), Al Mustafa Li Man Lahu Ilim Al usul (Penjernihan bagi Orang Yang memiliki Pengetahuan usul). KH. Abdullah Bin Nuh Wafat poe Senen tanggal 26 Oktober taun 1987 di Jln. Cempaka Kota Paris Bogor imahna, inyana dikurebkeun di pamakaman Sukaraja Bogor, saban taun sok djiarahan utamana tanggal 17 Agustus dina mieleing-eling HUT kemedekaan lemah cai, basa mulih kakalengngan inyana ngantunkeun saurang istri jeung sapuluh putrana.  ( Luki Muharam / Cianjur)                                    

      

No comments:

Post a Comment