Thursday, May 22, 2014

PAPAJAR TRADISI MAPAG RAMADHAN DI CIANJUR

PAPAJAR TRADISI MAPAG RAMADHAN DI CIANJUR
Ku Luki Muharam


Bulan Ramadhan moal lila baris datang, bulan anu diagung-agungkeun ku sakumna umat Islam sadunya. Dina bulan ieu Alloh SWT ngabuka salega-legana panto surga, malah pahala mangpirang-pirang ibadah oge ditikel-tikel deui sababaraha darajat jumlahna leuwih gede alabatan ibadah dina bulan biasa. Kukituna umat Islam loba anu ngarasa sugema dina nyanghareupan bulan Ramadhan, diantara ngagelar tradisi mapag bulan Ramadhan.
Di Cianjur kitu deui, aya tradisi anu geus ngaurat ngaakar anu dilaksanakeun saban rek nyorang bulan puasa. Urang Cianjur boga tradisi “Papajar “ nyaeta dahar bareng atawa mayoran jeung kulawarga, atawa jeung batur sapagewaan samemeh datangna bulan puasa.
Beuki dieu tradisi Papajar “dikoordinir” ditiap instansi negeri atawa swasta, sakapeung bari disisipkeun acara-acara samperan anu dipiharep bisa masieup Papajar anu datangna ngan sataun sakali. Kagiatan anu masieup Papajar biasana diantarana dirancang sangkan diayakeun ditempat wisata, ditambahan ku acara nguseup na balong, aya oge anu dtungtungan ku ngabagi-bagi amplop tunjangan hari raya, anu intina kagiatan Papajar sangkan karasa unsur ngahiburna keur balarea. Misalna anu baris diayakeun ku para guru jeung karyawan SMKN I Cilaku Cianjur, koperasi Mitra anu anggotana warga SMKN I Cilaku Cianjur bakal ngayakeun Papajar di tempat wisata di daerah Cibeber Cianjur di kolam pamancingan, “ Kagiatan ieu rutin dilaksanakeun ku koperasi SMKN I Cilaku Cianjur dina raraga Papajar. Mung sangkan aya unsur ngahiburna, bade dilaksanakeun di tempat wisata, ayeunamah baris diayakeun di kolam pamancingan, rengse marancing teras digelar acara Papajar bakar ikan mangrupa mayoran. Ditutup ku doa bersama sareng ngabagikeun amplop “THR” ti koperasi kanggo mayunan munggah Ramadhan,” cek Drs. Murjani (48) Ketua Koperasi “Mitra” SMKN I Cilaku Cianjur sawaktu dikolongan Galura, Senen (17/6) di sakolana.
Sewangan budayawan Cianjur Drs.Dadang Ahmad Fajar, MAg (46) ngajelaskeun yen sabenerna kagiatan Papajar ngan saukur dahar bareng nu diayakeun diraraga mapag Ramadhan sataun sakli, ngan beuki dieu beuki “inovatif” diayakeun ku warga Cianjur disisipkeun mangpirang acara anu ngahibur, malah loba anu ngahaja diayakeun di tempat wisata di luar Cianjur, saperti di Jakarta, Bogor, Bandung jrrd. Budayawan anu sapopoena Dosen Filsafat di UIN Sunan Gunung Djati Bandung ieu negeskeun yen Papajar nepika ayeuna tacan kapaluruh iraha dimimitianana di Cianjur, jeung saha anu nyiptakeunana, “ Papajar teh tradisi rutinan saban taun warga Cianjur dina nyanghareupan sasih Ramadhan. Intinamah mung saukur acara dahar bareng, samemeh prak-prakana digelar heula tawasulan bari hadiah ka para karuhun, tos mung sakitu. Nangin beuki dieu langkung inovatif jeung dikoordinir sapertos anu digelar diunggal instansi, malah aya anu ngahaja piknik bari nyewa sababaraha beus miang ka tempat wisata anu kasohor di luar Cianjur, biasana obyek wisata air, samodel Pangandaran jeung sajinisna kusabab sarengse dahar bareng, biasana dipungkas ku mandi keramas nyaeta kagiatan beberesih samemeh puasa. Kagiatan anu disisipkeunana oge ngahaja dirancang anu ngahibur malahmah nepika aya anu direuah-reuah ku kagiatan tarik tambang, karoke, jeung hiburan sejenna, anu tujuananamah bisa ngahibur, “ cek budayawan anu oge sesepuh pontren Al Ukhuwah di Panembong Cianjur.
Inyana ngajelaskeun Papajar diperkirakeun tina kocap Mapag Fajar disingket jadi Papajar, mapag fajar anu dimaksud nyaeta Mapag Fajar bulan Ramadhan, “ Papajar tos aya ti jaman kapungkur ngan duka ti iraha ngawitanana. Jeung saha anu mimiti nganamianana taya anu uninga. Aya oge anu ngajelaskeun yen Papajar kawitnamah mangrupa kagiatan rutin saban taun para ulama pilemburan anu mariang ka kota Cianjur muru masjid Agung. Para ulama ieu ka Kaum Cianjur seja milari kapastian dongkapna awal sasih Romadhon ka ulama di Masjid Agung, sangkan teu bulak balik para ulama mondok moek di Kaum Cianjur ngantosan kapastian awal Ramadhan ti Imam Besar Kaum Cianjur.
Bari ngantosan kaputusan, para ulama marurak timbel di sabudeureun Kaum Cianjuran, tuang sasarengan. Saparantos kengeng kapastian awal Ramadhan mah marulih deui ka pilemburan, nanging sateuacan marulih sok rajen nyimpang heula ka pasar induk anu teu tebih ti Kaum Cianjur, balanja kabutuhan keur munggah biasana ngaborong lauk asin, pindang tongkol, bako tampang sareng kabutuhan sanesna. Tidinya Papajar digelar ditiap bumi, cekap ngan saukur dahar bareng bari diawalan ku hadiah ka para karuhun, “ cek Dadang anu aktif nulis sababaraha buku agama Islam teh. Kusabab alat informasi beuki dieu beuki canggih, para ulama pilemburan teu kudu deui neangan informasi awal Romadhon jauh-jauh ka masjid Agung Cianjur. Katangtuan awal Ramadhan antukna sok diumumkeun di televisi ku pamarentah pusat atawa dina RRI, ti saprak harita Papajar ngan digelar di imah-imah atawa masjid-masjid.
Sedengkeun nurutkeun KH. Rd. Abdul Halim / Ajengan Elim Ketua MUI Kab.Cianjur negeskeun yen Papajar lain aturan Islam, tapi ngan saukur tradisi anu diayakeun ku urang Cianjur, “ Akang teh asli Cianjur, ti jaman akan leutik keneh Papajar geus aya. Saban rek datangna bulan Ramadhan, diunggal bumi ngayakeun dahar bareng Papajar tea. Kagiatan ieu pikeun mapag dongkapna awal poe / Fajar sasih Ramadhan dugika dinamian Papajar, duka saha anu ngamimitianana jeung saha anu nganamianana,MUI teu gaduh kateranganana.Ngan anu puguh mah Papajar sanes ibadah, tapi tradisi anu diayakeun masarakat Cianjur. Janten ulah dianggap wajib, teu ngalaksanakeun oge teu nanaon, moal matak dosa, “ cek Ajengan Elim (80) sawaktu dikolongan di imahna di Bojong Herang Cianjur kota.
Ajengan Elim miharep sangkan kaum muslimin dimana wae ulah salah patekadan dina ngagelar Papajar, tapi kudu diniatan yen Papajar teh mangrupa ungkaban rasa kabungah dina nyorang bulan Ramadhan, “ Ulah dugika boga niat, yen Papajar teh minangka acara dahar beurang wungkul kusabab moal manggih deui dahar beurang ditempat rame di bulan Ramadhan. Niat kitu mah sami sareng nyungkun ka Alloh SWT anu ngawajibkeun puasa dina sasih Ramadhan. Anu samistina Papajar teh minangka ungkaban rasa kabungah mapag Ramadhan, “ pokna.
Inyana anu oge sesepuh pontren Al Muthmainah ieu miharep sangkan umat Islam ngayakeun kagiatan ibadah anu masieup bulan Ramadhan,kayaning pasantren kilat,tadarus, jrrd.
Lian ti Papajar, husus dipasantren Salafiyah /Tradisional di Cianjur sapanjang bulan Ramadhan remen digelar  kagiatan Pasaran, nyaeta kagiatan maca kitab koneng pikeun santri, jeung ulama-ulama alumni hiji pasantren, saperti anu digelar di pasantren Al- Intiqol Pasar Beas Cikidang Cianjur.Nurutkeun KH. T. Muchtar Gazali, AK, Sy, MSi sesepuh pontren Al Intiqol nerangkeun yen kagitan Pasaran geus rutin digelar saban Ramadhan lilana 20 poe, ngan tacan kapaluruh saha nu ngamimitianana jeung naon sababna dingaran Pasaran, “ Di pasantren ieu kagiatan Pasaran saleresna teu beda sareng pasantren kilat dimamana,nanging aya dua kelas nyaeta kelas santri jeung ustad, mangrupa kajian kitab-kitab anu tos biasa diaos di pasantren Salafiyah, “ cek Ustad Totoy nenehna KH Muhtar Gozali teh.        


No comments:

Post a Comment