Thursday, May 22, 2014

PALABUAN RATU

SAJARAH PALABUAN RATU NURUTKEUN PANTUN BOGOR & BABAD CIANJUR
(Cek Buhun Sunda, Nyi Roro Kidul Ngan Saukur Dongeng Ciptaan Mataram)
             

Runtuhna karajaan Pajajaran teu sakaligus, kusabab wadyabalad Islam geus aya 12 kalina ngagempur Pajajaran salila 5 taun angger nagen teu bisa ditembus benteng pertahananana. Kakarak dina mangsa karajaan dipimpin ku Prabu Nilakendra, benteng Pajajaran nu dibangun ku Prabu Siliwangi taun 1478 ahirna ancur ditarajang wadyabala Islam. Kitu oge aya sababaraha sabab anu jadi cukanlantaranna, dina buku Sajarah Cianjur nu disusun ku Drs. Bayu Surianingrat ngajelaskeun yen ancurna benteng Pajajaran kusabab nu jaga panto gerbangna nyaeta dua sadulur Ki Jongjo jeung Ki Jungju hianat ka Pajajaran kusabab nyeri hate pangkatna teu naek-naek, ahirna mukakeun panto gerbang benteng Pajajaran.
Sedengkeun cek Pantun Bogor jebolna pertahanan Pajajaran kusabab Jaya Antea salah sauran gegeden Pajajaran hianat, sarta biluk ka pasukan Banten. Lian ti eta runtagna Pajajaran kusabab kaayaan pamarentahanana geus nyirorot pamorna teu siga jaman Prabu Siliwangi buyutna Prabu Nilakendra, korupsi dimamana, gegeden karajaan geus loba hianat ka rahayat jeung rajana, ari Prabu Nilakendra raja Pajajaran hirupna ngaresi, resep nyepen, puasa saban poe, nepika teu paduli kana kaayaan nagara.
Kaayaan kitu pikeun Sultan Banten Maulana Yusup matak pihariwangeun, dilain-lain oge karajaan Pajajaran teh warisan karuhuna nyaeta Prabu Siliwangi, kapan Maulana Yusup teh putrana Maulana Hasanuddin Sultan Banten ka I, ari Maulanan Hasanudin putrana Sunan Gunung Jati Cirebon, Sunan Gunung Jati Cirebon putrana Ratu Mas Rara Santang, sedengkeun Ratu Mas Rara Santang putrana Prabu Siliwangi Sri Baduga Maharaja ti prameswari Ratu Subanglarang. Jadi sabenernamah antara Banten jeung Pajajaran sakokocoran sarua seuweu siwi Prabu Siliwangi. Panembahan Yusup ngarasa geus waktuna Pajajaran disalametkeun tina sagala rupa krisis moral anu tumiba ka rahayatna.
Kukituna dina hiji poe, tengah peuting Ki Jungju mawa pasukan kalayan lenlencepan muru gapura benteng Pajajaran, ti dinya geus ngadagoan Ki Jongjo adina anu mukakeun panto gerbang benteng karaton, sakedet netra sanggeus dibuka panto utama bentengmah Panembahan Yusup marentahkeun pasukanna asup kajero benteng kalayan ngadadak, atuh puguh dibere serangan dadakan ti pasukan tempur gabungan sapangeusi Pajajaran anu sarare tibra tagiwur, teu puguh polah, najan aya pasukan karajaan anu ngalawan bari taya komando anu utama. Matak harita keneh tanggal 8 Mei 1579 Pajajaran sirna ing bumi, karaton diduruk teu disesakeun saeutik-eutik acan ku pasukan Islam. Makam-makam raja dibongkaran make siayah Tumpas Kelor strategi Demak nyaeta anu salawasna ngaancurkeun hiji kabudayaan nepika ka akar-akarna. Matak ulah heran nepika ayeuna makam raja Sunda ampir taya nu nyesa, anu aya oge loba anu disamarkeun jadi makam waliyuloh sangkan henteu diancurkeun ku pasukan Islam jaman harita.
Prabu Nilakendra ngarolos ti Karaton, duka kamana jugna makamna taya nu terang dugika ayeuna. Putra makuta Pajajaran Ragamulya Suryakancana disalametkeun ka gunung Pulosari Banten. Ngan nurutkeun pedaran Pantun Bogor, Prabu Nilakendra atawa Prabu Siliwangi Pamungkas nyalametkeun diri ka basisir Tegal Buleud Sukabumi (aya dina Riwayat Wangsit Siliwangi). Sanggeus Prabu Siliwangi Pamungkas ngahiyang, Prabu Anom Kian Santang ngaroloskeun diri ka gunung Halimun, muka kahirupan anyar jadi somah kalayan nyamurkeun diri jadi Batara Cikal anu engkena ngarundaykeun masarakat adat Ciptagelar. Sawarehna deui urut Bareusan Bhayangkara (pangawal raja) muka kahirupana anyar jadi karuhun masarakat adat Baduy Banten ayeuna.
Sedengkeun rombongan putri cikal Prabu Siliwingawi nyaeta Putri Gandrung Arum, nyalametkeun diri hirup nyamuni jadi Batari di Lebak Cawene, disebut Lebak Cawene teh kusabab sang putri di baturan ku 7 dayang-dayang geulis anu masih keneh cawene / parawan antukna tempat eta disebut lebak Cawene.
Lebak Cawene nepika ayeuna taya nu terang dimana persisna, ngan cenah aya diantara gunung Halimun, gunung Bengbreng, gunung Beser, Gunung Suren, gunung Pangkulahan, gunung Ciawi tali, gunung Panyogehan, gunung Salimbar, jeung gunung Talaga. Ngan cenah dilebak Cawene bakal kaluar kakayaan alam anu tohaga pikeun anu masih keneh tuhu kana Purbatisti purbajati Sunda, ari ugana nyaeta kieu : Wayah Lebak Cawene jadi enggon pindah Pangawinan, dibalabar heula ku diwayah janari gede. Manuk ketug bae 7 liliran, rame sora nu tungtugulan di gunung Lumpang laju digunung Halimun kadenge rame sora nu gogoongan.
Tanda-tanda kaguarna Lebak Cawene nyaeta sakumaha Uga kieu : Amun di ci Sogeh Beulah girang geus aya cukang batu, sakendengan gunung Kendeng baris rata katincakan. Lantaran tengah alas nu Beulah kidul, ku anu turun tina papatong, aya curug sina digempur jeung disogehna gunung Combong, anu ngurugan karaton aheng anu eusina putri-putri denok marontok, gareulis arenay koneng…”       
Teu saeutik korban jiwa salila ratusan taun nepika ayeuna anu tadina hayang muka harta karun sakumaha Uga Lebak Cawene anu masih keneh misterius nepika ayeuna. Cag heula ngeunaan Lebak Cawane, ayeuna urang caturkeun lalampahan putri bungsu Prabu Nilakendra, nyaeta Dewi Purnamasari nyalametkeun diri ka basisi laut kidul. Sanggeus tilu bulan lempang sakaparan-paran antukna Purnamasari netepkeun diri muka kahirupan anyar di muara Cimandiri. Dibarengan ku pangawalna anu satia nyaeta Rakean Kalangsunda sang putri ngababakan muka kampung dingaran Babakan Cidadap. Ngaran Cidadap nyoko kana hiji sirah cai anu aya tangkal dadapna. Lila-lila Babakan Cidadap beuki rame, didaregdeg ku para pamayang marake parahu, jukung paying jeung nudaragang nepika jadi hiji kapuunan. Dalapan taun tiharita jadi palabuan laut nu rame, ku rahayatna dingaranan Cidadap Palabuan Nyai Ratu, sebutan Nyai Ratu nyaeta pikeun Dewi Purnamasari anu diangkat jadi Puun / Kapala pamarentahan. Dewi Purnamasari jadi Ratu Puun lilana 15 taun, nepika tempatna nelah Palabuan Nyai Ratu Puun.
Jabatan Ratu Puun dipasrahkeun ka putri tunggalna nyaeta Mayang Sagara, tina jatukrami jeung   Rahyang Kumbang Bagus Setra satria Pajajaran anu gugur sawaktu Pajajaran diserbu tentara Islam. Sanggeus masrahhkeun jabatan Ratu Puun ka anakna, Dewi Purnamasari tuluy hirup mandita nunggu papasten ajalna di gunung Sireum (deukeut Warung Kiara Kab. Sukabumi ayeuna).
Sawaktu mimiti marentah Ratu Puun, kaayaan Cidadap Palaban Nyai Ratu Puun geus nyilorot pamorna, kukituna ku Mayang Sagara puser dayeuhna ti Cidadap dipindahkeun ka lokasi Palabuan Ratu ayeuna. Ditempat anyar ieu Mayang Sagara ngawangun karaton agreng, sang putri henteu deui ngan saukur Ratu Puun tapi diistrenan jadi Ratu Karajaan anyar anu rek ngawariskeun Pajajaran anu geus sirna, karajaan anyarna dingaran Pakuan Pajajaran Mandiri. Dewi Mayang Sagara dinobatkeun ku sebutan suci Ratu Kidul. Wilayahna jadi karajaan basisir laut nu tohaga, ngalimpudan Gebang Kuning (Pakidulan Garut), Tanjung Panto Muara Binuangen (Pakidulan Banten), malah Palabuan ratu oge harita remen disebut Dayeuh Pakuan, sebutan anu kungsi dipake ku Sri Baduga Maharaja sawaktu ngajadikeun Bogor jadi puser dayeuh Pajajaran. Ngan pikeun rahayatna mah tetep wae nyebutna teh Palabuan Nyai Ratu Puun, sedengkeun ka Mayang Sagara nyebutna teh Ratu Kidul. Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri kungsi diserang ku Nyai Ratu Sagara Jampang ti basisir laut Kidul Garut, malah nepika bisa ngasupkeun Mayang Sagara ka pangberokan, ngan upaya ngarebut kakawasaan bisa dperuhkeun ku Rakean Kalang Sunda manten senopati Pajajaran anu teu weleh satia ngaping ngajaringna.
Ratu Kidul Mayang Sagara sajaman jeung Dalem Cikundul/ Aria Wiratanu I Bupati Cianjur ka I (1677-1691). Malahmah  Ratu Kidul Mayang Sagara milu nungkulan masamoan para adipati digunung Rompang Pakidulan Sukabumi. Masamoan para kepala daerah anu di kokolotan ku Sang Hyang Borosngora raja Panyalu dihadiran oge ku para Bupati liana saperti  Raden Sanghyang Panaitan atawa Raden Widaya / Pangerang Rangga Sinom ti Sedang, Kanjeng Adipati Sukawayana, Raden Adipati Lumaju Gede Nyilih Nagara ti Cimapag, Kanjeng Kyai Aria Wangsa Merta ti  Tarikolot, Cikartanagara, Kanjeng Dalem Nala Merta ti Cipamingkis,Pangeran Hyang Jaya Loka ti  Cidamar,Pangeran Hyang Jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi, Pangeran Hyang Krutu Wana ti Parakan Tilu,Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang.
Para bupati anu haladir kabeh sapuk ngadegkeun karajaan nu disebut karajaan Gagang, sedengkeun anu kapilih jadi rajana nyaeta Dalem Cikundul bupati Cianjur diistrenan jadi Raja Gagang. Proklamasi karajaan Gagang diumumkun tanggal 2 September 1655, anu eusina negeskeun yen anggota karajaan Gagang henteu tunduk ka sasaha ( Ka Mataram, Sumedang Larang, Banten, Cirebon jeung Belanda). Karajaan Gagang ngan tunduk patuh ka hukum Alloh SWT.
Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri di Palabuan Ratu Sukabumi nu dipimpin Ratu Kidul beuki gede, antukna mawa hariwang ka Sultan Mataram Amangkurat I (1646-1677) anu harita keur geten ngajajah pulo Jawa kaasup Jawa Barat ti jaman Sultan Agung Mataram (1613-1645) keneh. Amangkurat I tuluy ngeridkeun pasukana ka Palabuanratu ngagempur karajaan nu dipimpin Ratu Kidul Mayang Sagara. Tangtu wae Kasultanan Mataram anu didukung ku Belanda lain tandingan karajaan Palabuanratu. Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri ancur burakrakan digempur pasukan Mataram, Ratu Kidul Mayang Sagara gugur dikurebkeun di Karang Hawu.

Ku jahat-jahatna pulitik Kasultanan Mataram anu harita keur ngajajah tatar Sunda, hayang maksakeun budaya Jawa ka urang Sunda. Nepika sejarah Palabuanratu dirubah total, riwayat Dewi Purnamasari jeung Ratu Kidul Mayang Sagara dihapus, diganti ku dongeng Nyi Roro  Kidul pangawasa karajaan siluman basisir laut Palabuanratu. Politik ngahapus sejarah karuhun Sunda hasil, antukna nepika yeuna geus ngaurat akar Nyi Roro Kidul raja siluman laut dipercaya kuumumna rahayat Nusantara. Sedengkeun riwayat anu samestina nyaeta Dewi Purnamasari jeung Ratu Mayang Sagara nu ngadegkeun Palabuanratu weleh geus teu dipikawanoh deui, hususna ku urang Sunda pituin. (Luki Muharam)   

No comments:

Post a Comment