Sunday, May 11, 2014

ARIA CIKONDANG GUGUR

CARPON :
“ARIA CIKONDANG GUGUR”
Dikintun dinten Kemis (20/2)
Ku Luki Muharam. Hp. 081912140779

Wiradimanggala nganaha-naha ka sikep bupati Cianjur lanceukna, anu dedepean ngarendahkeun diri sawaktu narima Raden Ronggo utusan Kasultanan Mataram. Pikeun dirina teu kudu nembongkeun sikep kitu kusabab Cianjur can puguh eleh nyanghareupan Mataram najan karak ngadeg kabupaten oge, “ Kakang eta teh pan ngan saukur pangkat utusan Mataram, naha kakang siga nyanghareupan jalma nu boga pangkat luhureun kakang ?, rengkuh pisan, sedengkeun manehna ceuleugeug kitu asa kurang hurmat ka kakang anu jadi papayung Cianjur “ cek Wiradimanggala ka Aria Wiratanu II Bupati Cianjur lanceukna sanggeus utusan Mataram ninggalkeun pendopo. , “ Rayi ngukurna ulah ku rasa wungkul atuh, tapi ku itung-itungan. Raden Ronggo teh mawa surat Sinuhun Amangkurat menta jawaban kakang naha rek tuhu ka Mataram atawa rek nonggongan Mataram…, “ jawab Bupati Cianjur teu nuluykeun omongannana tapi tuluy ngalenghoy ningalkeun adina. Aria Wiratanu II lempang muru Bale Kambang nyaeta hiji saung ditengah empang tukangeun Pendopo Cianjur gek diuk bari tuluy marentahkeun juru kacapi midangkeun tembang, di Bale Kambang oge geus nyampak Aria Natadimanggala alias Dalem Aria Kidul adina nu rek diajak babadamian nangtukeun sikep ka Mataram.

Kusabab masih keneh panasaran kujawaban lanceukna, Raden Wiradimanggala nyusul ka Bale Kambang, “ Rayi Wiradimanggala yeuh regepkeun, kabupaten Cianjur teh kapan karak ngadeg, ari kasultanan Mataram hiji nagara gede komo ayeuna didukung ku Belanda atuh beuki jauh wae saumpama dibandingkeun jeung kakuatan urang di Cianjur. Akang faham kana sikep rayi, jeung akan apal pisan yen rayi the jalma sakti. Tapi saumpama urang maksakeun nolak kakawasan sinuhun Mataram, karunya rahayat urang bakal katalangsara. Pikeun rayi tangtu moal nanaon kusabab akang apal najan dibedil oge rayi mah moal teurak, tapi korbanna bakal rahayat urang. Ayeunamah urang ngariung didieu bareng jeung rayi Aria Kidul lanceuk rayi, urang padungdengkeun kumaha sikep urang anu wijaksana nyanghareupan Mataram teh ? “ cek Dalem Cianjur kitu teh bari neuteup jauh kana legana empang, sajauh kamandangna kana nasib Kabupaten Cianjur kahareupna.
Raden Wiradimanggala alias Dalem Aria Cikondang dikitukeun ku lanceukna ngan bati melengek, tapi teu bisa ngucapkeun nanaon, geus kitu perbawana anu memang tegas kasasaha, katambah-tambah ayeuna ngarasa teu puas ku lanceukna. Batinna tuluy wae noroweco, kunaon kudu takluk ka urang Jawa ? kunaon kudu jadi abdi urang Mataram jeung Belanda ?. Jung inyana nangtung tuluy nyembah pamitan ka Dalem Cianjur, pikeun dirina taya anu kudu dibadamikeun deui, sikepna geus buleud teu panuju mun Cianjur kudu muka hubungan jeung Mataram . “ Mun kitu mah bener sikep rayi Haji Prawatasari, Mataram jeung Belanda kudu dilawan najan kumaha oge, ngan dimana ayeuna Prawatasari, tempo-tempo dikabarkeun aya di Bogor, laju aya kabar deui cenah ngaduruk pos Belanda di Sumedang ?  “ cek gerentes hatena bari tuluy naek kuda muru Cikondang daerah tanggung jawabna sakumaha pancen ti Raden Aria Wiratanu II. Satungtung jalan lelembutanana ngawangwang ka mangsa Cianjur katukang, ras inget kanu jadi rama nyaeta Dalem Aria Wiratanu I anu geus taya dikieuna, “ Duh jeung rama Dalem Cikundul, neda dihampunten kieu ning jaman anu lumangsung ka kabupaten anu ditaratas ku rama. Para putra teu tiasa nurutan jeung Rama anu gagah tur bijaksana anu teu kungsi daek dijajajah ku sasaha , “ cek gerentesna.
Sabot jongjon nyawang lamunan, dilebah kampung Kebon Kembang tempat ayana pasanggrahan keur tamu-tamu pendopo, Aria Cikondang ningal Raden Ronggo utusan Mataram keur sisiapan rek mulang ka nagarana, nyel aya niat dina hatena hayang ngajajal kasaktian utusan Mataram. Laju inyana turun tina kuda, nyampeurkeun Raden Ronggo, “ Raden ke heula ulah waka miang ka Mataram, kula hayang nanya heula naha kuat mana keris buatan Mataram jeung Kujang boga kaula ? “ cek Wiradimanggala. Anu ditanya ngarasa heran ditanya samodel kitu ku adina bupati Cianjur. Nada-nadana bangun nangtang dirina, “ Maksud raden naon, hayang ngajajal keris urang Jawa ? kapan ayeuna urang Jawa keur ngawasa daerah raden jeung kabeh tatar Sunda, “ cek Raden Ronggo semu teu ngeunah bari nyekel keris pusaka. Ngadenge jawaban Ronggo siga kitu, rey beureum paroman Wiradimanggala tandana kasigeung, “ Kurang ngajar siah, sok tah ari bisamah cokot jajantung kaula make keris andika, “ cek Wiradimanggala. Ayeuna balik Ronggo anu kasigeng ku Aria Cikondang, geuwat keris pusaka eluk salapan dicabut tina warangkana rek ditubleskeun kana lebah jajantung Aria Cikondang, ngan duka teuing kumaha keris teh siga ditubleskeun kana batu, kulit Aria Cikondang weduk teu neurak pakakas. Raden Ronggo  reuwas colohok mata simeuteun, “ Ngan sakitu pusaka anjeun Ronggo sok kabeh bedil boga pasukan anjeun tembakkeun ka awak kula, “ cek Aria Cikondang bari tetep nangtung ajeg, “ Tembaaaaak, “ cek Ronggo marentahkeun pasukananan sangkan nembak Aria Cikondang, anu ditembak rubuh getih baloboran tina kabeh awakna, ngan teu lila laju nangtung deui, kulit anu katembak nutup sorangan jagjag sabihara deui, “ Hayoh siah rek make pakarang naon deui ? “ cek Aria Cikondang. Kabeh pasukan Mataram taya anu ngajawab, caricing bari bingung kudu kumaha meruhkeun kasaktian Aria Cikondang.
Laju Raden Ronggo mapatkeun aji Lembu Saketi, cenah saumpama diteunggeulkeun kakuatanana sarua jeung kakuatan salikur banteng ngamuk, Deg-deg-deg Raden Ronggo neunggeulkeun peureupna ka awak Aria Cikondang, alabatan ngajengkang adi bupati Cianjur ieu kalahkan seuri leutik, “ Mmh ngan sakitu kabisa anjeun? yeuh rasakeun teunggeulan Braja Wikalpa , “ cek Aria Cikondang bari metakeun jurus maen pona, sakur jalma anu keuna ku teunggeulanana langsung ngajoprak humaregung nahan kanyeri nu taya bandingna, “ Yeuh regepkeun utusan Mataram, kajadian ieu taya hubunganana jeung Bupati Cianjur lanceuk kaula, saumpama Mataram rek ngirim pasukan teangan wae kaula. Sakali deui ieumah urusan kaula jeung Mataram, tepikeun ka pupuhu Mataram, “ cek Wiradimanggala bari tuluy ninggalkeun urang Mataram.          
Singket carita, dipaseban karaton Kertosuro puser dayeuh Kasultanan Mataram di Jogjakarta, Sunan Amangkurat II kacida ambekna narima pangaduan Raden Ronggo. “ Emh..wani-wani wong Cianjur ngalawan ka Mataram, ayeuna keneh kirimkeun pasukan tewak tah Aria Cikondang, rek hirup rek paeh. Kumaha wae carana, mun perlu bawa warok-warok ti Ponorogo nu sarua wedukna, “ cek Sultan Mataram.
Disatengahing kitu, perlawanan Aria Cikondang di Cianjur beuki karasa ku Mataram jeung Belanda. Teu saeutik tangsi militer Belanda diduruk ku Aria Cikondang, najan sorangan taya saurang oge anu bisa meruhkeun kakuatanana. Kitu deui rombongan Raden Ronggo anu geus mawa pasukan jeung jawara-jawara ti Mataram, “ Tong hiji-hiji kabeh Warok sanghareupkeun ka kaula, “ cek Aria Cikondang ka para Jawara Mataram. Ngan weleh taya anu bisa naklukeun “ Keheula Wiradimanggala tong waka gede hulu, yeuh rasakeun gobang pusaka karuhun kaula ti Majapahit, “ cek Warok Singomenggolo anu dianggap pangsaktina diantara Warok lainna. Belesat-belesat gobang diarahkeun ka Aria Cikondang, gilek-gilek Aria Cikondang ngahindar, ngan sabot ngahindar kitu warok-warok lainna maju pada mesatkeun pakarangna Aria Cikondang dirempug, blas dina hiji kasempetan gobang Warok Singomenggolo bisa nebas leungeun Aria Cikondang nepika pegatna, blass-blas geus kitumah gobang-gobang warok lainnya nyacar bolang awak Aria Cikondang, “ Ha..ha…ha rasakeun siah Wiradimanggala, dicacag siah ku kami, “ cek Raden Ronggo sugema naker ningal kajadian kitu. Ngan dumadakan, jasad Aria Cikondang anu acak-acakan direcah ku para Warok narapel deui, utuh deui, jung nangtung Aria Cikondang bari nulak cangkeng, “ Hah…Pancasona…pancasona, “ cek para Warok bari malundur. Aria Cikondang anu geus nembongkeun elmu pancasona, laju nenjrag bumi sababaraha kali bari mapatkeun ajian “Gedug Halimun” atuh alam bumi jadi igeung, kabeh pasukan musuh jeung para warok sing jareurit ngarasakeun ampuhna elmu Gedug halimun, getih kalaluar tina ceuli jeung irung pasukan Mataram anu teu kuat ku akibat kasaktian elmu Gedug Halimun. Les geus kitu Aria Cikondang ngaleungit duka kamana.
“ Duh rayi Aria Cikondang, naha jadi abur-aburan kitu.piraku kakang kudu dua kali ditinggal pati ku adi-adi, Prawatasari geus gugur di Banyumas ngalawan Belanda ayeuna rayi Aria Cikondang nurutan baha ka Mataram, “ cek gerentes Aria Wiratu II Bupati Cianjur sanggeus narima pangaduan Raden Ronggo. Malah teu kungsi lila Bupati Cianjur dibawa ka Mataram ku kusabab dianggap teu bisa mareuman pambaruntakan Aria Cikondang, ngan disatengahing jalan ditapel wates Citarum Aria Cikondang nyegat rombongan, “ Leupaskeun lanceuk kaula , Sok ayeuna barogod kaula, hukum pati kaula mun bisa mah, kula moal ngalawan“ cek Aria Cikondang masrahkeun diri jadi tawanan Mataram, inyana ngarasa teu wasa ningal lanceukna rek ditibanan hukuman kusabab lampahna ngalawan penjajah.
Ngan najan geus dicangkalak, kabeh kakuatan Mataram pada bingung kumaha kudu meruhkeun kasaktian Aria Cikondang. Sabot pada bingung dipasanggrahanana di Kebon Kembang, datang hulu balang mawa kabar yen aya hiji lurah ti Cibeet hayang nepungan Raden Ronggo, cenah eta lurah teh kungsi bareng nyuprih elmu jeung Aria Cikondang, “ Bawa kadieu, sugan we Ki Lurah bisa mere bongbolongan keur mateni Aria Cikondang, “ cek Rongggo. “ Nepangkeun sim abdi Candrajaya lurah Cibeet seja masrahkeun diri hoyong mantosan sinuhun Kanjeng Sultan Mataram dina mareuman pambaruntakan Raden Wiradimanggala, mugia katampi ku pangersa gusti utusan Kanjeng Sinuhun, “ cek Lurah Cibeet bari acung-acungan nyembah. “ Alustah sikep Ki Lurah teh, sok geura bejakeun ka kami kudu kumaha meruhkeun Aria Cikondang, tong salempang saumpama hasil pangkat Ki Lurah bakal ditaekeun, dunya ku andika bakal kaboga mun Aria Cikondang panggih jeung patina, “ cek Ronggo. “ Saestuna wedal Raden Wiradimanggala teh dinten Saptu, janten apesna waktos dur-duran lohor. Lajeng kumargi mantenna ngagem ajian Pancasona, upami ditelasan getihna teu kengeng ngeclak kana taneuh margi tiasa nyarambung deui. Hiji-hijina jalan kedah ditelasan diluhureun wahangan anu ngamalir. Sareng deuih apesna Aria Cikondang dilebah kidul, janten kedah milarian wahangan anu ngamalir diwewengkon kidul, “ cek Candrajaya. “ Ke..ke..ke Ki Lurah, kumaha carana sangkan bisa mateni Aria Cikondang, kapan taya hiji oge pakarang seukeut atawa bedil anu bisa tembus kana awakna ?” cek Ronggo. “ Muhun gusti, janten hiji-hijina jalan kedah ditarik ku kuda-kuda kalayan beda arah, aya kuda anu narik lebah dampal sukuna, aya kuda-kuda anu narik lebah mastaka sina beulah dua. Getihna moal kana taneuh margi kacandak ngamalir cai, engkin layonna keudah dilebetkeun kana peti beusi, bilih nyambung deui saupami dilebetkeun kana tamela kai mah, “ cek lurah Cibeet. Sanggeus babadamian kitu, kabeh sapuk rek ngalaksanakeun sakumaha kamandang Lurah Cibeet.
Geus titis tulis pikeun Raden Aria Cikondang, dina hiji poe anu geus ditangtukeun putra Dalem Cikundul ieu dibawa ka sisi wahangan Cikondang. Awakna dicangcang taya ras-rasan, lebah sukuna ditarik ku kuda-kuda anu aya dipeuntas wahangan Cikondang, lebah sirahna kitu deui ditarik ku sababaraha kuda anu beda arah dipeuntasna deui. Awak Aria Cikondang aya diluhur ngamalirna wahangan Cikondang anu harita masih teu sabaraha lega siga ayeuna. “ Allohu Akbar…Allohu Akbar, “ gorowok Dalem Aria Cikondang ngagorok maratan langit sawaktu awakna ditarik ku sababaraha kuda beda arah, inyana geus pasrah kana papasten melaan lanceukna, anu teu sarua pamadegan jeung dirina.
Jasad Aria Cikondang kabeulah dua, awak nepika sirahna katarik kuda dibeulah kidul, sedengkeun suku dampal nepika biritna katarik kuda-kuda kabeulah kaler. Sanggeus kitu layonna dibagi dua, lebah sirah nepika cangkengna dikurebkeun di ponclot gunung Picung, sedengkeun jasad suku dampalna nepika biritna dikurebkeun disisi wahangan Cikondang. Anu paling ngaheulas tangtu Dalem Cianjur Aria Wiratanu II anu milu nyakseni hukuman mati pikeun adina, dina hatena nyeri pisan karasana “ Duh rayi Aria Cikondang, kakang yakin rayi mati syahid. Ayeuna kakang teu bisa males kanyeri rayi. Tapi jaga Kasultanan Mataram moal jamuga moal langgeng. Bakal silih bunuh sasama katurunan Amangkurat, kasultanaan Mataram bakal sirna bakal beungkah kabagi-bagi jadi karajaan-karajaan anu laleutik nu tumpur teu boga kakawasaan, ” Cek gerentes Aria Wiratanu II bari mulasara jasad Aria Cikondang.
Nepika ayeuna makam Aria Cikondang remen didaregdeg kunu resep jiarah kubur, makamna aya dua nu hiji diponclot gunung Picung, nu hiji deui di sisi wahangan Cikondang didesa Cikondang Kacamatan Cibeber Cianjur.       


No comments:

Post a Comment