makam Raja Jampang Manggung ka I Prabu Kujang PIlawa di Kac. Mande Cianjur |
Dikumpulkeun
ku Luki Muharam : Wartawan Tabloid Sunda GALURA Grup Pikiran Rakyat Bandung, Divisi
Sejarah dan nilai tradisional Lembaga Kebudayaan Cianjur( LKC), Divisi Sejarah
Paguyuban Pasundan Cianjur.
Pikeun
sabagean urang Cianjur, boh pejabat, rahayat seniman atawa budayawanna mikawanoh
sejarah Cianjur sapertina geus ngarasa cukup ku miboga sajarah Cianjur anu
disusun ku Drs. Bayu Surianingrat taun 1984 dina buku “ Sejarah Cianjur Sareng
Dalem Cikundul “ , saolah-olah samemeh datang Dalem Cikundul / Rd. Jayasasana /
Aria Wiratanu I (1677-1691 M) kaayaan Cianjur teh masih keneh leuweung
geledegan. Malah Rd. Damanhuri
ngadadarkeun yen sawaktu Rd. Jayasasana /Dalem Cikundul mimiti datang ka
Cianjur ngababad heula leuweung geledegan pikeun nyieun pilemburan,ngababad
make bedog kembar,anu helokna eta bedog teh bisa ngababad sorangan teu perlu
dicekel gagangna,tangtu pedaran model kieu geus teu asup akal komo mun diudag
ku elmu pengetahuanmah.
Kusabab
boga anggapan yen Dalem Cikundul anu ngamimitan muka Cianjur antukna saban
taun, komo lamun geus deukeut kana milangkala Cianjur tanggal 12 Juli nu
dipadungdengkeun teh sual riwayat-riwayat anu aya dina babad Cianjur Dalem
Cikundul wungkul saperti ngadadar deui sejarah Kuda Kosong, Surat Kalih,
pindahna puseur dayeuh ka Pamoyanan atawa carita Dalem Dicondre, kitu deui
jeung kitu deui, saperti taya deui bahasan.
Padahal
sanggeus dipaluruh ku sim kuring ti taun 2002 minangka wartawan tabloid Galura,
tetela samemeh datangna Dalem Cikundul ka Cianjur geus aya sababaraha karajaan,
malahmah ti abad ka 2 Masehi geus ngadeg karajaan di wewengkon pakidulan
Cianjur nyaeta karajaan Agrabinta, karajaan gede Jampang Manggung jeung
karajaan Tanjung Singuru anu pernahna deukeut bendungan Cisuru Desa Sukarama
Bojong Picung. Memang tacan dipaluruh sumber primer jeung sekunderna ku para
ahli sajarah, tapi lamun hal eta anu dimasalahkeun nepika iraha moal diungkab-ungkab
ku para aktivis budaya di Cianjur atawa ku Pemkab. Cianjur.
Kapan nurutkeun
Prof. Dr. Nina Lubis oge ngeceskeun yen sajarah Cianjur tacan aya anu
ditalungtik ku para ahli sejarah anu memang sacara resmi ditunjuk ku Gubernur
Jawa Barat. “ Memang parantos aya panalungtikan sejarah Cianjur ku Rieza
Denaputra , mung nu dipedarna sual sejarah kota Cianjur sanes sajarah Cianjur
ti jaman purba. Sedengkeun buku sejarah nu disusun ku Bayu Surianingrat eta oge
tiasa janten rujukan mung kapan Bayu Surianingratmah kasangtukangna sanes
sajarawan, “ cek Ninna Lubis hiji waktu sawaktu hadir jadi nara sumber diacara
Hari Pers Nasional dua taun katukang di kantor perwakilan PWI Kab. Cianjur.
Matak
geus waktuna ayeuna diungkab sajarah pamarentahan samemeh datangna Dalem
Cikundul ka Cianjur, misalna ngeunaan karajaan Agrabinta dina tulisanna Yoseph
Iskandar nu sumberna tina naskah Wangsakerta ngadadarkeun kieu :
Dina
mangsa karajaan Salakanaga diparentah ku raja Dewawarman I taun 130-168 M,
disabit-sabit aya hiji karajaan di Ujung Kidul ngaranna karajaan Agrabinta. Hal
ieu dikuatkeun ku pamanggih Prof. Dr. Ir. Anwas Adiwilaga ti Universitas
Padjadjaran Bandung, anu nembrakeun yen di Cianjur tebeh kidul aya patilasan
tempat suci titinggal agama Hindu. Ayeuna eta wewengkon the sok disebut Agrabinta, padahal ngaran asalnamah Argabhita
anu hartina Agra=puncak, bhita = benteng, ngandung harti kota benteng dimumunggang
gunung. Nu ngadegkeun karajaan Agrabinta nyaeta Prabu Sweta Liman Sakti, ari
prameswarina nyaeta Singalanagari ti Srilangka. Sweta Liman Sakti datang ka
pulo Jawa Barat bareng jeung lanceuk-lanceukna nyaeta Dewawarman (Cikal) jeung
Bahadura (Panengah). Kacaritakeun Dewawarman teh hiji pamuda asal India geus
pangalaman balayar antar lautan, inyana loba sobatna diunggal pulo anu
didatangan di Nusantara kayaning para panghulu-panghulu / kuwu desa da puguh
haritamah ditatar Sunda tacan aya karajaan.
Salah sahiji sobatna nyaeta Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya panghulu desa
di basisir kulon Pandeglang, Banten. Dewarman kungsi mantuan Aki Tirem numpes
para bajo laut anu remen ngajorag pakuwuan Pulosari anu diluluguan ku Aki
Tirem, Dewawarman antukna dijodokeun jeung Dwani Rahayu / Nyi Pohaci Larasati
anakna Aki Tirem. Sanggeus kitu Dewawarman jeung adi-adina teu baralik
deui ka India nagara asalna.
Sanggeus
Aki Tirem maot, Dewawarman ngaganti mitohana jadi panghulu desa, lila lila
padumukan anu dipingpinna beuki rame rahayatna nepika jadi hiji karajaan. Ku
Dewawarman asalnamah karajaan the dingaranna Rajatapura, ngan ku rahayatna
disebut Salakanagara (Salaka hartina perak, nagara hartina nagri). Ari adina nu
kadua nyaeta Bahadura Harigana Jayasakti diistrenan jadi raja di Ujung Kulon,
sedengkeun Sweta Liman Sakti diistrenan jadi raja diwewengkon Ujung Kidul nu
puseur dayeuhna di Agrabinta (dilebah perkebunan Agrabinta Kidul Cianjur) .
Karajaan Agrabinta kungsi kasabit-sabit dina kajadian baruntakna Cakrawarman,
adina Prabu Purnawarman, kacaritakeun Cakrawarman sawaktu rek ngarebut tahta
raja Tarumanagara ti lanceukna , inyana dibantuan ku salah saurang gegeden
karajaan Agrabinta pangkatna menteri dina taun 437 Masehi. Dina sajarah
karajaan Indraprahasta (Cirebon ayeuna) kasabit-sabit deui yen anak kadua raja
Agrabinta nyaeta Tirtamanggala ngadahup ka Dewi Rasmi anakna raja
Indraprahasta, saterusna TIrtamanggala diangkat jadi raja Indraprahasta
ngagantikeun mitohana, nyangkring kakawasaan ti taun 507-526 M. “ Satemenna mun
urang Cianjur engeuh yen karajaan munggaran anu aya di Cianjur teh karajaan
Agrabinta, karajaan Agrabinta mangrupa kota
nu kurilingan ku benteng-benteng batu, ayeuna urut batu-batuna
pasolengrah di perkebunan agrabinta. Titip kaurang Cianjur sangkan miropea
batu-batu titinggal karajaan Agrabinta.” Pesen Yoseph diakhir tulisanna.
Lian
ti eta aya deui karajaan lainna nyaeta Karajaan Tanjung Singuru, sumber
sejarahna tina Pantun ngan duka meunang saha. Lian ti eta diungkabkeun oge dina
buku sejarah Cianjur “ Riwayat Suatu Bangsa Hingga Lahirnya negeri Cianjur, “
nu disusun ku almarhum Rd. Damanhuri taun 1998 anu ngeceskeun yen sawaktu
pasukan gabungan Cirebon, Demak jeung Banten kungsi gagal sababaraha kali
ngarurug karajaan Pajajaran, hiji waktu sanggeus gagal ngarurug Pajajaran,
pasukan gabungan Banten, Demak jeung Cirebon meupeus keuyang ngeridkeun pasukan
ngarurug karajaan lain bawahan Pajajaran nyaeta karajaan Tanjung Singuru (
ayeunamah asup kana wilayah kampung Cisuru Desa Sukarama Kac. Bojong Picung
Cianjur), ngan tarekah eta gaga loge kusabab karajaan Tanjung Singuru dibantuan
ku tentara ti karajaan Pajajaran.
Sedengkeun
dina Pantun Jaka Susuru diunkabkeun riwayat karajaan Tanjung Singuru anu
diadegkeun ku Prabu Jaka Susuru, ngan hanjakalna eusi Pantun loba ngungkabkeun
hal-hal anu teu kajaul ku akal sehat, Pantun Jaka Susur kieu eusina :
Di Désa Sukarama, Kacamatan Bojongpicung,
kabawah ka Kabupatén Cianjur ayeuna,
aya lembur anu nelah Lembur Susuru,
lembur anu mibanda ajén carita,
nyaéta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru,
sakumaha anu kaunggel,
dina carita anu dicaritakeun deui.
Kocapkeun di Nagara Pajajaran,
nagara anu subur mamur,
gemah ripah loh jinawi.
Ari anu jadi rajana harita,
Sang Prabu Siliwangi nu katujuh.
Raja anu adil tur wijaksana,
anu matak katurut ku abdi-abdina.
Kangjeng Raja kagungan putra pameget,
keur sumedeng rumaja putra,
belekesenteng buta tulang buta daging.
Ari rupina kasép taya babandinganana,
dedeg sampé rupa hadé,
dibarung ku hadé tata hadé basa.
Dupi kakasihna anu kaceluk,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi.
Ari dina hiji poé Sang Raja magelaran,
dideuheusan ku patih, parabupati,
jeung paramantri ponggawa sakabéh.
Sami hémpak di paséban balé agung.
Sang Raja mundut tinimbangan,
réh putrana rék dijenengkeun bupati,
di hiji kabupaten anyar,
anu kudu diadegkeun ku sorangan.
Sang Raja mariksa anu sami hémpak,
“Kumaha sapuk atawa henteu?
Upama aya anu henteu sapuk,
mending caritakeun baé ayeuna,
urang badamikeun kumaha hadéna.”
Nu dipariksa ngawalon saur manuk,
yén ngiringan kana pangersa Sang Raja.
“Sukur ari kabéh geus sapuk mah.”
Pok Sang Raja ngalahir ka putrana,
“Éta kabupa¬tén anyar téh kudu di wétan.
Pék téangan tempat pinagaraeun
anu aya di Tatar Alas Pasagi Wétan.
Tempat anu kacida alusna
pikeun dijadikeun nagara anyar.
Jig geura indit ti nagara ayeuna kénéh,
meungpeung ninggang dina mangsa nu utama.”
Méméh angkat ngantunkeun nagara,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
dipaparin jimat ku nu jadi ramana.
Nyaéta Makuta Siger Kancana
jeung Lawé Domas Kinasihan,
minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi,
pencaran ti Nagara Pajajaran.
Sanggeus nyungkem ka kang rama,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
nembé jengkar ti karaton,
di¬iring ku dua mantri kapetengan,
Sewana Giri jeung Sewana Guru,
nu baris ngaping ngajaring,
salami lumampah milari pinagaraeun
di Tatar Alas Pasagi Wétan.
Radén Anom angkatna badarat,
asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung luwang-liwung harieum geueumeun.
Ti poé ka poé lumampah taya reureuhna.
Dahar paké teu pati kapaliré,
saré ogé sakadar tamba palay.
Barang nepi ka hiji tempat,
reg tiluanana ngarandeg,
ngawas-ngawas patempatan.
Di dinya téh tanahna léndo,
caina curcor, kaayaanana hadé,
nu biasa disebut galudra ngupuk.
Cindekna pantes kacida pinagaraeun.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
énggal baé muja semedi,
nyu¬hunkeun pitulung Sang Hiang Otipati,
supaya éta tempat téh jadi nagara.
Panedana ditampi ku Nu Kawasa,
harita kénéh di dinya téh jleg baé jadi nagara.
Nagara teuing ku santosa,
bénténgna lima ngajegir,
hiji bénténg beusi, hiji bénténg waja,
hiji bénténg tambaga, hiji bénténg pérak,
hiji deui bénténg beusi purasani.
Karatonna ayana di tengah-tengah,
alus agréng sarta agem taya bangsana,
wantuning buatan Déwa.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
lajeng menekung deui ka Déwa,
nyuhunkeun pibaladeun: 8000 satria,
80.000 perjurit jeung 80 badéga
nu pinguruseun karaton.
Éta ogé tinekanan deui baé,
ku Déwa dilaksanakeun.
Dadak sakala nagara téh geus jadi ramé,
gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi
miwarang hiji utusan ngadeu¬heusan ka ramana,
unjuk uninga yén nagara parantos ngadeg,
sakalian nyuhunkeun pingaraneun éta nagara.
Gancangna carita baé,
Utusan geus balik deui ti Pajajaran,
nagara anu anyar diadegkeun téh
dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran,
nyaéta Nagara Tanjung Singuru,
sarta rajana dipaparin jenengan
Sang Prabu Jaka Susuru.
Nagara Tanjung Singuru,
lami-lami janten nagara kerta raharja,
pangeusina beuki tambah gegek baé.
Tapi Sang Prabu Jaka Susuru,
ngarasa keueung cuang-cieung,
taya batur pakumaha dina sela-sela
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
ku margi henteu kagungan praméswari.
Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru
nga¬jugjug ka Nagara Bitungwulung,
réh aya selenting bawaning angin
yén Bupati Bitungwulung,
Pangéran Jungjang Buana,
kagungan putra istri dua.
Jenenganana Sekar Jayanti,
jeung adina Jayanti Kembang.
Sadatangna ka Bitungwulung,
Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna,
ditampi ku Pangéran Jungjang Buana.
Ngan Ki Mantri teu werat salahsahijina,
lantaran putri duanana ogé gareulis,
geulis lain pupulasan sagala-galana,
surup pisan kana jadi praméswari.
Antukna baé éta putri téh dilamar duanana.
Ku ramana disanggakeun duanana.
Harita kénéh ogé dua putri dijajapkeun,
disarengan ku ramana diiring upacara.
Teras baé duanana diréndéngankeun
sareng Sang Prabu Jaka Susuru
di Nagara Tanjung Singuru.
Der baé atuh pesta ramé kacida,
tujuh poé tujuh peuting taya eureunna.
Tatabeuhan ngageder beurang-peuting.
Jalma daratang ti suklakna ti siklukna,
kabéh tamplok minuhan alun-alun,
némbongkeun kabungahna ka nu jadi raja,
yén ayeuna tos kagungan praméswari,
anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.
Sigeug heula anu keur oléng-pangan¬tén.
Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh,
kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya.
Éta raja di karatonna disarengan ku rai istri,
jenengan Ratna Kembang,
réh anjeunna teu acan kagungan garwa.
Lain teu niat lain teu hayang, cenah,
ngan nganti-nganti wanci nu mustari.
Ari éta Nagara Gunung Gumuruh,
pere¬nahna henteu jauh ti Tanjung Singuru.
Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru.
Jadi waktu pésta réndéngan Sang Prabu Susuru,
karaméan nu sakitu matak geunjleungna,
hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela.
Katambah-tambah loba rahayat nagrina,
anu indit sirib ngadon lalajo karaméan pésta.
Nya tuluy mariksakeun ka raina,
“Nyai, di mana pésta anu kakuping téh?
Jeung méstakeun naon deuih?
Jigana henteu jauh ti nagara urang,
da loba rahayat urang anu ngadon lalajo.”
Ku Ratna Kembang di¬walon,
yén putra Bupati Bitungwulung duanana
diréndéngankeun ka Prabu Jaka Susuru,
péstana diayakeun di Tanjung Singuru.
Badak Tamela kacida ngarénjagna,
bendu munggah ngagugudug,
amarah munggah henteu kawadahan,
réh anjeunna aya manah ka éta dua putri,
dikemu ti baréto diceungceum ti baheula.
Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa,
diiwat ku raja anyar tatanggana.
Duanana deuih, teu nyésakeun keur batur.
Badak Tamela ka luar ti karaton,
ngajugjug ka Tanjung Singuru
karepna gilig rék ngiwat putri nu dua.
Sajajalan anjeunna hulang-huleng,
néangan akal anu rikip tur lantip.
Barang geus manggih, nyéh seuri sorangan.
Raja anyar anu dianggapna cucungah,
baris meunang wawalesna anu satimpal.
Teu kungsi lila geus nepi baé ka nu dijugjug.
Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga.
Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton,
tuluy Badak Tamela téh ngadeuheus
ka Prabu Jaka Susuru di srimanganti,
api-api nu rék ngabakti tawis katineung,
ka raja anu keur oléng pangantén.
Pok unjukan Badak Tamela unjukan,
“Nu mawi Kakang ngadeuheus téh
seja nyanggakeun tawis kagegelan,
nyaéta inten sagedé énéng.
Nanging aya hanjakalna saeutik.
Ku tina sakitu gedé¬na éta inten,
teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan.”
Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep,
kataji ku cariosan Badak Tamela.
Pok Badak Tamela sasuran deui.
“Rupina moal aya nu iasa nyandak éta inten,
anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru,
anu kamashurkeun bedas tur sakti.
Dupi éta inten téh ayana di Kawas Domas.”
Prabu Jaka Susu¬ru téh percanten baé
kana sagala cariosan Badak Tamela téh.
Anjeunna geus teu kaampeuh,
palay geura ngéngingkeun éta inten.
Sanaos diwagel ku praméswari duanana,
anjeunna henteu ngagugu.
Pangrasana luhu élmu loba pangarti,
piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.
Teras baé anjeunna angkat ka Kawah Domas,
diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri.
Barang nepi ka biwir Kawas Domas,
tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela,
gebrus baé kana kawah anu panas,
sarta tuluy éta kawah ditutup ku batu gedé.
Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui,
muru ka Tanjung Singuru rék ngiwat putri.
Sekar Jayanti jeung Jayanti Kem¬bang
wantuning terusing kusumah,
duanana meunang wirasat goréng,
yén baris aya nu ngiwat.
Pikeun tanda yén satia ka carogé,
tuluy baé duanana ngalolos ti karaton,
mubus ka leuweung anu suni.
Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.
Lami ti lami, dua putri téh kakandungan.
Barang nepi kana bulanna,
brol duanana babar patutur-tutur.
Putrana pameget kawas nu kem¬bar,
rupina kasép ngala ka ramana.
Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.
Aya taunna éta dua pramés¬wari
hirup di leuweung katut dua putrana.
Pipindahan henteu netep di hiji tempat.
Lila-lila ka luar ti pileuweungan,
nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara.
Din hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana,
nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.
Éta raja saé pisan pangangkenna
ka éta dua praméswari jeung putrana.
Dipernahkeun di karaton disaé-saé.
Ari jenengan nu jeneng raja di dinya,
nyaéta Prabu Gajah Kumarasakti.
Praméswarina kagungan dua,
Purba Déwata jeung Ratna Déwata.
Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru,
énggal baé Gajah Kumarasakti mepek balad,
badé ngarurug Badak Tamela
nu harita ngajabel Nagara Tanjung Si¬nguru.
Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna,
leugeudeut baé ti dayeuh Tanjung Sembara.
Ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.
Badak Tamela geus tata-tata,
metakeun panganggo jeung pakarangna,
karepna rék némbongkeun kasakténna.
Badak Tamela kaluar ti karaton,
tuluy baé mapag musuh lir banténg ngamuk.
Balad-balad Tanjung Sembara patinggolépak,
dicacar bolang ku Badak Tamela.
Ningali galagat kitu,
Gajah Kumarasakti maju ka kapalangan.
Der perang tanding kacida ragotna.
Lila-lila Badak Tamela kasoran,
éléh jajatén ku Gajah Kumarasakti.
Badak Tamela teu bisa nyanggapulia,
tungtungna karingkus ku Gajah Kumaraksti.
Badak Tamela anu geus éléh jajatén,
ménta ampun ka Prabu Gajah Ku¬marasakti.
“Ampun Sang Prabu, kula ménta dihampura,
ménta hirup jeung huripna.”
Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan,
Gajah Tamela baris dipaparin ampun,
tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna,
kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas.
Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas.
Batu gedé anu nutupan éta kawah,
diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan,
kawantu Badak Tamela tanagana bedas.
Énggalna Prabu Jaka Susuru.
kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru,
dikaluarkeun ti jero Kawah Domas.
Badak Tamela nyuhunkeun ampun,
bari ngabaktikeun rayina téa,
anu geulis Ratna Kembang.
Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi,
sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun
jadi bupati di Gunung Gumuruh.
Anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru.
Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru,
Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul
sareng Prabu Gajah Kumarasakti
nawiskeun tumarima kana pitulungna.
Ger pésta, tujuh poé tujuh peuting.
Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus.
Lantaran sasatna éta pésta,
dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.
Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras
ngeréh Nagara Tanjung Singuru,
diaping ku tilu praméswari: Sekar Jayanti,
Jayanti Kembang, jeung Rat¬na Kembang.
Tambih-tambih suka manahna,
ku margi ayeuna tos kagungan dua putra.
Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru téh,
patilasanana natrat di Lembur Susuru téa.
kabawah ka Kabupatén Cianjur ayeuna,
aya lembur anu nelah Lembur Susuru,
lembur anu mibanda ajén carita,
nyaéta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru,
sakumaha anu kaunggel,
dina carita anu dicaritakeun deui.
Kocapkeun di Nagara Pajajaran,
nagara anu subur mamur,
gemah ripah loh jinawi.
Ari anu jadi rajana harita,
Sang Prabu Siliwangi nu katujuh.
Raja anu adil tur wijaksana,
anu matak katurut ku abdi-abdina.
Kangjeng Raja kagungan putra pameget,
keur sumedeng rumaja putra,
belekesenteng buta tulang buta daging.
Ari rupina kasép taya babandinganana,
dedeg sampé rupa hadé,
dibarung ku hadé tata hadé basa.
Dupi kakasihna anu kaceluk,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi.
Ari dina hiji poé Sang Raja magelaran,
dideuheusan ku patih, parabupati,
jeung paramantri ponggawa sakabéh.
Sami hémpak di paséban balé agung.
Sang Raja mundut tinimbangan,
réh putrana rék dijenengkeun bupati,
di hiji kabupaten anyar,
anu kudu diadegkeun ku sorangan.
Sang Raja mariksa anu sami hémpak,
“Kumaha sapuk atawa henteu?
Upama aya anu henteu sapuk,
mending caritakeun baé ayeuna,
urang badamikeun kumaha hadéna.”
Nu dipariksa ngawalon saur manuk,
yén ngiringan kana pangersa Sang Raja.
“Sukur ari kabéh geus sapuk mah.”
Pok Sang Raja ngalahir ka putrana,
“Éta kabupa¬tén anyar téh kudu di wétan.
Pék téangan tempat pinagaraeun
anu aya di Tatar Alas Pasagi Wétan.
Tempat anu kacida alusna
pikeun dijadikeun nagara anyar.
Jig geura indit ti nagara ayeuna kénéh,
meungpeung ninggang dina mangsa nu utama.”
Méméh angkat ngantunkeun nagara,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
dipaparin jimat ku nu jadi ramana.
Nyaéta Makuta Siger Kancana
jeung Lawé Domas Kinasihan,
minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi,
pencaran ti Nagara Pajajaran.
Sanggeus nyungkem ka kang rama,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
nembé jengkar ti karaton,
di¬iring ku dua mantri kapetengan,
Sewana Giri jeung Sewana Guru,
nu baris ngaping ngajaring,
salami lumampah milari pinagaraeun
di Tatar Alas Pasagi Wétan.
Radén Anom angkatna badarat,
asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung luwang-liwung harieum geueumeun.
Ti poé ka poé lumampah taya reureuhna.
Dahar paké teu pati kapaliré,
saré ogé sakadar tamba palay.
Barang nepi ka hiji tempat,
reg tiluanana ngarandeg,
ngawas-ngawas patempatan.
Di dinya téh tanahna léndo,
caina curcor, kaayaanana hadé,
nu biasa disebut galudra ngupuk.
Cindekna pantes kacida pinagaraeun.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
énggal baé muja semedi,
nyu¬hunkeun pitulung Sang Hiang Otipati,
supaya éta tempat téh jadi nagara.
Panedana ditampi ku Nu Kawasa,
harita kénéh di dinya téh jleg baé jadi nagara.
Nagara teuing ku santosa,
bénténgna lima ngajegir,
hiji bénténg beusi, hiji bénténg waja,
hiji bénténg tambaga, hiji bénténg pérak,
hiji deui bénténg beusi purasani.
Karatonna ayana di tengah-tengah,
alus agréng sarta agem taya bangsana,
wantuning buatan Déwa.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
lajeng menekung deui ka Déwa,
nyuhunkeun pibaladeun: 8000 satria,
80.000 perjurit jeung 80 badéga
nu pinguruseun karaton.
Éta ogé tinekanan deui baé,
ku Déwa dilaksanakeun.
Dadak sakala nagara téh geus jadi ramé,
gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi
miwarang hiji utusan ngadeu¬heusan ka ramana,
unjuk uninga yén nagara parantos ngadeg,
sakalian nyuhunkeun pingaraneun éta nagara.
Gancangna carita baé,
Utusan geus balik deui ti Pajajaran,
nagara anu anyar diadegkeun téh
dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran,
nyaéta Nagara Tanjung Singuru,
sarta rajana dipaparin jenengan
Sang Prabu Jaka Susuru.
Nagara Tanjung Singuru,
lami-lami janten nagara kerta raharja,
pangeusina beuki tambah gegek baé.
Tapi Sang Prabu Jaka Susuru,
ngarasa keueung cuang-cieung,
taya batur pakumaha dina sela-sela
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
ku margi henteu kagungan praméswari.
Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru
nga¬jugjug ka Nagara Bitungwulung,
réh aya selenting bawaning angin
yén Bupati Bitungwulung,
Pangéran Jungjang Buana,
kagungan putra istri dua.
Jenenganana Sekar Jayanti,
jeung adina Jayanti Kembang.
Sadatangna ka Bitungwulung,
Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna,
ditampi ku Pangéran Jungjang Buana.
Ngan Ki Mantri teu werat salahsahijina,
lantaran putri duanana ogé gareulis,
geulis lain pupulasan sagala-galana,
surup pisan kana jadi praméswari.
Antukna baé éta putri téh dilamar duanana.
Ku ramana disanggakeun duanana.
Harita kénéh ogé dua putri dijajapkeun,
disarengan ku ramana diiring upacara.
Teras baé duanana diréndéngankeun
sareng Sang Prabu Jaka Susuru
di Nagara Tanjung Singuru.
Der baé atuh pesta ramé kacida,
tujuh poé tujuh peuting taya eureunna.
Tatabeuhan ngageder beurang-peuting.
Jalma daratang ti suklakna ti siklukna,
kabéh tamplok minuhan alun-alun,
némbongkeun kabungahna ka nu jadi raja,
yén ayeuna tos kagungan praméswari,
anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.
Sigeug heula anu keur oléng-pangan¬tén.
Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh,
kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya.
Éta raja di karatonna disarengan ku rai istri,
jenengan Ratna Kembang,
réh anjeunna teu acan kagungan garwa.
Lain teu niat lain teu hayang, cenah,
ngan nganti-nganti wanci nu mustari.
Ari éta Nagara Gunung Gumuruh,
pere¬nahna henteu jauh ti Tanjung Singuru.
Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru.
Jadi waktu pésta réndéngan Sang Prabu Susuru,
karaméan nu sakitu matak geunjleungna,
hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela.
Katambah-tambah loba rahayat nagrina,
anu indit sirib ngadon lalajo karaméan pésta.
Nya tuluy mariksakeun ka raina,
“Nyai, di mana pésta anu kakuping téh?
Jeung méstakeun naon deuih?
Jigana henteu jauh ti nagara urang,
da loba rahayat urang anu ngadon lalajo.”
Ku Ratna Kembang di¬walon,
yén putra Bupati Bitungwulung duanana
diréndéngankeun ka Prabu Jaka Susuru,
péstana diayakeun di Tanjung Singuru.
Badak Tamela kacida ngarénjagna,
bendu munggah ngagugudug,
amarah munggah henteu kawadahan,
réh anjeunna aya manah ka éta dua putri,
dikemu ti baréto diceungceum ti baheula.
Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa,
diiwat ku raja anyar tatanggana.
Duanana deuih, teu nyésakeun keur batur.
Badak Tamela ka luar ti karaton,
ngajugjug ka Tanjung Singuru
karepna gilig rék ngiwat putri nu dua.
Sajajalan anjeunna hulang-huleng,
néangan akal anu rikip tur lantip.
Barang geus manggih, nyéh seuri sorangan.
Raja anyar anu dianggapna cucungah,
baris meunang wawalesna anu satimpal.
Teu kungsi lila geus nepi baé ka nu dijugjug.
Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga.
Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton,
tuluy Badak Tamela téh ngadeuheus
ka Prabu Jaka Susuru di srimanganti,
api-api nu rék ngabakti tawis katineung,
ka raja anu keur oléng pangantén.
Pok unjukan Badak Tamela unjukan,
“Nu mawi Kakang ngadeuheus téh
seja nyanggakeun tawis kagegelan,
nyaéta inten sagedé énéng.
Nanging aya hanjakalna saeutik.
Ku tina sakitu gedé¬na éta inten,
teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan.”
Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep,
kataji ku cariosan Badak Tamela.
Pok Badak Tamela sasuran deui.
“Rupina moal aya nu iasa nyandak éta inten,
anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru,
anu kamashurkeun bedas tur sakti.
Dupi éta inten téh ayana di Kawas Domas.”
Prabu Jaka Susu¬ru téh percanten baé
kana sagala cariosan Badak Tamela téh.
Anjeunna geus teu kaampeuh,
palay geura ngéngingkeun éta inten.
Sanaos diwagel ku praméswari duanana,
anjeunna henteu ngagugu.
Pangrasana luhu élmu loba pangarti,
piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.
Teras baé anjeunna angkat ka Kawah Domas,
diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri.
Barang nepi ka biwir Kawas Domas,
tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela,
gebrus baé kana kawah anu panas,
sarta tuluy éta kawah ditutup ku batu gedé.
Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui,
muru ka Tanjung Singuru rék ngiwat putri.
Sekar Jayanti jeung Jayanti Kem¬bang
wantuning terusing kusumah,
duanana meunang wirasat goréng,
yén baris aya nu ngiwat.
Pikeun tanda yén satia ka carogé,
tuluy baé duanana ngalolos ti karaton,
mubus ka leuweung anu suni.
Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.
Lami ti lami, dua putri téh kakandungan.
Barang nepi kana bulanna,
brol duanana babar patutur-tutur.
Putrana pameget kawas nu kem¬bar,
rupina kasép ngala ka ramana.
Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.
Aya taunna éta dua pramés¬wari
hirup di leuweung katut dua putrana.
Pipindahan henteu netep di hiji tempat.
Lila-lila ka luar ti pileuweungan,
nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara.
Din hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana,
nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.
Éta raja saé pisan pangangkenna
ka éta dua praméswari jeung putrana.
Dipernahkeun di karaton disaé-saé.
Ari jenengan nu jeneng raja di dinya,
nyaéta Prabu Gajah Kumarasakti.
Praméswarina kagungan dua,
Purba Déwata jeung Ratna Déwata.
Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru,
énggal baé Gajah Kumarasakti mepek balad,
badé ngarurug Badak Tamela
nu harita ngajabel Nagara Tanjung Si¬nguru.
Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna,
leugeudeut baé ti dayeuh Tanjung Sembara.
Ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.
Badak Tamela geus tata-tata,
metakeun panganggo jeung pakarangna,
karepna rék némbongkeun kasakténna.
Badak Tamela kaluar ti karaton,
tuluy baé mapag musuh lir banténg ngamuk.
Balad-balad Tanjung Sembara patinggolépak,
dicacar bolang ku Badak Tamela.
Ningali galagat kitu,
Gajah Kumarasakti maju ka kapalangan.
Der perang tanding kacida ragotna.
Lila-lila Badak Tamela kasoran,
éléh jajatén ku Gajah Kumarasakti.
Badak Tamela teu bisa nyanggapulia,
tungtungna karingkus ku Gajah Kumaraksti.
Badak Tamela anu geus éléh jajatén,
ménta ampun ka Prabu Gajah Ku¬marasakti.
“Ampun Sang Prabu, kula ménta dihampura,
ménta hirup jeung huripna.”
Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan,
Gajah Tamela baris dipaparin ampun,
tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna,
kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas.
Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas.
Batu gedé anu nutupan éta kawah,
diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan,
kawantu Badak Tamela tanagana bedas.
Énggalna Prabu Jaka Susuru.
kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru,
dikaluarkeun ti jero Kawah Domas.
Badak Tamela nyuhunkeun ampun,
bari ngabaktikeun rayina téa,
anu geulis Ratna Kembang.
Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi,
sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun
jadi bupati di Gunung Gumuruh.
Anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru.
Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru,
Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul
sareng Prabu Gajah Kumarasakti
nawiskeun tumarima kana pitulungna.
Ger pésta, tujuh poé tujuh peuting.
Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus.
Lantaran sasatna éta pésta,
dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.
Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras
ngeréh Nagara Tanjung Singuru,
diaping ku tilu praméswari: Sekar Jayanti,
Jayanti Kembang, jeung Rat¬na Kembang.
Tambih-tambih suka manahna,
ku margi ayeuna tos kagungan dua putra.
Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru téh,
patilasanana natrat di Lembur Susuru téa.
(Sumber tina blog Budi Rahayu Tamzah wartawan, penulis)
Lian ti karajaan Agrabinta jeung karajaan
Tanjung Singuru aya deui karajaan heubeul di Cianjur nyaeta karajaan Jampang
Manggung. Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Aki Sugiwancan masih kokocoran
Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya, abad ka 4 Masehi asalnamah di Malabar, ngan
sanggeus dicangkring ku Prabu Kujang Pilawa dipindahkeun ka Cianjur.
Tina wawacan Jampang Manggung oge loba
kaungkab asal ngaran wewengkon anu ayeuna jadi ngaran tempat di Cianjur saperti
Jampang, Cugenang, Gekbrong, Cibalagung, gunung Mananggel, jrrd. Dina mangsa
karajaan Agrabinta, Jampang Manggung, jeung Tanjung Singuru tacan aya ngaran Cianjur, kusabab ngaran
Cianjur karak dipikawoh taun 1891 M sawaktu Kabupaten Cianjur anu dipingpin ku
Aria Wiratanu II (1692-1707) sawaktu pamarentahanana diaku ku pamarentah
penjajah Belanda.
Sajarah karajaan Jampang Manggung kalayan
lengkep aya dina pedaran dihandap ieu, sumberna ti K.H. Djalaluddin Isa Putra /
Eyang Junan (50) sesepuh pontren Bina Akhlak di Kp. Sukawargi Desa Babakan
Karet Kac. Cianjur Kab. Cianjur. Eyang Junan teh katurunan raja Jampang
Manggung.
KERAJAAN JAMPANG MANGGUNG
Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu
Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4 M, dina bulan kawolu taun 330 Saka
kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407 M. Samemehna jadi Jampang Manggung
disebutna karajaan Jampang Datar dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge
Aki Wengku anu jadi raja oge di karajaan Malabar.
Kujang Pilawa dipulung mantu ku Raja
Sugiwanca sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari karajaan
Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona nyaeta Gasman atawa Prabu Sabatan Kati.
Ku Prabu Kujang Pilawa, karajaan Jampang
Datar diganti jadi karajaan Jampang Manggung. Minangka karajaan nu mandiri,
Jampang Manggung boga hubungan hade jeung karajaan sejenna saperti jeung
karajaan Malabar,Sundapura, Purwakarta jeung karajaan Tanjung Kalapa, lian ti
eta aya boga hubungan jeung raja-raja ti karajaan Tarumanagara .
Kujang Pilawa asalnamah ti nagri Para Sunda,
inyana teh raja adil paramarta nu merhatikeun pisan kasajahteraan rahayatna,
utamana dina widang atikan moral kusabab kitu Kujang Pilawa merhatikeun pisan
kahirupan para pandita / guru agama nu harita disebutna teh Ing Paya. Para
Ingpaya dipernahkeun hade pisan di pasanggrahan-pasanggrahan.
Dina jaman Kujang Pilawa panghasilan hasil
bumi nagara subur ku mangpirang – pirang bubuahan saperti kopi, hajeli, jahe,
kupa jrrd. Keur ningkatkeun widang ekonomi dibuka pasar-pasar leutik jeung
pasar gede. Sabagian rahayat oge dibere kalaluasaan pikeun dagang di puser
nagara sejenna saperti dayeuh Taruma jeung nagri kalapa. Para sodagar ti
Jampang Manggung oge loba anu ngajorag ka nagara Indrabumi di deukeut gunung
Cereme anu harita kawilang maju kusabab loba didaregdeg sodagar-sodagar ti
nagri Benggala, Cina, Campa, Sukaya, jsb.
Diantarana mawa pakakas tina emas jeung
keramik pikeun ditukeur ku hasil bumi ti karajaan Jampang Manggung. Dina widang
kasehatan para tabib ti Jampang Manggung geus kasohor kamamana nepika ka nagri
sejenna, malah loba nonoman anu diajar katabiban di nagara Jampang Manggung.
Pikeun ngajaga kaamanan nagara, Kujang Pilawa nugaskeun patihna nu disebut
Turus Juru Luar nu ngajaga kaamanan diluar jeung dijero karajaan.
Pikeun Turus Juru boga kawijiban ngabimbing
masarakat, mere piwejang ngeunaan hukum jeung tugas warga nagara sangkan ulah
kabeulit kumaslah criminal jeung palanggaran hukum lainna.Dina ha lieu karajaan
Jampang Manggunung boga pangalaman sawaktu meunang panarajang 800 pasukan ti
negeri Daha / Kediri anu rek nyoba-nyoba ngajajah Jampang Manggung, teu sakali
wae karajaan Daha narajang karajaan Jampang Manggung, ngan kusabab kakuatan
pasukan jeung kapimpinan Prabu KUjang Pilawa unggal panarajang pasukan Daha
bisa dilumpuhkeun kalayan korban nuloba ti fihak Daha.
Kitu oge sawaktu ratusan pasukan ti bangsa
Banggala anu rek ngagunasika kaamanan rahayat Jampang Manggung, pasukan
Banggala bisa ditumpes, tuluy sesana diusir kaluar Jampang manggung, sarta teu
balik deui.
Ajen
kahirupan Jampang Manggung.
Dina ngurus karajaan jeung ngolah nagara
Kujang Pilawa teu kaluar tina ajen karajaan nu disebut Ajen Galuh, Ajen
Pananggelan jeung Ajen Galunggung.
Para guru jeung pandita anu boga tugas
neuleuman jeung ngajarkeun ajen kahirupan eta disebut Ing Paya, aya oge Ing
Paya anu boga kaahlian lain lian ti ngajarkeun ajen Pananggelan, nyaeta Ing
Paya anu boga ahli kana ilmu sejenna, saperti katabiban, irigasi, tatanen,
supranatural jsb disebutna Ing Paya Agung
.
Nu disebut Ajen Galuh the nyaeta tina kocap Galuh, Galeuh jeung Galih
nuhartina permata, anu nerangkeun sual Zat nu Maha Kawasa nu disebut Sang
Hayang Batara Tunggal anu mere kahirupan jeung nyabut kahirupan kasakabehna
mahluk. Dina ajen Galuh ieu diajarkeun oge sual paparahan kana katangtuan ti nu
Maha Kawasa.
Sedengkeun Ajen Pananggelan nyaeta : Atikan anu ngabimbing jalma sangkan bisa
hirup tumuwuh jeung lingkunganana, nyaah kasasama teu adigung adiguna, teu
miboga barang anu lain hakna, tuhu kana adat , bakti ka kolot jeung ka guru,
jeung taat ngalaksanakeun kabijakan raja salila teu pasalia jeung katangtuan
ajen-ajen nu lumaku . Dina ajen Pananggelan manusia kudu ngalaksanakeun Darma,
hartina ngalaksanakeun pakasaban kahirupan sapopoe pikeun kulawarga, nagara
jeung bekel ibadah kanu Maha Kawasa, sakumaha diajarkeun ku Adam , Hawa sareng
Tsis.
Para Ing Payagung oge ngajarkeun elmu-elmu
lainna anu sapopoe bisa digunakeun ku masarakat saperti cara ngurus hewan
piaraan samodel ngurus munding, domba, jsb timimiti cara ngangon, cara ngabersihan
hewan, jsb. Lian ti eta para Ing Paya mere piwejang sangkan urang Jampang
Manggung balansiar dagang sacara jujur, sarta ulah poho ngalaksanakeun darma
lamun meunang kauntungan tina dagang.
Anu leuwih utama, para Ing Paya mere piwejang
sangkan nyaah ka leuweung kujalan nerapkeun larangan melak tutumuwan di
leuwueng kabuyutan anu dipercaya tempat kumpulna arwah karuhun. Hutan anu bisa
diala hasilna disebut leuweung raja / leuwueng tutupan.
Ngan upama rek nuar tatangkalan kudu menta
kamandang heula ka Patih Sahuang (kuncen leuwweung jeung gunung anu seluk
belukna) sangkan lingkungan alam tetep saimbang, antara anu dituar jeung anu
kudu dipiara. Adam jeung Sys dipercaya minangka utusan ti Sang Hyang Batara
Tunggal pikeun mere cahaya kahirupan ka sakumna manusia.
Ari Ajen Galunggung
ngajarkeun kumaha kuduna hubungan manusa jeung alam sabudeureunana sangkan
salawasna saimbang. Hubungan manusa jeung binatang dibagi ku
sababaraha sikep kusabab aya binatang anu
ngabahayakeun, aya oge anu lindeuk, aya binatang anu bisa didahar dagingna aya
anu teu meunang didahar, aya binatang anu bisa diporo aya anu teu bisa. Contona
Maung, binatang ieu teu meunang diporo lamun henteu asup pakampungan eta oge
kudu menta ijin heula Patih Sahung kuncen leuweung anu bisa mere pamadegan sual
kasaimbangan leuweung jeung eusina.
Kitu deui bagong, bisa diporo lamun
ngagalasak pepelakan, tapi teu meunang diporo lamun asup leuweung kabuyutan,
kitu deui daging bagong teu meunang didahar ku jalma, daging bagong bisa
dibikeun ka anjing jeung aul kusabab dina sihungnya nyayang roh jahat. Domba
leuweung anu asup ka kampung meunang diboro watesna nepika leuweung Raja /
leuweung tutupan. Domba teu meunang diboro upama asup ka leuweung larangan /
leuweung kabuyutan.
Hayam leuweung jeung manuk leuweung teu
meuang di sumpit upama teu penting-penting teuing mah, komo hayam leuweung
bikang nu keur endogan teu meunang diporo. Hayam jeung manuk leuweung meunang
diporo sabulan sakali eta oge teu meunang leuwih ti hiji, pikeun diaala
dagingna jeung buluna nu alus. Manuk Kerak, Cangkurileng, Ciung jeung Beo
meunang dipiara umpama nyaho elmuna, kusabab lamun teu bisa miarana matak
ngageringkeun si manuk jiwa jeung ragana.Peusing umpama keur ubar meunang
diporo jeung didahar, tapi teu meunang didagangkeun. Umpama didagangkeun
hartina geus ngarempag ajar Galunggung kitu numutkeun catetan para Ing Paya
sakumaha anu diajarkeun ku Adam, Hawa jeung Sys.
Loba deui ajaran ajen anu diterapkeun dina
kahirupan sapopoe urang Jampang Manggung. Kujang Pilawa the raja panutan,
hirupna dibaktikeun pikeun kararaharjaan rahayatna, inyana remen mujasmedi ka
Sang Hyang Widi sangkan tetep bisa ngajalankeun pamarentahan sakumaha ajaran
karuhun, sangkan Adam jeung Sys panuju dialam kalanggeunan.
Kujang Pilawa jadi raja Jampang Manggung
salila opat puluh taun, samemeh mulang kakalengan Kujang PIlawa hirup mandita
jadi Ing Payagung. Kujang Pilawa boga anak sabelas, tahta karajaan diwariskeun
ka Danu Sangkalang anakna di cikal, kitu deui patih Jampang Manggung
dipasrakeun ka Sanjar Janggala anak kadua Prabu Kujang Pilawa.
(Bah Paslan katurunan
Jampang Mangung, dimakam Prabu Kujang Pilawa di Pasir Geger Bentang, desa
Kutawaringin Kac. Mande Kab. Cianjur .foto taun 2012)
Senjata
Kujang
Salila jadi raja Jampang Manggung, Kujang Pilawa
dipikanoh minangka raja sakti mandragun, jeung taya nu bisa ngelehkeun
kadigjayaanana. Ari pusakana nyaeta senjata Tosa. Kamana wae sang prabu miang
senjata Tosa taya leupas tina cangkengna, antukna pakarang Tosa loba anu make
ampir unggal satria ditip karajaan ditatar Sunda. Anu helokna, ngaran
pakarangan Tosa lila-lila ngaranna ganti jadi pakarang Kujang, kusabab geus
jati ciri kagagahan Prabu Kujang Pilawa. Nepika ayeuna pakarangan Kujang jadi
ciri pakarangan khas Jawa Barat.
Sanggeus mulang kakalanggengan, tahta karajaan Jampang Manggung
dipasrahkeun ka anak cikalna nyaeta Danu Sangkalang sedengkeun anak kadua
Kujang Pilawa nyaeta Sanjar Janggala diangkat Patih karajaan Jampang Manggung.
Lian ti eta diangkat oge sesepuh Ing Payagung nyaeta Aki Seuseupan minangka
panasihat raja.
Prabu Danu Sangkalang kaasup raja anu boga
pamikiran maju, diantarana ngahapus tradisi anu lumaku nu dianggapna teu luyu
jeung rasa kamanusaan, saperti ayana tradisi Ngayang nyaeta ngawinkeun dulur sakembar, mimitina sanggeus orok
kembar lain jinni lahir, siorok lalaki ngan bisa disusukeun ka indungna dina
waktu saminggu geus kitu kudu dipesat, umpana indungna teu ngidinan, anggota
kulawarga sejenna kudu maksa sangkan orok lalaki disusuan ku lain indunga, saha
wae. Engkena sanggeus papada dewasa dulur sakembar beda jinis the dikawinkeun.
Upama dina jatukramina salah surangna maot, pasanganna teu meunang kawin deui
salila hirupna. Upama aya pasangan anu ngalanggar, bakal ditibaan hukuman
disita kabeh hartana. Tradisi Ngayang ieu ku Prabu Danu Sangkalan tuluy
dihapus.
Tradisi lainna anu dihapus ku Danu Sangkalang
nyaeta Tradisi Bawil, tradisi males
pati anu taya rasrashana. Dina tradisi Bawil, umpama aya salah saurang warga
boga maksud hayang balas dendam mimitina kudu neangan sato kurban embe hideung,
atawa kebo dongkol pikeun ritual, si sato tuluy disiksa nepika paehna. Tuluy
getih hewan anu geus disiksa diuyup ku jalma anu rek ngalaksanakeun bales
dendam. Geus nguyup getihna, daging sato sesembahan tuluy didahar atah-atah bari
seuseurian kalayan harepan roh roh gaib marengan niat sijalma dina tarekah
bales dendam. Sanggeus kitu sijalma nu rek bales dendam tuluy neangan jalma anu
rek diala patina, lamun geus bisa dipaehan, musuh nu dibunuhna direcah awakna,
didahar hate jeung jantungna atah-atah. Sirah jalma anu geus dipaehan, tuluy
ditegas, dibawa balik, sarta dipajang dipipir imah atawa diteundeun didapur
nepika jadi tangkurak, tangkurak eta disimpen nepika tujuh turunan.
Danu Sangkalang boga pamadegan yen tradisi
Bawil lain warisan Adam, Hawa jeung Sys, oge lain ajaran sakumaha dina ajen
kahirupan nu lumaku. Tradisi Bawil nurutkeun pamadegan Danu Sangkalang warisan
sampeuran tina tradisi jahat Dasa Muka / Astina dina lalakon Mahabarata, atawa
warisan Ajus Marjus sigana nu dimaksud the Ya juj Wa Majuj anu aya dina Al
Quran, atawa Gog Ma Gog dina Bibel. Tradisi lainna anu dihapus ku Danu
Sangkalan nyaeta tradisi Ciling,
nyaeta tradisi ngusir pamajikan gegeden nagara anu ngalahirkeun orok cacat,
kusabab dipercay bakal mawa sial ka nagara. Danu Sangkalang marentah karajaan
Jampang Manggung salila 53 taun, ngan sanggeus ditinggal maot ku Sanjar Jangala
adina pituin nu jadi Patih Jampang Manggung, Danu Sangkalang remen gearing siga
kapapaitan pisan ditinggal maot ku adina the, nepika inyana gering parna.
Sanggeus palastra, tahta raja Jampang Manggung dicangkring ku Pita Kumana Jaya
anak cikal Danu Sangkalan.
Pita
Kumana Jaya / riwayat wewengkon Jampang Cianjur Selatan
Sawaktu Pita Kumana Jaya nyangkring
kakawasaan minangka raja Jampang Manggung sesepuh pandita / Ing Paya Gung Aki
Seuseupan pamitan ka rajana rek mundur tina kasibukan di karaton minangka
panasihat raja, Aki Seuseupan rek museurkeun hirupna ngolah pasanggrahan, hirup
mandita ngadeukeutkeun diri ka Sang Murbeng Alam.Prabu Pita Kumana Jaya najan
bari beurat hate, teu wasa narah pamenta Aki Seuseupan anu geus puluhan taun
jadi panasihat raja Jampang Manggung samemeh dirina. Mundurna Aki Seuseupan ti
karaton dileupas kalayan hurmat, dibahanan mangpirang-pirang beukeul kayaning
emas, perak jeung kakayon lainna kaasup dua kuda jeung tujuh kebo lengkep jeung
dua tukang ngangonna sangkan bisa jadi bekel kahirupan Aki Seuseupan di
pasanggrahanna.
Pita Kumana Jaya sadar yen Kujang Pilawa
jeung Danu Sangkalang sawaktu jadi raja geus mawa komara anu nyongkolang pikeun
kamajuan karajaan, kusabab kitu inyana tetep pengkuh ngajalankeun kawijakan anu
geus ditetepkeun ku luluhurna.
Pita Kumana jaya ngupayakeun sangkan kamajuan
anu geus dijaul ku raja samemehna bisa tetep lumangsung. Dina ngolah nagara,
ngurus nagari Pita Kumana Jaya dibantu ku para patihna kayaning : Kutamadunya,
Suryalaga, Bomanlarang, Sokoganggalang, dan Rangijid.Prabu Pita Kumana Jaya
marentah karajaan dibarengan ku prameswari Putri Salangkan Pati nu asalna ti
gunung Cereme. Dina mangsa pamarentahana karajaan Jampang Manggung ngalaman
masa kajayaan utamana diwidang karaharjaan rahayatna. Jampang Manggung oge kasohor
ku elmu katabibabana nepika ka mancanagara. Nepika loba tabib anu ngahaja
guguru ka para tabib jeung para Ing Paya di Jampang Manggung saperti
tabib-tabib ti negeri Cina, Campa, dan Gangga serta Banggala.
Dina umur 39 taun Pita Kumana Jaya katarajang
kasakit parna nu taya obatna, kusabab kitu pamarentahan karajaan dijalankeun ku
para patihna kusabab anak-anakna laleutik keneh. Hanjakalna teu kabeh patih
tuhu nyekel amanah, Soko Ganggalang jeung Rangijid loba milampah curaling teu
tuhu kana adat, ngupayakeun sangkan kaayaan nagara teu aman, hal eta aya
hubunganana jeung niat Soko Ganggalang jeung Rangijid anu ambisi hayang jadi
raja. Kaayaan beuki teu merenah sanggeus Pita Kumana Jaya mulang
kakalanggengan. Patih Bomanlarang, Suryalaga jeung Kutamadunya mah nembongkeun
baktina ngurus layon rajana, hal eta beda jeung talajak Sokoganggalang jeung
Rangijid anu narekahan diri sangkan bisa ngarebut tahta kujalan ngumpulkeun
kakuatan jeung dukungan .
Kaayaan rahayat kabagi-bagi aya nu ngadukung
Sokoganggalang najan kapaksa, aya oge anu wani ngalawan hal hal eta jadi mamala
kusabab kabeh warga anu baruntak ka Sokoganggalang jeung Rangijid asup kana
pangberokan. Sedengkeun patih sejenna anu masih keneh satia ka raja, ngan bisa
ngamankeun istana jeung prameswari Putri Salangkang Pati jeung dua anakna nu
masih keneh can sawawa nyaeta Laganastasoma jeung Putri Sangwangi.
Pikeun ngajaga sangkan teu leuwih loba korban
rahayat, Patih Bomanlarang, Kutamadunya jeung Suryalaga nyebarkeun surat
karahayat Jampang Manggung sangkan ngungsi kadaerah anu jauh tur aman, nyaeta
kadaerah Agra wewengkon kidul lainna. Teu lila sakurna warga Jampang Manggung
anu tuhu kana eta surat geuwat nyalametkeun diri kadaerah pakidulan, saeutikna
aya 160 kepala kulawarga mimpin eksodus kulawarga ka Pakidulan. Nurutkeun ieu
riwayat para kulawarga ti Jampang Manggung antukna loba anu ngamukim di
wewengkon Agra jeung Pakidulan lainna, antukna sabudeureun wewengkon pakidulan
ti harita disebut wewengkon Jampang
nyoko ka rahayat anu asalna ti nagara Jampang Manggung.
Pasukan pambaruntak nu dipingpin ku
Sokoganggalang jeung Rangijid beuki ngadeseh istana, laju pikeun kasalametan
prameswari Salangkangpati jeung dua anakna tuluy nyalametkeun diri kujalan
ngarolos ti karaton, sedengkeun Putri Kancing Sarati mertuana putri Salangpati
milih netep disabudeureun karaton najan kitu tetep ngarestuan niat mantu jeung
incuna nyalametkeun diri tina pasukan pambaruntak. Rombongan prameswari anu
nyalametkeun diri dikawal ku tilu patih nu satia nyaeta Bomanlarang, Kutamadunya
jeung Suryalaga, rencanana rombongan rek muru pasanggrahan Aki Seuseupan di
sabudeureun ku gunung Gede jeung Manangel. Samentara eta, Soko Ganggalang geus
hasil ngarebut tahta, manehna tuluy ngangkat dirina jadi raja Jampang Manggung,
sedengkeun Rangijid ditelasan ku Soko Ganggalang di sabudeureun Cigalongong
Cikalong kusabab jadi lawan politikna.
Ing
Paya Laganastasoma / Sang Hyang Tapak jeung gunung Mananggel
Singket carita sanggeus apruk-aprukan norobos
leuweung geledegan rombongan prameswari Salangkangpati ditarima hade naker ku
Aki Seuseupan, ahirna salila 13 taun Salangkangpati jeung dua anakna ngamukim
dipasanggrahan Aki Seuseupan bari nyamurkeun diri jadi rahayat biasa boh bisi
kapanggih ku mata-mata Sokoganggalang.
Putra cikal Laganastasoma geus umur 22 taun
sedengkeun adina Putri Sangwangi geus nincak umur 15 taun. Laganastasoma anu
geus loba nyuprih elmu pangaweruh ti Aki Seuseupan ngarasa geus waktuna turun
gunung muka pasanggrahan sorangan, kukituna inyana menta ijin ka Aki Seuseupan
rek pamitan ti pasanggrahan Aki Seuseupan. Najan beurat hate rombongan
Laganastasoma dileupas ku Aki Seuseupan, rombongan neangan tempat lain kusabab
moal mungkin deui balik deui ka karaton Jampang Manggung anu geus dikawasa ku
Sokoganggalan .
Dina lalampahanana Laganastasoma jeung indung
sarta adina katut para patih nu satia ngajaga kasalametanana antukna nepika
dihiji tempat pangreureuhan. Kacaritakeun dina hiji peuting Laganastasoma
meunang ilapat, dina ngimpina inyana kadatangan arwah Prabu Pitakumanajaya ramana,
sang Prabu nitah ka anakna sangkan netep dieta tempat keur ngamimitian muka
kahirupan anyar.
Isukna Laganastasoma maluruh jalma anu boga
eta tempat, tetela nu boga tempat the sodagar beunghar ngaranan Jema anu boga
sikep resep tutulung. Niat Laganastasoma hayang ngamukim dieta tempat ditarima
pisan ku Jema, eukeur mah manehna ngarasa yakin dina jero hatena yen
Laganastasoma teh sabenernamah putra makuta Jampang Manggung anu geus
ninggalkeun karaton salila belasan taun. Komo deui sanggeus pancakaki yen sabenernamah
Jema teh katuran nagri Para Sunda tempat asalna Prabu Kujang Pilawa luluhur
Laganastasoma.
Matak Jema teu asa-asa mangnyieunkeun
pasanggrahan gede pikeun Laganastasoma jeung rombonganana di eta tempat
sakumaha ilapat anu katarima ku Laganastasoma dina ngimpina. Ti harita
Laganastasoma ngamimitian hirup minangka Ing Paya anu salawasna dijadikeun guru
nu masarakat, teu sautik nu daratang ti mamana pikeun jadi murid-muridna cicing
nyuprih elmu di pasanggrahan Laganastasoma.
Pasanggrahan Lagasnastasoma dingaranan
Pasanggrahan Pananggelan, malah gunung anu aya disabudeureun pasanggrahan
antukna sok disebut Gunung Pananggelan, anu lila-lila rubah ngaranna jadi gunung Mananggel.
Didieu aya catetan yen saking beungharna Jema
loba jalma anu kataji, matak ti harita sakur jalma anu geus beunghar atawa jaya
sok disebut geus jadi Jema nyoko kana kabeungharan Jema, lila-lila sebutan eta
jadi Jelema. Ayeunamah sebutan anu geus sukses teh nyaeta geus jadi Jelema.
Dina umur 25 taun Ing Paya Laganastasoma
ngadahup ka putri Candra Wulan asal ti gunung Padang, tina jatukrami ieu lahir
dua putri jeung hiji putra nyaeta : Jamalillah, Sakalillah jeung Indalana /
Jamali Wetan.Kamashuran Laganastasoma minangka ahli pangobatan jeung guru
kamanusiaan beuki kasohor kamana-mana.
Hiji waktu aya kabar yen Raja Jampang
Manggung Soko Ganggalang katarajang kasakit parna, geus mangpirang-pirang tabib
timamana didatangkeun ka karaton pikeun ngubaran panyakitna, tapi taya hiji oge
tabib anu bisa jadi cukang lantaran nyageurkeun panyakit Soko Ganggalang, malah
kasakitna beuki parna, nepika teu bisa ningali. Soko Ganggalang ngadenge yen
ditutugan gunung Manangel aya tabib anu sakti bisa ngubaran sagala panyakit,
ngarana Ing Paya Laganastasoma, sang raja laju nitah sangkan Laganastasoma diogan
ka karaton Jampang Manggung keur ngubaran panyakitna.
Singket carita utusan Jampang Manggung geus
nepi ka pasanggrahan Laganastasoma bari masrahkeun surat ti Soko Ganggalang anu
menta sangkan Laganastasoma datang ka karaton Jampang Manggung pikeun ngubaran
panyakitna.Narima surat eta Laganastasoma teu langsung nyanggupan, inyana menta
kamandang ka indungna nyaeta putri Salangkangpati sok bisi surat teh ngan
saukur akal-akalan Soko Ganggalang anu rek nandasa dirina minangka ahli waris
tahta karajaan Jampang Manggung. Putri Salangkangpati teu ngidinan inyana
datang manggihan Soko Ganggalang. Pikeun Laganastasoma tahta karajaan Jampang
Manggung geus teu jadi udagan deui, inyana leuwih museurkeun diri jadi Ing
Payagung anu salaswasna ngabantu saha wae jalma anu meunang masalah dina
kahirupanna lahir jeung batin, kitu deui sawaktu narima surat ti Soko
Ganggalang anu menta tulung ka Laganastasoma sangkan ngubaran panyakitna nu
geus parna.
Rahyang Laganastasoma ahirna masrahkeun
papasten muntang saraya ka Sang Murbeng Alam menta pituduh naha kudu nedunan
pamenta Raja Jampang Manggung atawa narah datang ka karaton Jampang Manggung.
Tina hasil mujasmedi , ahirna Laganastasoma netepkeun niatna rek nedunan
pamenta Soko Ganggalang, ngubaran panyakitna, sabab dina hasil mujasmedina
inyana ningali yen Soko Ganggalang lain ngan saukur geus lolong matana, jiwana
oge geus kosong tina cahaya ajen-ajen kamanusiaan.
Singket carita, Laganastasoma geus nepika
karaton Jampang Manggung ngubaran panyakit Soko Ganggalang, sanggeus sawatara
lila ngubaran kasakit lahirna, Laganastasoma tuluy ngubaran panyakit batin Soko
Ganggalang anu sabenerna keur gering pikir ningali kalakuan anakna nyaeta
Tarungdawaling anu geus ngarempag purbatistis jeung purbajati ajen karuhun.
Najan anak raja, Tarungdawaling resep ngalajur nafsu, ngarampas kakayaan
rahayatna, miragasa kahurmatan para wanoja, jeung teu ngahurmat para Ing Paya.
Antukna pamor karajaan Jampang Manggung beuki nyilorot, eukeur mah eukeur
sawaktu Soko Ganggalang ngarebut tahta karajaan oge make cara-cara anu teu luyu
jeung kamandang para Ing Paya, lian ti eta, para Ing Paya / pandita salila Soko
Ganggalang nyekel kakawasaan geus teu dibere tempat deui di karaton minangka
panasehat raja, Soko Ganggalang ngan dikurilingan ku jalma-jalma anu tuhu ka
manehna ngan saukur butuh jabatan jeung kakayaan wungkul.
Sanggeus jadi cukang lantaran cageurna
panyakit Soko Ganggalang, Laganastasoma mulang deui ka pasanggarahan
Pananggelan di gunung Manangel. Ngan samemeh inyana ningalkeun karaton Jampang
Manggung, Laganastasoma mere piwejang sangkan Soko Ganggalang ngaraketkeun diri
deui jeung para Ing Paya sangkan hirupna bisa tenang, teu ngan saukur
ngudag-ngudag urusan kadunyaan.
Piwejang Laganastasoma dilaksanakeun ku Soko
Ganggalang, sanggeus puluhan taun ngajauhkeun diri ti para Ing Paya, manehna
tuluy ngogan para Ing Paya sangkan kumpul di karaton, Soko Ganggalang menta
kamandang ka para Ing Paya pikeun kalumangsungan karajaan Jampang Manggung anu
beuki nyilorot pamorna , ditambah kalakuan Tarunggawaling anu geus jauh tina
ajaran ajen-ajen malahmah geus ngajadikeun dirina sumber karusuhan dimana-mana.
Tina gempungan jeung para Ing Paya antukna kabeh sapuk yen diperlukeun tarekah
teges pikeun mareumkeun karusuhan karusuhan anu dijieun ku anak-anak buahna
Tarungdawaling. Kukituna para Ing Paya mere kamandang sangkan Soko Ganggalang
ngadatangkeun deui Laganastasoma ka karaton pikeun ngamankeun karajaan Jampang
Manggung tina gangguan anu dijieun ku Tarungdawaling jeung anak buahna.
Soko Ganggalang ngagugu kana pamenta para Ing
Paya, inyana tuluy ngirim utusan ka Ing Paya Laganastasoma, pikeun menta
kasadiaan Laganastasoma mareumkeun bancing pakiwuh anu diakibatkeun
Tarungdawaling jeung anak buahna. Laganastasoma nyaluyuan pamenta Soko
Ganggalang, inyana nyiapkeun murid-muridna sangkan bisa jadi pasukan pangaman
karajaan Jampang Manggung. Sanggeus nepika karatonan Jampang Manggung
Laganastasoma mingpin pasukan karajaan Jampang Manggung dibantu ku
murid-muridna pikeun numpes pambaruntakan. Sakur-sakur tempat anu diperkirakeun
jadi sayang panyumputan anak buah Tarungdawaling dijorag hiji-hiji.
Najan bari kitu Tarungdawaling oge teu
cicingeun manehna satekah polah ngalawan pasukan Laganastasoma, nepika perang
rongkah teu bisa dihindarkeun deui. Ngan lila-lila pasukan Tarungdawaling
kaleled ku paranarajang pasukan Laganastasoma, manehna ampir tiwas ngan ku
kawijakan Laganastasoma, Tarungdawaling anu keur baloboran geutih keuna ku
sabetan pedang dipasraskeuh ka bapana Raja Soko Ganggalang.
Rengse ngamankeun karajaan Jampang Manggung,
Laganastasoma balik deui ka Pasanggrahan Gunung Manangel, ti harita inyana
meunang gelar Resi Pananggelan, atawa Ing Payagung Laganastasoma ti raja Soko
Ganggalang. Sabenerna Laganastasoma bisa wae ngarebut tahta minangka ahli waris
nu sajati makuta raja Jampang Manggung, ngan Resi Laganastasoma geus
ngabuleudkeun diri rek museurkeun hirupna kana ngokolakeun pasanggrahan ngabdi
ka masarakat dina sual ajen kamanusaan jeung katabiban.
Putri
Candrawulan ti Gunung Padang
Tina Jatukrami jeung putri Candrawulan,
Laganastasoma boga anak tilu, dua awewe jeung hiji lalaki kayaning : Jamalillah, Sakalillah, Indalana / Jamali
Wetan. Ngan Candrawulan teu lila umurna, palastra dina umur ngora. Layona
dikurebkeun di gunung Manangel. Ditinggal maot ku Candrawulan, Laganastasoma
ngarasa sedih hatena, inyana jadi beuki remen mujasmedi di ponclot gunung
Manangel, masrahkeun dirina kana papasten Sang Hyang Widi. Sataun sanggeus
Putri Candrawulan mulih kakalangengan, sodagar beunghar Jema ngajodokeun
Laganastasoma ka kulawadetna nyaeta Dewi Niskalawati ti nagri Purwa, tina
jatukrami ieu teu boga katurunan.
Kusabab teu mere wae katurunan ka
Laganastasoma, Niskalawati ngajodokeun Laganastasoma ka wanoja pahatu lalis
Manik Kancala, ngan sanggeus sawatara taun rumah tangga, ti Manik Kancala oge
Laganastasoma teu boga katurunan.
Hiji waktu Laganastasoma meunang ondangan
raja Cina, sangkan nungkulan gotrasawala para tabib sadunya, kusabab
pasanggrahan Pananggelan memang geus kasohor ku olahan obat – obatanana
kayaning akar-akaran, kulit jeung daun tutuwuhan anu dipadu jeung cai ti cai
nyusu atawa cai serepan. Dina gotrasawala eta Laganastasoma datang minangka
utusan karajaan Jampang Manggung, sarta meunang pangawajen ti raja Cina
minangka salah saurang Litagung / narasumber. Sanggeus mere piwejang sual
katabiban, loba tabib anu kataji nepika milu ka pasanggrahan Panaggelan di
Jampang Manggung hayang ningali langsung praktek katabibab di Jampang Manggung,
kayaning tabib ti Malabar, Sundapura, Purwakarta, oge tabib awewe Lumiang Tin
(Tin Lumiang) ti nagri Cina. Singket carita Lumiang Tin tuluy dipigawra ku
Laganastasoma sarta ngamukim di pasanggrahan Pananggelan. Tina jatukrani jeung Lumiang Tin, lahir dua anak nyaeta hiji lalaki
jeung hiji awewe, nyaeta Rahyang Indra Prakarsa jeung Dewi Injil Sari.
Patih Gajah Panambur
Gajah Panambur teh patih karajaan Jampang
Manggung anu kasohor sakti mandraguna, taya jawara anu bisa meruhkeun
kasaktianana. Ngaran leutik Patih Gajah Panambur nyaeta Rakean Gintingan najan
babakti di karajaan Jampang Manggung anu dipingin ku Soko Ganggalang, inyana
patih anu tuhu kana ajaran Purbatisti jeung purbajati ajen karuhun. Kabeneneran
inyana tacan rumah tangga, najan masih nonoman waktuna dipuseurkeun keur olah
kanuragan jeung mujasmedi ka sang hyang widi.Hal eta jadi pangirongan
Laganastasoma, kusabab adina nyaeta Dewi Sangwangi tacan rumah tangga, masih
tuhu ngokolakeun pasanggrahan gunung Geulis jeung indungna. Ari Laganastasoma
geus diamanatan ku Sunan Ambu sangkan neangan pisalakieun anu loyog jeung
darajat Sangwangi anu geus boga gelar Ing Payagung. Sanggeus mujasmedi tetela
anu aya dina panoropongan Laganastasoma ngan Patih Gajah Panambur anu cocog
jadi salaki adina. Ngan inyana kudu boga cara sangkan bisa ngajodokeun Sangwangi
ka Gajah Panambur anu boga pangkat Patih dikarajaan Jampang Manggung.
Dina waktu anu geus ditangtukeun
Laganastasoma nepungan Patih Gajah Panambur di tempat mujasmedina di
Jajarsingki, Gajah Panambur ngarasa kaget kadatangan Ing Payagung Laganastasoma
anu geus sakitu kamashurna di Jampang Manggung anu kungsi ngubaran kasakit
Prabu Soko Ganggalang jeung ngamankeun bancing pakiwuh di karajaan Jampang
Manggung. Laganastasoma ditarima hade naker ku Gajah Panambur, inyana apal
pisan Laganastasoma geus ngajaul pangkat Resi kalayan gelarna Resi Panaggelan.
Dina sawatara waktu Laganasatasoma tacan
ngungkabkeun niatna rek menta kasiadaan Gajah Panambur jadi salaki Dewi
Sangwangi. Laganastasoma neuleuman heula pangawaruh Gajah Panambur dina elmu
ajen kamanusiaan, ajen pananggelan, ajen galuh jeung ajen galunggung. Dua
manusia luhung elmu ieu, dina sababaraha poe papada ngaguar ajen-ajen karuhun,
nepika Laganastasoma boga pamadegan yen pangkat jeung darajat Gajah Panambur
dina ajen kamanusiaan geus masagi minangka hiji gegeden nagara.
Cunduk kana waktu Laganastasoma ngarasa perlu
ngukur kasaktian elmu kanuragan Gajah Panambur kusabab nurutkeun pamadeganana
Dewi Sangwangi kudu boga salaki anu bisa ngajaga kasalametan kulawargana
minangka katurunan raja Jampang Manggung. Sanggeus sapuk duanana ngabuka diri
pikeun ngajajal kasaktianana sewang-sewangan, ti mimiti jurus elmu bela diri
nepika ngagunakeun ajian-ajian pangwaruhna antukna ijen patutunggalan
lumangsung nepika sababaraha poe, ngan lila-lila Gajah Panambur kateter ku
panarajang Laganastasoma, inyana nepika teu bisa ngajaga dirina kuserangan
kasaktian Laganastasoma nepika labuhna sabaraha kali. Hal ieu jadi pangalaman
munggaran pikeun Gajah Panambur, kusabab samemehna inyana tacan pernah aya anu
bisa ngelehkeun elmu kasaktianana. Ari Laganastasoma, bisa ngajajal kasaktian
Gajah Panambur lain keur kasombongan, ngan samata-samata hayang narekahan
sangkan pisalakieunana lain jalma samaena, tapi bener kauji lahir batin ku
dirina.
Sanggeus kitu Laganastasoma ngabejakeun
niatna ka Gajah Panambur sangkan narima Dewi Sangwati jadi gerwana. Ngadenge
hal eta, Gajah Panambur ngahuleng, teu nyana jalma satingkat resi anu geus bisa
ngelehkeun kasaktianaa percaya ka dirina keur jadi bagian kulawarga jadi salaki
adina Resi Pananggelan Laganastasoma. Mimitina Gajah Panambur narah kana
pamenta eta, kusabab dirina ngarasa teu pantes meunang kahurmatan eta, ngan
sanggeus dicaritakeun ku Laganastasoma yen tarekah dirina teu leupas ti pituduh
Sang Hyang Widi anu geus nuduhkeun pisalakieun Sangwangi teh Gajah Panambur.
Geus duanana sarua sapuk, Gajah Panambur dirapalan ditikahkeun ka Dewi
Sangwangi di Pasanggrahan Gunung Geulis. Tina jatukrami ieu lahir anak lalaki
anu engkena nyangkring jabatan jadi Adipati, nyaeta Adipati Ca Genang / Rahiang
Genang Damatra anu jadi bibit buit ayana wewengkon dingaran Cugenang Cianjur.
Sunan
Ambu gunung Geulis / Dewi Salangkangpati
Putri Salangkangpati teh prameswari karajaan
Jampang Manggung sawaktu rajana Prabu Pita Kumanajaya, inyana teh indungan Ing
Payagung Laganastasoma, oge Putri Sangwangi. Samemehna Salangkangpati dumuk di
pasanggrahan Panaggelan jeung anak-anakna. Hiji waktu inyana menta ijin ka
Laganastasoma anakna hayang nyepen museurkeun diri mujasmedi diwewengkon anyar,
wewengkon anyar oge diharepkeun bisa keneh loba tutuwuhan keur ngolah
obat-obatan. Antukna Salangkangpati jeung Sangwangi anakna meunag hiji gunung
anu merenah pikeun muka pasanggrahan anyar, lila-lila gunung eta sohor disebut
gunung Geulis, sanggeus ditempatan ku Salangkangpati jeung Sangwangi. Ngaran
eta meunang masarakat anu ningali kageulisan dua putrid Jampang Manggung.
Salangkangpati oge remen disebut Sunan Ambu minangka sebutan panghargaan ti
masarakat kitu teamah loyog jeung kaelmuanana anu geus aya dina darajat Ing Payagung.Putri
Salangkangpati remen disebut oge kusababaraha gelar ti masarakat kayaning
:Sunan Ambu Mangkubanyu, Putri Largading, Nyi Mas Galing Muntang Mayang
Kembang, atawa Dewi Lintang Mayang Sari,
Sang
Hyang Tapak di Gunung Manangel
Laganastasoma palastra dina umur 116 taun ,
diperkirakeun taun 550 Saka atawa taun 626 M, atawa M, ngan loba nu yakin yen Resi Pananggelan/
Ing Paya tapak Laganastasoma moksa diponclot gunung Managel, kusabab teu aya
kuburana, Laganastasoma ngan ninggalkeun tapak dampal sukuna, nu disebut Sang
Hyang Tapak. Laganastasoma ngan ninggalkeun surat yen inyana rek murba, pindah
alam pikeun leuwih neuleuman kahirupan sarta ngabimbing sakur katurunana.
Laganastasoma oge ngebrehkeun yen tapak suku dina batu teh tapak sukuna, pikeun
ciciren hiji waktu katurunana neangan patilasannana. Sedengkeun gerwan-gerwana
Candrawulan, Manik Kancala, Dewi Niskala Wati jeung Lumiang Tin dikurebkeun ngariung sahandapeun batu Sang
Hyang Tapak.
Aya catetan dina pedaran tadi yen asal usul
kocap Eyang anu ayeuna dipikawanoh ku urang Sunda, eta teh asalna tina kocap
Rahyang ngan lila-lila jadi Eyang. Kitu deui kocap akang, atawa engkang,
nurutkeun pedaran ieu asalna teh tina kocap Rakean, lila-lila jadi Keang tuluy
rubah deui jadi Kang, atawa Akang nepika ayeuna. Sedengkeun kocap Ujang anu
ayeuna dipikawanoh asalna teh tina kocap Kujang nyoko kana kagagahan Prabu
Kujang Pilawa, ngan lila-lila jadi Ujang diralapkeun pikeun budak lalaki.
Para putra Sang Hyang Tapak / Rahyang
Laganastasoma, taya anu nuluykeun jadi raja, kabeh hirup jadi resi ngokolakeun
pasanggrahan saperti Rahyang Indalana / Rahyang Jamali Wetan jeung Rahyang
Indraprakarsa.
Rahyang Indalana / Rahyang Jamali Wetan
diperkirakeun lahir taun 565 Saka atawa 641 M. Sanggeus meunang gelar Ing
Payagung Jamali Wetan muka pasanggrahan di wewengkon tebeh kaler semu ngetan
pernahna ditungtung buntut gunung Pananggelan / Mananggel. Pasanggrahana
dipikawanoh kusebutan Pasanggrahan Jamali Wetan. Lila-lila wewengkon ieu
disebut Jamali nepika ayeuna. Rahyang Jamali Wetan ngadahup ka Dewi Antini ti
Leuwi Damar, tina jarukrami ieu boga anak opat nyaeta : Sang Damara / Janglar
Birawangsa , Sang Saga / Sanjar Jangala,
Dewi Gunjani jeung Kanangasari.
Kaparigelanana ngokolakeun pasanggrahan jeung
ngabimbing rahayat make ajen Galuh, ajen Pananggelan jeung Ajen Galunggung hade
pisan, sakumaha dicontokeun ku ramana nyaeta Sang Hyang Tapak / Laganastasoma /
Resi Pananggelan. Lian ti ngawangun pasanggrahan di Pasir Sampay / Jamali,
Indalana ngawangun pasanggrahan sejenna di sababaraha tempat diantarana
pasanggrahan nu dibangun di sisi wahangan Cisokan, di wewengkon sabudeureun
gunung Galunggung, di Tanjung Kalapa (ayeunamah Pasar Minggu Jakarta) di daerah
Winataro ( Bintaro Jakarta). Nepika ayeuna wahangan anu aya di Bintaro
disebutna wahangan Pasanggrahan. Tuluy ngadirikeun pasanggrahan oge di Kebon
Wareng pernahna ditempat nu dihapit ku opat jalan, waragad wangunanana make awi
bitung nu ditata kalayan hade, sarta dipelakan tangkal Campaka, wewengkon ieu
ayeunamah asup kana wilayah Desa Babakan Karet Cianjur.
Sawaktu umur Indalana / Jamali Wetan geus
tunggang gunung, tanggung jawab ngokolakeun pasanggrahan dibikeun ka adina
sabapa nyaeta Indraprakarsa anu sarua geus ngajaul pangkat resi kalayan gelarna
Ing Paya Gung, ka adina ieu Jamali Wetan mihapekeun anak tunggalna nyaeta
Janglar Birawangsa anu masih keneh leutik sangkan dididik hade sual bagbagan
ajen kamanusiaan jeung elmu sejenna ku Indraprakarsa.Dina umur 99 taun Rahyang
Jamali Wetan palastra, Dikurebkeun di Pasir Sampay diwewengkon anu euyeub ku
tanglak Kanyere jeung Karet Ki Munding.
Ari adina Jamali Wetan nu sa bapa nu lalaki
nyaeta Indra Prakarsa keur ngorana resep ngalalana jeung ngumbara manggihan
dulur-dulur indungna Lumiangtin anu asli ti Cina. Indraparakarsa kungsi
ngumbara ka nagara Cina, salila tilu taun. Balik ti Panyabaan, Indraprakarsa
dumuk dipasangrarahan alona nyaeta Sang Damara / Janglar Birawangwa.
Indraprakarsa wafat dina umur 100 taun, sanggeus palastra dikurebkeun pernahna
di luhureun hulu cai Cibalagung disuku gunung Geulis. Indaprakarsa dikurebkeun
ku alona anu harita geus jadi raja Jampang Manggung kalayan geular Rahyang
Baduga / Rajamandala, antukna wahangan anu asalna ti hulu cai gunung Geulis eta
dingaranna Ciwalaagung ku Rajamandala, hartina aliran cai anu disagedengna aya
makam resi anu agung, kabeh dieu ngaran Ciwalaagung jadi Cibalagung. Indraprakarsa sawaktu jumenengna kungsi ngabantuan
Janglar Birawangsa ngarebut deui tahta raja Jampang Manggung ti Prabu Kolabasa. Ari wewengkon Manangel sanggeus ditinggal
moksa ku Sang Hyang Tapak dikokolakeun ku adi-adina Rahyang Jamali Wetan nu
saindung sabapa nyaeta Dewi Jamalilah jeung Putri Sakalillah. Satuluyna
Jamalillah ditikah ku Resi Begawan ti gunung Sepuh tina jatukrami ieu lahir :
Jaka Bareno (Raja Jampang Manggung) anu nikah ka Dewi Kuncir ti Wanayasa. Jaka
Bareno antukna bumen bumen di wewengkon tebeh kaler basisir laut Kidul
Sukabumi, tempatna masih keneh disebut CiBareno.
Putra kadua Jamalillah nyaeta Jaka Bayabang
anu ngadahup ka Dewi Jangari ti Bungbulang, Jaka Bayabang tuluy dumuk
disabudeureun Gunung Gajah. Putra ka tilu Jamalillah nyaeta Jaka Toe (Raja
Jampang Manggung) nikah ka Dewi Banitris ti karajaan Tanjung Kalapa (Pasar
Minggu Jakarta), laju bumen-bumen di sabudeureun Gunung Agung. Ari putra nu
bungsu nyaeta Jaka Dwipa anu remen melak tangkal jambu dimamana, moksa di
gunung Gunung Simpang, patilasanna dipageur ku gombong garede, kusabab kitu ku
masarakat disebut Eyang Pager Ageung.
Anakna Jaka Dwipa aya nu ngamukim di sisi wahangan sungai Musi nyaeta Swarna
Dwipa sarta ngarundaykeun katurunan Jampang Manggung di Sumatera , dina jaman
Sriwijaya loba kacaturkeun jadi tokoh karajaan Sriwijaya. Putri Jamalillah sok
disebut oge Ambu Kancana, dikurebkeun di gunung Kancana. Ari Sakalilah ditikah
ku Rahyang Dangis putra makuta Nagri Purwa / Purwakarta. Tina jatukrami ieu
boga anak lalaki ngarana Rakeyan Jaka Murang / Warinajati. Sakalillah moksa di
nagri Purwa, patilasanana aya di hiji Lemah Duhur nu disebut Kembang Kuning, ti
harita inyana sok disebut Ambu Kembang Kuning atawa Ambu Gading Sagara.
Rajamandala
/ Rahyang Baduga.
Sawaktu karajaan Jampang Manggung ngadeg di
Cianjur nepika jaman Raja Rahyang Janglar Birawangsa, ditatar Sunda / Jawa
Barat karak aya karajaan ti dinasti Salakanagara dituluykeun ku
dinastiTarumanagara. Tahta karajaan Jampang Manggung salila puluhan taun pernah
dikawasa katurunan bangsa deungeun nyaeta Prabu Sokoganggalang urang Gangga nu
asalna beunang ngarebut sawaktu raja Jampang Manggung Pitakumanaya palastra,
sedengkeun harita putra makuta Jampang Manggung nyaeta Laganastasoma masih
keneh bureuy, karak umur 9 taun. Satuluyna tahta karajaan Jampang Manggung ku
Sokoganggalang diwariskeun ka incuna nyaeta Prabu Kolabasa anakna
Tarungdawaling. Sedengkeun Laganastasoma ahli waris nu sajati tahta Raja
Jampang Manggung sanggeus dewasa milih hirup jadi resi, kitu deu anak-anakna
nyaeta Jamali Wetan jeung Indraprakarsa.
Kacaritakeun Sang Damara / Janglar Birawangsa
anakna Rahyang Jamali Wetan geus dewasa, inyana boga niat hayang ngarebut deui
tahta raja Jampang Manggung anu harita dicangkring ku Prabu Kolabasa,
cita-citana diungkabkeun ka Indraprakarsa mamangna. Ngadenge kahayang Sang
Damara, Indraprakarsa kacida ngarojongna, ngan tangtu cita-cita eta kudu
disiapkeun kalayan daria jeung teu bisa ngadadak, kusabab kitu Indraprakarsa/
Rahyang Girijaya nitah ka Sang Damara alona sangkan ngalalana heula ka
sababaraha nagri pikeun nambah pangaweuh sual kanagaraan jeung militer bari
nepungan dulur-dulurna anu aya di sababaraha nagari kayaning, Taruma jaya, Agra
jeung lainna deui.
Di nagara Taruma Jaya, Sang Damara ngalanana
meunang sataun,laju pundah ka nagri Agra ngan hanjakalna harita nagri Agra geus
narikolot kusabab loba rahayatna anu ngungsi akibat para pangawasana rebutan
tahta. Ti nagri Agra, Damara nuluykeun lalampahanna nyebrang lautan ka Kutai
Kartanagara, Kalimantana ayeuna, baheulamah disebut nagri Borneo. Di
Kutai, Damara nepungan para dulurna anu
geus bumen-bumen , inyana di wewengkon ieu dumuk meunang dua taun, tuluy meuntas laut deui nuju ka
nagri Sunda Leutik ditutugan gunung Tambora,
Lombok , ti dinya mah laju balik deui ka tatar Sunda Nagri Pusaka
ayeunamah Pusaka Nagara Pamanukan.
Ari pangna disebut Nagara Pusaka ( Pusaka
Nagara ) aya sajarahna , baheula eta wewengkon teh kungsi dipilih ku Sri
Begawan Pujasera ( Raja Resi Agung Aki Manglayang / Aki Manglayung ), inyana
adina Aki Tirem tea ( Sang Tirem Baya atawa disebut oge Sang Aki Mulya Sakti ).
Aki Manglayung kungsi bumen-bumen jeung masyarakat salila sapuluh taun tapi
saenggeus kitu mah inyana pindah jeung masarakatna ka Tanjung Bokor lebakeun Gunung
Malabar, sedengkeun sawarehna deui mah anger wae darumuk di Nagri Pusaka (
Pusaka Nagara ), kaereh ka Pamanukan.
Waktu Damara ( Janglar Birawangsa ) kadinya,
padumukan warga kurang leuwih aya genep puluh kapala kulawarga di kokolotan ku
hiji panghulu nu katelah Patih Galingging, sarta ku eta patih masarakatna
dierehkeun ka wewengkon ka kawasaan nagara Taruma Jaya. Ku Patih Galingging, Sang Damara guguru
rupa-rupa elmu pangaweruh jeung pangalaman salila dua taun.
Sanggeus ngumbara ka sababaraha nagri Sang
Damara mulih deui ka pakandangan muru pasangrahan Jamali Wetan anu diadegkeun
ku bapana nyaeta Rahyang Jamali Wetan, di pasanggrahan ieu dibarengan ku
mamangna nyaeta RahyangIndraprakarsa. Di pasanggrahaan Jamali Wetan Damara
nyiapkeun pasukan pikeun ngarebut tahta Jampang Manggung salila lima bulan.
Kakuatan pasukan pikeun ngarurug karaton Jampang Manggung loloba diiluan para
nonoman, pikeun strategi kakuatan dibagi
jadi tilu pasukan masing-masing dipimpin ku katurunan Jampang Manggung. Pasukan
nu kahiji dipimpin ku Aki Gede / Adipati Cagenang / Rahyang Genang Damatra muserkeun kakuatan
pasukan di wewengkon Pasir Gedogan, tuluy ka Sampalan, meuntas susukan
Cisungareun, tuluy ka Cibaregbeg, Taraju, Cikanyere, ka Kebon Limus ahirna
anjog titonggoheun karaton Jampang Manggung.
Pasukan kadua dipingpin ku Janglar
Birawangsa, samemeh nepika kakaraton Jampang Manggung, mimitina ngaliwatan
Kebon Wareng, tuluy ka ponclot gunung Mananggel, gunung Gentong, Pasir
Panggung, Bakom, Langkob nepika anjog ti kiduleun karaton Jampang Mangung, ari pasukan katilu
dipingpin ku Indra Prakarsa mimitina pasukan asupna ka Leuwueng Hereup
(diperkirakeun ayeunamah kampung muka), tuluy ka Tajur Halang, Cigalonggong,
nepika anjog ti wetaneun Jampang Manggung.
Pasukan Damara aya ribuna, pasukanana
dingaran pasukan Indrabangsawan kusabab para pamimpinna katurunan Jampang
Manggung nu sajati. Samemeh ngagempur benteng lawan, Damara mere peupeujeuh ka
pasukanna sangkan bisa ngarebut tahta Jampang Manggung make cara-cara anu teu ngarempag
ajen kamanusiaan, jeung teu meunang ngarogahala musuh anu geus teu walakaya,
lian ti eta teu meunang nyusahkeun rahayat.
Pasukan Indrabangsawan disiapkeun kalayan
daria, matak sawaktu nalikung karaton Jampang Manggung ti tilu arah teu pati
meunang perlawanan anu karasa, eukeur mah pasukan karajaan Prabu Kolabasa geus
teu meunang dukungan ti rahayat Jampang manggung. Prabu Kolabasa bisa
diturunkeun kalayan damai sarta dihukum pati kusabab salila jadi raja Jampang
Manggung geus teu malire rasa-rasa kaadilan rahayat. Sang Damara tuluy
diistrenan jadi raja Jampang Manggung kalayan geular Prabu Janglar Birawangsa/
Rahyang Baduga. Rakeyan Sanjar Janggala adina kapeto jadi Patih Jampang
Manggung, sedengkeun Indraprahasta dijadikeun panasehat raja. Sang Damara /
Rahyang Janglar Birawangsa disebut oge Rahyang Baduga, marentah karajaan
kalayan adil paramarta. Kacaritakeun dina hiji waktu nagarana kadatangan
rombongan raja Asoka ti India, anu ngungsi kusabab kausir ti karajaanna ku
ayana rebutan tahta. Raja asoka teh rek menta suaka poltik ka Raja Jampang
Manggung, sarta masrahkeun diri hayang dijadikeun rahayat Jampang Manggung.
Rombongan raja Asoka, ku Janglar Birawangsa dipernahkeun disisi wahangan
Citarum Leutik, antukna lila-lila eta pamukinan anyar teh jadi pamukiman anu
maju dingaranna Ciasoka nyoko kana asal muasal rahayatna anu urang Asoka ti
Indian, ngan ayeunamah disebut Cisokan.
Pakampunganana beuki lila beuki mekar, malah nepika ngababakan katempat lainna,
laju eta tempat teh dingaranan Babakan Soka ayeuna asup kana wewengkon
kacamatan Bojong Picung. urang Cisokan ngarasa hutang budi ka raja Jampang
Manggung Janglar Birawangsa, laju ku urang pakampungan Cisokan ngaanugrahan
gelar karaja Janglar Birawangsa kusebutan Raja Mandala anu hartina Raja Sawarga.
Pamukiman deukeut Cisokan oge antukna disebut kampung Rajamandala, hal eta jadi
pangemut-emut ka jasana Rajamandala atawa Rahyang Baduga/ Rahyang Janglar
Birawangsa anu gede jasana ka urang Ciasoka anu menta panyalindungan ka
Birawangsa. Janglar Birawangsa kakarek jatukrami dina umur 50 taun, inyana
dijodokeun ku mamangna ka katurunan Patih Gajah Panambur / Rakean Gintingan
nyaeta Nyai Walini.
Ari Nyai Walini taya lian incuna na Adipati
Cak Genang, anu ngawasaan wewengkon sabudeureun gunung Aseupan, Manglid,
Plung-plong / Palalangon, (wilayah-wilayah ieu ayeuna disebut Cugenang).
Adipati Cak Genang teh anakna Patih Gajah Panambur tina jatukrami jeung Dewi
Sangwangi. Ari Dewi Sangwangi teh adina Laganastasoma, duanana sarua adi
lanceuk anakna Prabu Pitakumanajaya raja Jampang Manggung. Jadi jatukrami
antara Rahyang Baduga jeung Nyai Walini mageuhkeun deui sekeseler katurunan
Prabu Pitakumanajaya.
Prabu Janglar Birawangsa samemeh turun tina
tahta inyana masrahkeun karajaan ka anak cikalna nyaeta Prabu Jaka Baleno /
Jaka Toe. Rahyang Janglar Birawangsa tuluy milih hirup mandita, tina
mujasmedina inyana meunang ilapat sangkan neuleuman eusi hate sorangan sangkan
manggihan jalan deket jeung Sang Hyang Tunggal kujalan tatapa ditujuh tempat
anu geus ditangtukeun kayaning Citarum Leutik, Suku Gunung Agung anu loba
tangkal Gintungna, tempat anu aya tangkal campaka nu jumlahna 11, Batu
Ubur-ubur di Cijampang, Walahar, Kumba-kumba, tuluy Nyangkoek. Kabeh tempat eta tuluy jadi tempat
mujasmedina Rahyang Janglar BIrawangsa, ngan dina tempat anu pamungkas nyaeta
di Nyangkoek Rahyang Damara moksa, samemeh murba, inyana wasiat sangkan
dipulasara di Nyangkoek. Lila-lila Nyangkoek ganti ngaran jadi kampung Baduga
nyoko kana gelar Janglar Birawangwa sanggeus jadi resi nyaeta Rahyang Baduga.
Ayeuna patilasanna aya di kampung Baduga Desa Ciandam Kac. Mande. Janglar
Birawangsa / Rajamandala ku urang Cianjur remen disebut Eyang Hakekat kusabab
Rahyang Baduga dianggap geus nepi hakekatna hirup nyaeta bisa neuleuman hate
sorangan sarta nyaho kana Sang Murbeng Alam.
Agama
Islam asup ka Jampang Manggung
Salah saurang Raja Jampang Manggung nyaeta
Rahiyang Rangga Jaya / Rangga Wulung. Inyana teh anakna Raja Jampang Manggung
Rahyang Saduwara anu cikal sedengkeun Rangga Wulung boga adi lalaki nyaeta
Rahyang Laksajaya. Rangga Wulung teh raja sakti, inyana sajaman jeung Sri
Baduga Maharaja / Prabu Siliwangi Raja Pajajaran ka I (1482-1521 M). Malah ku
Prabu Siliwangi, Rangga Wulung diaku hade pisan dijadikeun senopati kahurmatan
di karajaan Pajajaran. Jaman Prabu Siliwangi agama Islam geus asup ka karaton
karajaan Sunda, sanggeus asupna Sang Bratalegawa anakna Prabu Niskala
Wastukancana ( 1371-1475) asup Islam. Malahmah salah saurang prameswari Sri
Baduga Maharaja ngagenggem agama Islam nyaeta Ratu Mas Subanglarang,
anak-anakna Prabu Siliwangi ti Subanglarang nyaeta Prabu Anom Walangsungsang
jeung Ratu Rara Santang oge asup agama Islam.
Kacaritakeun pangaruh agama Islam geus mimiti
karasa ka wewengkon karajaan Jampang Manggung. Malah bapana Rangga Wulung
nyaeta Rahyang Saduwara anu jadi raja Jampang Manggung geus mulai kataji kana
agama Islam, hiji waktu inyana meunang ilapat tina mujasmedinya nyaeta kudu
neangan jimat anu bisa ngaleburkeun benda anu teuas, bisa nyambungkeun benda anu
buntung, bisa ngadeukeutkeun anu jauh, sarta bisa mere kasampurnaan hirup
didunia jeung di alama kalanggengan. Narima ilapat eta Raja Saduwara geuwat
marentahkeun anak cikalna nyaeta Rangga Wulung pikeun guguru kamana wae sangkan
bisa mawa jimat anu dituduhkeun dina ilapat.
Singket carita,Rangga Wulung kaluar ti
karaton Jampang Manggung, ngumbara kamamana, guguru kaunggal jalma luhung
sangkan meunang jimat sakumaha anu dituduhkeun ka bapana. Ngan taya hiji oge
jalma anu bisa ngajawab siloka anu aya dina ilapat, sabab elmu bisa ngabeulah
batu jeung beusi kungsi ditembongkeun ka bapana ngan hal eta teu katarima ku
Raja Saduwara. Lalampahan Rangga Wulung nepika ka Karawang anu harita masih
keneh disebut Tanjung Jaya. Di karawang Rangga Wulung dituduhkeun ka Syeh
Hasanuddin salah saurang waliyulloh anu sohor kusebutan Syeh Quro kusabab
sorana halimpu sawaktu maca Al Quran.
Ku Syeh Quro siloka anu aya dina ilapat ka
Raja Saduwara dibejer beaskeun yen eta teh nuduhkeun kana agama Islam, agama
anyar pikeun urang Sunda harita. Siloka jimat bisa ngalumatkeun benda nu teuas
teh nyaeta saripati ibadah dina Islam yen agama Islam mah bisa meruhkeun sifat
sarakah jeung durjana dina Islam, ari bisa nyambungkeun nu buntung jeung mere
katenangan dunya – akherat nyaeta agama Islammah agama nu mupusti rasa
duduluran antara sasama teu dikasta-kasta, unggal jamla sarua darajatna di
hareupeun Alloh SWT nu murbeng alam. Kukituna agama Islam bisa nyambungkeun
babarayaan antara umatna anu teu kawates ku bangsa, harta, jeung darajat
umatna. Sarta umpana pengkuh tuhu kana ajaran agama Islam bakal mawa
kasampurnaan hirup di alam dunya jeung dialam kalanggengan.
Sanggeus meunang piwejang ti Syeh Quro,
Rangga Wulung tuluy asup agama Islam. Sarta teu kapalang diajarna nepika
munggah haji ka Mekkah, sarta guguru agama Islam nepika meunang gelar ti Syeh
Quro ngaran Syeh Abdul Jalil. Sanggeus dianggap masagi dina bagbagan agama
Islam, Syeh Abdul jalil / Rangga Wulung diparentahkeun Syeh Quro sangkan
nyebarkeun agama Islam. Lalampahanana dimimitian mapay-mapay raratan Pasir
Kancah, Subang, gunung Cereme, Indrabumi, Galunggung, Pasir Kendan, Wado, Legok
jeung Sumedang, nepika ayeuna diwewengkon anu kungsi ditempatan ku Syeh Abdul
Jalil remen disebut leuweung Rangga Wulung. Antukna Syeh Abdul Jalil nepika
lemah caina di Jampang Manggung , ngadakwahan ramana nyaeta Rahyang Saduwara
jeung adina nyaeta Laksajaya, ti harita rahayat Jampang Manggung ngagenggem
agama Islam. Rangga Wulung muserkeun hirupna ngokolakeun pasantren diwewengkon
gunung Manangel, tahta raja Jampang Manggung dipasrahkeun ka adina nyaeta
Rahyang Laksajaya. Sanggeus palastra Syeh Abdul Jalil / Rangga Wulung
dikurebkeun di pasir Sereh Kalurahan Muka Cianjur.
Datangna
Raden Jayasasana / Dalem Cikundul
Sanggeus Syeh Abdul Jalil palastra, karajaan
Jampang Manggung teu boga deui ulama anu masagi dina elmu-elmu agama Islam.
Pikeun kapentingan eta raja Jampang Manggung Prabu Laksajaya ngirim surat ka
Kasultanan Cirebon, sangkan dikirim ulama anu bisa ngajar agama Islam. Lian ti
eta Prabu Laksajaya menta ulama anu bisa ngajarkeun carana ngahuma Banjir
nyaeta nyawah anu harita geus mimiti sumebar ditatar Sunda. Sanggeus sawatara
waktu lilana, ahirna datang ulama ti Cirebon ngaranna Raden Jayasasana rek
ngajarkeun agama Islam jeung ngajarkeun cara-cara melak pare disawah, kusabab
harita urang Jampang Manggung boga tradisi nu geus lila nyaeta melak pare
dihuma.
Raden Jayasasana beuki lila beuki gede
pamorna di karajaan Jampang Manggung, malahmah dinikahkeun jeung Dewi Amitri
anakna Patih Jampang Manggung, Hibar Palimping. Raja Jampang Manggung Laksajaya
teu boga anak lalaki kitu deui jeung Patih Hibar Palimping. Nu matak lian ti
ngawuruk agama Islam jeung ngajarkeun carana nyawah, Raden Jayasasana remen
dilibatkeun kana urusan pamarentahan jeung pertahanan nagara.
Kacaritakeun hiji waktu Kasultanan Banten
ngarurug karajaan Jampang Manggung, nepika hasil ngerid sarupaning kakayaan
rahayat Jampang Manggung kayaning ingon-ingon jeung harta banda. Pasukan Banten
sanggeus meruhkeun nagara Jampang Manggung laju muru wewengkon Cugenang ayeuna
rek balik deui ka Banten. Ngan harita Patih Hibar Palimping jeung Jayasasana
geus ngumpulkeun deui pasukan Jampang Manggung tujuanna rek ngagempur balik
pasukan Banten anu rek balik deui ka nagara asalna.Pasukan Banten ahirna
kaberik sarta digempur ku pasukan Jampang Manggung dilebah Cugenang ayeuna,
nepika kapeungpeuk teu bisa kamamana. Urut meungpeuk kakuatan pasukan Banten,
nepika ayeuna disebut kampung Pameungpeuk ayana diwilayah kacamatan Cugenang Cianjur
ayeuna.
Sanggeus dipeungpeuk teu kabeh wadyabalad
Banten bisa dirurug, sabagean ngarolos diri rek make jalan gedeh, nyalingker ka
Nyangkokot heula tuluy ka wewengkon Plung Plong. Asup ka jalan Gedeh anu brasna
di lembur Bangkuwong (ayeunamah asup kana wilayah kacamatan Gekbrong). Di
sabudeureun Bangkuwong pasukan Banten ngareureuhkeun kacape samarukna moal
kaberik ku pasukan Jampang Manggung. Ngan can sabaraha reureuh karak ge gek dariuk kaburu diserang deui ku
pasukan Jampang Manggung nepika brong
deui perang, ayeuna tempat eta dingaranna Gekbrong. Ngan sabagian deui pasukan
Banten bisa ngaroloskeun kadaerah sabudereun Gandasoli, ditempat ieu pisan
ahirna pasukan Banten serah bongkokan ka panarajang pasukan Jampang Manggung
anu dipingpin ku Patih Hibar Palimping jeung Raden Jayasasana. Tuluy pasukan
Banten ngucapkeun sumpah satia ka Jampang Manggung sarta rek satia ka raja
Jampang Manggung, eta urut ngucapkeun janji satia the antukna dingaranan
Sukaraja, ayeunamah asup ka wilayah Kabupaten Sukabumi.
Patih Hibar Palimping sanggeus palastra
dikurebkeun di kampung Pasucen Cikalong Kulon Cianjur ayeuna, kusabab kitu
disebut Mbah Pasucen. Tahta pamarentahan Jampang Manggung satuluyna ku Prabu
Laksajaya dipasrahkeun ka Raden Jayasasana anu engkena ngarundaykeun
bupati-bupati kabupaten Cianjur. Raden Jayasasana museurkeun pamarentahan
disisi wahangan Cikundur, ngan lila-lila ngaran Cikundur diganti jadi Cikundul
kusabab Prabu Laksajaya teu bisa ngucapkeun Cikundur kalayan bentes kusabab
cadel, antukna ngaran Cikundur jadi Cikundul. Raden Jayasasana sanggeus nyepeng
kalungguhan pamarentahan ti Raja Jampang Manggung remen disebut oge Dalem
Cikundul.
Raja
Jampang Manggung sejenna
Raja Jampang Manggung sejenna nyaeta Rahiang
Sedangding sawaktu bureuy keneh sok disebut Rakean Sedayu, inyana putra cikal
Rahiang Tambun. Sedangding boga adi opat belas urang awewe dalapan lalaki
genep.
Tina rumah tanggana Sedangding boga anak dua
kayaning Rahiang Bilawarna jeung Rahiang Saduwara. Sanggeus Sedangding
ngahiang, anu nyangkring raja dikarajaan Jampang Manggung nyaeta Rahiang
Bilawarna. Ari Rahiang Saduwara adina kapeto jadi patih. Rahiang Bilawarna ti
leuleutik keneh geus resep nyuprih pangarti, paribasa kuru cileuh kentel
peujit. Lian ti eta Rahiang Bilawarna samemeh jadi raja resep ngumbara
kamamana, guguru kasajumlah ing paya jeung ing payagung. Kusabab remen miang
ilmu, Bilawarna lila lelengohan, malahmah dina sual ngabina rumah tangga
kasusul ku adina anu boga rumah tangga tiheula. Sudawara adina Bilawarna boga anak
lalaki nyaeta ; 1.Rahiang Rangga Jaya (Rangga Wulung) engkena sanggeus jadi
ulama janten Syeh Abdul Jalil. 2.Rahiang Laksajaya.
Kusabab pada ngarojong, antukna Bilawarna
daek oge boga rumah tangga, kakarak dina umur 50 taun inyana ngabina rumah
tangga. Akibat telat boga rumah tangga, sawaktu Bilawarna moksa dina umur 61
taun anak-anakna masih keneh bureuy nyaeta : Rakean Jugala anu karak 7 taun
umurna jeung Rakean Purba Sulung anu kakara 2 taun. Kusabab kitu Rahyang
Saduwara kapeto ngaganti kadudukan lanceukna jadi Raja Jampang Manggung salila
anak-anak Bilawarna tacan sawawa.
Rahyang Saduwara teh raja ririwit remen
katarajang kasakit, hiji waktu sawaktu geuringna geus parna inyana ngagero
alo-alona Jugala jeung Purba Sulung, sangkan salah sahijina ngagantikeun dirina
jadi raja Jampang Manggung. Anu heloka duanana narah jadi raja, kulantaran
resep nyuprih elmu, anak-anak Bilawarna ngan saukur menta bagian tina hasil
bumi nu teu sabaraha jumlahna. Tahta raja jampang manggung antukna dipasrahkeun
ka anak Saduwara anu panggedena nyaeta Rahyang Rangga Jaya (Rangga Wulung).
Laju pikeun ngaraketkeun kulawarga, Rahyang Purba Sulung ditikahkeun ka Dewi
Waras Lika putri cikal Laksajaya. Ari
putra cikal rahyang Bilawarna nyaeta Rahyang Jugala ngadahup ka Dewi Miranti
urang Cidadap laut Kidul.
Tina jatukrami antara Purba Sulung jeung Dewi
Waras lahir para putra nyaeta : Rahyang Jayaprabuka, Rahyang Jaya Sangkakala,
Rahyang Sukadarma, jeung Rahyang Pustika. Sedengkeun tina jatukrami antara
Jugala jeung Dewi Miranti ngalahir putra tunggal nyaeta Rahyang Sabrang Japra,
engkena Sabrang Japra kasohor minangka salah saurang panglima perang karajaan
Pajajaran dina jaman Sri Baduga Maharaja / Prabu Siliwangi. Sabrang Japra remen
disebut Embah Japra atawa Eyang Japra makamna aya di Kebun Raya Bogor
sagedengeun makam Ratu Galuh Mangku Alam salah saurang gerwa Prabu
Siliwangi.
SUSUNAN RAJA-RAJA JAMPANG MANGGUNG
1.Prabu Kujang Pilawa
2.Prabu Danu Sangkalang
3.Prabu Pitakumanajaya
4.Prabu Soko Ganggalang asalna Patih Prabu Pitakumanajaya
5.Prabu Kolabasa incuna Soko Ganggalang
6.Prabu Janglar Birawangsa buyutna Prabu
Pitakumajaya anu ngarebut deui tahta Jampang Manggung ti Prabu Kolabasa.
7. Prabu Jaka Bareno (Jaka Toe)
8.Prabu Galingging
9.Prabu Sopanan
10.Prabu Cantayan.
11.Prabu Gunam (Gunaman)
12.Prabu Galuguh (Rahiang Genangan
13.Rahiang Kartawana
14.Rahiang Gerendeng
15.Rahiang Tambun
16.Rahiang Sedangding (Sedayu)
17.Rahiang Bilawarna
18.Rahiang Saduwara
19.Prabu Mandalawangi
20. Rahiang Ranggawulung / Rangga Jaya, saparantos
lebet Islam sarta masantren di pasantren Syeh Quro namina digentos janten Syeh
Abdul Jalil.
21. Rahiang Laksajaya (Raja Jampang Manggung
Pamungkas)
22.Rahiang Jaya Prabuka pamimpin spiritual
urang Cianjur, makamna di kampung Sedong kalurahan Bojong Herang Cianjur.
SILSILAH RUNDAYAN JUNAN SUKAWARGI
Ø R. RANGGA WULUNG ( EYANG HAJI ) 1675-1750 M.
Ø R. KINAJI SURYABAKTI ( EYANG BAKTI ) 1630-1730 M.
Ø R. JAYA PRABUKA ( EMBAH AGEUNG ) 1700-1769 M.
Ø R. JAYA DIPA ( EMBAH DIPA/EYANG DIPA ) 1729-1786 M.
Ø R. PARTA
KUSUMAH ( MAMA H. ALIMUDDIN ) 1769-1843 M.
Ø R. NATADILAGA ( EYANG PEPENG ) 1818-1899 M.
Ø R. MI’AD ( PAING CING ) 1864-1933 M.
Ø ADENG
M. ISA ( BAPAK M. ISA
) 1919- 2012 :
Ø 1.
DEWI MARPU'AH ( ALM )
2. DANG SUKRIA ( ALM )
3. DEWI JUARIAH ( ALM )
4. NDEN SARIBANON
5. JUBAIDAH
6. K.H. DJALALUDDIN ISA PUTRA/Eyang Junan
7. TJEP BUKHORI
8. TJE MUMUNG MA'MUR
9. NENDEN ASIAH ( ALM )
Sasakala
Ngaran Cianjur.
Cianjur
mimiti dipake jadi ngaran kabupaten ti saprak kalungguhan Bupati Cianjur
dicangking ku Rd. Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala ti taun 1691 nepika taun
1707 M. Inyana teh putra Dalem Cikundul /Rd. Aria Wiratanu I Bupati Cianjur munggaran.
Sawaktu jaman Dalem Cikundul wewengkonna disebut kadaleman Cikundul kitu
nurutkeun versi Bayu Surianingrat, ngaran Cianjur jadi ngaran hiji kabupaten di
saluyuan ku pamarentahan penjajah Belanda di Batavia,kusabab kitu pemerintahan
penjajah Belanda mah nganggap Bupati Cianjur munggaran teh Aria Wiratanu II /
Rd. Wiramanggala.
Kumaha
sasakalana ngaran Cianjur ? aya dua katerangan tina dua buku babad Cianjur nu
beda. Nurutkeun buku Hikayat Sebuah Bangsa Hingga Lahirnya Negeri Cianjur
meunang nyusun Rd. Damanhuri ngajelaskeun yen ngaran Cianjur geus aya dina
jaman karajaan Pajajaran keneh, kieu caritana :
Raja
Pajajaran Prabu Siliwangi di Pakuan (Bogor) meunang beja ti punakawana nyaeta
Aki Panyumpit yen di karajaan Kerta Rahayu (engkena jadi karajaan Limbangan
Garut) aya putri raja geulis naker ngaranna Nyai Rambut Kasih putrana Sunan
Rumenggong raja karajaan Kerta Rahayu. Pikeun migarwa Nyai Rambut Kasih, Prabu
Siliwangi marentahkeun sangkan mawa eta putri ka Pajajaran. Aki Panyumpit
ngalaksanakeun eta parentah tuluy milampah ngaliwatan gunung Gede. Ngan nepika
hiji tempat Aki Panyumpit teu bisa laju kusabab kahalangan hiji wahangan anu
caina tarik naker, ningali Aki Panyumpit mandog mayong teu meuntas wae wahangan
salah saurang tukang tani nanya ka Aki Panyumpit naon sababna mandog mayong, “
Deung Puguh caina anjur, “ cek Aki Panyumpit. Ti harita eta eta wahangan
dingaranan Cianjur tina kocap Cai
Anjur nu hartina cai anu ngamalirna
tarik.
Sanggeus
nepika karajaan Kerta Rahayu, Aki Panyumpit nepikeun maksudna ka Sunan
Rumenggong rek ngamalar Nyai Rambut Kasih keur Prabu Siliwangi. Nyai Rambut
Kasih asalna narah eta panglamar, ngan sanggeus dicaritaan ku ramana Nyai
Rambut Kasih daek dipigarwa Prabu Siliwangi kalayan syarat engke anak-anak anu
lahir tina jatuk rami jeung Prabu Siliwangi kudu dijadikeun raja. Pamenta eta
dikabul ku Prabu Siliwangi, sanggeus sawatara welas taun jatuk rami jeung Nyai
Rambut Kasih dua anak lalaki tina jatukrami eta dijadikeun raja daerah, nyaeta
Prabu Liman Senjaya jadi Raja Dayeuh Luhur, sedengkeun Prabu Basudewa jadi raja
Limbangan. ( tina Babad Limbangan kengeng Prof. Dr. Edi S Ekadjati, Guru Besar
Sejarah Universitas Padjadjaran Bandung)
Nurutkeun
Babad Pakuan Babad Pajajaran nu ditarjamahkeun ku R. Saleh Danasasmita sareng Atja ngajelaskeun
yen salah sahiji tarekah Prabu Siliwangi ngahijikeun raja-raja daerah nyaeta ku
jalan nikah ka para putri raja daerah, atawa putri tokoh-tokoh daerah. Prabu
Siliwangi gaduh garwa 115 urang, tina jatukrami sareng garwa nu seueur eta inyana
kagungan 42 putra, seuseueurna para putrana dijadikeun raja raja daerah di
sakuliah karajaan Pajajaran.
Sedengkeun versi kadua ngeunaan ngaran
Cianjur diungkab dina babad Cianjur kengeng Syarifah Didoh nu ngajelaskeun yen
saparantos Rd.Wiramanggala / Aria Wiratanu II hasil ngabuka kampung Pamoyanan
jadi puser dayeuh kadaleman anyar, inyana tafakur disisi hiji
wahangan,dumadakan inyana inget ka ramana (Dalem Cikundul) minangka anu
ngajurungkeun dirina sangkan ngabuka kadaleman anyar, ras kana anjuran rama
eta, Wiramanggala antukna mere ngaran eta wahangan kungaran Cianjur minangka
pangemut-ngemut ka jasa Dalem Cikundul, tina kocap anjuran. Engkena ngaran
Cianjur oge dijadikeun ngaran kabupaten, anu disaluyuan ku pamarentahan Hindia
Belanda anu harita ngajajah lemah cai.
Sejarah Cianjur tangtu teu bisa leupas ti
Dalem Cikundul, ngan samemeh ngaguar Dalem Cikundul urang mikawanoh heula
luluhurna, diantarana Sunan Wanaperih / Aria Kikis inyana teh Raja Talaga
eyangna Dalem Cikundul. Sunan Wanaperih teh ramana Aria Wangsa Goparana.Ari
Wangsa Goparana nyaeta ramana Dalem Cikundul. Pedaran dihandap ieu nyoko kana
buku Hikayat Suatu Bangsa Hingga Lahirnya Negri Cianjur nu disusun ku Rd.
Damanhuri, teks aslinamah basa Indonesia, mung supados luyu ku sim kuring
dialih basakeun kana basa Sunda sangkan tiasa dimuat di Koran Sunda Galura
sareng bahan siaran di radio Cianjur FM sareng rengrengan Lembaga Kebudayaan Cianjur
(LKC).
BABAD
CIANJUR VERSI RD. DAMANHURI
I.Pangeran Setyapati / Aria
Kikis / Sunan Wanaperih
Kadipaten
Talaga harita masih keneh kaereh ka karajaan
Pajajaran, minangka bawahan Pajajaran, sedengkeun kadipaten sejenna anu
asalna bagian ti karajaan Pajajaran, hiji-hiji geus ngaleupaskeun diri tuluy
ngagabung jadi bagian ti Kasultanan Cirebon kusabab masing-masing geus
ngagenggem agama Islam, kadipaten anu geus ngagabung ka Cirebon nyaeta
Indramayu jeung Luragung. Raja kadipaten Talaga nya eta Prabu Pucuk Umun
Ragamulya masih keneh tuhu ka Raja Pajajaran. Inyana teh incuna Prabu
Siliwangi, kusabab indungna Pucuk Umun nyaeta Rangga Mantri Puspawangi Sang Ratu
Parung Sunia Larang putrina Prabu Siliwangi. Sedengkeun ramana Pucuk Umun
nyaeta Pangeran Pusparaja Raja Sunan Parunggangsa. Cek ieu riwayat Sunan
Parunggangsa teh anu ngadegkeun karajaan Talaga.
Kacaritakeun
harita di nagara Pajajaran geus loba rahayatna anu ngagenggem agama islam,
malahmah di pasangrahan Gunung Bitung tempatna para pandita ngulik agama Sunda
Hyang geus aya pasantren Islam anu diadegkeun ku Sunan Rohmat / Prabu Kian
Santang / Syeh Haji Abdullah Imam Lumajang Kudrat.Sabenerna sumebarna agama
Islam oge geus asup kawewenkon karaton, Ratu Selawati lanceukna Pucuk Umun geus
pindah agama ka agama Islam, malah geus dipigarwa ku ulama satingkat wali Syeh
Bayanulloh / Syeh Maulana Arifin bin Ali Akbar. Syeh Bayanulloh teh anu
ngokolakeun pasantren di Gunung Bitung sanggeus Sunan Rohmat mulih
kakalangengan.
Kaayaan
ditanah Pasundan harita keur diramekeun ku wadyabalad pasukan gabungan Demak
jeung Cirebon anu keur geten meruhkeun kakuatan karajaan-karajaan anu can
arasup Islam. Karaton Surosowan Banten digempur ku pasukan gabungan anu
dipingpin ku Panembahan Hasanuddin putrana Sunan Gunung Jati Cirebon, anu
ahirna bisa ngaruntagkeun raja Banten sarta diganti ku Kasultanan Banten
kalayan ngangkat Panembahan Hasanuddin jadi Sultan Banten ka I. Teu lila ti
harita palabuan Sunda Kalapa anu asalna dikawasaan ku Portugis direbut ku
pasukan Islam gabungan Demak, Banten jeung Cirebon nu dipingpin ku Fadhilan
Khan minantuna Sunan Gunung Jati, malahmah Fadhilah Khan diangkat jadi bupati
munggaran kalayan gelar Pangeran Jayakarta. Sanggeus hasil naklukeun Banten
jeung palabuan laut Sunda Kalapa, pasukan Islam ngagempur karaton Pajajaran di
Pakuan Bogor ngan haritamah karajaan Pajajaran masih keneh kuat , kusabab boga
pasukan darat anu kuat jeung masih rempeg didukung ku rahayatna. Kadeseh ku
pasukan Pajajaran nu gagal diruntagkeun di Pakuan , wadyabala Islam ngarahkeun
seranganana ka karajaan Tangjung Singuru (Cianjur) ,ngan didieu oge pasukan
Islam gagal kusabab meunang panglawan ti pasukan anu dipingpin ku Prabu Jaka
Susuruh jeung Rangga Gading anu meunang pangrojong ti pasukan karajaan
Pajajaran.
Ningal
kanyataan kitu, karajaan Talaga surti kusabab geus moal nyalahan deui bakal
sarua digempur ku wadyabala Islam kusabab masih keneh tuhu ka Pajajaran. Di
karaton karajaan Talaga Pucuk Umun Raga Mulya geuwat nangtukeun sikep pikeun
nyanghareupan wadyabalad Islam anu bisa wae sawaktu-waktu ngagempur karajaan
Talaga. Prabu Pucuk Umun Raga Mulya tuluy ngumpulkeun para gegeden Talaga, oge
para pandita karajaan nu jumlahna salapan urang nu disebut Batara Salapan. Dina
rembugan dipadungdengkeun sikep karajaan
naha rek takluk kana panarajang musuh atawa rek ngalawan gempuran, antukna dina
hasil gempungan eta mutuskeun sikep yen karajaan Talaga rek singkil ngalawan
panarajang wadyabalad Islam boh bisi sawaktu-waktu datang nu masksudna rek
ngarugrug karajaan Talaga, pikeun pingpinan pasukan Talaga anu rek
nyanghareupan panarajang musuh ditunjuk Pangeran Setiapati putra makuta
Karajaan Talaga.
Saha
ari Pangeran Setiapati teh ? Pangeran Setiapati teh putra cikal Prabu Pucuk
Umun. Inyana oge disebut Sunan Wanaperih kusabab sawaktu dibabarkeun di karaton
Wanaperih sawaktu Prabu Pucuk Umun tacan jadi Raja Talaga, masih nyangkring
kakawasaan minangka Adipati daerah
Wanaperih. Pangeran Setiapati disebut oge Aria Kikis kusabab sawaktu
dibabarkeun pasukan Talaga keur ngawangun benteng pertahanan karajaan tina
bahan papan anu dijajarkeun sacara rekep nu harita disebut Kikis.
Aria
Kikis atawa Sunan Wanaperih atawa Pangeran Setiapati geus anut agama Islam beda
jeung ramana anu masih keneh tuhu kana agama karuhun. Kacaritakeun sawaktu
rumaja Aria Kikis geten ngulik bagbagan agama Sunda Sanghyang dipsanggrahan
Gunung Bitung, ngan teu jauh ti dinya geus ngadeg pasantren Islam anu
dikokolakeun ku Syeh Bayanulloh mamangna ( kusabab Syeh Bayanulloh nikah ka
Ratu Selawati rayina Prabu Pucuk Umun Raga Mulya). Di pasantren Aria Kikis
layeut jeung dulur misanna nya eta Pangeran Lembu Sempulur / Prabu Sedang
Larang putra makuta karajaan Panyalu. Lila-lila Pangeran Setiapati kataji ku
agama islam anu dipedarkeun ku Syeh Bayanulloh, Pangeran Setiapati kalayan
kasadaran sorangan ahirna asup agama Islam. Khabar asupna Putera Makuta Talaga
kana agama Islam, nepika ka Suna Gunung Jati Cirebon, pikeun ningalikeun rasa
kabungahna Sunan Gunung Jati Cirebon ngagelarkeun gelar Aria ka Pangeran
Setiapati jadi Aria Kikis.
Mulih
deui kana bahasan : Sanggeus Pangeran Setiapati / Sunan Wanaperih / Aria Kikis
diangkat jadi panglima perang Talaga pikeun nyanghareupan panarajang pasukan Islam.
Inyana tuluy meruhkeun pasukan Talaga jeung nyiapkeun pakakas perang sangkan
teu kateter lamun hiji waktu digempur musuh. Pangeran Setiapati geus buled
tekadna moal serah bongkokan ka pasukan Islam komo lamun dipingping ku Fadhilah
Khan mah, kusabab pikeun inyana Fadhilah Khan najan panglima perang Islam, tapi
teu boga teureuh Pajajaran. Beda deui lamun engke anu datang ka Talaga sinuhun
Sunan Gunung Jati Cirebon, inyana bakal ngahurmat kusabab SGJ mah putuna Prabu
Siliwangi, sarua jeung dirina masih keneh kulawadet raja Sunda. Masyarakat karajaan Talaga oge najan geus
loba nu agamana Islam seja tuhu ngabela nagarana, kitu deui para Santaan jeung
para Batara geus singkil ngadukung Pangeran Setiapati dina ngalawan pararajang
musuh. Kumpulan pasukan para Sentana dipingping ku raja sepuh Pucuk Umun
Ragamulya. Lian ti eta wadyabala Talaga didukung oge ku sesa-sesa pasukan Galuh
anu karajaanna geus runtag leuwih ti heula dirurug ku pasukan Cirebon.
Pikeun
Aria Kikis, Pajajaran sanggeus dikantun pupus ku Prabu Siliwangi remen dijorag
ku pasukan Islam anu taya lian ti Cirebon jeun Banten anu teges-teges masih
incu buyutna Prabu Siliwangi, ha lieu keur manehna hiji tindakan anu geus
ngarempag purbatisiti purba jati Sunda. Pikeun Aria Kikis agama Islam teu cocog
lamun disebarkeun ku jalan perang, kusabab kabuktian ku jalan para waliyulloh
anu nyebarkeun ajaran Islam sacara damey geus bisa meruhkeun sabagean rahayat
jeung gegeden karajaan siga dirina anu arasup Islam kalayan kasadaran sorangan.
Salila
genep bulan karajaan Talaga taki-taki , masih taya kabar nanaon iraha datangna
pasukan musuh. Nepika hiji poe Demang Talaga pasukan perang Talaga anu jumlahna
300 urang ditapel wates jeung Cirebon meunang khabar ti Telik Sandina yen geus
aya katembong aleutan pasukan musuh anu muru ka karajaan Talaga kalayan make
pakaranag lengkep minangka pasukan perang. Ngadenge beja kitu Demang Talaga
geuwat meruhkeun pasukanna, nyiapkeun panarajang sacara rahasia, unggal
pasukanna katut pasukan panah ditempatkeun didaerah anu merenah pikeun
ngayakeun gempuran dadakan ka musuh anu rek asup ka tapel wates Talaga jeung
Cirebon.
Pasukan
panarajang ti Cirebon beuki lila beuki deuket, katembong ngaleut rek asup ka
wewengkon Talaga, sedengkeun pasukan Talaga nyamuni dina rungkun-rungkun geus
sigep narima parentah ti Demang Talaga. Laju Sawaktu pasukan musuh geus asup ka
wewengkon Talaga, geuwat Demang Talaga marentahkeun wadyabaladna sangkan kaluar
ti panyumputan ngagempur pasukan musuh bari ngagero takbir, atuh sora takbir
kadenge ti mana-mana ti kenca, ti katuhu, ti hareup jeung ti tukangeun pasukan
musuh “ Allohuakbar-Allohuakbar-Allohuakbar” Pasukan musuh gabungan Cirebon
jeung Demak jadi tagiwur, ilang pangacian, linglung teu nyangka bakal meunang
panarajang dadakan. Pasukan Talaga kalaluar tina panyumputanana narajang bari
takbir, pakakas ditebaskeun atuh pasukan musuh jadi bingung, pasukan Cirebon
anu lumpat ka lebah luar peperangan ge ti bisa kukumaha kusabab diteregteg ku
pasukan panah jeung bandringan batu.
Pasukan
Demak jeung Cirebon anu jumlahna 500 urang lain wae teu siap narima panarajang
pasukan Talaga, ngan kabehna heran naha pasukan Talaga nyerang pasukanana bari
ngucapkeun takbir , padahal pasukan Cirebon jeung Demak samemehna boga anggapan
yen Talaga teh can Islam. Rasa boga salah kusabab nuduh kafir ka pasukan Talaga
beuki ngabeuratkeun pasukan Cirebon jeung Demak dina nyanghareupan
pangperangna. Tilu Senopati ti pasukan gabungan Cirebon, Banten jeung Demak ahirna marentahkeun mundur,
korban ti pasukanana teu kaitung lobana, eleh taktik ku pasukan Talaga anu
unggul najan ngan saukur 300 urang jumlahna.
Sanggeus
hasil meruhkeun panajarang musuh, Pangeran Setiapati / Sunan Wanaperih ngariung
dimedan jurit dibarengan ku para gedegen ti urut karajaan Galuh, sedengekeun ti
karajaan Talaga hadir Raja Sepuh Pucuk Umun Ragamulya, para Rahyang ti
pasangrahan Gunung Bitung Kanjeng Batara Pawenang,Sunan Ciburang, Sang Hyang Manda Agung, Prabu Lembu
Sempulur ti karajaan Panyalu, ratu Selawati, ulama-ulama ti pasantren Gunung
Bitung kabeh nyaksian mundurna pasukan Cirebon-Demak ti medan jurit. Pangeran
Setiapati laju sasauran ; Peperangan ieu nandakeun geus tumpurna rasa duduluran
antaran umat manusia. Mudah-mudahan para pangagung Demak sareng Cirebon
ngarubah cara dina nyebarkeun Islam, teu kudu meruhkeun pasukan perang tapi
make cara-cara anu ngutamakeun silaturahmi jeung duduluran.
Sabenerna
para Kasepuhan karajaan geus surti mangsa kajayaan Pajajaran geus tumpur
sakumaha ka gambar dina cacandran pajajaran, malah harita ngan tinggal karajaan
Talaga anu masih keneh tuhu ka Pajajaran.
Lian ti kitu para Batara geus noropong jeung yakin yen cahaya Pajajaran
geus pindah ka diri Sunan Gunung Jati Cirebon. Kukituna kabeh oge sapuk,
miharep sangkan Sunan Gunung Jati datang ka Talaga keur mageuhkeun pangaruhna
di Talaga kalayan rasa duduluran. Unggal kasepuhan karajaan Talaga oge miharep
ulah nepika anu datang ka Talaga teh Pangeran Walangsungsang anu boga gelar
Raja Sangara , Sangara anu hartina bandel,
anu teu dipikaresep kusabab Walangsungsang leuwih resep make cara perang
alabatan cara duduluran.
Sabulan
ti harita, hawar-hawar kadenge deui khabar yen pasukan Cirebon rek ngajorag
deui Talaga. Aria Kikis geuwat taki-taki mernahkeun pasukanna ditapel wates
jeung Cirebon. Inyana ayeuna anu langsung mingpin pasukan di bagian hareup,
tumbak pusaka karajaan Cuntang Barang geus dicekel ku lengeung katuhu, Aria
Kikis / Pangeran Setipati marentahkeun ka pasukanana lamun tumbak Cuntang
Barang diangkat diayun-ayun eta tanda dirina marentahkeun pasukanna sangkan
ngagempur musuh anu datang.
Nepika
tengah poe pasukan Cirebon teu katingal tanda-tandana bakal datang, ti kajauhan
ngan katingal aya aleutan leutik, hiji gegeden dikawal ku tilu urang pasukan.
Gegeden anu datang oge teu make pakaean perang, raksukana basajan pisan, make
jubah sarwa bodas, gagah jangkung, paromanna beresih, komarana katingal pisan
moncorong yen ieu jalma teh bijaksana tur ahli ibadah. Pasukan Talaga anu geus
taki-taki oge jadi heran teu nyangka anu datang lain pasukan tempur sakumaha
anu kungsi datang ngajorag, tapi ieumah aleutan jalma opatan.
Pangeran
Setiapati geuwat surti, inyana mapagkeun sorangan rombongan anu datang ti
Cirebon. Pasukanana taki-taki bari merhatikeun lalampahan panglima perangna.
Lila-lila duanana katingal marahmay, tuluy ngawangkon bangun geus dalit siga
dua dulur nu geus lila teu tepang. Ti kajauhan katingal tamu ti Cirebon
ngaluarkeun solendang warna emas bari tuluy disolempangkeun ka Pangeran
Setiapati, lian ti eta tamu ti Crebon masrahkeun bokor emas sarta nyelapkeun
pedang emas di cangkeng Pangeran Setyapati, teu lila Pangeran Setyapati tapak deku dihareupeun tamu ti Cirebon bari
masrahkeun pusaka karajaan Talaga tumbak si Cutang Barang. Pasukan Talaga jeung
Kasepuhan Talaga ngarasa heran ningali anu dipilampah ku Aria Kikis jeung Tamu
ti Cirebon, ngan kabeh percaya pisan yen naon wae anu geus dipilampah ku Aria
Kikis mangrupakeun tindakan anu dumasar kana kawijakanana pikeun karajaan
Talaga kahareupna.
Teu
kungsi lila Aria Kikis mawa asup tamu ti Cirebon ka daerah Talaga, sarta
ngumpulkeun kabeh pasukanna jeung kasepuhan Talaga sarta ngabewarakeun yen anu
datang ka Talaga teh Sunan Gunung Jati waliyulloh anu oge Sultan Cirebon,
kadatanganna ka Talaga seja ngaraketkeun duduluran komo deui cenah Aria Kikis
jeung sabagean rahayatna geus muslim. Sanggeus kitumah Aria Kikis sasauran ka
rahayatna ,” Salila ieu urang tuhu ka Pajajaran kusabab harita Sri Maharaja
Kanjeng Prabu Siliwangi masih keneh jumeneng sarta jadi jungjungan urang,
sateuacan inyana ngahiyang di Rancah Maya. Anu mulya Prabu Siliwangi tinangtos
parantos ngutus putuna anu ayeuna dipayuneun urang hadir nyaeta Kanjeng Sinuhun
Sunan Gunung Jati.
Ku
hadirna Kanjeng Sinuhun urang yakin yen perang geus rengse, ayeunamah urang
raketkeun duduluran, urang hirup rukun kalayan panangtayungan ti Kanjeng
Sinuhung anu bakal adil paramarta ka urang sadayana nu geus muslim atanapi anu
masih keneh ngagenggem agama Sunda Sanghyang. “ kitu kirang langkung sasauran
Pangeran Setyapati sawaktu papasrahan karajaan Talaga ka Sunan Gunung Jati.
Sanggeus
kitu, SGJ Cirebon diangkir ka karaton Ciburang puser dayeuh karajaan Talaga, di
karaton ieu SGJ sasauran sangkan Pangeran Setyapati ditetepkeun jadi raja
Talaga sanggeus Prabu Pucuk Umun Raga Mulya ngarolos ti karaton Talaga muru
tanah kabuyutan di gunung Pulosari Banten.
Ngan pikeun Setyapati/ Sunan Wanaperih hal eta tacan waktuna, inyana
leuwih milih rek neuleuman heula agama Islam leuwih jero ka SGJ samemeh engkena
jadi Raja Talaga bari tetep nempatan karaton Wanaperih bagian ti karaton
Ciburang. Kahayang eta ditedunan ku kasepuhan karajaan Talaga, sedengkeun
pikeun raja panyelang dikukuhkeun Sunan Ciburang adina Prabu Pucuk Umun
Ragamulya. Ti harita karajaan Talaga jadi bagian ti Kasultanan Cirebon,
Pangeran Setyapati dianugrahan gelar Aria minangka hiji bupati bagian ti
Kasultanan Cirebon, sanggeus ngistreanan Aria Kikis SGJ Cirebon mulih deui ka
Cirebon.
Sanggeus
Talaga jadi bagian ti Kasultanan Cirebon, syiar Islam di Talaga mangkin euyeub,
kalayan kasadaran sorangan rahayat jeung gegeden karajaan Talaga beuki loba anu
pindah agama kana agama Islam. Syeh Bayanulloh anu ngokolakeun pasantren di
gunung Bitung nyebarkeun para cantrikna pikeun ngawangun pasantren-pasantren
sejenna di tempat lain diwilayah karajaan Talaga. Tuluy sanggeus ngarasa cukup
umurmah, Pangeran Setyapati / Sunan Wanaperih diangkat jadi Raja Talaga Ku
Sunan Gunung Jati Cirebon, ngaganti mamangna nyaeta Sunan Ciburang anu jadi
raja panyelang. Teu lila ti harita, Kanjeng SGJ Cirebon wafat dina taun 1568 M
dina umur 125 taun, Sultan Maulana Yusuf Sultan Banten sanggeus wafatna SGJ
Cirebon ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Kasultanan Cirebon, jadi hiji
Kasultanan anu mandiri. Sataun ti harita Sultan Maulana Yusuf ngeprikkeun
wadyabaladna ngagempur karaton Pajajaran di Pakuan kalayan didukung ku pasukan
ti Cirebon.
Prabu
Nilakendra Raja Pajajaran ka IV (1551-1567) ngarolos ti karaton, ahirna tiwas
dipangungsian. Watu Gigilang paranti ngistrenan Raja-raja Sunda salila ratusan
taun dibawa ka Banten. Karajaan Pajajaran dina jaman Prabu Nilakendra memang
geus nyirorot pisan pamorna, raja jeung para gegedenna geus loba ninggalkeun
ajaran purbatisti jeung purbajati Sunda. Hirup sarenang-senang, resep nginum
arak nepika mabok, jeung suka-suka padahal rahayatna hirup rudin bari loba nu
kalaparan. Sanggeus raja perlaya, makuta karajaan Sang Hyang Pake / makota
Binokasih anu salila ratusan taun jadi makuta raja Sunda ti jaman Prabu
Bunisora Suradipati (1357-1371 M) disalametkeun ku opat pangagung Pajajaran nu
sok disebut Kandage Lante nyaeta opat sadulur nu mawa makuta Binokasih ka Prabu
Geusan Ulun Raja Sumedang Larang, nyaeta Panglima Perang Jayaperkosa,
Wiradijaya, Kondang Hapa jeung Batara Pancar Buana.
Nu
jadi gaganti Raja Pajajaran Nilakendra, nyaeta Prabu Seda Nusia Mulya Suryakancana Raja Pajajaran ka genep,
minangka Raja Pamungkas. Inyana geus teu nempatan karaton di Pakuan, kusabab
diistrena di pangungsian di gunung Pulosari (ayeunamah kaereh ka kampung
Kaduhejo, Kacamatan Menes Kab.Pandeglang, Banten). Prabu Seda Nusia Mulya jadi
raja panutup ti taun 1567-1569 inyana tuluy tiwas sawaktu digempur pasukan
Banten anu muru katempat pangungsianana. Tanggal 8 Mei 1579 / 11 Rabiul Awal
987 H, Sultan Banten Maulana Yusuf kalayan resmi ngumunkeun yen karajaan Pajajaran
geus dihapus. Pajajaran runtag kusabab raja-rajana geus loba anu ninggalkeun
ajaran kahirupan anu hade sakumaha ajaran purbatistis purbajati Sunda sakumaha
anu geus dilakona ku Sri Baduga Maharaja Raja Pajajaran ka I anu geus bisa mawa
Pajajaran dina jaman kaemasan. Kusabab kitu pasukan Islam ti Banten jeung
Cirebon incu buyutna Sri Baduga Maharaja keneh ngarasa geus waktuna
ngeureunkeun sagala panyalewengan ahlak anu dipilampah ku para pangagung
Pajajaran sarta ngagantina ku ajaran Islam.
(Bah Duhin kuncen di Makam Sunan Wanaperih di
Kp. Kebon Warna Desa Kagok Kec. Banjaran Majalengka. Dikomplek ieu dikurebkeun
oge gerwa Sunan Wanaperih sareng Sunan Kidul putrana Sunan Wanaperih. Foto Mei
2012.)
2.Aria Wangsagoparana
Sunan
Wanaperih jadi Raja Talaga lilana 24 taun, saparantos pupus dikurebkeun di di Desa
Kagok Kac Talaga Majalengka.Sunan Wanaperih puputra : 1.Dalem Kulanata anu
dijadikeun Bupati Maja, 2. Dalem Cageur dijadikeun Bupati Darma, 3. Sunan KIdul
/ Rd. Apun Surawijaya ngaganti dirina jadi Raja Talaga, 4. Ratu Radea
ditikahkeun ka salah saurang Pangeran ti bkeun Cakradewa. 6. Nu bungsu nyaeta
Raden Kanarun sanggeus jadi ulama penyebar agama Islam ku Kasultanan Cirebon
dianugrahan gelar Aria Wangsa Goparana ku Pangeran Emas / Panembahan Ratu /
Sultan Cirebon (1568-1649). Wangsa Goparana hartina pamanggul pakarang
perang,
sedengkeun Aria gelar Bupati anu dianugrahan ku Sultan Cirebon.
Nurutkeun
riwayat ieu, sawaktu Karajaan Pajajaran runtag, Aria Wangsagoparana umurna
karak 24 taun rengse masantren di Pasantren Amparan Jati Cirebon. Raden Kanarun
atawa Aria Wangsa Goparana ngadahup ka Nyi Mas Siti Mahayu sekeseler Raja
Widara ti Panyalu. Hiji waktu Aria Wangsagoparana mayun ngadep ka Sultan
Cirebon, inyana hoyong jadi ulama anu nyebarkeun agama Islam diwewengkon urut
daerah kakawasaan Pajajaran. Pamunut eta ditarima kalayan kabungahan ku Sultan
Cirebon, tuluy ku Sultan Cirebon, Aria Goparana ditugaskeun mageuhkeun agama
Islam diwewengkon Kasultanan Cirebon keneh anu aya di pertengahan, nyaeta
antara Kawali jeung Pakuan, anu tapel watesna deukeut wewengkon Wanayasa.
Sabenerna diwewengkon eta, dihulu wahangan Cijalu jeung Ciparanje geus ngadeg
hiji pasantren anu dikokolakeun ku ulama sepuh katurunan Panembahan Girilaya
Cirebon nyaeta Rd Kyai Aria Tarumananggala.
Sultan
Cirebon mere pituduh pitempateun Aria Goparana nyaeta wewengkon nu deukeut
jeung hiji talaga anu herang caina ngamalirna ka lebah kaler. Talaga eta teh
sabenernamah hulu wahangan Ciasem. Aria Wangsagoparana ditugaskeun nuluykeun
syiar Islam anu geus ditaratas ku Rd. Kyai Aria Tarumananggala. Pikeun
kalancaran ngalaksanakeun tugas, Sultan Cirebon marentah Ki Ngabehi Sura
Anggaprana jeung puluhan prajurit Cirebon ngajaga kasalematan Aria
Wangsagoparana jeung kulawargana.
Samemeh
ngalaksakeun tugas ti Sultan Cirebon, Aria Goparana jeung rombonganana
sindangheula di karaton Wanaperih nepangan ramana nyaeta Raja Sepuh Sunan
Wanaperih / Pangeran Setyapati/ Aria Kikis
seja munut doa jeung restu, Ku Aria Kikis putrana dibahanan sagala rupa
kaperluan sarta puluhan pasukan marake
kuda , lian ti kitu Aria Kikis nugaskeun 15 jajaka ahli perang minangka
pangawal khusus Wangsagoparana. Jumlah
rombongan kabehna aya kana 70 urangna. Miang ti karaton Wanaperuh rengse Sholat
Subuh dikawal ku Raja Talaga Sunan Kidul / Apun Suriawijaya rakana Aria
Wangsagoparana. Wanci haneut moyan rombongan geus nepika sisi wahangan
Cilutung, rombongan tuluy meuntas wahangan muru jalan kelebah kidul,
ngahindarkeun diri boh bisi asup kana wilayah Sumedang Larang. Dina wanci
reupreupan muru ka maghrib rombongan geus nepi ka wewengkon gunung Cakrabuana
beulah kalerna. Di wewengkon ieu rombongan Raja Talaga Sunan Kidul pamitan rek
balik deui ka Talaga, sedengkeun Aria Wangsagoparana jeung rombonganana
nuluykeun lalampahan ka arah ngidul nepika hiji pakampungan leutik di lalamping
gunung Calangcang didieu rombongan reureuh nepika isuk ganti poe.
Dipakampungan
eta rahayatna geus nganut agama Islam, malahmah geus ngadeg hiji masjid / bale
dana, cek toa kampungna masyarakat muslim di lalamping gunung Cisokan ieu
diwuruk agama Islam ku ulama sekeseler Sunan Rohmat / Kian Santang nyaeta
Kanjeng Kyai Kadungora nu geus mulang kakalangengan. Sawaktu kadatangan Aria
Wangsagoparana jeung rombonganana ka pakampungan ieu aya kajadian anu matak
para toa kampung kawiwirangan, harita dumadakan loba parawan (cawene) anu
kapentang asmara ku kagagahan pasukan Aria Wangsagoparana, nepi lalampahanana
para wanoja teu uni deui sakuduna kalakuan hiji wanoja.
Antukna
salah saurang aki kokolot kampung ngarasa era ka Aria Wangsagoparana ku
kalakuan para cawene, nepika si aki nyarekan laklak dasar ka para wanoja anu
garumeulis ka para pasukan Aria Wangsa Goparana “ Naha Kunaon maranehna teh
milampah kitu ngerakeun pisan, siga nu garelo, “ kitu pokna si aki sawaktu
nyarekan ka para wanoja. Atuh ahirna ti harita eta lembur teh dingaranan
kampung Garela, kusabab si aki – aki huntuna geus lemong, teu bentes deui
kuduna nyebutkeun garelo kalahkah garela.
Ti
kampung Garela, rombongan nuluykeun lalampahan miang ka hulu Cimanuk muru jalan
motong turunan jurang di Citengah, supaya geuwat nepi jeung bisa reureuh di
Pangaroan. Pangaroan the hiji pakampungan anu geus deukeut ka “jalan sararea”
nyaeta jalan anu kungsi diwangun ku Prabu Siliwangi ti Pakuan Bogor nepika
Kawali. Dina poe ka opat rombongan nepika suku gunung Canggah. Didieu aya
kajadian aheng, Sawaktu ngalaksanakeun shalat berjamaah Dhuhur anu dipingping
ku kasepuhan Ngabehi Sura Anggaprana, sarengsena sholat Ngabehi Sura Anggaprana
mere isyarat sangkan pasukan khusus 15 jajaka geuwat nyalingker ngurilingan
Aria Wangsagopara jeung gerwana, ieu pertanda sang Ngabehi anu geus pangalaman
dina pangperangan ngarasa aya musuh anu keur nyumput ngadodoho rombongan
bongoh. Kabeh rombongan sigep taki-taki marake pakarangna sewang-sewangan. Ki
Ngabehi Sura Anggaprana tuluy nangtung neuteup seukeut ngahiji arah rungkun anu
aya disagedengeuna, bari tuluy ngajorowok handaruan, “ aranjeun anu keur
nyumput dirungrungkun leuwueung geuwat kalaluar nembongkeun diri, kami lain
jalma jahat tapi kami katurunan Pajajaran anu rek balik deui ngulon. Lamun
maraneh teu boga niat jahat geuwat kaluar , lamun tetep wae nyumput ku kuring
kabeh rek dijorag, “ kitu pokpokanana Ki Ngabehi.
Teu
lila ti jero rungkun anu suni kaluar lalaki keker, paromanana galak, ngan teu
mawa pakarang, ari dina ciri-ciri papakeanana mah katingalna lain jalma jahat,
tuluy ari geus kitumah kalaluar anak buahna tina rungkun-rungkun panyumputan
bari marawa pakarang ngan henteu dicabut tina sarungna tandaning taya maksud
rek nyerang rombongan Aria Wangsagoparana. Lain lalaki wungkul anu kaluar tina
panyumputan teh aya oge pasukan wanoja ngan sarua teu ngagunakeun pakarang
perangna. “ Assalamualaikum, “ cek Ki Ngabehi, ngan anu dibere unjuk salam
henteu nembalan. Ningal anu ditanya caricing wae Ki Ngabehi timbul kakeselna
tuluy ngajorowok deui , “ Mun kitu maraneh lain urang Pajajaran, kusabab teu
boga adat kasopanan, panon we carolohok tapi teu nempo saha anu ditempona. Kami
baheula bagian ti Pajajaran, ayeuna keur ngajaga kasalematan Kanjeng Aria
Seuweu Bao (sebutan keur Aria Wangsagoparana anu boga teureuh kalima ti Prabu
Siliwangi ). Abong-abong Pajajaran geus ngahiyang, arandika geus teu apal
ayeuna keur nyanghareupan katurunan Gusti Maha Prabu Siliwangi, naha teu
ngarasa bagja papaamprok jeung Kanjeng Aria Seuweu Bao ? “ cek Ki Ngabehi.
Sanggeus
ngadenge pitutur ti Ngabehi Anggaprana mah, ahirna kabeh jalma anu tadi
nyarumput teh nyaruuh dina taneuh bari nyembah ka Ki Ngabehi, “ Neda
pangampunten gusti, panginten teh pangersa wadya bala ti Cirebon atanapi Banten
anu sok rajen perang ngarogalaha sakurna rahayat Pajajaran anu tu daek asup
Islam, abdi sadaya tilas rahayat Pajajaran ti wewengkon Sumedang, tadina
nyangki gusti teh ti Cirebon atanapi
Banten kumargi sami sok milahpah ibadah siga tadi, sok sieun Gusti the
talajakna sareng kabengisanana sami sareng wadyabala Cirebon sareng Banten.
Atuh ari gusti masih keneh putu buyut
Gusti Maha Prabu Siliwangi mah, sim kuring sareng rombongan munut
panantayungan ngiring seja babaktos ka pangersa, neda diwuruk agama Islam.
Nanging upami gusti henteu percanten mah mangga wae sim kuring sareng rombongan
moal ngalawan upami bade dihukuman ku pangersa, “ Kitu cek Ki Nasita pamingpin rombongan
anu disangka rek nyerang rombongan Aria Wangsa Goparana. Ngadange papasrahan ti
Ki Nasita, Ngabehi Anggaprana jeung Aria Wangsagopara ngaheruk tuluy sasauran
yen rombongan Ki Nasita rek dbibawa minangka bagian ti rombongan Aria
Wangsagoparana, sarta ti harita rombonganana arasup Islam kalayan sukarela.
Rombongan
Aria Wangsagoparana tuluy muru arah Ngulon lalampahanana muru wewengkon gunung
Tangkuban Parahu, sabab nurutkeun wejangan Sultan Cirebon didinya aya
lalaki kasepuhan Sunda Sanghyang sok disebut
Uyut Dalu anu sok ngajual kuda. Cenah pindahna Uyut Dalu ka wewengkon Tangkuban
Parahu the kusabab ngadenge yen raja Sunda geus disunatan sarta geus asup
Islam. Uyut Dalu jeung bapana meunang ilapat lamun rek asup Islam mah cenah
kudu ngadagoan di gunung Tangkuban Parahu, nurutkeun ilapat nu katarimana Uyut
Dalu engke bikeun cenah kuda teh ka Ulama anu datang sarta tuluy menta
diajarkeun bagbagan agama Islam jeung menta ditungtung pikeun asup agana Islam.
Ngan kusabab ngadagoan lila teuing bapana Uyut Dalu nyaeta Buyut Koja kaburu
maot ti heula teu kungsi ngalaman asup agama Islam. Sawaktu datang ka wewengkon
gunung Tangkuban Parahu tempatna Uyut Dalu jeung kuda-kudana, Ki Nasita anu
apalaeun ka Uyut Dalu tuluy nerangkeun saha sabenerna ari Aria Wangsagoparana
the ka Uyut Dalu, tuluy sanggus ngadenge carita KI Nasita mah Uyut Dalu tuluy
menta dibimbing asup Islam ku Aria Wangsa Goparana.
Aria Wangsagoparana jeung rombongan nuluykeun
lalampahanana muru wahangan Cijalu pikeun nepangan ulama sepuh Kanjeng Kyai
Aria Tarunamanggala. Aria Wangsagoparana sanggeus nyaritakeun lalampahanana ti
Cirebon nepika Cijalu tuluy menta dituduhkeun tempat anu dimaksud ku Sultan
Cirebon nya eta wewengkon anu aya sagara nu herang caina pikeun muka
pakampungan minangka puser dayeuh
paranti syiar Islam.Sarengse nepangan Aria Tarunamanggala, rombongan Aria
Wangsagoparana tuluy muru tempat anu ditangtukeun pidayeuhan nyaeta teu jauh
tina jalan padati, tegalan anu taneuhna bahe ngetan – ngaler. Tiharita
rombongan ngababad alas nyieun pilemburan anu engkena disebut Dayeuh Sagala
Herang anu hartina sagala bersih tur caang. Tempat anu teu jauh ti jalan padati
anu biasa diliwatan , estu merenah pisan mun ngadegkeun pasantren kusabab
gampil diradegdeg ku saha wae.
Ngawangun
pakampungan nepika mekar jadi hiji pamarentahan kadaleman lilana leuwih kurang
20 taun, syiar Islam anu jadi udagan teu rongret-rongret ditarekahan di
saubeureun Subang jeung Pantura. Aria Wangsagoparana tuluy ngeprikan
santri-santri binaana sangkan mageuhkeun pangaruh Islam dimasarakat, Buyut Dalu
urut tokoh agama Sunda Sanghyang anu geus jadi ulama teu katinggaleun dina
syiar Islam, inyana the hiji kokolot anu dipikahurmat ku balarea kukituna
sawaktu jadi ulama Islam loba jalma anu arasup Islam kujalan tarekahna nyebarkeun
pangaruh Islam. Sangkan gampil dina ngokolakeun jamaah anu beuki loba,
Wangsagoparana ngawangun sababaraha pasantren diantarana Pasantren di Curug
Agung jeung Buniayu. Ku para santrina Aria Wangsagoparana biasa disaur ku
sebutan Kanjeng Kyai Aria.
Pikeun
ngajaga pertahanan wewengkonna Aria Wangsagoparana ngawangun pager kayu
disakuliling unggal pasantrenna nu disebut Kikis sakumana anu kungsi diwangun
ku ramana dikaraton Wanaperih. Ari ku para santrinamah pager kikis the disebut
Pager Talutug, antukna pasantren di Curug Agung dipikawanoh ku sebutan
pasantren Talutug. Disabudeureun pasantren aya wahangan anu meulah pakampungan,
kusabab kitu wahangan ieu disebut wahangan Cinengah. Lila-lila pakampungan ieu
jadi wilayah padaleman anu disebut kadaleman Cinengah lain kadaleman
Sagalaherang. Nurutkeun hiji katerangan Aria Wangsagoparana nepika wewengkon
sagalaherang teh sataun sanggeus runtagna karajaan Pajajaran, inyana teu lila
dumuk di Sagalaherang, kurang leuwih ngan sataun, tuluy mindahkeun puser dayeuh
ka wewengkon anu ahirna disebuy Dayeuh, sedengkeun Sagalaherang jadi Dayeuh
Kolot. Bumen-bumen ngokolakeun daerah jeung syiar Islamna diperkirakeun dina
abad ka 16 M, ditempat ieu Aria Wangsagoparana kangungan putra anu cikal nyaeta
Raden Entol Wangsagoparana , dina yuswa 50 taun Dalem Aria Wangsagoparana
dianugrahan deui putra pameget. Kalahiran putra anu kadua ieu sawaktu
Kasultanan Cirebon geus nyilorot pamorna malahmah jadi hiji kabupaten bawahan
Mataram, sedengkeun wilayah anu keur dikokolakeun ku Dalem Aria Wangsagoparana
keur meujeuhna mekar ngan tacan dilaporkeun ka Mataram, atawa ka Sumedang
Larang. Dayeh Anyar wargana geus aya kana 500 urangna, malahmah diantarana aya
Tionghoa katurunan marga Tan da marga Kwee anu geus arasup agama Islam.
(Nu nulis jeung Haji Khumaedi (dipeci) kuncen
di makam Aria Wangsa Goparana di Kp. Nangkabeurit Sagalaherang, Subang. Foto
Mei 2012. )
3. Pangeran Jayalalana /
Dalem Cikundul
Kalahiran
putra anu kadua beda jeung putra nu lainna, sawaktu dikandung ku Siti Mahayu
gerwana umur kandunganana leuwih ti sataun, laju sawaktu rek dibabarkeun oge ku
Wangsagoparana katingal aya cahaya gumulung dina jero kandungan gerwana,
samemeh lahirna putra kadua ieu alam disabudeureuna keur diguyur hujan
ngarinrincik, harita dina wanci sore muru ka waktu ashar. Ku kasepuhan Ngabehi
Sura Anggaprana samemeh lahir jabang bayi geus diramalkeun yen jabang bayi
engkena bakal jadi hiji jalma pangkat anu dipikaserab ku sasaha, malah raja
Jawa oge bakal ngarasa ajrih ka sang jabang bayi lamun geus jenengna. Sang
jabang bayi anu kadua lahir taun 1023 H.
Sapoe
sanggeus lahir sang jabang bayi, dumadakan Aria Wangsa Goparana kadatangan tamu
aki-aki jeung nini anu ngaku nganut agama Sunda Sanghyang. Cek eta aki-aki
nyaeitakeun yen samemehna manehna ngimpi ningal Aria Wangsa Goparana keur zikir
bari nyekel pakarang Kujang tina emas, eta hartina Aria Wangsagoparana teh
katurunan Prabu Siliwangi anu kudu jadi panutan si aki jeung nini. Sanggeus
kitu mah si aki-aki jeung si nini menta dibimbing hayang asup Islam tuluy
macakeun dua kalimah sahadat dibimbing ku Wangsagoparana.
Geus
asup Islam si Aki ngebrehkeun yen manehna meunang ilapat kudu nalingaan jabang
bayi nu karak lahir kusabab ayah hal-hal anu kudu ditepikeun, tuluy ku Aria
Wangsa Goparana si aki-aki dibawa sina ningal orok lalaki anu karak
dilahirkeun, dumadakan si aki-aki reuwas ningal ramo curuk jeung ramo jari
tengah jabang bayi sajajar, hal eta hiji tanda yen sang jabang bayi bakal jadi
salah saurang raja ditatar Sunda. Jabang bayi lalaki putra kadua Aria
Wangsagoparana ieu dinamian Pangeran Jayalanana, sedengkeun ku aki-aki jeung
nini urut panganut Sunda Sang hyang jabang bayi the dinamian Pangeran Panji
Kusumah cenah saluyu jeung ilapat anu katarima ku manehna .Lian ti Raden Entol
Wangsagoparana jeung Pangeran Jayalalana , para putra Aria Wangsagoparana anu
sanesna nyaeta : 3. Raden Aria Yudanagara, Dalem Cobodas Dayeuh Kolot
Sagalaherang, 4. Raden Aria Cakradiprana jadi Bopati Cinengah di sagalaherang,
5. Raden Aria Yudamanggala jadi Dalem di Nangkabeurit, Sagalaherang, 6. Raden
Wiradiwangsa Dalem Ciparage Tanah datar, 7. Raden Tumenggung Santaan Kumbang di
gunung Ceremai, nu ka 8. Nyai Raden Muhyi di Nangkabeurit Sagalaherang.
Ti
umur 3 taun keneh Pangeran Jayalalana geus ningalikeun bakat kacerdasanana,
geus bisa ngapalkeun Surat Yassin kalayan fasih jeung bener. Kukituna ti umur 8
taun keneh ku sepuhna geus dipasantrenkeun di pasantren Amparan Jati Cirebon.
Kitu deui keur adi-adina Jayalalana kabeh dipasantrenkeun di Pasantren Amparan
Jati, ihwal ti Raden Entol Wangsagoparana putra cikal Aria Wangsagoparana anu
teu kungsi dipsantrenkeun di Cirebon, kusabab sawaktu keur burey sepuhna keur
meujeuhna sibuk-sibukna ngamekarkeun daerah Sagaraherang sangkan jadi puseur
syiar Islam di sabudeureun basisir laut kaler .
Lian
ti diatik agama islam, Jayalalana diatik oge elmu kanuragan jeung cara naek
kuda ku ramana jeung ku kasepuhan Ngabehi Anggprana. Malahmah Ki Buyut Dalu oge
kungsi ngatik olah kanuragan ka Pangeran Jayalalana teh. Pangeran Jayalalana
asup pasantren Amparan Jati Cirebon diperkirakeun dina awal abad ka 17 . Najan
umurna can sawawa, Jayalalana the dipikawanoh minangka hiji santri anu cerdas,
utamana dina widang agama jeung sajarah karajaan – karajaan Sunda nepika sajarah
lahirna Kasultanan Cirebon. Jayalalana remen nanyakeun kapara guruna naon
alesanana wadyabala Islam ngarurug karajaan-karajaan anu can daraek arasup
Islam. Kusabab pikeun Jayasasana najan masih keneh rumaja leutik geus wani
ngungkabkeun kamandangna yen syiar Islam leuwih loyognamah lamun disebarkeun
make jalan damey. Sikap kritis Jayalalana ieu mawa kahariwang ka sakuman
guru-guruna dipasantren boh bisi teu bisa ngajawab sajumlah panayaan
Jayasasana. Sok sieun lamun Jayalalana teu puas ku jawaban para guruna,
Jayalalana nanyakeun kaluareun pasantren Cirebon, padahal di Cirebon mangsa
keur rame-ramena ku sumebarna aliran Syiah anu dibawa ku para murid Syeh Siti
Jenar.
Sawaktu
Jayalalana nincak umur 17 taun, tanah Jawa harita keur aya dina jajahan Belanda
anu dipingpin ku Jan Pieter Jung Coen. Pasukan Belanda nu miboga paralatan
perang anu lengkep jeung didukung ku 500 urang prajurit geus hasil meruhkeun
Jayakarta anu samemehna dikawasaan ku Kasultanan Banten. Alesanana Belanda teu
suka Kasultanan Banten biluk ka Inggris sarta mere kalaluasaan ngawangun loji
di Jayakarta. Taklukna Banten ka Belanda di Jakarta sarta teu walakayanana
Cirebon, ngajadikeun Jayalalana hayang mantuan ngusir Belanda. Jayalalana nu
karak umur 17 taun tuluy ngadep Sultan Cirebon Panembahan Ratu, sangkan
diijinan ngagempur Belanda najan saumpama inyana kudu meruhkeun pasukan ti
nagara Sagalaherang .
Ramalan Sunda Buana Panca
Sultan
Cirebon bati ngaheruk ningali patekadan hade Jayalalana anu hayang jihad
ngagempur Batavia, Sultan Cirebon sadar diri kabeh Kasultanan di tanah Jawa
harita geus teu walakaya nyanghareupan penjajahan Belanda. Lamun Cirebon
maksakeun ngarugrug Belanda oge, bakal ngajadikeun rahayat sangsara, kusabab
kakawasaan Belanda keur mejeuhna unggul dina sagala widang utamana dina
pakarang keur perang.
Jeung
deuih lamun ningali kana ramalan buhun cacandran Pajajaran, urang Sunda
sanggeus runtagna Papajaran memang cenah bakal ngalaman sababaraha jaman nu
disebut “ Sunda buana Panca “ nyaeta lima jaman anu bakal dialaman ku sakumna
urang Sunda, mangsa kahiji nyaeta Sunda Papa atawa Sunda kahinakeun, anu kadua
mangsa Sunda Sangsara, nu katilu mangsa Sunda Gugah, tuluy mangsa Sunda tandang
jeung Sunda Makalangan nepika urang Sunda bakal aya dina jaman Harendong Papak,
dimana kahirupan nagara aya dina adil paramarta karahayatna, sakumaha suluk
tangkal Harendong Papak anu sajajar.
Naon
ari Mangsa Sunda Papa teh ?
Mangsa
Sunda Papa atawa Sunda kahinakeun the digambarkeun sanggeus karajaan Pajajaran
runtag taun 1579 M, kusabab gempuran wadyabala Banten, Cirebon, Demak. Nurutkeun pedaran ieu katurunan raja-raja
ditatar Sunda dibagi ku katurunan raja kembar nyaeta katurunan Raja Galuh Prabu
Linggawesi, jeung katurunan Raja Pajajaran Linggahyang. Prabu Linggawesi jeung
Prabu Linggahyang the cenah anakna Guru Minda Kahyangan atawa Lutung Kasarung
atawa Adipati Panggung Kancana tea ti prameswari Dewi Purbasari.
Sakur
raja katurunan Galuh disebut Darmarehe, sedengkeun katurunan Raja Pajajaran
disebutna Darmapala. Iraha anu dimaksud mangsa Sunda Papa teh? Nyaeta sawaktu
Prabu Kian Santang mamaksa ramana nyaeta Prabu Siliwangi asup Islam, nepika
Prabu Siliwangi ngahiyang. Mangsa ieu disebut mangsa Sunda Kahina / Sunda Papa.
Sangeus ngalaman Sunda Kahina, urang Sunda bakal asup kana mangsa Sunda
Sangsara nyaeta sangeus Papajajaran runtag digempur wadyabala Banten, Cirebon
jeung Demak. Tuluy Prabu Nusa Sanghyang raja
di Pajajaran ngahiyang di gunung Pulasari Banten, kitu deui raja
katurunan Darmarehe nyaeta Raja Talaga, Prabu Pucuk Umun Raga Mulya milih
ngarolos ka Ujung Kulon muru gunung Pulosari sarua pikeun ngahiyang alabatan
asup Islam sakumaha pangajak Sunan Gunung Jati Cirebon.
Mangsa
Sunda Sangsara cenah umurna panjang, cek ieu riwayat panjang mangsa ieu
ibaratna nepika umur aki-aki tunggang gunung. Ngan sanggeus ngalaman mangsa
Sunda Sangsara, cenah urang Sunda bakal ngalaman kabangkitan dina mangsa Sunda
Gugah / Sunda Bangkit ngan hanjakalna umurna teu lila, cenah ngan saumur
jagong. Mangsa kaemasan urang Sunda aya dina mangsa Sunda Tandang jeung Sunda
Makalangan. Najan kitu mangsa kaemasan urang Sunda ieu cenah moal waka tuntas
lamun can nepika dina mangsa Harendong Papak, mangsa dina kaadilan walatra keur
rahayatna. Urang Sunda sangkan bisa hirup dina mangsa Harendong Papak, kudu
bisa newak heula anak domba bulu emas anu aya di jero lautan, anu dijagaan ku
guriang tujuh jeung buta Kalapeteng. Lamun geus meunangkeun anak domba bulu
emas ieu, urang Sunda bakal ngalaman mangsa Sunda Jaya. Ngan hanjakalna taya
katerangan dina pedaran ieu katerangan taun iraha wates-watesna antara hiji
mangsa jeung mangsa lainna.
3. Aria Wiratanu / Dalem
Cikundul :
Taun
1623 M umur Jayalalana diperkirakeun 20 taun, inyana rengse ngeprik elmu di
pasantren Amparan Jati Cirebon. Kusabab dipercaya ku Panembahan Ratu Sultan
Cirebon, Pangeran jayalalana dianugrahan gelar Aria Wiratanu darajatna sarua
jeung pangkat Bopati. Ku Sultan Cirebon Pangeran Jayalalana atawa Dalem Aria
Wiratanu dipancenan tugas sangkan mageuhkeun pangaruh Islam di wewengkon urut
kakawasaan nagara Pajajaran beulah tengah jeung kidul, diantara wahangan
Cikundul, Cianjur jeung Cibalagung. Didinya geus aya masarakat nu geus Islam meunang
ngadawaahan Kanjeng Kyai Girilaya putrana Pangeran Wirapraja ti Cirebon. Sedengkeun
diwewengkon Jampang (pakidulan Sukabumi jeung Cianjur) geus aya Sanghyang
Borosngora putrana Prabu Cakradewa Adipati Singacala Panyalu. Sedengkeun di
pakidulan Cianjur Syiar Islam ditaratas ku sekeseler Prabu Kian Santang / Sunan
Rohmat nyaeta Hyang Jaya Loka diwewengkon Cidamar, Hyang Krutuwana di Parakan
Tilu, Hyang Jatuna di Kandangwesi, Kanjeng Kyai Cinta Linuwih di wewengkon
gunung Wayang.
Ku
Sultan Cirebon, Pangeran Jayalalana dibere waktu dalapan taun pikeun ngayakeun
sisiapan jeung panalangtutikan samemeh ngalaksanakeun parentah Sultan Cirebon.
Laju Pangeran Jayalalana tuluy mulih deui ka Sagalaherang, nepungan
sepuhna, samemeh tepi ka dayeuh
Sagalaherang, Jayalalana ngaso heula di hiji batu gede hideung di Cicadas
nyaeta daerah beulah hilir Sagaleherang.
Batu
teh luhurna tilu tumbak, rata, tur hieum kusabab aya di handapeun tatangkalan
anu hejo gomplok ku dadaunan. Suasana daerah sabudeureun batu rineh luyu pisan
jeung karesep Jayalalana anu sok resep tafakur ditempat anu suni. Kabiasaan tafakur ditempat anu suni sabenerna
remen dipilampah ku Jayalalana utama lamun meunang masalah anu gede atawa
nafakuran ciptaan Alloh SWT. Batu gede nu dipake reureuh antukna dipilih ku
Jayalalana pikeun ngaleyeupan tugas ti Sultan Cirebon anu kacida beuratna
kusabab tugas ngokolakeun daerah kudu disiapkeun sacara lahir batin. Batu gede
tempatna tafakur tuluy disebut Batu Agung, jarakna ka dayeuh Sagalaherang ngan
saukur “sawidak busur” atawa lamun itungan jaman ayeunamah kurang leuwih aya
kana lima kilo meterna.
Sawaktu
nepika ka Sagalaherang, Jayalalana dipapagkeun ku kasono indung bapana, sarta
adi-adina kayaning Raden Wiradiwangsa, Raden Tumenggung, jeung adina nu kakarak
umur 8 taun nyaeta Nyai Raden Muhyi. Sedengkeun adina anu lain nyaeta Raden
Yudanagara, Raden Cakradiprana, jeung Raden Yudamanggala masih masantren di
pasantren Amparan Jati Cirebon. Para putra Aria Wangsagoparana anu masantren di
pasantren Amparan Jati Cirebon kabehna jadi santri pinunjul, malahmah ku Sultan
Cirebon kabehna dianugrahan gelar Aria sadarajat jeung pangkat Bopati. Ngan
engkena anu bener-bener jadi Bopati anu boga wilayah jeung ngolah nagara ngan
Raden Aria Cakradiprana anu nyangkring kakawasaan jadi Bopati Cinengah.
Sedengkeun Raden Aria Ngabehi Yudanagara sanggeus ngalap elmu di pasantren
Amparan Jati Cirebon mancen tugas jadi Kepala Masyarakat Dayeuh Kolot
(Sagalaherang), sedengkeun Raden Aria Ngabehi Yudamanggala engkena jadi Pembantu
Utama Raden Aria Wiratanu sawaktu mimiti ngabuka Cikundul, minangka panghubung
antara Cianjur heubeul deukeut Cijetis anu dikokolakeun ku Raden Ngabehi
Santaprana jeung Cikundul. Nepika ahirna Cikundul jadi nagara anu mardika.
Mulih
deui kana bahasan : Sanggeus Jayalana dumuk deui di Sagalaherang, kusabab
masantren ninggalkeun wewengkon ieu
salila kurang leuwih sapuluh taun geus loba kamajuan di Sagalaherang.
Malah diwewengkon ieu geus mekar deui hiji kadaleman anyar nyaeta Cinengah,
kusabab kitu Sagalaherang antukna disebut Dayeuh Kolot. Ngan sanajan geus maju
dina widang pangwangunan nagara, dua kadaleman ieu kakurangan ulama, padahal
jumlah warga anu arasup agama Islam beuki loba sapanjang jalur nu disebut jalur
Siliwangi nyaeta wewengkon antara suku gunung Pasir Tunggul parat nepika lebah
kulon wahangan Ciasem nu aya disuku gunung Tangkuban Parahu. Salila teu aya
Jayalalana ngabina umat disuklak seklokna kadaleman Dayeuh Kolot (Sagalaherang)
jeung Cinengah dikokolakeun ku Raden Entol Wangsagoparana anak cikal
Wangsagoparana ku jalan ngeprikeun para santrina jeung kabeh puragabaya ti
karajaan Talaga nu dipingpin ku Ki Mahali. Hanjakalna para pugabaya najan masih
tetep siap ngabantuan mageuhkeun pangaruh Islam ditiap wewengkon, umur
rata-rata anggota puragabaya geus ampir tunggang gunung rata-rata umurna lima
puluh taunan mun ukuran jalma ayeunamah.
Kukituna
hadirna deui Pangeran Jayalalana di Sagalaherang dipiharep pisan, komo deui
datangna Jayalalana ka Sagalaherang dibarengan ku para pangawalna ti kasultanan
Cirebon nu jumlahna sabelas urang. Para pangawal Jayalalana ti Cirebon kabeh
oge didikan pasantren Amparan Jati Cirebon. Pasukan pangawal Jayalalana ieu
dipingpin ku Ngabehi Satia Prana. Antukna ayana Jaya Lalana di Sagaherang
dimangfaatkeun pisan pikeun ngatik bagbagan agama Islam jeung ngadidik elmu
kaprajuritan karajaan Talaga.
Ku
Pangeran Jayalalana wewengkon Dayeuh Kolot jeung Cinengah ditata deui make
atikan Islam jeung pertahanan kanagaran sakumaha elmu ti pasantren Amparan Jati
Cirebon bari dibantuan ku Ngabehi Satia Prana, malah tempat-tempat anu mencil
kayaning suku gunung Canggah beulah wetan jeung wewengkon Bobojong deukeut
wahangan Ciasem geus ditempatkeun prajurit jaga duaan bari ngawal kasepuhan Ki
Nasita, kitu deui diwewengkon nagri Udug-udug (Pagaden Baru ayeunamah).
Sedengkeun prajurit lainna tetep sayaga ngawal Pangeran Jayalalana anu
sawaktu-waktu nalingaan kaamanan diwewengkon sapanjang wahangan Citarum antara
Sanghyang Kendit nepika hilir Sanghyang Tikoro (Sang Hyang Kendit ayeuna jadi
PLTA Jatiluhur).Sikep ngabina rahayat kujalan silaturahmi jeung ukuwah
Islamiyyah anu diterapkeun ku Jayalalana antukna mere rasa aman kasakumna
sanubari rahayat diwewengkon Cinengah jeung Sagalaherang, nagara jadi beuki
aman tur beuki makmur.
Nikah Ka Putri Jin Arum
Sari
Sanggeus
nata nagara Cinengah jeung Sagalaherang, Pangeran Jayalalana laju mundut widi
kanu janten rama Aria Wangsagoparana, Jayalalana hayang ngesat diri ngumbara
sorangan, tujuanana hayang napak tilas tapak ramana sawaktu ngamimitian syiar
Islam ti karaton Wanaperih nepika Sagalaherang.
Sanggeus
meunang restu ti sepuhnamah Jayalana tuluy miang sorangan bari ngan dibaturan
ku kuda tungganganana wungkul. Kuda tunggangan Jayalalana the geus kasohor lian
ti bedas tur tarik lumpatna, kuda jalu ieu the seukeut ambeuna lamun aya
tanda-tanda pibahayaeun, sarta bisa awas najan ditempat anu poek, ku Pangeran
Jayalalana kuda hideung jangkung kayaahna ieu dingaran Si Wulung Geni. Inditna Jayalalana ti pendopo ramana di
Sagalaherang dimimitian muru heula lebah wetan gunung Canggah bari dakwah di
unggal kumpulan rahayatna. Tuluy silaturahmi ka kasepuhan Ngabehi Sura
Anggaprana di Cinengah , urut pangawal satia Aria Wangsagoparana. Ti Cinengah
Jayalalana muru Batu Agung tempat pangreureuhanana sawaktu anyar balik ti
Cirebon. Di Batu Agung, Pangeran Jayalalana ngarasa rineh.
Wewengkon
Batu Agung teh disebut oge Taman Langen Sari, najan aya ditempat anu nembrak,
kaayaan Batu Agung beresih saolah-olah memang dijaga kabersihanana. Pangeran Jayalalana
ku mata batinna noropong yen diwewengkon eta loba kahirupan anu aya dialam
gaib. Najan bari kitu Pangeran Jayalalana geus ngabuleudkeun tekadna rek
mujasmedi di luhureun Batu Agung salila 40 poe 40 peuting seja menta pitunjuk
ka Alloh SWT samemeh inyana ngemban tugas ti Sultan Cirebon muka kadaleman di
wewengkon Cikundul.
Salila
mujasmedi di Batu Agung taya saurang oge anu terang naon wae anu kaalamaan ku
Pangeran Jayalala. Kitu oge sawaktu inyana geus katembong deui aya ditengah
masarakatna ngabina jeung ngatik agama, jalma sagemblengna ngan boga kayakinan
yen Jayalalana hiji ulama anu resep uzlah, ngesat diri katempat anu suni pikeun
ngadeukeutkeun diri ka nu Maha Kawasa.
Nepika
hiji waktu Pangeran Jayalalana jeung Ngabehi Setia Prana geus waktuna balik
deui ka Cirebon pikeun narima tugas ti Sultan Cirebon. Di Kasultanan Cirebon
Pangeran Jayalalana diangkat jadi Menteri Punggawa, kalayan gelar Ngabehi
Jayasasana minangka panasihat utama Sinuhun Sultan Cirebon. Sedengkeun di
dayeuh kolot Sagalaherang jeung Cinengah panataan nagara dipasrahkeun ka
adi-adina Jayalalana anu geus rengse pasantren di pasantren Amparan Jati
Cirebon.
Hiji
waktu sanggeus lima taun Pangeran Jayalalana netep di Kasultanan Cirebon,
sumebar berita yen di gunung Gedogan aya dua rumaja jeung hiji wanoja keur
diwuruk elmu kanuragan jeung cara naek kuda ku Raden Entol Wangsagoparana putra
cikal Aria Wangsagoparana. Tilu rumaja eta the para putra Pangeran Jayalalana
ti putri jin Arum Sari, ari Arum Sari nyaeta putrina Syeh Jubaedi Raja Jin ti
nagara jin Tengger Agung. Kuayana tilu rumaja eta masarakat Dayeuh Kolot
Sagalaherang jeung Cinenangah sempet ear, kusabab panutanna nyaeta Jayasasana
atawa Jayalalana boga anak ti putri jin. Ngan lila-lila mah kaayaan geus biasa
deui, komo sanggeus narima parentah ti para pangagung Sagalaherang jeung
Cinengah sangkan kabeh rahayat kudu ngabantuan kadalemanna ngawangun pamukiman
keur 300 urang prajurit Cirebon anu bakal datang ngawal Ngabehi Jayasasana
alias Pangeran Jayalalana. Rahayat kacida sugemana narima parentah eta, sarta
sabilulungan ngawangun pamukiman keur para prajurit dipingping ku Raden Aria
Yudamanggala adina Jayasasana. Rahayat geus teu sabar hayang ningal Jayalalana
sanggeus diangkat jadi Menteri di kasultanan Cirebon kalayan gelar Ngabehi
Jayasasana.
Anu
ditunggu-tunggu ahirna datang, hiji poe Ngabehi Jayasasana datang ka
Sagalaherang dikawal ku 300 urang prajurit Kasultanan Cirebon, dibagjakeun ku
adi-adina anu mapag tur ngapit Jayasasana, kayaning Raden Aria Yudamanggala
jeung Raden Aria Yudanagara. Kadatangan Ngabehi Jayasasana pikeun ngaresmikeun
kadaleman Cinengah minangka bagian ti Kasultanan Cirebon, sedengkeun nu kapeto
jadi Bupati Cinengah nyaeta Raden Aria Cakradiprana dibantuan ku para
panasehatna kayaning Aria Yudamanggala jeung Aria Yudanagara sadayana adi adina
Jayasasana.Naha anu diangkat jadi Bupati Cinengah lain Ngabehi Jayasasana ?
Kusabab Jayasasana geus meunang tugas ti Sultan Cirebon pikeun ngabuka
pamarentahan di wewengkon urut wilayah Pajajaran Tengah.
Dina
hiji waktu anu geus ditetepkeun Ngabehi Jayasasana ngadeuheus kanu janten sepuh
rehna rek ngalaksakeun tugas ti Sultan Cirebon muka pamarentahan kadaleman
diwewengkon urut Pajajaran Tengah. Berangkatna Jayasasana disarengan ku gerwana
putri jin Arum Sari atawa disebut oge Dewi Srina atawa Dewi Sri Anjani Dewi
Komalasari. Lian ti eta ngiring oge putra cikalna nyaeta Pangeran Suryakancana,
dua-duana ngajirim sakumaha jalmi biasana. Sedengkeun putra nu sanesna nyaeta
Dewi Sukaesih Kancana dititipkeun ka Raden Tumenggung rayina Jayasasana di
pasir Kumbang gunung Ceremai . Ari putra bungsuna nyaeta Raden Andaka
Wirusajagat dititipkeun ka Raden Wiradiwangsa rayina Jayasasana di wewengkon
Karawang ngabantos Tumenggung Singaperbangsa Bupati Karawang di tanah Datar.
Dina
wanci janari dina hiji poe, Jayasasana jeung kulawargana berangkat ti Sagalaherang muru daerah anyar,
kabehna make raksukan somah. Jayasasana naek kuda si Wulung Geni, sedengkeun
Raden Suryakancana jeung indungna nyaeta Arum Sari naek kuda si Kapas.
Kacaritakeun dina ieu riwayat unggal ponggawa ditiap tapel wates anu marikna
ieu rombongan netelakeun yen jumlahna rombongan Jayasasana ngan tiluan, cenah
marake baju pendekar, nu naek kuda hideung umurna leuwih kolot umurna ari nu
naek kuda bodas rumaja keneh. Rombongan ieu mawa bebekelan dina buntelan anu
disoren masing-masing didadana, unggal ditanya ku prajurit tapel wates ngakuna
rek dagang kitab ka daerah kulon. Jadi
somah jeung prajurit anu kungsi panggih jeung ieu aleutan henteu aya nu kenaleun
kusabab kebehna nyamurkeun diri jadi somah, sedengkeun ngeunaan jumlahna aya nu
nyebutkeun ngan duaan cenah, ngan saukur anak jeung bapana.
Kacaritaken
sawaktu meuntas wahangan Citarum rek muru muara Cikundul, kuda si Kapas jeung
si Wulung Geni napak sancang alias teu kungsi asup kana cai wahangan. Kira-kira
wanci meletek panon poe isuk, Jayasasana jeung kulawargana geus nepia gunung
Sapotong, atawa gunung Jampang Manggung ayeunamah aya diwewengkon kacamatan
Cikalong Kulon Cianjur. Sawaktu panon poe luhurna satengah tumbak rombongan ieu
nepika leuweung sabudeureun gunung Jampang Manggung, dihiji batu anu merenah
tiluanana caralik bangun taya saurang oge anu sasauran.
Sakumaha
anu geus jadi katangtuan ti Syeh Jubaedi Raja jin ti nagara Tengger Agung
mertuana Jayasasana, yen waktu kumalandang di alam manusia pikeun Dewi Arum
Sari aya watesna,nyaeta sanggeus Raden Suryakancana nincak umur opat welas
taun, nya harita pisan waktuna. Dewi Arum Sari nyuuh kanu jadi caroge
disaksikeun ku Pangeran Suryakancana, Arum Sari amitan kanu janten caroge rek
mulangdeui ka alam jin. Samemeh ilang ngaleungit ka alam jin, Arum Sari
ngucapkeun kalam Lailahailallohu, lila-lila sorana beuki ngilang bareng jeung
ngilangna wujudna anu beuki mudar jadi beulitan cahaya nu beuki lila beuki
leungit, nu tinggal ngan aroma seuseungitan nu ngadalingding. Kalayan beurat
ati Jayasasana papisah jeung gerwana diwewengkon eta, dumadakan sanggeus
ilangna Arum Sari aya lawon boweh raring dina pangkuan Jayasasana , boeh raring
the dikhias ku tulisan arab asma ul husna. Kitu deui kajadian tumiba ka Raden
Suryakancana, pendingna anu asalna tina bahan tanduk, rubah bentuk jadi panding
emas. Salila saminggu Jayasasana jeung putrana ngaprak wewengkon sabudeureun
gunung Jampang Manggung, malahmah panggih jeung Raden Kampuh Jaya anu
dipiwarang ku Sang Hyang Borosngora pikeun maluruh kaayaan sabudeureun gunung
Jampang Manggung. Lalampahan duanana ahirna nepika Leuwi Batok, Raden
Suryakancana munut ka ramana yen dilebah dinya cocog nyieun padepokan anu aya batu
hideungna nu engkena dingaranna batu Qiblat. Ti tempat ieu pisan mimiti
ditaratas kadaleman Cikundul anu ahirna jadi hiji daerah cikal bakal kabupaten
Cianjur.
Babad Cianjur versi H. Abas
Shihabuddin sesepuh pontren Gedong Asem Kaum Cianjur.
Sawaktu
Rd. Jayasasana tafakur di Batu Agung di Sagaraherang salila 40 poe 40 peuting,
dina peuting pamungkas alam sabudeureun karasa tiis nyecep kana kulit
Jayasasana anu keur menekung mujasmedi. Sora sato peuting pating tembalan
nandakeun alam geus beuki peuting, ngan dina waktu tengah peuting alam
sabudeureun Batu Alam dumadakan jempling, taya sora nanaon sumawona gang oge
lir ibarat mere tatanda bakal aya kajadian aheng.
Jayasasana
ngadak-ngadak ngambeu sarupaning seuseungitan anu ngadalinding anu tacan pernah
kaalamaan samemehna, sanggeus kitu ngajirim hiji putri jin geulis dibarengan ku
dayang-dayangna. Sang putri tuluy nyampeurkeun Jayasasana anu keur khusyu
ngawirid, caang bulang sabagean cahayana nyaangan Jayasasana, sang putri kataji
pisan ku paroman Jayasana anu kasep katojo bulan. Sang putri sadar yen dirina
geus kapentang asmara ku kagagahan Jayasasana, putri jin katibaan rasa bingung
kumaha carana hayang bisa wanoh ka jajaka dihareupeunna. Bingung campur ku
bogoh, antukna sang pautri ceurik balilihan tuluy ninggalkeun sang jajaka anu
teu kagoda.
Teu
lila putri jin balik deui, inyana panasaran keukeuh hayang wanoh ka sang jajaka
anu keur husu pageuh ngawirid teu kagoda ku kahadiran dirina. Putri jin diuk
timpuh kaheureupen Jayasasana. Lila-lila Jayasasana ngarasa yen aya anu
merhatikeun dirina, sanggeus namatkeun wiridna, inyana saeutik-eutik ngatur
nafas tuluy muka socana lalaunan, breh dihareupeunan aya putri geulis naker,
diuk timpuh semu tungkul nandakeun ajrih kadirina. “ Assalamualaikum, saha
salira teh ? putri ti mana ? naha aya maksad naon rurumpaheun wengi-wengi
dongkap kadieu ? “ cek Jayasasana nanya lalaunan ka sang putri bari neuteup
anteb.
“ Arum
Endah nami rayi putri raja jin Islam ama
Syeh Jubaedi. Jajaka kembang impian, rayi seja masrahkeun diri mugia
dipigarwa ku pangersa “, cek Arum Endah , putrid Jin anakna Syeh JUbaedi ti
nagara jin Islam. “ Lamaran rayi katampi ku akang, nanging aya syaratna. Umpama
tos lahir jabang bayi, rayi omat dipahing ngiring ngurusna, ngusap oge teu kengeng,
“ cek Jayasasana. “ Hatur nuhun kakang parantos nampi rayi, syarat kakang seja
diturut,upama rayi jalir seja nampi dipihukum , jodo urang jaminannanana, “ cek
Arum Endah.
Upacara
jatukrami Jayasasana jeung putrid jin Arum Endah dilaksanakeun kalayan tohaga
di nagara jin. Dirapalan ku Syeh Jubaedi bin Syeh Syeh Satoto khodamna Nabi
Khidir AS, anu ngancik didasar laut Samudera Hindia. Kacaturkeun tina jatukrami
ieu Jayasasana boga katurunan ti putrid Jin nyaeta :
1.
Raden
Suryakancana engkena ngageugeuh gunung Gede Cianjur
2.
Nyi
Mas Indang Sukaesih alias Nyi Indang Kancana engkena ngageugeuh gunung Ceremai
Kuningan.
3.
Rd.
Andaka Wirusajagat (engkena ngageugeuh gunung Kumbang Karawang)
4.
Rd.
Ratu Carangcang Kancana (engkena ngageugeuh gunung Parang Sukabumi)
Sakuat-kuatna
indung nahan kasono jeung kanyaah ka anak-anakna, moal bisa lila. Kitu deui
Arum Endah. Hiji waktu Arum Endah menta bantuan ka dayangna nyaeta Arum Paka,
oge ka dua dulurna nyaeta Arum Wangi jeung Arum Cahya mawa anak-anakna ka alam
gaib. Para putra Jayasasana dibawa ku Arum Endah ka alam jin, bari teu bebeja
heula ka Jayasasana anu keur tirakat. Sanggeus nyaho eta kajadian, Jayasasana
ewed manah ka Arum Endah, laju mutuskeun hubungan rumah tangga. Bari ceurik
balilihan sang putrid narima eta kaputusan .
Dina
diktat Sejarah Cianjur nu disusun ku Syarifah Didoh, diterangkeun samemeh
papisah jeung Jayasasana, putrid jin Arum Endah wawangsit ka Jayasasana kieu “
Sayaktosna sim rayi gaduh pitunjuk wawangsit ti pun bapa Syeh Jubaedi, yen
gamparan engkena bakan ngarundaykeun katurunan pangkat ti istri jalmi, nanging
tina sakitu seueurna mun dalapan anu bakal ngajaul pangkat mingpin
kadalemanmah, “ cek Arum Endah. Bahasan dina ieu pedaran langkung euyeub upami
diteraskeun ku maos buku Sejarah Cianjur kengeng Drs. Bayu Surianingrat nyaeta
“ Sajarah Dalem Cikunudul sareng Rd. Jayasasana” atanapi Babad Cianjur kengeng
ibu Syarifah Didoh.
Babad Cianjur versi
Syarifah Didoh / Sasakala ngaran-ngaran tempat di Cianjur
Babad
Cianjur teh tetela lain ngan saukur hiji tapi aya sababaraha hiji, aya nu
disusun ku Bayu Surianingrat, babad Cianjur versi Rd. Damanhuri, versi Gan Ebo,
versi Dalem Pancaniti, jeung versi Syarifah Didoh, di pedaran diluhur babad
Cianjur versi Rd. Damanhuri parantos dipedar, kitu deui versi R. Abas Shihabuddin
sesepuh pontren Gedong Asem, versi Syarifah Didoh oge dipedar najan teu
sadayana, sangkan teu ngagantung urang pedar deui babad Cianjur versi ibu
Syarifah Didoh hususna ngeunaan lalampahan Dalem Cikundul sawaktu muka
pamarentahan kadaleman Cikundul sareng sawaktos Raden Wiramanggala / Dalem
Tarikolot muka pamarentah anyar di kampung Pamoyanan, pedarana kieu :
Singket
carita Rd. Jayasasana minta ijin ka Aria Wangsagoparana ramana yen inyana rek
muka pamarentah anyar, ti Sagalaherang Rd. Jayasasana mawa rombongan kurang
leuwih 40 urang.Sanggeus sawatara lila diperjalanan rombongan nepika ka hiji
wahangan, Rd. Jayasasana ngarasa rineh tuluy mandi dihulu cai wahangan, kusabab
disabudeureun wahangan katinggal aya batu gede siga goong wahangan teh dingaranan
Cibalagung, nyoko kana batu anu gede / batu agung.
Ti
Cibalagung rombongan miang ka tebeh kulon sarta istirahat dihiji wewengkon,
tempat ieu ku Dalem Cikundul / Rd. Jayasasana antukna dingaranna Majalaya
kusabab inyana ngarasa bisa nyalayakeun fikir / tafakur ( ayeunamah Majalaya jadi komplek pamakaman
Dalem Cikundul di desa Cijagang Kac. Cikulon Kulon). Ti Majalaya Rd. Jayasasana
jeung rombongan muru hulu sirah Citarum di gunung Wayang, malah kungsi dumuk
salila sataun. Ti sirah Citarum Rd. Jayasasana nuluykeun lalampahan mapay-mapay
wahangan Citarum, nepika ahirna nepi ka wahangan Cikundul leutik ngadegkeun
pamarentahan, puser pamarentahanna cek hiji katerangan disabudeureun Leuwi
Batok. Rd. Jayasasana tuluy disebut Dalem Cikundul kusabab ngadegkeun
pamarentahan di sisi wahangan Cikundul.
Dina
buku Bayu Surianingrat di eceskeun yen Dalem Cikundul meunang gelar Aria
Wiratanu ti Sultan Cirebon kusabab datangna ka Cikundul minangkan hiji bupati
utusan Cirebon, inyana wafat dina umur 102 taun dikurebkeun di Pasir Gajah
kampung Majalaya (Desa Cijagang Kac. Cikalong Kulon ayeuna). Bupati Cianjur
katurunan langsung Dalem Cikundul make gelar Aria Wiratanu, ngan ti mimiti
Dalem Sabirudin ditambahan ngaran Datar anugrah ti pamarentah penjajah Belanda,
lengkepna mah Aria Wiratanu Datar.
Pindah Kapamoyanan
Nurutkeun
Syarifah Didoh sanggeus Dalem Cikundul wafat, kulawargana pindah ka Cikadu di
kadaleman Cibalagung (ayeunamah asup kana wilayah Desa Bobojong Kac. Mande
Cianjur), di Cibalagung dumuk dihiji tempat anu ayeuna disebut pasir Wiratanu.
Sedengkeun nu jadi gaganti bupati nyaeta Raden Wiramanggala kalayan gelar Aria
Wiratanu II putrana Dalem Cikundul. Kacaritakeun hiji waktu Wiramanggala keur
tatanen di hiji kebon, teu kacatur timana datangna Dalem Wiramanggala
didatangan hiji aki-aki make raksukan sarwa bodas tuluy mere wasiat ka Aria
Wiratanu II, “ Raden putra Wiratanu bagja temen andika, mugi kapayun andika sing teras
mulus rahayu, nagara sing subur mamur sarta karungruman wong akeh. Sarta bakal
jadi ratu turun tumurun. Anjeun ayeuna kudu ngalih tempat ti dieu, nyaeta kudu
ngulon ngidul jugjug tepining walungan Cianjur, didinya pilari taneuh anu bahe
ngetan ngaler tempat pangguyangan badak putih, eta teh kangge dayeuh nagara,
sarta bakal bagus alamatna, “ cek eta kolot bari tuluy ngaleungit ilang
tanpa karana, Dalem geus surti eta teh taya lian ti Syeh Jubaedi ramana putri
jin Dewi Arum Endah gerwana Dalem Cikundul.
Teu
lila ti harita, Wiramanggala tuluy ngamusawarahkeun eta wangsit nu katarima
jeung adi-adina kayaning Rd Natadimanggala / Dalem Aria Kidul, Rd.
Wiradimanggala / Dalem Aria Cikondang, Nyi Mas Bogem, Nyi Mas Kaluntar, Nyi Maskara, Nyi Mas
Karanggan, Rd. Aria Tirta / Dalem Karawang, Rd. Suradiwangsa/ Dalem Panembong,
Rd Martayuda/ Dalem Sarampad. Aria Wiratanu II isukna ngumpulkeun kulawarga
jeung rahayatna tujuanna taya lian rek mindahkeun puser dayeuh ti Cibalagung ka
tempat anu baris dituju nyaeta sisi wahangan Cianjur tempat paguyangan badak
putih.
Lalampahana
badarat, mapay-mapay raratan anu harita masih keneh leuweung geledegan,
rombongan dibagi aya anu mawa bebekelan, para ponggawa nu ngajaga kaamanan,
jeung kulawarga sarta rahayat biasa, ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut,
ngambat-ngambat catang pinang, indit sirib rarebo ku babawaan. Sawatara poe
lalampahan di jalan, rombongan nepi ka lebah jalan cagak, Wiramanggala
ngarandeg inyana ngarasa tempat anu dijugjug geus beuki deukeut, Wiramanggala
tuluy marentahkeun sangkan kabeh sapuk ngababad alas eta tempat anu bakal
dijadikeun bubuka lembur, ku Wiramanggala laju eta tempat teh dingaran kampung
Muka, kusabab bakal dijadikeun lawang saketeng ka dayeuh anyar anu bakal
dibuka.
Rengse
ngadegkeun kampung Muka, rombongan muru ngulon, Wiramanggala sapanjang jalan
ningali manuk heulang ting geleber diawang-awang, sawarehna nyarayang di
tatangkalan garede, inyana tuluy mere ngaran eta tempat Sayang heulang
(ayeunamah komplek Rumah Sakit Umum Daerah di Jln. Dr. Muwardi). Ti Sayang
Heulang rombongan norobos leuweung geledegan ngulon kukurubutan mapay raratan
nu rarumit, tuluy mengkol rada ngidul, nepika hiji tanjakan anu caang
bolenglang, plung plong ningali ka mamana. Wiramanggala ningali kalebah wetan
katingal aya tegalan anu bahe ngetan ngaler cocog jeung wangsit nu katarima.
Ngemplong katingal pinagaraeun. Didinya inyana nyieun Pilar tapel wates
pinagaraeun. Eta tempat laju dingaran Panembong, malah asalnamah dingaran Pilar
Panembong, ngan ayeunamah disebutnamah Panembong bae (ayeunamah rame jadi pertokoan,
diperkirakeun puserna di bunderan jalan deukeut pos polisi.)
Lalampahan
dituluykeun ngetan, satungtung lalampahan Wiramanggala manggihan
mangpirang-pirang tangkal nukembangna barodas aya diantara tatangkalan nu
galede. Singhoreng eta teh kembangna tangkal kopi antukna dingaran Salakopi
(ayeunamah sapanjang jalan dingaranan jalan Ir. H. Juanda). Rombongan
kapeutingnakeun reureuh dihiji tempat rada ngidul, ayeuna jadi kampung Pasarean
Agung, hartina kungsi jadi pangreueuhan para pangagung. Isukanana rombongan
muru ka wahangan Cianjur, sisi-sisi wahangan tempatna asri matak pikabetaheun
malahmah asa kakara ningali tempat anu tugenah samodel kitu, rombongan
Wiramanggala mimiti ngabuka lembur di eta tempat, laju dingaran kampung Gelar Anyar.
Wiramanggala
siram di Wahangan Cianjur lebah leuwi Goong, tuluy jeung rombonganana maroyan
antukna dingaranna kampung Pamoyanan. Didinya pisan dibuka puser dayeuh anyar
Cianjur, sedengkeun asal muasal dingaran Cianjur tos dipedar diluhur di kaca 38
bab Sasakala Ngaran Cianjur. Pamarentahan Cianjur mimiti diaku ku penjajah
Belanda ti jaman pamarentahan Aria Wiratanu II / Rd. Wiramanggala / Dalem
Tarikolot. Dina jaman Aria Wiratanu III / Rd. Astramanggala / Dalem Dicondre
pendopo dipindahkeun nu asalna di lokasi Bale Rancage ka lokasi pendopo ayeuna
nu ayana dikomplek PemKab. Cianjur teu jauh ti pangguyangan badak putih (
Pangguyangan badak putih ayeunamah kari cai sagewok ukuran 1 m x 1 m dikomplek
kantor Pegadaian Cianjur)
KABUPATEN CIBALAGUNG
Dikabupaten
Cianjur kungsi ngadeg kadaleman-kadaleman anu boga pamarentahan sorangan saperti
kadaleman Cihea jeung Cibalagaung. Di handap ieu babad Cibalagung anu nyoko
katerangan ti dua nara sumber, bade nyoko kanu mana wae mangga teu langkung
kumargi teu acan acan panalungtikan ti para ahli sejarah anu samestina.
I.BABAD CIBALAGUNG versi DINAS PARIWISATA DAN
KEBUDAYAAN JAWA BARAT
Dalem
Natamanggala I/ DALEM CIKADU
Raden
Natamanggala ten buyutna Sunan Wanaperih Raja Talaga, inyana teh incuna Sunan
Ciburang jeung putrana Sunan Girilaya. Tikeur rumaja keneh Natamanggala geus
resep ngumbara jeung tatapa, tina kabiasaan eta Natamanggala meunang ilapat
kudu ngadegdeg wewengkon wetan, pernahna kudu nepungan Sultan Mataram. Sultan
Mataram sawaktu panggih jeung Natamanggala kataji pisan kukasakten jeung luhur
elmu agamana Natamanggala, kusabab kitu Natamanggala remen meunang pancen ka
unggal daerah pikeun syiar Islam, malah ku Sultan Mataram inyana diangkat jadi
satria Kasultanan Mataram bari meunang gelar ngaran Raden Mas Babad Angsal,
atawa sok disebut oge Satria Kinayungan.
Kusabab
resep ngumbara, Natamanggala teu ngarasa betah cicing dihiji tempat, inyana
tuluy ngaloros ti Karaton Mataram , teu bebeja ka Sultan Mataram inyana indit
nepungan pamanna nu jadi dalem di Cipamingkis (Bogor ayeuna). Ku Dalem
Cipamingkis , Natamanggala dipernahkeun alus pisan tuluy dikawinkeun ka putrina
sarta diparentahkeun sangkan muka kadaleman sorangan, anu pernahna dihij
leuweung sisi wahangan Cibalagungagung (desa Kademangan Kac. Mande Cianjur
ayeuna) keur bekelna muka hiji kadaleman , Natamanggala ku pamanna dibere
pusaka Dalem Cipamingkis mangrupa tombak. Singket carita Natamanggala jeung gerwana
tuluy muru leuweung Cibalagung , ngababad alas nepika eta leuweung teh bisa
jadi hiji kadaleman anu maju.
Hiji
mangsa Kadaleman Cibalagung kadatangan salapan urang karaman urang Bugis anu
kungsi nyieun bancing pakewuh di Cipamingkis kusabab hayang meunangkeun pusaka
kadaleman Cipamingkis jeung hayang mawa kabur putri dalem Cipamingkis anu
ayeuna jadi garwa Natamanggala. Rombongan karaman ti Bugis eta datang ka
Cibalagung tujuanna sarua nya eta hayang mawa garwa Dalem Cikadu anu memang
geulis kawanti-wanti jeung hayang mawa pusaka tumbak boga Dalem Cipamingkis anu
ayeuna jadi pusaka Dalem Cibalagung . Ku ayana pamenta eta tangtu wae Dalem
Natamanggala ambek kacida, inyana tuluy ngeprukkeun wadya baladna pikeun numpes
karaman ti Bugis, kasaktian para karaman ti Bugis tetela karak nisa ditumpes
sanggeus Dalem Cikadu ngagunakeun pusaka Dalem Cipamingkis mitohana. Geus
ditumpesmah kadaleman Cibalagung aman deui.
Kadaleman
Cibalagung beuki dieu beuki maju, kabar majuna kadaleman Cibalagung nepi oge ka
Sultan Mataram di Kertasura anu kungsi kuciwa ka Satria Kinayungan atawa
Natamanggala nu kungsi ngaloros ti Mataram bari teu menta ijin heula ka Sultan
Mataram. Sultan Mataram tuluy marentahkeun pasukanna sangkan nyangkalak
Natamanggala anu ayeuna geus jadi Dalem Cibalagung . Kabar bakal datangna
pasukan Mataram ka Cikadu nepika oge ka Dalem Natamanggala di Cibalagung,
geuwat inyana ngatur siyayah ku cara ngaganti ngaranna jadi Prabu Sacakusumah,
kukituna sawaktu pasukan Mataram datang ka Cibalagung rek nyangkalak
Natamanggala ahirna bolay kusabab dibejaan yen Natamanggala euweuh di Cikadu
aya ode Prabu Sacakusumah anu jadi bopati di Cikadu mah. Pasukan Mataram balik
deui ka Mataram, ngan Sultan Mataram geus apal yen Prabu Sacakusumah teh taya
lian ti Natamanggala keneh alias Raden Mas Babad Angsal alias Satria
Kinayungan. Kukituna Sultan Mataram marentah deui pasukanna sangkan nyangkalak
Natamanggala atawa Prabu Sacakusumah Dalem Cikadu. Kabar bakal datang deui
pasukan Mataram ka Cikadu geus nepi ka Natamanggala atuh geuwat inyana ngaganti
ngaran jadi Raden Sukma Muda. Kukituna sawaktu pasukan Mataram nepika ka Cikadu
katipu deui kusabab Natamanggala atawa Prabu Sacakusumah dibejakeun euweuh aya
oge Sukma Muda. Pasukan Mataram balik deui ka Mataram bari laporan ka Sultan
Mataram yeh Natamanggala teu kapanggih di Cikadu aya oge Sukma Muda, ngan
Sultan Mataram geus apal kana siyayah Natamanggala manehna yakin yen Sukma Muda
teh taya lian nya eta Natamanggala keneh atawa Prabu Sacakusumah. Kukituna
Sultan Mataram marentahkeun deui sangkan pasukanna nyangkalak Natamanggala
atawa saha wae ngarana anu dianggap jadi Dalem Cibalagung. Ari geus meuang
pangarti kitumah, wadyabala Mataram teu katipu deui sawaktu datang deui ka
Cibalagung, ngan sawaktu rek dicangkalak Dalem Natamanggala narah, manehna
jangji rek datang sorangan nepungan Sultan Mataram ka Kertosuro.
Sawaktu
Natamanggala nepungan Sultan Mataram di Kertosuro , inyana geuwat masrahkeun
pusaka Dalem Cipamingkis nu ayeuna jadi tombak Pusaka Kadaleman Cibalagung ka
Sultan Mataram, tarekah ieu minangka hiji bukti yen Cibalagung hayang jadi
bagian ti Kasultanan Mataram. Ningali kitumah Sultan Mataram tumpur ambekna
inyana balik nyaah malahmah mageuhkeun kakawasan Dalem Natamanggala jadi Dalem
Cibalagung , kujalan ngaistrenan kalayan gelar Dalem Aria Natamanggala I
minangka bagian ti Kasultanan Mataram.
Kadaleman
Cibalagung dina mangsa kapamingpinan Raden Mas Babad Angsal atawa Satria
Kinayungan atawa Prabu Sacakusumah aya dina karaharjaan, rahayatna makmur tur
aman. Dina ngatur nagara ngolah nagari Natamanggala I dibantuan ku dua patih
nyaeta Patih Singakerta jeung Patih Singakerti sarta meunang mangaping ti ahli
agama Islam Kyai Panghulu Muhamad Soleh. Dalem Aria Natamanggala I wafat
dikuburkeun di pasir Cikadu sisi wahangan Cibalagung, kukituna sok disebut oge
Dalem Cikadu. Hanjakalna dina dongeng ieu teu aya katerangan taun jeung
tanggal. Jeung deuih teu disebutkeun Sultan Mataram anu mana nu jadi pangawasa
Mataram harita, upama sajaman jeung Panembahan Senopati Sultan Mataram
munggaran marentah Mataramna ti taun 1586 nepika taun 1601 M, dituluykeun Mas
Jolang marentah Mataram taun 1601 nepika taun 1613, tuluy digantikeun ku Mas
Ransang / Sultan Agung marentah taun 1613 nepika taun 1645, diganti ku Sultan
Amangkurat I marentah taun 1645-1677, tuluy diganti ku Sultan Amangkurat II
marentah taun 1677 nepika 1703. Sarengse dijabat ku Sultan Amangkurat II
kakuasaan Kasultanan Mataram beuki saeutik ku sabab sabagean gede wilayah
Mataram dipasrahkeun ka Walanda nu gede jasana ka Amangkurat I jeung Amangkurat
II minangka ngaganti biaya perang sawaktu Walanda ngabantuan Amangkurat I jeung
Amangkurat II dina numpes pambaruntakan.
(
Makam Dalem Natamanggala I / Dalem CIkadu sisi wahangan Cikadu Cibalagung Mande Cianjur)
DALEM
NATAMANGGALA II
Sawaktu
Aria Natamanggala I wafat, kadaleman Cibalagung dicangkring ku anakna nu
disebut Dalem Jamban. Teu aya katerangan saha nama leutikna, ngan sanggeus jadi
Dalem Cibalagung meunang gelar Dalem Aria Natamanggala II. Dina marentah nagara Dalem Jamban dibantu ku
Patih Mangku Nagara jeung Patih Manggung Nagara. Kawijakanana nuluykeun hanca
ramana nya eta ngawangun nagara bari mageuhekun syiar Islam dirahayatna.
Hiji
waktu kadaleman Cibalagung kadatangan tujuh karaman Bugis anu rek malespati ku
sabab babaturanana sarua ti Bugis kungsi dihukum pati ku Dalem Natamanggala I /
Babad Angsal. Ngan kusabab Dalem Natamanggala kahiji geus wafat karaman ti
Bugis nangtang adu kasaktian ka Dalem Jamban. Patih Mangku Nagara jeung Patih
Manggung Nagara murka ka karaman Bugis nu nangtang dunungganana, ngan ku Dalem
Jamban dicegah kusabab pikeun dalem hal ieumah dendan kulawarga, para karaman
rek males dendam ka bapana kusabab kitu ayeuna jadi urusan manehna teu aya
patula patalina jeung para patih.
Dalem
Natamanggala II tuluy ngajak para karaman ti Bugis ka kampung Jamban, dididinya
tarung teu imbang dilaksanakeun Dalem Cibalagung ngalawan tujuh karaman Bugis.
Adu jajaten lumangsung lila, sababaraha poe ti harita para karamen akhirna
kabeh tiwas teu walakaya nandangan kasaktian Dalem Cibalagung, tapak
patarunganana nepika taun 1930-an cenah katembong keneh ku ayana urut-urut
getih anu baceceran dikampung Jamban.
Dalem
Natamanggala II daria pisan dina bag-bagan syiar Islam, sababaraha pasantren
gede diwangun di Cibalagung diantarana Pasantren Kanayakan nu dipasrahkeun
atikanna ka Kyai Muhammad Soleh atawa Eyang Kanayakan nu kungsi jadi guru agama
Raden Mas Babad Angsal ramana. Dalem Jamban ngolah kadaleman nepika umur kolot,
wafat di Cibalagung dina riwayatna disebut Dalem Jamban.
Dalem
Pulo
Kadaleman
Cibalagung ngan nepika Dalem Aria Natamanggala ka IV. Nu jadi Dalemna nya eta
Dalem Pulo nu sok dumuk di Kaum Kaler (desa kademangan ayeuna). Wates wilayah
kadaleman Cibalagung harita nepika Beulah wetan kahalangan ku wahangan Citarum, beulah kaler nepika kampung
Nyampay, beulah kulon nepika kampung Karangtengah. Dalem Natamanggala ka IV
dibantu ku Patih Nurbayan jeung Patih Nurbayin, sedengkeun nu jadi panghulu
kadaleman nya eta Kyai Muhamad Sobari.
Purnana
kadaleman Cibalagung cukang lantarana eleh dina perang Pangawelan nya eta
perang ngalawan panarajang pasukan Cina anu datang teu beulah kaler. Pasukan ti
Cina digempur ku wadyabala Cibalagung dina poe Saptu , padahala pikeun urang
Cibalagung harita aya kapercayaan teu meunang lalampahan dina poe Saptu ka
lebah kaler kusabab bakal ngadatangkeun baha. Duka kusabab kapercayaan eta
atawa memang eleh dina strategi perang, Dalem Natamanggala ka IV gugur jeung
sabagean gede wadyabalana. Dalem tuluy dikurebkeun di kampung Pulo Cibalagung
kusabab kitu disebut Dalem Pulo. Para putra Dalem Pulo jumlahna aya dalapan,
ngan basa gugur dina perang Pangawelan, para putra dalem taya nu geus sawawa,
ahirna kadaleman Cibalagung timiti harita sirna taya nu nuluykeun.
Ngarundaykeun dalem ngan nepika dalem ka IV. Cibalagung jadi narikolot kaereh
ku kadaleman Cianjur.
Sedengkeun
nurutkeun silsilah Dalem Cikundul
sisilah kadaleman Cibalagung dimimitian ku kadatangan Sunan Girilaya
nyebarkeun agama Islam diwewengkon Cibalagung, satuluyna jadi hiji kadaleman.
Sanggeus Girilaya wafat ngarundaykeun dalem Cibalagung nya eta :
1.Dalem Lumaju Gede Puputra
2.Dalem Lumaju Wastu Nagara Puputra
3.Dalem Lumaju Nyilih Nagara Puputra
4.Dalem Natamanggala I (Dalem Cikadu) Puputra
5.Dalem Natamanggala II (Dalem Kebon) Puputra
2.Dalem Lumaju Wastu Nagara Puputra
3.Dalem Lumaju Nyilih Nagara Puputra
4.Dalem Natamanggala I (Dalem Cikadu) Puputra
5.Dalem Natamanggala II (Dalem Kebon) Puputra
6. Dalem Natamanggala III
(Dalem Jamban) Puputra
7. Dalem Natamanggala IV
(Dalem Pulo)
II.BABAD CIBALAGUNG VERSI
AMUNG SUTARYA
RADEN HAJI ARIA YUDA BUPATI CIANJUR
SAMEMEH DALEM CIKUNDUL
Bupati Cianjur munggaran lain Dalem
Cikundul sakumaha dipercaya ku umumna urang Cianjur, Bupati munggaran Cianjur
anu naratas nangtungna pamarentahan kadaleman Cianjur anu sabenerna nya eta
Raden Haji Aria Yuda ti Cibalagung, kitu panuturan Amung Sutarya (55) katurunan RH Aria Yuda ka salapan,
basa dikolongan diimahna di wewengkon alun-alun Cibalagung lebah kampung
Bobojong Desa Bobojong Kacamatan Mande, Kab. Cianjur.
Panuturan Amung henteu sagawayah,
manehna boga bukti otentik mangrupa naskah pangakuan Kasultanan Kasepuhan
Cirebon kana pamarentahan kadaleman Cianjur mangsa di bupatian ku Aria Yuda,
naskah eta teh ditulis ku huruf Jawa dina kertas bodas, sarta aya stempel
kasultanan Cirebon warna beureum, anu leuwih utamana mah naskah eta teh kungsi
ditarjamahkeun kana huruf laten ku sajarawan almarhum Drs. Atja, titimangsana
tanggal 13 Juli 1972 “ Pa Atja dongkap kadieu taun 1972 dijajap ku aparat ti
Koramil, anjenna nalungtik titinggalan Raden Haji Aria Yuda, utamana
narjamahkeun ieu naskah ti abad 17 tea, nanging hanjakalna pa Atja teu seuer
saur naon eusina eta naskah teh. Ngan naskah ieu teh saurna asli “ cek Amung
anu boga pakasaban Tani jeung koordinator jarah ka makam wali-wali teh.
( naskah kuno beunang Sultan Cirebon nu
eusina ngangkat Dalem Aria Yuda jadi Bupati Cibalagung, naskah disimpen
diimahna Amung kungsi ditalungtik ku sejarawan Atja taun 1972 ngan teu kungsi
di publikasikeun kusabab pa Atja kabujeng pupus)
Lian ti naskah, titinggalan Raden
Haji Aria Yuda nu lainna nya eta tumbak, goong leutik jeung goong gede, duit
benggol, tulisan huruf Jawa dina awi, bedil dorlok, halu laleutik (ketug),
keris, buku sajarah jeung kecrek “ nanging keris jeung buku sajarahna tos aya
dinu sanes henteu disimpen disim kuring “ cek Amung. “ Saleresna mah henteu kengeng
dipotret sadayana titinggalan RH Aria Yuda teh, basa Pa Atja motretan oge
kapungkur henteu aya nu janten, kedah aya widi heula ti lelembutan pun Eyang RH
Aria Yuda “ pokna teh, Galura ngahargaan kana kayakinan Amung, ngan sanggeus
ijab papasrahan ka Alloh SWT foto naskah asli jeung duit benggol bisa jadi
dipotret. Tadinamah hayang motret pakakas lainna, ngan cenah kudu make
tawasulan bari kudu nyadiakeun susuguh keur rohna RH Aria Yuda nya eta congcot
ketan make endog.
Nurutkeun Amung, Raden Haji Aria
Yuda teh boga kasaktian masagi, sarta kungsi dimenta Sultan Cirebon sangkan
ngabantuan Cirebon perang jeung lawan-lawana, Amung malah boga kayakinan yen
Aria Yuda teh hirup mangsa Sunan Gunung Jati sawaktu Sunan nyangkring jabatan
Sultan Cirebon. Saking saktina Aria Yuda, hiji waktu balik ti Cirebon, inyana
liwat lebah wahangan Citarum anu keur caah rongkah, bari sora caina nu
ngaguruh, “ Ku Eyang RH Aria Yuda, cai wahangan Citarum teh ditepak, dak
dumadak caah teh longret, sarta sora gumuruhna Citarum eureun, saurna samemehna
di tarekahan kitu, sora wahangan Citarum teh gumuruhna sok dugi ka Cibalagung “
pokna.
Kusabab hayang mekarkeun Cibalagung
jadi hiji kadaleman bagian ti Cirebon, Aria Yuda hiji waktu menekung mujasmedi
menta pituduh kanu Maha Kawasa, tuluy nepi kana mangsana dina eta pituduh teh
Aria Yuda dibere piwejang sangkan kudu bisa mawa hiji badak warnana bodas
(Badak Putih) ti Cirebon ka Cibalagung, eta badak engkena bakal nuduhkeun
tempat anu kudu dibabad alas jadi hiji kadaleman . Singget carita, Aria Yuda
muru ka Cirebon rek ngabuktikeun eta pituduh, sanggeus milampah sababaraha
minggu, inyana nepika ka Cirebon, ngan samemeh asup ka Karaton kira-kira wanci
haneut moyan aya badak putih ngamuk. Bedasna badak putih ngamuk teh taya nu
hasil naklukeun nana, ngan sanggeus disanghareupan ku Aria Yuda badak teh
takluk, teu bisa ngelehkeun kasaktian Aria Yuda. Badak nu menang naklukeun teh
tuluy dibawa ka Sultan Cirebon, kusabab nempo jasa-jasa Aria Yuda ka Cirebon,
Sultan Cirebon tuluy mere naskah piagam anu eusina negeskeun yen Sultan Cirebon
mere restu ka Raden Haji Aria Yuda pikeun ngabuka hiji kadaleman di Cibalagung.
Kacaturkeun dina lalampahan balik
muru Cibalagung, Aria Yuda nu keur mawa Badak Putih, mere ngaran lembur anu
diliwatannana saperti Cirata, Jangari, Pasir Jawa, Lanjung, Cibogo, Lolongokan
jeung Harempag anu nepika ayeuna ngaran-ngaran eta masih dipikawanoh ku
masarakat. Malah Cibalagung oge tina kocap Bale Agung “. Ngan badak teh teu
eureun di Cibalagung, tapi teras muru ngulon. Eureun-eureun disisi daerah sisi
wahangan Cianjur, tapak urut panyicingan eta badak teh jadi ngaran lembur Pamoyanan nya eta urut moyan badak putih,
tuluy ahirna boga pangguyangan nya eta nu disebut Pangguyangan Badak Putih, anu
nya eta jadi hiji sumur sagedengeun Pendopo Cianjur, nu disebut Sumur
Pangguyangan Badak Putih “ cek Amung.Aria Yuda tuluy ngababad alas nyieun
pamarentahan kadaleman nu ngaranna Cianjur, kusabab deukeut jeung wahangan
cianjur. “ Kusabab putrana teu acan aya anu dewasa, janten sawaktos inyana
nilem di lembur Cijerah, pamarentahan Cianjur dipasrahkeun ka wakilna nya eta
Dalem Cikundul dugika nurunkeun bupati-bupati Cianjur saterasna anu
seuseueurnna nganggo gelar Aria Wiratanudatar “ cek Amung.Katerangan Amung
tangtu bisa dijadikeun hiji sumber anu kudu ditalungtik ku nu wenang, komo bari
aya bukti otentik anu geus ditaratas ku almarhum Drs Atja, salajengna mah
kantun diteraskeun ku para sajarawan mangsa ayeuna.
KABUPATEN CIHEA
Lian
ti Cibagalung, kadaleman lain anu sajaman jeung kadaleman Cianjur nyaeta Cihea,
hiji kadaleman anu diadegkeun ku Sultan Mataram. Cihea ayeunamah jadi ngaran
pamarentahan desa di kacamatan Haurwangi Cianjur. Babad Cihea aya dua versi,
hiji versi para kuncen nu kadua versi Yayasan Wargi CIkundul.
1.BABAD
CIHEA Versi para kuncen Makam Dalem Pasir Mataram di Gn Cupu Desa Cihea Kec.
Haurwangi / Asal Muasal ngaran Cihea, Ciranjang, Kutapinggan
Kacarioskeun
di Mataram Sultan Amangkurat kangungan putra hiji wastana Pangeran Nurbaya. Ari
Pangeran Nurbaya kagungan putra tilu nyaeta : Pangeran Nampabaya, Pangeran
Lirbaya, sareng Raden Ayu Bengkulon.
Dina
hiji waktu Pangeran Nurbaya sareng palaputrana ngayakeun babadamian tujuanna
hoyong milarian daerah anu masih keneh kosong anu tiasa dibangun sangkan aya
mangfaatna kanggo Kasultanan Mataram.
Dina babadamian eta sadayana sapuk nugaskeun Pangeran Nampabaya kanggo
milarian eta daerah anyar teh, ti harita Pangeran Nampabaya sok disebat oge
Pangeran Pelesiran. Kanggo ngalaksanakeun tugasna Nampabaya disarengan ku
punakawanna nyaeta Nayakerta jeung Nayakerti, duanana sami jalmi bule.
Lalampahan
milari daerah anyar eta ngawitan ti tebeh kulon teras rereb disisi wahangan
Cilanang, tuluy ngaliwatan daerah Panyinangan nepika daerah gunung Puncak
Larang. Dina lalampahan eta Pangeran Pelesiran ningali gunung anu euyeub
digimbung manuk wallet. Ngaran eta gunung teh gunung Guha, digunung ieu
rombongan ngarala sayang wallet pikeun bawaeun ka Mataram. Sarengsena diguha
wallet sadayana tarurun ka hiji wahangan, Pangeran Pelesiran tuluy nanyakeun ka
punakawanna ngaran eta wahangan, cenah eta teh wahangan Cinungnang kitu cek
Nayakerta jeung Nayakerti . Tiluanana tuluy mapay eta wahangan ka lebar hilir
nepika manggihan hiji tangkal kai nu disebut tangkal Tangkolo, kusabab
katembongna aya mangfaatna tangkal teh rek dibawa keur bahaneun ka Mataram.
Ti
wahangan Cinungnang, rombongan muru kulon nepika leuwi Pinggir, disisi leuwi
ieu Pangeran Pelesiran nacebkeun iteukna tina tangkal kosambi bari inyana
sasauran “ tah didieu pinagaraan teh” . Lalampahan tuluy diteruskeun ngulon
nepika eureun di lebah Batu Tumenggung, batu tumenggung terus ditugaran keur
bawaeun ka Mataram, “Babahanan keur bawaeun ka Mataram siganamah geus cukup,
ayeuna urang neangan saha anu bakal nyekel kalungguhan eta nagara anyar “ kitu
cek Pangeran Pelesiran . Lajusadayana terus muru ngulon seja nepangan Dalem
Cikundul.
Dugi
ka paseban kadaleman Cikundul, rombongan dibagjakeun ku Dalem Cikundul Raden
Jayasasana/ Aria Wiratanu I, singketna sadayana pamaksudan dibadamikeun jeung
Dalem Cikundul nyaeta rombongan ti Mataram eta teh keur neangan pinagaraeun
jeung pamingpin anu loyog keur mingpin nagara anyar, Dalem Cikundul surti pisan
kana kahayang Pangeran Pelesiran inyana tuluy masrahkeun kadaleman Cikundul
jeung pangeusina ka Mataram. Sanggeus Dalem Cikundul masrahkeun nagarana keur
Sultan Mataram , inyana dipiwarang angkat ka Mataram lansgung nepangan Sultan
Mataram Amangkurat kanggo papasrahan nagara Cikundul.
Singket
carita Dalem Cikundul sareng Nayakerta jeung Nayakerti laju miang ka Mataram,
ari Pangeran Pelesiran mah nuluykeun lalampahan ka Ujung Kulon. Di hareupeun
Sultan Mataram Nayakerta jeung Nayakerti ngajelaskeun yen Dalem Cikundul teh
raja ti daerah kulon seja masrahkeun wilayahna ka Mataram, Sultan Mataram
nyanggupan daek narima nagara Cikundul kalayan syarat Dalem Cikundul kudu
ngalaksanakeun Tapa silanglang ti Mataram ka Cikundul. Pamenta Raja Mataram
tuluy ditedunan Dalem Cikundul terus tapa silanglang ti Mataram ka Cikundul,
antukna cek ieu dihayat nerangkeun yen lamun jiarah ka Cikundul kudumah bari
tapa silanglang heula.
Sultan
Mataram tuluy ngutus deui Pangeran Nampabaya, Pangeran Lirbaya, oge Nayakerta
jeung Nayakerti sangkan miang deui ka wewengkon kulon, nyaeta daerah urut
kakawasaan dalem Cikundul anu geus kosong bari babawaan sayang wallet, tangkal
tangkolo, jeung batu tumenggung. Singket carita rombongan teh terus miang ka
daerah urut pamarentahan dalem Cikundul, ngan samemehna sawaktu nepi ka lebah
Muhara didinya Pangeran Lirbaya netelakeun ka lanceukna nya eta Pangeran
Nampabaya yen inyana tinggaleun sayang wallet diwewengkon Pakidulan “ Akang mah
saena mulih deui wae ka Mataram, wios abdi bade muru pakidulan heula “ kitu cek
Lirbaya. Tuluy Nambaya jeung Nayakerta balik deui ka Mataram. Ari Lirbaya
nuluykeun lalampahan ka Pakidulan jeung Nayakerti.
Di
satengahing jalan, Pangeran Lirbaya kahujanan tuluy ngiuhan dilebah wewengkon
Sindang Kolomot, inyana tuluy hanjat kalebah pasir di Cipetir, “ Sigana didieu
loyog mun jadi pinagaraeun, ngan hanjakalna jauh ka cai,” cek Lirbaya ka
ponggawana. Sawaktu hanjat kalebah lalamping pasir beulah kulon, bedil anu
disoren ku Nayakerti ngajelegur sorangan, “ Ieu pasir urang ngaranan Pasir
Jegur, kusabab bedil maneh ngajegur sorangan, “ cek Pangeran Lirbaya ka
Nayakerti. Nepi ka gunung Salam duanana manggihan batu mangrupa ranjang, anu
dihandapna ngaluarkeun cai nyusu, ku pangeran Lirbaya eta tempat tuluy
dingaranna Ciranjang.
Nayakerti
nalingakeun ka dununganana yen manehna meunang ilapat bakal meunang hiji ujian
tinu Maha Kawasa. Ilapat eta ngabukti sawaktu dua-duana keur leureuh di batu
korsi bari nyanghareup ka lebah kulon, Nayakerti ngareret ka lebah kulon ka
lebah batu Tepas, tidinya manehna ningal putri jin anu keur ngebut-ngebutkeun
karembong cinde, “ tuh geuning cocobi teh gusti, “ cek Nayakerti ka dununganana
bari nunjuk ka putri jin. Pangeran Lirbaya tuluy mapatkeun aji kasaktenna
ngaluarkeun hawa gede tina dirina mangrupa angin nu narajang ka eta putri jin,
antukna karembong cinde nudipake putri jin hibeur kabawa angin tuluy ragrag
dilebah hiji pasir, eta pasir teh tuluy dingarannan Pasir Cinde. Putri jin
disampeurkeun ku Lirbaya, kusabab mangrupakeun hiji wanoja anu geulis
kawanti-wanti Lirbaya kapincut sarta jangji rek ngawin eta putri jin anu
ngaranna Raden Haji Sang Ratu Barakbak Putih. Kusabab kapincut ku ka geulisan
putri jin, wahangan anu ngamalir teu jauh ti eta tempat antukna dingaran
Cihea, anu hartina cahaya putri.
Samemeh
ngawin sang putrid, Lirbaya menta ijin heula rek mereskeun heula lalampahan ka
Pakidulan rek mawa sayang wallet anu tinggaleun. Rengse mawa sayang wallet,
Pangeran Lirbaya laju asup ka nagara jin diLemah Pasagi ( Sirah Cihea) pikeun
jatukrami jeung putri jin Raden Haji Sang Ratu Barakbak Putih. Sawaktu asup ka
nagara jin Nayakerti mah dititah nungguan dialam manusa, diluareun nagara jin
Lemah Pasagi. Rengse ngayakeun pesta nikah dialam jin, Nayakerti tuluy dititah
mapagkeun Pangeran Nampabaya anu rek datang ti Mataram nyusulan dirina sangkan
balik ka Mataram.
Sawaktu
panggih deui jeung Nampabaya dihilir wahangan Cihea, Nayakerti dititah neang
Lirbaya anu keur aya dialam jin di Lemah Pasagi. Singket carita sawaktu
Pangeran Nampaya geus paamprok deui jeung Pangeran Lirbaya adina di sisi
wahangan Cihea, Nampabaya ngajak adina sangkan balik ka Mataram, ngan Lirbaya
narah, “ kang abdi mah parantos betah didieu sarta moal mulih deui ka Mataram”
kitu jawaban Lirbaya ka lanceukna keukeuh moal balik deui ka Mataram. “ Duh
rayi atuh papanggih jeung tatanya jeung akang teh ngan nepika wanci ieu, urang
geus titis tulis bakal papisah salilana, “ cek Nampabaya ka adina, laju adi
jeung lanceuk teh tuluy pagabrug paungku-ungku bari ceurik kusabab bakal papisah
salilana, Nampabaya rek balik deui ka Mataram, ari Lirbaya rek netep di Cihea
nilem di nagara jin Lemah Pasagi. Ti harita wahangan eta dingaranan Leuwi
Cipatanya.
Pangeran
Nampabaya tuluy mulih deui ka Mataram bari mawa babawaan meunang Pangeran
Lirbaya, singket carita ka Sultan Mataram Amangkurat II Nampa Baya ngalaporkeun
yen Lirbaya moal balik deui kusabab geus ngahiyang di Lemah Pasagi. Sultan
Mataram tuluy ngeprikeun wadya baladna marentahkeun sangkan Pangeran Nampabaya
nata nagara anyar di sisi wahangan Cihea, laju lalampahan muru nagri Cihea deui
teh ngaliwatan heula palabuan Tegal make kapal laut tuluy ka Cirebon, ti
Cirebon rombongan muru Garut bari reureuh heula didesa Nagara. Lalampahan
dituluykeun ngaliwatan pagunungan diwewengkon Sukapura, Pamijahan, gunung
Masigit, Pamucatan nepika wewengkon Pangkalan Cihea dina taun 1720-an, harita
teh poe Saptu. Tuluy muka pasanggrahan
di wewengkon Pasanggrahan Cihea ayeuna.
Pangeran
Nampabaya tuluy nempat-nempatkeun wadyabaldana nyaeta 15 kuren, lima kuren diparentahkeun
ngajaga guha Walet di gunung Guha, lima kuren ngajaga tangkal Tangkolo, lima
kuren deui ngajaga batu tumenggung, kabeh jumlahna aya 15 kuren. Nagara Cihea
asalnamah teh di sisi Leuwi Pinggir, mangkalan didaerah Cihea ayeuna, pendopona
didaerah Pasanggrahan. Samemeh beres pinagaraeun Pangeran Nampabaya ngangkat
bupati Cihea munggaran nya eta Raden Nerangbaya putrana. Raden Nerangbaya sanggeus jadi Bupati Cihea
sok disebut Eyang Dalem Pasir.
Hiji
waktu kadaleman Cihea kadatangan tamu di Jakarta,nyeta Raden Candrayasa alias
Sogol, jeung anakna nyeta raden Candranata. Ku Nampabaya Raden Candranata
ditikahkeun ka Raden Ayu Bengkulen. Dalem Pasir atawa Raden Nerangbaya mingpin
Cihea lilana 50 taun, puseur dayeuh tuluy dipindahkeun ka lebah Batu Nunggul,
Raden Nerangbaya tuluy nilem di Cihea, kalungguhan Bupati Cihea dipasrahkeun ka
Raden Candranata, sanggeus marentah sababaraha taun Candranaya tuluy nilem
kadieunakeun sanggeus nilem inyana sok disebut Eyang Semarang, kalungguhan
bupati Cihea tuluy dipastahkeun ka raden Binarang Yuda Kusumah, ngan teu lila
inyana oge tilem. Upeti kadaleman Cihea kungsi dibikeun ka kadaleman Bandung,
sedengkeun wates kabupaten Bandung jeung kadaleman Cianjur dipisahkeun ku
wahangan Cisokan . Pangna akhirna jadi bagian ti kadaleman Cianjur cenah
kusabab Dalem Bandung eleh taruhan tina balap kuda jeung Dalem Cianjur. Satuluyna kalungguhan Bupati Cihea dieusi ku
sekeseler Dalem Cikundul nya eta Aom Habib, ngan darajat pamarentahan Cihea
geus teu jadi deu hiji kabupaten deui kusabab diturunkeun ngan satingkat cutak
bagian tina pamarentahan kadaleman Cianjur, puser dayeuhna oge dipindahkeun ka
Ciranjang tuluy nagri Cihea diganti ngaranna jadi “Nagara Kuta Pinggan”.
Dina
katerangan sejenna timimiti taun 1912 Ciranjang asup jadi bagian ti kadaleman
Cianjur, sedengkeun Cihea ngan saukur jadi ngaran desa bagian ti kacamatan
Ciranjang. Ayeunamah desa Cihea teh kaereh ka kacamatan Haur wangi Kab.
Cianjur, samemehna kungsi asup kana bagian kacamatan Bojongpicung Cianjur.
Sisillah Dalem Pasir Mataram / Rd. Nerangbaya
/ Wastunagara
Hartina Mataram : Mata jangan sekali-kali
dilihat kepada yang haram.
(Rama) ti Raja Kuntoro Majapahit, : Nerang
Baya bin Pangeran Nampabaya bin Pangeran Purbaya bin Prabu Kertawijaya bin Rd
Suruh bin Rd Mundiwangi saibu sarama jeung Aria Banjaran rayina . Aria Banjaran
rayina Rd Randukuning ti Mataram.
Ti Ibu. Sayyiditina Fatimah RA , Imam
Husin Sayydidita Fatimah , ka Imam
Sajjad Zenal Abidin RA, ka Imam Zaenal Alam, ka Syeh Jumadil Qubro .
Syeh Jumadil Qubro kagungan putra Sayid jenal
husein kagungan putra Sayid Muh Jumadil Qubro , kagungan putra dua nyaeta Syeh
Maulana Ishak (walisongo), jeung Syeh Ibrahim Samarqondi. Syeh Samarqondi gaduh
putra dua nyaeta 1. Raja Pandito, 2. Sunan Ampel.
Sunan Ampel gaduh putra 7 nyaeta :Siti
Sariah, Siti Mutmainah, Siti Hafsah, Rd. Makdum Ibrahim, Rd Qosim, Dewi
Murtasiah. Dewi Murtasimah ngadhup ka Rd Hasan/ Rd Fatah. (ieu silsilah katampi ti kuncen makam H.
Haeruman)
BABAD
CIHEA VERSI YAYASAN WARGI CIKUNDUL
“ Cihea, Tapak Kakawasaan Mataram di Cianjur.
“
(Wahangan Cihea di desa Cihea, ngaranna
dijadikeun ngaran kadaleman )
Cihea ayeuna mah ngan mangrupa salah
sahiji pamarentahan desa di wewengkon kacamatan Bojongpicung Kab. Cianjur,
Cihea oge ngaran wahangan badag anu ngamuara di Citarum. Lawang gintung ka Desa
Cihea diantarana lembur Bantar Honje, sasak Bantarhonje ayeuna keur direhab
basa poe Minggu (29/7) sawaktu sim
kuring lalanto ka ieu pilemburan. Najan hawana masih keneh
sejuk, leuweung masih keneh aya hejo ngeplokna, jalan desa ka ieu wewengkon
rusak parna, sakolepatmah katempona pangwangunan ekonomi di ieu pilemburan teh
masih keneh tinggaleun. Paimahanana masih keneh suasana lembur Sunda baheula,
masih keneh loba imah panggung kayaning pondasina oge make tatapakan batu keneh
atawa imah panggung anu kolongna dijadikeun kandang hayam.
Warga didinya taya nu nyaho yen dina
mangsa abad 18 Masehi, Cihea kungsi jadi hiji kadaleman bawahan Kasultanan
Mataram, ulah waka ka wargana heula, cacakan tokoh masarakatna oge saperti
Otang (63) manten Kepala Desa Cihea dua periode ( 1980-1990 ) ngabige sawaktu
ditanya sajarah Cihea “ Anu gaduh buku sajarah Cihea teh almarhum pun aki, tah
eta buku teh teras ditambut ku penilik kebudayaan ti Dinas P dan K kacamatan,
nanging teu diuwihkeun deui tos sababaraha taun dugika ayeuna, janten sim
kuring oge pareumeun obor “ cek Otang anu keur humaregung keuna ku kasakit
panon sawaktu dianjangan ku Galura diimahna di kampung Bantarhonje Desa Cihea
Kac. Bojongpicung Cianjur, 15 Km ti puseur dayeuh Cianjur. Rada nenggang ti
wewengkon ieu lembur, aya makam Bupati Cihea pernahna di ponclot gunung Cupu,
kuurang dinya sakumaha dina nisana disebutna teh Embah Dalem Pasir Mataram
jujuluk pikeun Raden Nerangbaya, kuncena oge henteu apaleun yen eta teh makam
Raden Nerangbaya, da keukeuh boga pamadegan yen eta teh makam salah saurang
wali anu sajaman jeung Sunan Gunung Jati.
Ti mana lalakon tapak Bupati Mataram
anu kungsi aya di Cihea, aya hadena dimimitian ku ningal kana pamadegan
sajarawan ti Univesitas Pajajaran Bandung (Unpad) Rieza.D. Dienaputra dina “
Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat “ ngebrehkeun yen nepika mangsa
pamarentahan Bupati Cianjur Aria Wiratanudatar ka IV / Dalem Sabirudin (periode
1727-1761 M) disabudeureun Padaleman Cianjur masih keneh aya kadaleman sejen
kayaning Padaleman Cipamingkis, Cikalong, Cibalagung, Cimapag jeung Cihea. Ngan
nurutkeun katerangan buku Sejarah Kanjeng Dalem Cikundul anu dikaluarkeun ku
Yayasan Wargi Cikundul tahun 1996 nerangkeun yen Kadaleman Cihea geus aya
sawaktu Bupati Cianjur masih keneh diwengku ku Dalem Cikundul / Aria Wiratanu I
/ Bupati Cianjur I (1640-1686) sarta pusat pamarentah Cianjur oge harita
sawaktu masih keneh di Cikundul.
Awalna-awalna tapak kakawasaan
Kasultanan Mataram aya di Cianjur mimitina teu leupas tina kaayaan lemah cai
mangsa harita. Diriwayatkeun, dina Taun 1645 di puser dayeuh Kasultanan Mataram
sakumaha buku “ Sunan Giri “ karya Umar Hasyim taun 1976, Pangeran Aria Prabu
Adi Mataram diistrenan jadi Sultan Mataram make gelar Susuhunan Amangkurat I
(1645-1647). Ngan talajak Sunan Amangkurat I beda pisan jeung Sultan Agung
bapana anu anti pisan Walanda, Amangkurat I mah justru ngaraketkeun maneh jeung
Walanda, malah sakumna bawahanana salawasna dicuriga rek baruntak kamanehna.
Korban kabengisan Sunan Amangkurat I, diantaran Pangeran Alit adina pituin nu
dihukum pati, Bupati Cakraningrat I adi beuteungna Amangkurat I oge dihukum
pati, malah 6000 ulama anu protes ku sikepna nu jauh tina agama ditelasan
kalayan masal dialun-alun Kertasura, puseur dayeuh Mataram. Malah kusabab
selirna anu panggeulisna nya eta Ratu Malang gede timburu sarta cua ka 43 selir
sejenna, kalayan enteng Amangkurat I tuluy marentahkeun algojo sangkan ngahukum
pati 43 selirna anu dipika cua ku Ratu Malang.
Kabengisan Amangkurat I lumaku oge ka Sultan Cirebon minantuna pituin,
sabab sakumaha kanyataan sajarah, Kasultanan Cirebon ahirna serah bongkokan
jadi bawahan Matarm, malah ahirna Sultan Cirebon / Pangeran Karim palastra
dijero tahanan akibat dicuriga rek baruntak ka mitohana nya eta Amangkurat I,
Pangeran Karim tuluy dikurebkeun di gunung anu mencil di Jogjakarta minangka
hiji raja tahanan, tidinya Pangeran Karim dijuluk Panembahan Girilaya.
Kusabab Cirebon ahirna jadi bawahan
Mataram, sakabeh wilayah urut jajahan Cirebon oge jadi milik Kasultanan
Mataram, kaasup wewengkon sabudeureun Citarum lebah kulon. Kadaleman Cikundul
(Cianjur) anu harita diwengku ku Dalem Cikundul masih keneh mangrupa kadaleman
anu mandiri, ngan sakumaha talajak Amangkurat I anu salawasna curiga ka
bangsana sorangan, manehna tuluy ngangkat satria Mataram ngaran Tumengung
Nampabaya sangkan muka wilayah koloni Mataram lebah kulon wahangan Citarum
pikeun ngamata-mata sakumna sikep pulitik para Bupati Sunda, saperti Dalem
Cikundul, Dalem Cipamingkis, Dalem Cibalagung, jeung Dalem Cimapag boh bisi
boga rencana nyusun kakuatan rek baruntak ka Mataram.Dina muka pamarentahanana
Tumenggung Nampabaya ngabuka kadaleman Cihea, manehna make ngaran wahangan anu
caina ngamuara ka Citarum nya eta wahangan Cihea, ahirna jadi Kadaleman Cihea
bagian ti Mataram.
Dina ngajalankeun tugasna, Nampabaya
dibantu ku adina pituin nya eta Tumenggung Lirbaya minangka Patih Kadaleman
Cihea. Sangkan apal kadaerah sabudeureunana, Tumenggung Lir Baya tuluy
ngayakeun silaturahmi ka para Dalem sejenna, tadina mah bari rek sakalian
nalungtik jeung ngawas ti kadeuketan sikep pulitik para Dalem Sunda, kaasup
Dalem Cikundul naha bener rek baruntak ka Mataram. Kacaritakeun, sanggeus raket
deukeut jeung para dalem Sunda, Lirbaya ahirna boga kasimpulan yen Bupati Sunda
teh teu aya anu boga maksud rek baruntak ka Sultan Mataram. Kukituna Lirbaya
tetep ngajalin duduluran jeung para Bupati Sunda. Ngan raketna hubungan Lirbaya
jeung para bupati Sunda teh mawa akibat goreng keur dirina, manehna ahirna
dicuriga ku Amangkurat I rek milu ngadukung Bupati Sunda baruntak ka Mataram.
Ku ayana kajadian kitu, Tumenggung Lirbaya ngarasa hanyelu, ngarasa difitnah ku
Sultan Mataram susuhunanana sorangan, ahirna nurutkeun dongeng rahayat, Lirbaya
tuluy nilem di hulu cai Cihea lebah Batu Jagur, manehna ngaleungit ninggalkeun
alam nyata pindah ka alam jin. Narima kajadian kitu, Tumenggung Nampabaya
ahirna sadar yen tuduhan Lirbaya rek baruntak ka Mataram teh teu ngabukti,
malah anu puguhmah Tumenggung Lir baya teh geus hasil bisa ngajalin duduluran
jeung sakumna Bupati Sunda. Sanggeus tilemna Lirbaya, Tumenggung Nampabaya
kaserang kasakit parna, nu asalna tina rasa hanyelu dirina teu bisa ngabela nu
jadi adi, nepika ahirna pipisahan jeung dirina. Nampabaya tuluy balik deui ka
Mataram, nepika palastrana di Mataram. Kusabab geuring nangtung ngalanglayung.
“ Ari pamendak abdi mah kieu,
Tumenggung Lir baya teh nilem kusabab nikah ka putri jin anu karajaannana aya
di Hulu cai Cihea, teras sanggeus tilem. Tumenggung Nampabaya ngaraos hanyelu
teras nyecebkeun iteukna. Teras tina liang urut nyecebkeun iteuk teh kaluar cai
ngocor, anu ahirna jadi hulu wahangan Pananyaan. Dinamian wahangan Pananyaan
kusabab ngagambarkeun lalakon Tumenggung Nampabaya anu tatanya kasasaha neangan
adina anu ahirna aya katerangan yen Lirbaya geus nilem ka alam jin “ cek Wawan
Kusmiran (36) tokoh pemuda Bojongpicung anu kabeneran apal kana dongeng rahayat
kawinna Lirbaya ka putri jin anu karaton jinna aya di Batu Jegur.
“ Dalem Pasir Mataram “
(Makam Dalem Pasir Mataram / Raden Nerangbaya
Bupati Cihea I di gunung Cupu Desa Cihea Kac. Haurwangi Kab. Cianjur)
Pikeun ngeusi jabatan Bupati Cihea
anu kosong, Sultan Mataram ahirna ngangkat Raden Nerangbaya anakna Tumenggung
Nampabaya jadi Bupati Cihea. Harita Nerangbaya minangka budak ngora anu anyar
panganten, manehna ngadahup ka salah saurang juru tari karaton Kasultanan
Mataram nya eta Raden Ayu Baron. Nerangbaya jeung Raden Ayu Baron samemehna
henteu boga bayangan yen Kadaleman Cihea beda pisan jeung kahirupan karaton
Kertasura anu sarwa lengkep jeung sarwa gampil nedunan kahayang duniawi.
Sanggeus ngamukim di Cihea, kaayaan kadaleman Cihea anu walurat, bari loba
leuweung geledegan keneh ahirna mawa goreng kana rumah tangga Bupati Cihea ieu,
Raden Ayu Baron teu betah cicing di Cihea, manehna hayang hirup senang saperti
kaayaan di karaton Kertasura, Mataram. Ahirna, Raden Nerangbaya jadi kaganggu
dina marentah kadalemanana, antukna minangka pangkat Bupati wibawana nyilorot
diantara bawahanna, kusabab manehna teu bisa ngokolakeun pamarentahan
kadaleman, jeung teu bisa teges kanu jadi pamajikan. Puncak kajadian, ahirna
Raden Ayu Baron nusud atawa kabur kalayan lelencepan ninggalkeun Nerangbaya
salakina, tujuanna rek balik deui ka Mataram.
Eukeurmah kaayaan Kadelaman Cihea
kitu, katambah-tambah aya kabar yen Sunan Amangkurat I kabur ti karaton
Kertasura kusabab kadeseh ku pasukan pambaruntak Pangeran Trunojoyo anu
didukung rahayat jeung ulama, Trunojoyo teh nya eta incuna Bupati Madura
Cakraningrat I anu ditelasan ku Amangkurat I. Sunan Amangkurat I ahirna perlaya
di wewengkon Tegal Arum sanggeus katarajang kasakit jiwa, inyana tuluy disebut
Sunan Tegal Arum. Dalem Cikundul Bupati Cianjur milu prihatin ku kaayaan
Kadaleman Cihea anu acak-acakan sanggeus ditinggalkeun ku Tumenggung Nampabaya
jeung Tumenggung Lirbaya, kukituna demi rasa duduluranana jeung Lirbaya, inyana
tuluy ngutus Raden Lumaju Wastu Nagara ti Cipamingkis pikeun nepungan Bupati
Cihea Nerangbaya sangkan Nerangbaya daek nepungan Dalem Cianjur di Cikundul.
Singget carita, Nerangbaya tuluy miang ka Cikundul, pikeun kalumangsungan pamarentahan
kadaleman di Cihea tuluy dititipkeun ka Raden Lumaju Wastu Nagara.
Sanggeus titirah sababaraha waktu
lilana di kadaleman Cianjur di Cikundul, sarta meunang piwejang ti Dalem
Cikundul, Raden Nerangbaya ahirna ngarasa geus siap marentah deui kadaleman
Cihea, ngan dumasar wejangan Dalem Cikundul manehna kudu neangan heula Raden
Ayu Baron, muguhkeun heula status kulawargana. Singget carita, sanggeus
upruk-aprak sarta tatanya kasasaha, Nerangbaya ahirna panggih jeung Raden Ayu
Baron dina kaayaan geuring parna kacapean di lebah Parung Areuy lebah kuloneun
sisi wahangan Citarum. Sanggeus duanaa silih hampura, sarta sadar ku
kasalahanana sewang-sewangan, ahirna Raden Ayu Baron mulang kakalanggengan.
Rengse ngurebkeun istrina, tiharita Nerangbaya tuluy marentah deui jadi Bupati
Cihea kalayan Patihna Raden Lumaju Wastunagara.
Sewangan, di Mataram kajayaan
Pangeran Trunojoyo ngan dua taun, inyana tuluy kaered ku pasukan Amangkurat II
anu dibantu ku Walanda. Trunojoyo perlaya tiwas ditelasan ku Amangkurat II anu ahirna diistrenan ku
Walanda jadi Sultan Mataram. Ngan tangtu bae, bantuan ti walanda teh henteu
cuma-cuma, ahirna sababaraha wilayah Mataram kudu dibikeun ka Walanda minangka
buruhna, kaasup Kadaleman Cihea. Narima khabar kitu Bupati Cihea Nerangbaya
narah narima, manehna boga pamadegan leuwih hade ngagabung jeung karajaan
Gagang anu mangrupa konsorsium sababaraha kadaleman anu narah dijajah ku
Walanda, karajaan Gagang teh dipingpin ku Dalem Cikundul, kalayan anggotana nya
eta Dalem Cibalagung, Dalem Cipamingkis, Dalem Cikalong, Dalem Cimapag jrr.
Sanggeus jadi bagian ti Karajaan Gagang, Bupati Cihea tuluy ngadahup ka Nyi Mas
Karangan putrina Dalem Cikundul, sanggeus wafat Raden Nerangbaya dikuburkeun
diponclot gunung Cupu anu ayeuna aya dina pamarentahan desa Cihea Kacamatan
Bojongpicung Cianjur. Ku urang dinya Raden Nerangbaya disebutna teh Embah Dalem
Pasir Mataram, malah ngaran Nerangbaya mah taya nu apaleun kaasup kuncen
makamna.
Lalakon karajaan Gagang teu loba
kacaturkeun deui dina sajarah, malah ti saprak kadaleman Cianjur diparentah ku
Dalem Aria Wiratanu II / Dalem Tarikolot (1686-1707) Cianjur geus jadi bawahan
Mataram, tuluy sanggeus dibikeun ku Mataram ka Walanda, kadaleman Cianjur jadi
jajahan Walanda nepika mangsa pajuangan ngaraih kamerdekaan lemah cai taun 1945.
SAJARAH “MAMAOS CIANJURAN”
ku
R. A. HANAFIAH WIRADIREDJA
Sapertos anu tos kauninga ku para wargi, seni
Sunda Cianjuran dipikawanoh kusakumna urang Priangan, mangrupi sahiji sekeseler
mamaos tina sakumna seni budaya nu aya di tatar Sunda sapertos ; CIGAWIRAN,
CIAWIAN, GARUTAN, CIREBONAN ssjb.Kumargi sim abdi dilahirkeun di Cianjur tur
tileuleutik hirup di Cianjur, kalawan ngagaduhan sifat resep tur mikadeudeuh
dibareng ku rasa nyaah kana seni mamaos Cianjuran , jorojoy aya emutan hoyong
maluruh sajarahna mamaos Cianjuran, ti iraha .?, taun sabaraha…?, aya mamaos
Cianjuran, saha anu ngawitan ngulikna..??.
Kuayana eta patarosan-patarosan ngadorong sim
abdi ngawitan maluruh sajarah mamaos Cianjuran, sok sanaos mung ukur
bekel tekad sareng kadeudeuh mulasara seni mamaos Cianjuran, sim abdi
nyobi-nyobi nyusun ieu catetan “Sajarah Mamamos Cianjuran”, malah mandar aya
manfaat kanggo balarea anu sami mikadeudeuh ieu seni mamaos. Namung sateu
acanna neda agung nya paralun jembar pangaksama, rehna tangtos dina ieu
catetan sajarah teh seueur kakirangan, boh dina tatabasa, titimangsa oge
sajarahna, rumaos tuna pangaweruh dina widangna kalayan bahanna oge mung saukur
kengging tetelepek tumaros kapara sepuh sareng para ahli, anu kiwari tos
teu aya dikieuna. Teu aya deui anu dipihareup, mugi ieu catetan “sajarah”
janten hiji panggeuing sareng pangdorong ka para putu kiSunda anu akhli dina
widang
sajarah kapayun kanggo nyusun hiji buku
“sajarah” anu langkung euyeub sareng ilmiah.
Kukituna bilih bae aya pihak anu bade
ngelereskeun, ngirangan oge nambihan timpah tipayun rewu nuhun anu kahatur.
Panutup hatur tinu nyusun, sakali deui neda
agung cukup lumur jembar pangampura rumaos ku katunaan.
Baktosna,
Rd.
A. Hanafiah Wiradiredja (taun 1984)
Rd. Hanafiah disebat oge Gan Emed (alm)
ramana Yus Wiradiredja Doktor ahli Mamaos nu dumuk di Bandung dosen STSI
Bandung. Nu nulis nampi ieu riwayat ti Pak Iskandar Wiradiredja putrana Gan
Emed rakana Yus Wiradiredja.
ASAL MULA
Numutkeun katerangan anu kantos kakempelkeun
ku pribados, nungawitan ngagali sareng ngamumule seni pantun nyaeta dalem
Muhidin anu katelah Aria Wiratanu Datar IV bopati Cianjur ka V
(1761~1776).Saparantos dalem Muhjidin pupus kabopatian diteraskeun ku putrana
dalem Aria Enoh katelah Aria Wiratanudatar V, nyepeng kalungguhan bopati
Cianjur ka VI (1776~1813).
Saleresna dalem Aria Enoh kagungan 17 rai,
namung bade dua wae anu bade dipedar didieu, anu aya hubungananana sareng seni
mamaos Cianjuran, nyaeta R.Aria Wasitaredja (rai nomer 5), katelah dalem
dina widang seni, sareng rai nomer 2 (isteri) jenengan Ny. Rd.
Tanjungnagara.
Dalem Aria Enoh (Aria Wiratanudatar V) anu
ngulik kana amengan maenpo (silat)anu saterasna turun tumurun dugi ka R.H.
Ibrahim, Cikalong kulon, anu saterasna nyiptakeun ameng Cikalongan. Ari rayina
nu ka 5 nyaeta R. Aria Wasitaredja ngulik kana pantun-pantun dongeng raja-raja
baheula, oge ngulik kana jejemplangan nyaeta mangrupi
mamaos, anu aya kakaitanana sareng sajarah
raja-raja baheula.
Rayi dalem Aria Enoh anu isteri nyaeta Ny. R.
Tanjungnagara ditikah ku hiji ulama ti Banten, anu ngarundaykeun putra-putu anu
jaranten ulama anu kamashur, diantawisna nyaeta putuna jenengan R. Wiradiredja,
patih Cianjur, anu saterasna diangkat janten bopati gelar, R. Aria
Prawiradiredja, saparantos ngecagkeun kalungguhanana linggih di Kaum, Cianjur
katelah dalem Sepuh, dugi pupusna taun 1834.
Nalika jumeneng anjeunna ngaheuyeuk dayeuh
tur nyesepuhan dina kaagamaan, tug dugi ka ayeuna Cianjur kawentar sareng
janten babasaan dina tilu hal nyaeta ; Ngaos, Mamaos sareng Maenpo.
Wangsul deui kana mamaos anu katelah
Cianjuran, sakumaha anu disebat diluhur nyaeta R. Wasitaredja (dalem Seni) anu
teras-terasan ngulik mamaos, harita masih mangrupi papantunan - jejemplangan –
dedegungan, anu saterasna ieu ulikan diteraskeun ku kapi putuna (putuna dalem
Aria Enoh/Aria Wiratanudatar V) nyaeta aom Hasan (saparatos nyepeng kalungguhan
bopati (1834~1862) katelah dalem Aria Kusumahningrat, kaceluk alim sareng
sholeh kana agama, ngarundaykeun ulama-ulama di Cianjur. Sajabina ti sholeh
dalem Aria Kusumahningrat, neraskeun ulikan eyangna (R. Wasitaredja) dina
widang papantunan-jejemplangan-dedegungan, dina hal ieu seueur pisan
kaluarbiasaan dina hal elmu kabatinan sareng elmu kalahiranana, panjang teuing
upami dipedar sadayana mah. Numutkeun carios anu turun tumurun, kabiasaan dalem
Aria Kusumahningrat upami bade ngadangding hiji lagu jejemplangan, papantunan
atanapi dedegungan estu tartib pisan, anjeuna tara lesot tina saum sareng
wengina tara petot munajat ka Nu Maha Kawasa, kujalan nyepi diri di pancaniti
sababaraha wengi dugika kenging ilham (wallahu alam kumaha), kuseringna
anjeunna ngisat diri dipancaniti dugi ka katelah dalem Pancaniti.
Salamina anjeunna tara linggih di kabupaten,
kajabi upami aya kaperyogian sareng nepangan geureuha.Saparantos kenging ilham
anjeunna teras lugay tipanyepian ngabujeng tempat panyimpenan gamelan, nu aya
dipancaniti, teras nabeuh dugi ka parantosna.Saparantos reres ngagamelan lajeng
anjeunna nyaur rai-raina anu tos biasa ngolah wirahma lagu.Ari rai-rai anu
kamashur ngulik/nyipta lagu papantunan-jejemplangan-dedegungan sareng rarancagan
dina rupi-rupi laras, aya tilu nyaeta : 1.R. Ardinegara, 2. R. Habib
Kusumaadinegara, 3. R. Suriakusuma.
Dedegungan sareng rarancagan dugika kiwari
seueur sareng sering keneh dimamaoskeun, numutkeun para seniman sepuh aya 28
lagu dedegungan ciptaan dalem Pancaniti (pangapunten teu acan kapaluruh).Dalem
Pancaniti upami ngadangding lagu sok nyandak lalakon dina jaman “PAJAJARAN
MURBA”, sapertos ;
1. Waktosn Dewi Asri bade nepangan panutanana
R. Mundinglaya disisi
walungan Cikoleberes
(daerah Bogor ayeuna), anu mana Dewi Asri sateu
acan nepangan R.
Mundinglaya sok metik heula kekembangan ti taman
diiring para emban,
sanggakeuneun ka R. Mundinglaya.
Ieu lalakon ku dalem
Pancaniti disanggi janten lagu “ Mupu Kempang”.
2. Saparantos R. Mundinglaya tepang sareng
Dewi Asri, teras sempal
guyon
anu akhirna
R. Mundinglaya unjukkan ka
Dewi Asri, yen anjeuna nampi timbalan ti
jeng rama nyaeta Prabu
Siliwangi, ngemban tugas kedah nyusul kawiati
pikeun ngala Layang Sasakadomas
kanggo tumbal nagri Pajajaran.
Lalakon ieu ku dalem Pancaniti
disanggi janten lagu “Pangapungan”.
Kacapi anu sok dianggo dina jaman dalem
Pancaniti disebat “Guling Putih”, saur dalem Pancaniti ;
Guling Putih mah
Kawatna matak tibelat
Tutup kacapina matak marungkawut
Inangna sok mawa dangiang
Liangna matak ngahudang rasa
Puretna matak nineung
ari kelungna matak kaduyung..!!
Sadayana lagu-lagu dangdingan dalem
Pancaniti, saparantos diolah deui ku para saderekna lajeng diwulangkeun ka wargi-wargi
landes, istuning rikip pisan ngawulangkeunana, teu kenging bocor kaluar
kabupaten, estu kanggo kulawargi kabopatian bae. Sumber : catetan ; R. Ibrahim
Obing, panghulu kapungkur, anu pupus di Tanggeung, Cianjur taun 1942. katerangan
; R. H. Ipung Prawirasudibja, katua Komisi Sajarah kabupaten Cianjur,
pupus 3 Mei 1970.
JAMAN DALEM ARIA PRAWIRADIREJA II
(1864 ~ 1910)
Saba’da dalem Pancaniti pupus (1862)
kalungguhan bopati diteraskeun ku putrana Aom Alibasah katelah dalem
Prawiradiredja II, sok disebat oge dalem Marhum. Dina jaman dalem Aria
Prawiradiredja II, kabudayaan dina widang seni tambih majeng sareng jembar,
Kumargi dalem Aria Prawiradiredja II ngala ka
rama resep sareng nyaah kana kasenian.
Sajabina tina mamaos, dalem Aria Prawiradiredja
ngayakeun pangajaran ngibing dipirig ku gamelan, sesepuhna waktos harita nyaeta
R. Ece Madjid, buyutna Aria Wasitaredja, ari nu ngibingna jaman harita sadaya
pangreh praja sapertos, patih, para wadana, para camat aya oge sawatara
padamel kabupaten, malihan waktos harita mah upami aya wadana atanapi camat anu
teu tiasa ngibing kalintang matak aebna.
Dalem Aria Prawiradiredja II kagunganan dua
parangkat gamelan rampasan, nyaeta si Arum sareng si Malati. Dalem oge miara
hiji “Badaya”, wanoja anu tiasa nyirimpi kanggo nyarengan para pangibing
pameget. Sajabani kana ngibing dalem oge seneng sareng mulasara seni Wayang
Golek, harita unggal malem Minggu sok aya pagelaran di kabupaten.
Dalang anu sohor jaman harita nyaeta R.
Karta ti Warungkondang, anu biasa janten juru kakawenna harita teu aya sanes R.
Ece Madjid.
Waktos jaman dalem Aria Prawiradiredja aya
tilu inihong dina widang mamaos nyaeta ;
1. R, Djajawiredja
2. Aong Djajalahiman
3. R. Ece Madjid
Asihna dalem ka R. Ece madjid
langkung-langkung ka nu sanes, kumargi katiasana dina widang seni langkung
onjoy tinu sanes. R. Ece Madjid sajabina anu parantos kasebat tipayun, sajabina
tina mamaos, ngacapi, rebab sareng suling anjeuna tiasa oge nabeuh alat musik
barat sapertos, gitar, piano sareng biola. R. Ece Madjid sering mintonkeun
katiasana midangkeun lagu-lagu dedegungan ku piano. Kaistimewaanana R. Ece
Madjid dina perkawis ngadangding lagu, kanggo kawih atanapi kanggo biantara
dalem sok tiasa didadak harita keneh. Ieu kaahlianna nurun ka kapi alo anjeunna
di Pasarbarau, Cianjur nyaeta R. Didi.Dina jaman harita papantunan,
jejemplangan sareng dedegungan tambih jembar, namung bae masih diwanti-wanti
teu bocor kaluar kabupaten, nya kitu anu diajarna mung wargi-wargi dalem anu
lalandes.
Aya paripaos, piring oge sok paketrok sareng
pisin, nyakitu deui harita duka naon alatanana dalem bendu pisan ka R. Ece
Madjid, dugika sababaraha lamina R. Ece Madjid tara diajak nyarios, tara
ditaros ku dalem, anu teu dipikahartos ku R. Ece Madjid naon alatanana,
naon kalepatanana ka dalem. Bakat ku bingung R. Ece Madjid harita lunta ka
pakidulan ngabujeng ka R. Nitikusumah anu waktos harita janten wadana
Sindangbarang (harita namina Cidamar) kenging sababaraha minggu natamuna di
Sindang barang.
Dina taun 1880 pangersa dalem ngersakeun
bubujeng (moro) banteng ka pakidulan disarengan ku kapi saderekna R. H.
Ibrahim Obing anu harita janten halipah di Sindangbarang, R. H. Ibrahim Obing
parantos biasa nyarengan dalem upami bubujeng, margi R.H. Ibrahim Obing
kawentar pamatang kahot, sareng kaanggo ku dalem.R.H. Ibrahim Obing kawentar
oge jago maenpo asuhan/murid R. Ibrahim di Cikalong.Saparantos dalem jengkar
moro, dalem katambias teras naek ka hiji pasir anu rada luhur, maksadna milari
jalan, eta pasir disebatna Pasir Leuweung Cipondok.
(Makam Rd.Etje Madjid di Kp. Pamoyanan Tonggoh Kel
Pamoyanan Kec. Cianjur Kab. Cianjur)
Barang dugika punceur pasir dalem kagagas
ninggali kaendahan alam, plung plong matak waas, katinggali laut kidul ombakna
pating suruwuk, kasorot cahaya panon poe pating gurilap. Harita dalem ras emut
ka R. Ece Madjid, teras dalem nimbalan salah sawios pangiring supados milari R.
Ece Madjid, anu diwaler ku R. Ibrahim Obing, yen R. Ece Madjid kaleresan nuju
natamu di R. Nitikusumah, di Sindangbarang. Enggalna R. Ece Madjid sumping
ngadeuheus dalem di Pasir Leuweung Cipondok.Barang prok R. Ece Madjid pendak sareng
dalem, gapruk dalem ngarangkul ka R. Ece Madjid bari nangis, saterasna
saparantos lubar kasono, dalem miwarang ka R. Ece Madjid kanggo ngadamel
rumpaka kaendahan alam anu katinggal harita. Kalayan henteu talangke R. Ece
Madjid harita keneh
ngagalantang ngebrehkeun kaendahan alam
harita.
Rumpaka laut kidul sanggian R. Ece Madjid
sadayana aya 27 pada, mung hanjakal teu kapapay laratan sadayana.
Dina hiji waktos dalem Aria Prawiradiredja
nampi uleman ti dalem Bandung R. Kusumadilaga, anu katelah dalem Karang Anyar.
Dalem Bandung sami-sami seneng kana mamaos. Dalem Cianjur harita angkatna mung
disarengan ku R. Ece Madjid, anu biasana sok disarengan kudua panyuling
nyaeta pa Rais mun henteu pa Ahim asuhan R. Ece Madjid, anu harita mah masih
barujangan.
Sadugina ka Bandung dalem Cianjur ditampi
kalayan kabingahan ku dalem Bandung, harita dalem Bandung parantos sasayagian
ngempelkeun para ahli mamaos urang Bandung, reres biantara pangwilujeng
disambung ku mamaos pangbagea ka tamu, giliran tatamu ngawaler mamaos
pangbagea. Dalem Aria Prawiradiredja rada ewed kumargi harita teu nyandak juru
suling, lajeng masihan isarat ka R. Ece Madjid, R. Ece Madjid teu
talangke lajeng mundut widi ka pribumi bade nambut piano nu aya dikabupaten,
saba’da diwidian ku dalem R. Kusumahdilaga, lajeng R. Ece Madjid ngalagukeun
lagu-lagu dedegungan nganggo piano.
sadaya hadirin teu aya anu henteu colohok,
rehna nembe nguping, lagu-lagu dedegungan dimaenkeun ku piano. Sateucan
ngecagkeun kalungguhan bopati dalem Aria Prawiradiredja II, kantos kaselir
dianugrahan “Bintang Oranye Nasau” kupamarentah Walanda, anu didugikeun ku
Residen di Bandung.
Kuaya kitu dalem Aria Prawiradiredja II kedah
angkat ka Bandung kanggo nampi ‘bentang”, harita oge nya kitu mung disarengan
ku R. Ece Madjid.
Singkatna barang dugi ka Kersidenan di
Bandung, harita tos hempak bara bopati sa-Priangan sareng para tamu kanggo
ngawilujengkeun ka dalem Prawiradiredja II, saparantos ngempel sadaya para
tatamu, haleuang bopati Bandung biantara dina rumpaka pupuh Dangdanggula,
ngawilujengkeun sareng ngiring bingah ka bopati Cianjur.
Reres biantara bopati Bandung, dalem Aria
Prawiradiredja II, ngisaratan ka R. Ece Madjid supados ngawaler kana biantarana
bopati Bandung.
Lajeng R. Ece Madjid ngadeg teras ngawaler
kana biantara pangwilujeng bopati Bandung, kalayan didadak harita keneh. Rengse
biantara waleran ger emprak asa kaeundeur gedong kersidenan, malah tuan Residen
mah dugika gogodeg, bakat ku kataji.
NYEBARNA MAMAOS KABALAREA
Saparantos dalem Aria Prawiradiredja lungsur
tina kalungguhan bupati, kalungguhan bopati diselang ku Patih Demang
Natakusumah salami dua taun, dalem Aria Prawiradiredja II pupus dina taun 1920.
Salajengna kalungguhan bopati Cianjur
dicepeng ku R. Muharam Wiranatakusumah (1912~1920), anu kawitna camat
Cibeureum, Tasikmalaya.
Tingawitan harita mamaos Cianjuran dipiwanoh
kubalarea. Harita R. Ece Madjid linggih di Pasarbaru Cianjur, ngawitan
ngawulangkeun mamaosna di Pasarbaru, Cianjur ka kandang wargi landes.
Harita anu langsung kawulang ku anjeuna teu
aya sanes ;
- R. Yasin
- R. O. Natanagara
- R. Idroes Wiradiredja
- R. Muhjidin Wiradibrata
- R. Cicih Wiradiredja
- R. Encang
- R. Ipung Prawirasudibdja
- R. Didi, sareng seueur deui anu
teu kacatet.
Wuwuh lami, tambih mashurna mamaos Cianjuran,
wuwuh seueur anu sarumping ngalap elmu mamaos ka R. Ece Madjid.Saparantos
ngawulang mamaos ka para wargi di Pasarbaru, R. Ece Madjid lajeng ngawulangkeun
elmu mamaosna kaluar ti Pasarbaru, Cianjur, nya eta kapara padamel Pakauman,
diantawisna ;
- R. Muhammad Djuwaeni, panghulu
Sukabumi (dina taun 1916 nyanggi kawih “Kentar Ayun”)
- R. H. Husen……………., panghulu Bogor
- R. Ibrahim Obing (dina taun 1921
nyanggi “Pangkur Madenda”)
- R. H. Mahmud, Naib Cisaat (dina
taun 1916 nyanggi “Kentar Cisaat”)
- R. Kartayaman ……..
- R. Mani ………….
- R. Dudu ……….
- Rais …..
- Ahim ….
- Ibu Anah, garwa R. Bohari
…….., Komis kabupaten
- R. Uci Sasnusi, teras ngalih
damel ka Bandung
- R. Isa …… (Aang Isa)
- R. Enti ….., kalipah Cilaku
- R. Ondang
- R. Cacih Djarkasih, Kaum,
Cianjur, harita nembe umur 11 taun, mung henteu lami
kumargi R. Ece Madjidna kabujeng pupus, mung
kawulang jejemplangan-papantunan-sareng dedegungan. Saterasna mah R. Cacih
Djarkasih ngalap elmu ngacapi ka bapa Askaen tukang kacapi kahot di
Cugenang.Tambih dieu tambih seueur anu ngaguru mamaos Cianjuran ka R. Ece
Madjid, sajabina ti ngaguru mamaos oge aya anu ngaguru nyuling, diantawisna
Rais sareng Ahim.
Anu ngaguru tambih nambihan kuayana
kasumpingan dalem Wiranatakusumah dalem ti Bandung anu harita disarengan ku
kalipah Apo, R. Ihot, R. Emung Purawinata, sareng bapa Uce tukang kacapi ti Sasakgantung, Bandung.Sadaya
rombongan diwulang ku R. Ece Madjid disaksian ku R. Ipung Prawirasudibja.Bapa
Uce saparantos diwulang R. Ece Madjid tambih lami tambih sohor di
Bandungna.Sadaya anu kantos diulang ku R. Ece Madjid, ngawulangkeun deui ka
muridna, kitu sareng kitu, dugi ka ieu seni mamaos Cianjuran, sumebar sa
Pasundan.
TRADISI KUDA KOSONG
Disusun tina sababaraha sumber ku Luki
Muharam Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC).
Tradisi Kuda Kosong matuh digelar saban
milangkala Kabupaten Cianjur unggal tanggal 12 Juli, umur tradisi Kuda Kosong
ampir sarua jeung umur Kabupaten Cianjur 336 taun. Tradisi ieu mangrupakeun
kariaan warga Cianjur warisan mangsa Bupati Rd. Aria Wiratanu II / Rd.
Wiramanggala / Dalem Tarikolot (1691-1707) anu meunang anugrah ti Sultan
Mataram Amangkurat II (1680-1702) di Kertosuro Jawa /Solo Jawa Tengah
ayeuna.
Mangsa harita pulo Jawa masih keneh aya dina
kakawasaan penjajahan Mataram ti jaman Sultan Agung / Rd. Mas Rangsang
(1613-1645), Sunan Amangkurat I / Rd.Syahidin (1645-1677) nepika jamanna Sunan
Amangkurat II / Rd.Ameral (1680-1702). Kitu oge tatar Sunda, sababaraha
karajaan gede ahirna tunduk ka Mataram kayaning Galuh taun 1595 , Sumedang
Larang taun 1620 , Kasultanan Cirebon jeung kabupaten-kabupaten lainna tunduk
ka Kasultanan Mataram anu asalna jadi rebutan antara Banten, Cirebon jeung
Sumedang Larang.
Kabupaten Cianjur mangsa Dalem Aria Wiratanu
II kakarak pisan ngadeg, puser dayeuhna masih keneh di lembur Pamoyanan, pendopo bupati mangsa harita masih keneh di
lokasi gedong Bale Rancage ayeuna, waragadna oge basajan pisan masih keneh imah
panggung, tacan kapangaruhan ku gaya arsitektur Walanda. Dalem Aria Wiratanu II
disebut oge Dalem Tarikolot, asalnamah salah saurang senopati di kabupaten
Cibalagung anu dipingpin ku Aria Natamanggala I Bupati Cibalagung anu diangkat
ku Sultan Agung Mataram kalayan gelarna Rd. Mas Babad Angsal atawa Satria
Kinayungan.
Dalem Tarikolot nami gumelarna mah Rd. Wiramanggala,
inyana putra cikal Dalem Cikundul /Aria Wiratanu I, dijadikeun senopati di
Cibalagung kusabab dipernahkeun ku ramana, ari Natamanggala I Bupati Cibagalung
kaitung masih adi angkat Dalem Cikundul,
kusabab ramana Natamanggala I nyaeta Sunan Girilaya adi sapaguron Dalem Aria
Wangsagoparana ramana Dalem Cikundul sawaktu duanana masantren di Pasantren
Amparan Jati Cirebon dina mangsa Sultan Cirebon Panembahan Ratu I / Pangeran
Mas ( 1570-1649) buyutna Sunan Gunung Jati Cirebon.
Sawaktu jadi senopati di Cibalagung, Rd.
Wiramanggala nyongcolang pisan komarana kusabab pinter jeung tarapti mereskeun
tugas-tugasna nepika wibawana dianggap sajajar jeung Dalem Cibalagung
Natamanggala, antukna duanana rebutan pangaruh pikeun jabatan Bupati
Cibalagung. Hal ieu mawa kahariwang Dalem Cikundul boh bisi kajadian perang
sadulur, kukituna ku Dalem Cikundul, Rd. Wiramanggala dijurungkeun sangkan muka
pamarentahan sorangan, anu ahirna muka pamarentahan Kabupaten Cianjur ti mimiti
taun 1691.
Mangsa pamarentahan Dalem Aria Wiratanu II,
aya dina transisi dua kakawasaan penjajah nyaeta Kasultanan Mataram jeung
Belanda. Kasultanan Mataram ti jaman Sunan Amangkurat I raket pisan jeung
Belanda, matak kitu teu heran loba pambaruntakan dimamana, katambah-tambah
talajak Sunan Amangkurat I anu bengis tur curigaan pisan ka bangsna sorangan
boh bisi rek ngarebut tahta, malah kulawargana sorangan loba anu dibunuh ku
manehna, puncak kabeginsanana sawaktu ngabunuh rebuan ulama ahli waris
walisongo anu dianggap rek baruntak. Sunan Amangkurat I digulingkeun ku
Trunojoyo pahlawan asal Madura anu malespati ka Sunan Amangkurat I kusabab
kabeh kulawarga di bunuh,tarekah Trunojoyo ngarebut tahta Sultan Mataram
dibantuan ku Kraeng Galesong raja ti Makasar, Sulawesi. Sanggeus ngarolos nyalemetkeun
diri ti karaton, Sunan Amangkurat I wafat di Tegal Arum inyana diracun ku
anakna nyaeta Rd. Ameral anu hayang jadi Sultan, nepika ayeuna Amangkurat I
disebut oge Sunan Tegal Arum, kusabab dimakamkeun di lembur Tegal Arum nu
ayeuna kaereh ka Desa Pasarean, Kec. Adiwerna Kab. Tegal Jawa Tengah.
Pangeran Trunojoyo teu lila jadi Sultan
Mataram inyana marentah ti taun 1677- 1680, Trunojoyo digulingkeun tuluy di
bunuh ku Raden Ameral anakna Sunan Amangkurat I anu didukung ku Belanda.
Sanggeus jadi Sultan Mataram Rd. Ameral make gelar Sunan Amagkurat II. Sawaktu
diangkat jadi Sultan Mataram, Amangkurat II geus masrahkeun sababarah kabupaten
di pulo Jawa ka Belanda minangka males jasa ngabantuan dirina, diantarana
daerah pantura tatar Sunda. Kacaritakeun hiji waktu Amangkurat II ngirimkeun
Rd. Ronggo utusanana ka Cianjur sangkan nepungan Dalem Aria Wiratanu II. Rd.
Ronggo nepikeun amanat Sunan Amangkurat II anu nitah Bupati Cianjur sangkan
datang seba ka Sultan Mataram anu nandakeun kabupaten Cianjur serah bongkokan
jadi bagian ti kakuasaan Mataram. Dina jaman Dalem Cikundul wewengkon Cianjur
taya anu ngajajah kusabab Belanda keur geten mantuan Amangkurat I mareman
pemberontakan-pemberontakan di Jawa Tengah jeung Jawa Timur, sedengkeun
Kasultanan Cirebon geus teu aya hubungan deui jeung Cianjur, sabab ahirna
Cirebon oge serah bongkokan ka Mataram kitu deui Sumedang Larang.
Narima parentah Sunan Amangkurat II sangkan
seba ka Mataram , Dalem Aria Wiratanu II ngarasa perlu ngabadamikeun heula
jeung adi-adina anu harita jadi penasehatna di pendopo kayaning Rd.
Natadimanggala /Dalem Aria Kidul jeung Rd. Wiradimanggala / Dalem Aria
Cikondang jrrd. Nurutkeun Babad Cianjur nu disusun ku Syarifah
Didong taun 1971 ngeceskeun yen ahirna Bupati Cianjur harita serah bongkokan ka
Sultan Mataram ngaliwatan Serat Kalih anu dibawa ku Dalem Aria Kidul ka
Mataram. Surat Kalih eusina kieu :
Serat Kalih Sembah Pangabakti :
Medal saking iklasing wedaya, abdi dalem
Sunda Kilen kang dahat budi punggung,kangte senggah pasiten gusti. Kita Ing
Pamoyanan tepining Cianjur Aria Wiratanu II, mugi konjuk ing dalem Kanjeng
Sinuhun Ing Mataram sasampuning kadya sapu niki.
Kebak Dalem nyaoskeun raga, nagri sareng
isine, pitik katur sumangga kersaning dalem,kaula darma teungga, ayahan
pakulun.Cipta Ulun kumaula sing dalu, mun nyadong adoh jeung Gusti sumangga
raga kasrah
Anu pihartieunana nyaeta Bupati Cianjur
masrahkeun negri Cianjur sapangeusina nepika meuri jeung hayam oge rek
dipasrahkeun ka Sultan Mataram. Dina surat eta ditandeskeun yen saupama Bupati
Cianjur sulaya kana jangji baris siap narima hukuman ti Sultan Mataram.
Proses nyieun Surat Kalih oge teu sagawayah,
samemehna Dalem Aria Wiratanu II barembag jeung rayi-rayina dipaseban pendopo.
Sanggeus barembag antukna diputuskeun yen Rd. Natadimanggala / Dalem Aria Kidul
ditugaskeun yieun eta surat jeung nganteurkeun surat ngawakilan Bupati Cianjur
ka Kertosuro nepungan Sunan Amangkurat II. “ Eh Ari Adi Aria Kidul, naha mana
ngeunah-ngeunah teuing, kakang teh taya bisa kitu, ieu rasa serat moal gagal.
Jeung deuih mungguh kakang taya deui nu patut mawa ieu serat iwal ti rayi
pribadi ngawakilan kakang, “ cek Dalem Aria Wiratanu II ka Aria Kidul adina. “
Sumuhun timbalan kakang, tadinamah manawi ieu pun adi Aria Cikondang,
peupeuriheun atuh midamelna teu kersa, kari mawana atuh piraku, “ cek Aria
Kidul semu guyon ka Dalem Aria Cikondan adina. “ Tah kaulamah embung, da kakang
ge ngarti, ngan bisi urang Jawa kumeta,bisi aya gajah meta munding ngamuk kula
bagianana, “ cek Aria Cikondang. Kitu diantarana dialog Dalem Wiratanu II jeung
adi-adina sawaktu nyusun Surat Kalih.
Surat Kalih dibungkus lawon bodas sakumaha
kabiasaan harita saumpama ngirim surat ka Sultan Mataram , berangkatna Aria
Kidul ka Mataram oge dikawal puluhan prajurit pilihan sarta babahan saperluna.
Lalampahanana naek kuda, diperkirakeun lilana tilu bulan kusabab kondisi jalan
harita,masih keneh loba leuweung geledegan anu ditempatan mangpirang-pirang
binatang gangas. Unggah gunung turun gunung, mipir pasir, mapay cadas
lungkawing, bari sakapeun dipegat ku para begal sarta kudu daek tarung heula
meruhkeun serangan begal.
Sawaktu nepika ka karaton Kertosuro,
kabeneran harita keur karumpul para bupati bawahan kasultanan Mataram ti mamana
diuk mendeko nyanghareupan Sunan Amankurat II, Serat Kalih langsung ditepikeun
ngaliwatan papatih. Sanggeus maca eta surat, Sultan Mataram kataji pisan “ He Wong Sunda, kang medi iki tulisan, utusan
Pamoyanan bagja satemenna kamu raden Pangiarsa,” ceuk Sultan Mataram anu nitah
sangkan Dalem Aria Kidul madep langsung ka hareupan Sultan. “Nun Paduka, abdi
dalem dinuta kakang, nyaoskeun sembah baktos, ping kalih welingipun mulewatan
sowan, pribadi saking katahwagelan teu kiat lumaku,” cek Dalem Aria Kidul bari
ngahaturkeun sembahna. “ Sun tarima persetya kakang ngireki, lawan sun tarima
sun hakenmintera, “ cek Sultan Mataram. Samemeh miang deui ka Cianjur, Sultan
Mataram ngabahanan hadiah anugrah ka Dalem Aria Kidul mangrupa pisalineun
sapangadeg jeung hiji pendok emas.
Dina sejen versi nandeskeun yen satemenna
Kabupaten Cianjur teu kungsi tunduk ka Kasultanan Mataram, najan harita kondisi
ekonomina walurat kusabab umur kabupaten oge tacan sababaraha lila,
dibandingkeun jeung kakuatan Kasultanan Mataram anu gede sarta didukung
Belanda. Dalem Aria Wiratanu II tetep ngutus Dalem Aria Kidul adina mawa Surat
Kalih ka Mataram ,ngan nepika ayeuna tacan kapaluruh serat kalih anu eusina
beda pisan jeung Serat Kalih nu tadi. Malah Dalem Aria Wiratanu II ngabahanan
beas tilu siki, pedes tilu siki jeung pare tilu siki keur Sultan Mataram anu
hartina yen najan Cianjur tacan bisa ngawangun kamakmuran siga Kasultanan
Mataram,tetep boga harga diri, saumpama aya kakuatan anu ngajorag ka Cianjur
moal burung teu dilawanan, kitu symbol siki pedes jeung lainna anu dibawa ka
Sultan Mataram.
Sultan Mataram, apaleun pisan kana kaayaan
Cianjur, sarta rek ngaraketkeun duduluran jeung Cianjur lain rek ngajajah.
Kukituna sawaktu Dalem Aria Kidul miang deui ka Cianjur inyana dibahanan hadiah
bikeuneun ka Bupati Cianjur kayaning kuda Eropa jalu, keris ditaratas inten
berlian boga Sultan Mataram ,malah eta keris teh langsung dicabut tina cangkeng
Sultan, nu katilu tangkal Saparantu. Cianjur pikeun Sultan Mataram kaasup
istimewa disaruakeun jeung Banten katut Cirebon,sabab cek ieu riwayat daerah
anu kungsi dibere tangkal Saparantu di tatar Sunda ngan Cianjur, Banten jeung
Cirebon.
Kuda jalu Eropa ngandung suluk anu hartina
Cianjur kudu ngaronjatkeun pangwangunan sangkan gancang ngajaul karaharjaan,
gancangna lir ibarat lumpatna kuda Eropa anu harita kasohor boga dedegan
jangkung gede tur balap lumpatna. Ari tangkal Saparantu teh tangkal anu umurna
bisa abadi, hal eta ngandung suluk yen kabupaten Cianjur kudu abadi salilana.
Sedengkeun suluk keris Sultan Mataram, nandakeun raketna hubungan duduluran
Mataram jeung Cianjur,malah dina suluk eta keris ngandung harti yen saha wae
anu bakal ngarurug Cianjur bakal di lawan ku Mataram.
(iring-iringan Kuda Kosong biasana digelar dina pawai pembangunan anu
ngurilingan kota Cianjur unggal milangkala Kab. Cianjur. Foto ti Intenet)
Gugurna Dalem Aria Cikondang jeung
pemberontakan Prawatasari
Ngan henteu kabeh gegeden Cianjur saluyu
kuayana hubungan hade jeung Mataram. Dalem Aria Cikondang anu boga watek
dedegler katambah-tambah ahli maenpo jeung kadugalan teu panuju pisan kuayana
hubungan raket Cianjur jeung Mataram kusabab Mataram raket jeung Belanda, ngan
hanjakalna riwayat gugurna Aria Cikondang nepika kuburanana aya tilu di
wewengkon Cibeber taya anu ngaguar dina sababaraha buku babad Cianjur. Dina
sumber tradisional dicaritakeun yen jasad Dalem Aria Cikondang dibagi tilu,
mastakana dikurebkeun digunung Pucung, ragana dikurebkeun di sisi wahangan
Cikondang Cibeber, dampal sukuna di kurebkeun digunung Wesi,hal eta kusabab
Aria Cikondang ngagenggem ajian pancasona, cenah anu ngagenggeum aji pancasona
awakna teu neurak ku pakarang jeung pelor, jeung teu bisa paeh, hiji-hijina
syarat cenah jasadna kudu dipisah-pisah. Anu jadi patanyaan, naha aya
hubunganana atawa henteu sikep Dalem Aria Cikondang anu anti Mataram jeung
Belanda jeung pambaruntakan Haji Prawatasari ka Belanda dijaman Dalem Aria
Wiratanu nepika jaman bupati Cianjur Dalem Aria Wiratanu III/ Rd. Astramanggala
(1707-1727).
Haji Prawatasari berontak ti taun 1703 nepika
taun 1707,inyana ahirna dihukum pati di alun-alun Kertosuro ku Belanda tanggal
12 Juli 1707. Nurutkeun panalusuran Yoseph Iskandar sawargi, negeskeun yen
saenyana Prawatasari teh anak bungsu Dalem Cikundul,ngan kusabab baruntak ka
Belanda silsilahna dihapus tina rundayan Dalem Cikundul kusabab mangsa harita
hiji aeb saumpama boga dulur atawa kulawarga anu baruntak ka Belanda,
dianggapna teh karaman / rampog, saperti sebutan Belanda ka Ki Bagus Rangin
nyaeta Karaman Van Java, anu lumaku oge ka Pangeran Diponegoro jeung Prawatasari.
Sigana ha lieu oge lumaku ka Dalem Aria
Cikondang anu sejarahna taya nu mikawanoh saolah ngahaja dihapus. Bisa wae Aria
Cikondang ngagabung jeung Prawatasari baruntak ka Belanda, nepika inyana jadi
buronan Belanda saperti halna Prawatasari. Ngan perjuangan Aria Cikondang
ahirna tamat sanggeus Belanda mere ultimatum ka Aria Cikondang, yen bakal
nyangkalak Bupati Cianjur saumpama Aria Cikondang teu daek masrahkeun diri ka
Belanda. Rd. Wiradimanggala / Aria Cikondang ahirna masrahkeun diri ka Belanda
pikeun ngabelaan lanceukna anu jadi Bupati Cianjur, ha lieu oge dilarapkeun ku
Belanda ka Prawatasari,mangsa harita para Bupati di tatar Sunda diancam
saumpama teu bisa nyangkalak Prawatasari dina tempo 6 bulan baris dicangkalak
ku Belanda dianggap sakongkol jeung perjuangan Prawatasari. Ahirna Prawatasari
milih meuntas ka Jawa Tengah, melaan para Bupati di tatar Sunda.
Sawaktu masrahkeun diri ka Belanda, laju
Dalem Aria Cikondang dihukum pati dihareupeun regu tembak,ngan weleh taya hiji
oge pelor anu bisa teurak kana awak Aria Cikondang. Malahmah ceuk ieu riwayat
Aria Cikondang kalahkah ngeunah seuri ningali anggota regu tembak anu taak teu
bisa ngalaksanakeun hukuman kusabab inyana weduk, kitu deui sawaktu ditugel
mastakana ku algojo, nepika mastaka Aria Cikondang ngagorolong ka taneuh pisah
jeung ragana,tapi kusabab inyana ngagenggem elmu pancasona geutihna anu ngeclak
kana bumi / taneuh ngajadikeun raga anu asalna misah di tugel teh nyambung
deui, nyambung deui jagjag walagri deui,nepika algojo pasrah teu bisa walakaya.
Ngan dasar taya elmu anu panutup, teu lila
aya hiji demang urut batur saguru jeung Aria Cikondang anu mere bongbolongan
sangkan Belanda bisa maehan Dalem Aria Cikondang, nyaeta kudu nyangcang awak
Aria Cikondang suku jeung sirahna bari ditarik ku sababaraha kuda anu
pasilan-silang arahna. Tarekah kitu teh kudu dilaksanakeun wanci tengah poe,
sarta dilaksanakeun di luhureun cai wahangan anu ngamalir supaya sanggeus pegat
awakna Aria Cikondang, getihna bisa dipalidkeun ku ngamalirna cai moal kungsi
getihna ngeclak na taneuh.
Sanggeus Mataram ngalaksanakeun saran ti
Demang anu hianat, Aria Cikondang gugur, ragana anu dicangcang beuheung jeung
sukuna kabagi dua sanggeus ditarik ku sababaraha kuda dimasing-masing
dipeuntaseun wahangan Cikondang di Cibeber Cianjur. Raga Aria Cikondang/ Rd.
Wiramanggala mastakana dikurebkeun di ponclot gunung Pucung ari awakna di sisi
wahangan Cikondang. Eksekusi eta kalawan tragis disaksian ku Bupati Cianjur
Aria Wiratanu II anu ngaheruk,nyeri ningal gugurna Aria Cikondang ku cara kitu.
Kajadian anu dialaman ku Aria Cikondang, kaalaman oge ku Pangeran Rangga Gempol
I / Pangeran Suriadiwangsa (1602-1625) Bupati Sumedang anu gugur sanggeus
dihukum pati ku Sultan Agung Mataram, jasad Pangeran Rangga Gempol aya tilu, dampal
sukuna dikurebkeun di pemakaman Lempuyang Wangi Yogyakarta Kaler, ragana
dikurebkeun di Jln. Krasak pemakaman Sultan Yogya Kota, sedengkeun mastakana
dikurebkeun di Banyusumurup didaerah Imogiri Yogyakarta Kidul. Rangga Gempol
dihukum pati kusabab dituduh rek baruntak ka Sultan Agung Mataram. Aria
Cikondang jeung Rangga Gempol ngan conto leutik ku kabengisan Kasultanan
Mataram sawaktu ngajajah tatar Pasundan,loba deui para bupati Sunda anu
dialapatina dihukum pati ku Sultan Mataram. Penjajahan Mataram ditatar Sunda
rengse sanggeus dipasrahkeun ka Belanda ngaliwatan perjanjian tanggal 19-20
Oktober taun 1677 jeung 5 Oktober 1705.
Tradisi Kuda Kosong
Cag riwayat gugurna Aria Cikondang anu teu
panuju Cianjur raket jeung Mataram anu didukung ku Belanda. Kacaritakeun
lalampahan Aria Kidul anu balik deui ka Cianjur bari mawa hadiah ti Sultan
Mataram Amangkurat II kayaning kuda Eropa, tangkal Saparantu jeung Keris.
Sapanjang jalan ka Cianjur, ngahaja kuda
Eropa teh teu ditaekan ku Aria Kidul, inyana boga pamadegan yen eta kuda teh
lain keur tunggangeun dirina, tapi tunggangan Bupati Cianjur kusabab eta kuda
hadiah Sunan Amangkurat II keur Bupati Cianjur. Kadatangan rombongan Dalem Aria
Kidul ti Kertosuro dibagjageun pisan ku Bupati Cianjur Aria Wiratanu II jeung
warga Cianjur. Satepina di pendopo disolawatan, dikukusan ku menyan bodas,
dibura ku nini paraji supaya teu kaweur pangacian. Kuda, keris jeung tangkal
Saparantu langsung dipasrahkeun ka Aria Wiratanu II ku Dalem Aria Kidul. Bupati
Cianjur henteu ngaengkekeun langsung narima keris,bari tuluy naek kuda anugrah
Sultan Mataram. Sedengkeun tangkal Saparantu tuluy dipelakeun di alun-alun
Cibalagung.Ti harita ampir saban aya karamean, kuda jeung keris remen diaben
sapanjang puser dayeuh Cianjur jadi hiji tradisi nu disebut tradisi Kuda
Kosong.
Tradisi Kuda Kosong jeung Rd. Suryakancana
Tradisi Kuda Kosong diaben saban taun ku
unggal Bupati Cianjur samemeh datangna penjajah Jepang taun 1942. Biasana
diarak-arak unggal kariaan muludan, Kuda Eropa oge katurunana dijaga pisan ku
kuncen anu digaji ku Bupati. Ngan sanggeus Jepang asup ngajajah,tradisi kuda
kosong teu dipidangkeun deui, harita anu jadi bupati Cianjur nyaeta RAA.
Surianata Atmaja (1934-1943),jeung R. Adiwikarta (1943-1945) . Sanggeus Jepang
serah bongkokan ka Sekutu taun 1945, jabatan Bupati Cianjur dicangking ku R.
Yasin Partadireja, R. Iyok Muhamad Sirodj, R. Abas Wilagasomantri. Dina mangsa
ieu kariaan Kuda Kosong tacan deui dipidangkeun.
Sawaktu bupati Cianjur dicangking ku menak
Bandung Rd. Ateng Sanusi Natawiyoga (1948-1950) inyana hayang meunang
pangangkeun ti urang Cianjur kusabab inyana lain bupati pituin asli Cianjur.
Ngan najan lain putra pribumi Cianjur Dalem Ateng daria pisan ngamumule seni
Cianjur jeung tradisi has Cianjur kayaning yasinan unggal malem Jumaah di
Pendopo, jeung ngahirupkeun deui seni tradisi lainna kayaning mamaos jeung
maenpo. Dalem Ateng teu putus-putus nepungan para tokoh di Cianjur menta
kamandang sangkan tradisi has Cianjur hirup, inyana remen silaturahmi ka ulama
jeung tokoh Cianjur sejena mangsa harita.
Dalem Ateng hayang ngahudangkeun deui tradisi
Kuda Kosong has Cianjur, kukituna inyana meunang saran ti hiji tokoh awewe
sakti urang Cidaun anu mere jalan tata cara tradisi Kuda Kosong, ngan tradisina
beda jeung tradisi Kuda Kosong titinggal Dalem Aria Wiratanu II. Tradisi Kuda
Kosong anu baris dipidangkeun deui disaruakeun jeung tradisi Kuda Kosong anu
aya di Ciamis nyaeta ngondang raja lelembut Onom ka Pendopo Ciamis kujalan
arak-arakan Kuda Kosong.
Dumasar saran paranormal ti Cidaun, tradisi
Kuda Kosong ditambahan ku tradisi ngalinggihkeun jeung ngalungsurkeun raja
lelembut ka kamar kosong paranti sasaji di pendopo Cianjur. Tradisi
Ngalinggihkeun nyaeta ngulem Rd. Suryakancana raja lelembut nu ngageugeuh
gunung Gede Cianjur nu dipercaya putra Dalem Cikundul bupati Cianjur munggaran.
Nu kahiji nyadiakeun sarupaning sasaji anu dipercaya jadi kaseneng Rd.
Suryakancana, eta sasaji teh dipernahkeun di rohangan husus pikeun Rd.
Suryakancana di pendopo Cianjur nu disebut Kamar Kosong. Sasaji disiapkeun dina
malem rek diayakeunana arak-arakan Kuda Kosong. Sedengkeun pikeun tungganganna
disiapkeun kuda jalu pulas hideung, jeung deuih peuting samemeh kariaan kuda
teh kudu dimandian langsung ku Bupati Cianjur, ari caina kudu nu asalna ti cai
kahuripan di makam Dalem Cikundul di Desa CIjagang Cikalong Kulon Cianjur jeung
cai ti sumur pangguyangan Badak putih. Isukna baris diayakeun tradisi
Ngalinggihkeun Rd. Suryakancana ti Kamar Kosong ka Kuda anu rek diarak. Sawaktu
Rd. Suryakancana rek dilinggihkeun, kabeh gegeden Cianjur ngabaris hareupeun
kamar kosong ngabagjakeun raja jin Rd. Suryakancana anu rek dilinggihkeun kana
kuda ti kamar kosong. Rd. Suryakancana dilinggihkeun kujalan digandong ku
kuncen, ngaliwatan para gegeden anu sungkem ka Rd. Suryakancana anu dipercaya
hadir bari digandong ku kuncen,sanggeus dilinggihkeun kana kuda tuluy diarak
sapanjang kota Cianjur. Disebut kosong, sabab taya saurang oge anu numpakan eta
kuda, ngan pikeun anu percaya eta kuda teh ditunggangan ku Rd. Suryakancana.
Rengse ngurilingan kota, dituluykeun ku
tradisi Ngalungsurkeun Rd. Suryakancana tina Kuda ka Kamar Kosong, ampir sarua
jeung tradisi Ngalinggihkeun. Dina tradisi Ngalungsurkeun, Bupati Cianjur jeung
gegeden lainna geus baris ngajajar ngabagjakeun Rd. Suryakancana anu baris
dilungsurkeun ti Kuda ka kamar kosong ku kuncen anu ngagandongna.
Tradisi Kuda Kosong anu ditambahkan ku
tradisi ngalinggihkeun jeung ngalungsurkeun Rd. Suryakancana tuluy
dipertahankeun nepika jaman bupati Cianjur Ir. Wasidi Swastomo, MSi
(2001-2006). Ngan ku Bupati Wasidi tradisi Kuda Kosong dilarang dipidangkeun
deui timimiti taun 2001 kusabab aya pangrojong ti para ulama Cianjur ngaliwatan
Silmui (Silaturahmi Umat Islam),ulama boga pamadegan yen tradisi Kuda Kosong
nyimpang tina Syariat Islam kusabab aya tradisi anu ngangkir mahluk halus
nyaeta Rd. Suryakancana ti gunung Gede.
Teu kabeh satuju kana larangan eta, utamana
para aktivis budaya ti paguyuban pasundan, dewan kesenian cianjur, lembaga
kebudayaan Cianjur jrrd. Antukna ngaliwatan sababaraha kali musarawarah antara
ulama jeung aktivis budaya diputuskeun yen Tradisi Kuda Kosong bisa
dipidangkeun deui asal tradisi Ngalinggihkeun jeung tradisi Ngalungsurkeun Rd.
Suryakancana dihapus. Nepika ayeuna Kuda Kosong bisa dipidangkeun deui sanggeus
kariaanana disampurnakeun deui saperti asalna dina jaman Bupati Cianjur Aria
Wiratanu II anu teu ngahubungkeun jeung hal-hal mistik. Ngan Kamar Kosong di
pendopo mah geus teu aya, diganti fungsina jadi perpustakaa, kitu deui di
Ciamis tradisi Kuda Kosong keur raja lelembut Onom jeung kamar Khususna geus
dihapus taun 1980-an. (Minggu, 5 April 2013)
Rundayan Bupati Cianjur
1.R.A. Wira Tanu I / Dalem Cikundul
(1677-1691)
2. R.A. Wira Tanu II / Dalem Tarikolot (1691-1707)
3. R.A. Wira Tanu III / Dalem Dicondre (1707-1727)
4. R.A. Wira Tanu Datar IV / Dalem Sabirudin (1927-1761)
5. R.A. Wira Tanu Datar V / Dalem Muhyidin (1761-1776)
6. R.A. Wira Tanu Datar VI / Dalem Enoh (1776-1813)
7. R.A.A. Prawiradiredja I / Dalem Sepuh (1813-1833)
8. R. Tumenggung Wiranagara / Dalem Tonggoh (1833-1834)
9. R.A.A. Kusumahningrat (Dalem Pancaniti) (1834-1862)
10. R.A.A. Prawiradiredja II / Dalem Alibasyah (1862-1910)
11. R. Demang Nata Kusumah (1910-1912)
12. R.A.A. Wiratanatakusumah (1912-1920)
13. R.A.A. Suriadiningrat (1920-1932)
14. R. Sunarya (1932-1934)
15. R.A.A. Suria Nata Atmadja (1934-1943)
16. R. Adiwikarta (1943-1945)
17. R. Yasin Partadiredja (1945-1945)
18. R. Iyok Mohamad Sirodj (1945-1946)
19. R. Abas Wilagasomantri (1946-1948)
20. R. Ateng Sanusi Natawiyoga (1948-1950)
21. R. Ahmad Suriadikusumah (1950-1952)
22. R. Akhmad Pena (1952-1956)
23. R. Holland Sukmadiningrat (1956-1957)
24. R. Muryani Nataatmadja (1957-1959)
25. R. Asep Adung Purawidjaja (1959-1966)
26. Letkol R. Rakhmat (1966-1966)
27. Letkol Sarmada (1966-1969)
28. R. Gadjali Gandawidura (1969-1970)
29. Drs. H. Ahmad Endang (1970-1978)
30. Ir. H. Adjat Sudrajat Sudirahardja (1978-1983)
31. Ir. H. Arifin Yoesoef (1983-1988)
32. Drs. H. Eddi Soekardi (1988-1966)
33. Drs. H. Harkat Handiamihardja (1996-2001)
34. Ir. H. Wasidi Swastomo, Msi (2001-2006))
35. Drs. H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2006-2011)
2. R.A. Wira Tanu II / Dalem Tarikolot (1691-1707)
3. R.A. Wira Tanu III / Dalem Dicondre (1707-1727)
4. R.A. Wira Tanu Datar IV / Dalem Sabirudin (1927-1761)
5. R.A. Wira Tanu Datar V / Dalem Muhyidin (1761-1776)
6. R.A. Wira Tanu Datar VI / Dalem Enoh (1776-1813)
7. R.A.A. Prawiradiredja I / Dalem Sepuh (1813-1833)
8. R. Tumenggung Wiranagara / Dalem Tonggoh (1833-1834)
9. R.A.A. Kusumahningrat (Dalem Pancaniti) (1834-1862)
10. R.A.A. Prawiradiredja II / Dalem Alibasyah (1862-1910)
11. R. Demang Nata Kusumah (1910-1912)
12. R.A.A. Wiratanatakusumah (1912-1920)
13. R.A.A. Suriadiningrat (1920-1932)
14. R. Sunarya (1932-1934)
15. R.A.A. Suria Nata Atmadja (1934-1943)
16. R. Adiwikarta (1943-1945)
17. R. Yasin Partadiredja (1945-1945)
18. R. Iyok Mohamad Sirodj (1945-1946)
19. R. Abas Wilagasomantri (1946-1948)
20. R. Ateng Sanusi Natawiyoga (1948-1950)
21. R. Ahmad Suriadikusumah (1950-1952)
22. R. Akhmad Pena (1952-1956)
23. R. Holland Sukmadiningrat (1956-1957)
24. R. Muryani Nataatmadja (1957-1959)
25. R. Asep Adung Purawidjaja (1959-1966)
26. Letkol R. Rakhmat (1966-1966)
27. Letkol Sarmada (1966-1969)
28. R. Gadjali Gandawidura (1969-1970)
29. Drs. H. Ahmad Endang (1970-1978)
30. Ir. H. Adjat Sudrajat Sudirahardja (1978-1983)
31. Ir. H. Arifin Yoesoef (1983-1988)
32. Drs. H. Eddi Soekardi (1988-1966)
33. Drs. H. Harkat Handiamihardja (1996-2001)
34. Ir. H. Wasidi Swastomo, Msi (2001-2006))
35. Drs. H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2006-2011)
36. Drs.
H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2011-2016)
"Bandar togel singapore terbaik indonesia
ReplyDeleteAgen TOGEL 4DPOIN,Online Terpercaya.
Minimal Deposit Dan Withdraw 20.000
Keterangan Lebih Lanjut, Anda Bisa Hubungi Disini.
★ Pin BBM : D1A279B6
★ Pin BBM : 7B83E334
★ Whatsapp : +85598291698
★ Skype : Poin.4D
★ Line : +85598291698 "