“NAGARA URANG CEK PANTUN BOGOR”
Kaayaan nagara geus beuki
pihawatireun, bencana alam dimana-mana, kasus-kasus korupsi dipilampah ku para elit
politik anu sakuduna jadi suri tauladan masyarakat. Lain wae oknum anggota DPR,
atawa pejabat pamarentahan, dalah Mahkamah Konstistusi oge Akil Muhtar anu
harita Ketuana kagerus kasus korupsi, padahal salila ieu MK teh dianggap
institusi pangluhurna saumpama hayang merjuangkeun kaadilan hukum.
Tibaheula keneh, Pantun Bogor geus
ngaramalkeun kaayaan nagara sanggeus Pajajaran burak taun 1579 bakal siga
ayeuna. Tokoh misterius Aki Uyut Baju Rambeng geus biasa noropong kaayaan alam
nusantara ratusan taun kahareup, padahal inyana hirup dina taun 1800 di kampung
Jasinga Bogor. Dina lalakon Ronggeng Tujuh Kalasirna diungkapkeun yen kaayaan
bakal saperti ayeuna sakumaha gambaran Pantun “
“anu jareneng raruhur pangkat tapi ngaleuleuwihan wates
kakawasaan, anu jadi pandita (ulama) tapi mahiwal tina kapanditaanana, anu
bararenghar sareba sugih tapi kajembaran arinyana kabeh teh hanteu sawajar. Anu
tarani tapi udar tina tali paranti, anu salingkuh bari ngan nganyeyeri bae.”
Aya dina kajayaan dianggapna bakal
langgeng, nepika boga sikep sawenang-wenang. Jadi Bupati atawa Gubernur teh nu
sakuduna ngabela kapentingan warga, kalahkah sabalikna digunakeun ku sababaraha
oknum bupati/ walokota jeung Gubernur keur ngakaya sorangan jeung kulawargana.
Samodel anu tumiba ka urang Banten, Tubagus Chaeri Wardana alias Wawan adina
Gubernur Banten sawaktu lanceukna tacan asup bui, manehna meunang jujuluk “
Gubernur Jenderal “ Banten ku para pejabat jeung pangusaha, jujuluk eta
nandakeun Wawan boga kakawasaan anu gede di Banten padahal ngan saukur
ngamamfaatkeun jabatan lanceukna. Ciri-ciri kakawasaan anu sawenang-wenang ieu
digambarkeun dina ugeran pantun saperti kieu :
“Jelema-jelema anu dibendon Dewa, baris harayang sakti leuwih ti resi.
Harayang kawasa unggul ti dewa. Harayang jaya punjul bae ti papada…laju engkena
mararaksa mudu alam nurut bae kasakahayang arinyana sakarep-karep. “
Dina bagian lain digambarkeun
sikep gumede jeung rasa aing para pangawasa otoriter anu diramalkeun bakal aya
dina kahirupan urang sarengse Pajajaran runtag ratusan taun kaliwat , saperti
ugeran pantun :
“Ngaing
teh raja rajaning raja. Anu sagala bener pangbenerna. Anu wasa ngatur jaman.
Euweuh deui raja anu unggul ti aing. Ngan ngaing anu bisa ngelehkeun sakabeh
raja anu sajaman jeung ngaing.”
Tangtu
gambaran diluhur lain ngan saukur warga Banten, gambaran kakawasaan anu
sawenang-wenang kitu kungsi kaalaman ku bangsa urang dina jaman penjajahan,
jaman orde lama, komo deui dina jaman Orde Baru mah. Malahmah saking kawasana,
pamarentahan Orde Baru wani ngangkat budaya Jawa minangka budaya anu
pangluhurna di Nusantara. Sajarah raja-raja Jawa kumplit dipedar dina buku-buku
sejarah. Puncakna ngagul-ngagul kajayaan karajaan Majapahit. Sedengkeun
suku-suku lain teu dibere tempat saeutik-eutik acan dina buku-buku sejarah di
sakola-sakola. Kaasup sejarah Sunda. Malah ngahaja kunu anti Pajajaran disebar
dongeng-dongeng anu ngahina ka Pajajaran. Dina mangsa Orde Baru anu
ngagungkeun budaya Jawa Pajajaran teh disakompet daun keun jeung sarupaning
elmu hitam, Pajajaran teh siluman meong, pellet, jrd.
Lain jaman Orde Baru wungkul, sawaktu
jaman kakawasaan Kasultaanan di Jawa oge saumpama medar sejarah, kajadian perang
sawaktu Kasultanan Banten, Cirebon jeung Demak ngarurug Pajajaran disaruakeun
jeung perang agama antara Islam jeung agama Sunda. Antara pasukan utusan
Waliyulloh anu suci ngagempur Pajajaran anu sasar. Hal eta diugerkeun dina
Pantun Bogor anu unina kieu :
“ Lamun aya keneh
patilasan Pajajaran anu nyesa. Laju arinyana mapay-mapay deui lacak-lacak jaman
baheula. Tapi marapay teh bari ngaruksak. Sabari najan jaman geus kaliwat
ratusan taun keukeuh bari ngahaharuwan majar teh Pajajaran teh kapir anu jaradi
setan.
Laju anu ngahaharuwan mararaksa jeung arinyana pabisa-bisa ngareka
carita nyarieun dongeng dipajarkeun uga. Beuki lila beuki poek wae pamikiran
arinyana, beuki julid wae hate arinyana.
Arinyana diperdaya ku monyet-monyet beureum angen. Ku setan-setan
anu ngarupa jelema, ku kapir-kapir tapi barisa ngaji. Anu hanteu bae daek bisa
ngarti yen batu teh henteu diurut Pajajaran wae, dipupusti diparunjung teh.
Dewa jurig jeung dedemit henteu ngancik dina batu anu ditulis wae,
henteu dumuk dina batu anu ngarupa jalma bae, tapi arayana teh dina pikir anu
teu sapamanggih, dina hate anu teu hade.”
Malah
nepika ayeuna loba keneh masarakat anu percaya kana dongeng Sasakala Leuweung
Sancang anu eusina nyaritakeun Prabu Siliwangi anu diudag-udag Kian Santang
dipaksa asup Islam. Siliwangi tuluy ngahiyang salin rupa jadi meong siluman.
Padahal jelas-jelas dongeng eta buatan lawan-lawan Pajajaran anu hayang ngahina
Prabu Siliwangi,ha lieu dibenerkeun ku Prof. Dr. Hj. Ninna Lubis, MS dina buku
Transformasi sejarah Sunda, malah ceuk Nina dongeng eta teh ngajiplak carita
Prabu Brawijaya V anu diudag-udag Ku Raden Fatah sangkan asup Islam, tuluy
Brawijaya ngahiyang di gunung Lawu.
Ajaran
karuhun dina jaman karajaan Sunda oge dianggap ajaran primitive, jeung
tinggaleun jaman isu ieu geus hasil diterapkeun ku bangsa Eropa ka pamikiran
bangsa urang anu ahirna make elmu- elmu barat dina ngokolakeun bangsa anu
disebut sekuler, misahkeun peran ulama tina nagara, misahkeun peran Resi dina
kahirupan kanagaraan. Padahal dina jaman Sri Baduga Maharaja konsep Tri Tangtu
dina pamarentahan geus ngajadikeun karajaan Pajajaran dipikagimir ku nagara
lain dina bidang pertahanan jeung ekonomi, konsep Tri Tangtu ngaadu maniskeun
antara Hak Raja anu marentah, jeung hak Resi anu nyekel undang-undang nagara
dumasar ajaran agama Sunda, jeung hak Rama anu jadi penasihat Raja. Dina jaman Sri
Baduga Maharaja anu jadi Resi / Bramesta nyaeta Ki Purwakalih sedengkeun anu
jadi Rama nyaeta Sang Kuwanen / Prabu Anom Surawisesa. Pendeta anu kapilih jadi
Bramesta ngan saurang tina ratusan pendeta, dipilihna oge teu sagawayah, tapi
dumasar pamilih para dewa ditingalina tina suluk-suluk bentang dilangit.
Ku
ajaran Sekularisme anu datang ti Barat, peran resi dileungitkeun antukna Raja
marentah teu make aturan agama. Udagan nagara-nagara Barat nyaeta materialis,
kabeh diukurna ku lobana kaungtungan dunya duit, jeung rajakaya. Akibatna
sanggeus puluhan taun kabukti, loba jalma pinter kabalinger, pejabat anu teu
amanah, lingkungan anu raruksak. Padahal saumpama urang tuhu kana
ajaran karuhun saperti urang Baduy moal aya sigana musibah banjir jeung longsor
siga ayeuna.
Laju sanggeus sagala kajadian
bencana jeung turunna moral kahirupan tumiba ka nagara urang, antukna loba anu
saradar loba jalma anu ngaguar deui ajaran karuhun / nenek moyang. Kusabab geus
kabuktian yen system hirup karuhun anu kungsi dianggap tinggaleun jaman jeung
kampungan teh tetela kabuktian boga ajen inajen anu luhung. Malah kurikulum
Pendidikan Nasional anu diterapkeun di sakola-sakola ayeuna ngagali deui atikan
karuhun nu disebut Pendidikan berbasis Karaktek Bangsa. Sanggeus sawatara taun
nyoko kana pahaman ti Barat.
Kasadaran kana kaluhuran ajaran
karuhun oge ngajadikeun loba nu maluruh deui ajaran karuhun diunggal suku, kitu
deui anu maluruh Kasundaan, kajadian eta geus kagambar dina pedaran pantun
Bogor anu unina : “ Laju eta anu keukeuh bae panasaran marapay
lacak-lacak anu geus samar, anu laas diusap jaman, engke ngan saeutik dina
bilangan, tapi rancage dina hate bari teguh ajeg dina tangtungan. Eta anu
saeutik dina bilangan teh, ku dia muru dibantu, tapi sanggeus kudia disilok
heula, sina sasar heula dina kasmaran, sina liyeur heula dina katineung… “
Dina pedaran diluhur ditegeskeun
anu mapay-mapay deui tapak karuhun teh teu gampang, bakal meunang ujian heula
sarta ngalaman nepika sasar jeung lieur heula, jeung deuih kapan henteu saeutik
anu ngaku-ngaku nyaho ajen inajen karuhun Sunda laju mere informasi ka balarea
anu sasar anu justru beda jeung sakuduna, sakumaha geus ditegeskeun dina Pantun
Bogor “ Jeung arinyana pabisa-bisa ngareka
carita, nyarien dogeng nu dipajarkeun uga. Beuki lila beuki powek wae pamikiran
arinyana,”
Ruksakna moral jeung ruksakna
alam, saumpama disusut nu sabenerna aya andil oge ti urang-urang Sunda keneh
anu geus ninggalkeun Kasundaanana, hal eta ge geus diramalkeun dina Pantun
Bogor sawaktu Hyang Tunggal rek nyiptakeun alam samesta dipedar kieu :
“Kacaritakeun Ki Lengser murag ti Kahyangan kaalam dunya, kabeh
dewa paburincay megat dimana Ki Lengser muragna. Laju Sang Hyang Wenang jeung
Sang Hyang Wening marentah ka para dewa “ Cegat dilebah pengkolan ka Batu
Tulis,” cek Sang Hyang Wenang. “ Batu Tulis anu mana ?” cek para dewa. “ Batu
Tulis anu engke. Anu engke jaga dijaman Raja Panyelang baris mimiti diruksak,
mimiti dicurat-coret heula, laju engkena digempur, “ cek Sang Guru Hyang
Tunggal. “ Saha anu baris ngaruksak eta batu ?..” cek para dewa. “ Bangsa
Sunda, tapi rawayan arinyana anu engke jaga nyorang disarebut bangsa Pajajaran
Bantar Sagara jeung balad-baladna, “ cek Sang Guru Hyang Tunggal.
Malah dina Wangsit Siliwangi
leuwih ditegeskeun yen diantara para pangawal raja oge aya anu teu nurut ka
Prabu Siliwangi nyaeta para pengawal anu inditna ka belah wetan. Kusabab anu
tuhu ka Siliwangi mah anu milu tapak lacak Prabu Anom Kian Santang ka lebah
Kidul, jeung anu ngaler oge anu ngulon. Pangawal anu indit kabelah wetan teh
anu rek hianat ka Pajajaran, nyaeta rek babakti ka Kasultanan Banten, jeung
Cirebon.
Rundayan pangawal anu ka wetan ieu
najan masih boga getih Sunda sakaturunan bakal ngamusuhan ka urang Sunda anu
hayang deui ngadeg kajayaan samodel Pajajaran. Malah urang Sunda anu kawetan
ieu ngadukung penjajahan lemah cai saperti kauger kieu :
“Anu pang aratohna nyaeta anu misah ka beulah Wetan, naha aratoh ?
Kusabab sawaktu jaman Pajajaran ngadeg, arinyana najan pangkat ku raja hanteu
kapake, ku somah teu dipikaresep, ari gawe di urut musuhmah sugan we…
Engke jaga nyunyusah bangsa Sunda, jaradi gara-gara Sunda
pagirang-girang tampiyan.
Masing nyaraho, kajayaan ngilu jeung dia. Rawayan dia engkena
bakal marentah, jaradi pangkat ditanah Sunda. Arinyana baris kamalinaan,
diburitna baris keuna babales.”
Najan
sagala kajadian geus tumiba kanagara urang ku lobana kasus korupsi, ruksakna
alam kusabab loba hirup teu tuhu kana agama jeung ajaran karuhun, anu anti kana
budaya Sunda masih loba malah nepika ayeuna tacan tembong pamarentah daerah anu
bener-bener mikamelang kana kalumangsungan budaya Sunda. Paham-paham ketimuran
anu ngagungkeun kaluhungan budi pekerti tacan dilarapkeun deui. Nepika iraha ?
taya anu nyaho ngan Aki Uyut Baju Rambeng mere gambaran kieu “ Dina runtagna Pajajaran lain Raja
Sunda anu eleh tapi memang bangsa Sunda anu eleh, kadeseh dina jaman harita,
kadeseh dina jaman kiwari. Malah eleh dina jaman anu bakal datang. Kadeseh,
kaelehkeun salilana Opat Jaman nu heubeulna opat kali jangkep saratus taun, “.
Dina
Pantun Bogor Prabu Siliwangi wasiat ka sekeseler Sunda ngaliwatan Ki Lengser,
sangkan tetep tuhu merjuangkeun nanjeurna budaya Sunda tepika iraha bae, unina
kieu : Ka Sia Lengser Ngaing Mihape :
Amun ngaing ninggang di apes, mudu jadi babatang dipangperangan, jaga kusia
ngaran Pajajaran ulah bisa datang ku laas diusap jaman, ulah bisa lebur
ngawun-ngawun, ulah beunang ku angin dibawa leungit,” (Luki Muharam).
No comments:
Post a Comment