Sunday, May 11, 2014

DURIAT APUN GENCAY”

CARPON DIMUAT DI MANGLE APRIL 2014
“DURIAT APUN GENCAY”
Ku Luki Muharam, dikintun Rebo (12/3)

Jalan ka Cikole dumadakan asa jauh, padahal sarua jeung minggu-minggu katukang naek bendi ditarik ku dua kuda Eropa, tapi ayeunamah karasana jauh, kitu cek gerentes Dalem Astramanggala. Pantes wae rek kitu oge kusabab Dalem keur kabengbat wanoja kembang desa Cikembar, najan bau lisung Apun Gencay kitu ngaran eta wanoja pikeun dirina siga bidadari kahyangan geulis campernik moal matak era dibawa ka pendopo, komo umurna 18 taun keur meujeuhna alaeun ibarat kembangmah. “ Kumaha Demang  eta budak awewe teh geus diparuluh kulawargana, Tanya atuh bisi geus boga papacangan pan kaula teu ngenah hate mun ngarebut bebene batur mah, “ cek Dalem Astramanggala Bopati Cianjur anu kasohor raja kaya, ahli ngebon kopi, pangawakanana jangkung leutik gagah naker, paromana kasep ngawirahma. Umur Dalem Cianjur 40 taun keur meumeujeuhnya kajayaan hiji lalaki cek dina itungan kolotmah.

Dalem Cianjur harita boga ketak rek mariksa para pagawe anu ngokolakeun manghektar-hektar kebon kopi, tangtu nu utamanamah sabari manggihan deui Apun Gencay wanoja geulis anu minggu katukang dipanggihkeun ka dirina ku Demang Cikole, wanoja anu sababara poe katukang ieu geus ngeusi lamunanana saban waktu “ Parantos Gusti, Apun Gencay masih sorangan, taya hahalang taya pakuat pakait sareng sasaha oge, cocog pisan saumpami dipigarwa ku gusti “ cek Demang Cikembar bari nyembah sawaktu mapag Dalem Cianjur turun tina bendi di pasanggrahan distrik Cikole paranti lalangse Bopati Cianjur mun lalanto ka Cikole.
Ayeunamah Sukabumi, mangsa harita masih disebut Cikole bagian ti Kabupatem Cianjur. Alamna dilingkung gunung, kayaning gunung Beser, gunung Bengbreng, Gunung Guruh, geus kitu loba pakaya tina cai aya palabuan ratu, Lembur Situ, Situ gunung estu ngajadikeun rahayat jeung gegedenna mamur tentrem ku kakayon alam.
Sewangan dikamar tukang pasanggrahan, Apun Gencay keur dirias ku Nyi Demang, kusabab geus kitu kudunya, sabab saumpama Apun Gencay diewed ku Dalem Cianjur mawa matak ka pangkat salakina, bisa wae diponclot tina pangkat demang. “ Apun ulah ngerakeun kami, maneh kudu tuhu kana sagala kahayang gusti Dalem ,sabab lamun teu kitu gusti Dalem tada teuing benduna. Akibatna kabeh urang Cikole bakal kabagean mamalana, “ cek Nyi Demang mamagahan Apun Gencay sabari dirias digeugeulis. “ Muhun Juragan, “ cek Apun ngajawab bari tungkul, padahal dina hatena ratug tutunggulan. Teu disangka sawaktu diamprokeun jeung Dalem Cianjur minggu kamari anu asalna ngarasa sieun boh bisi ngan saukur dijadikeun hiburan wungkul sabot Dalem aya di Cikole, ayeuna hate leutikna geus kapentang asmara ku Dalem Astramanggala anu kasep, gede kakawasaanana, katambah-tambah loba rajakayana. Apun salila ieu cicing dilembur Cikembar mantuan kolotna purah ngebersihan kebon kopi, geus ngarasa teu betah hirup ripuh. Dina angeunna nyawang yen hiji waktu dirina kudu hirup senang, sagala aya, hayang teu dibadegaan wae .
“ Bawa kadieu Nyi Apun !, “ cek Dalem Cianjur ka Demang Cikole. Anu dititah hariweusweus muru kakamar tukang, Apun Gencay kaluar ti kamar lir putri raja kaluar ti kaputren, geulis campernik, laju nyampeurkeun Dalem Cianjur anu seuri bungah ningali buah ati sakitu geulisna, “ Dieu geulis, deukeut kadieu. Akang teh sono aya samingguna teu manggihan nyai, “ cek Dalem Cianjur. Anu ditanya nyembah acung-acungan, tuluy diuk timpuh, ngeluk teu wani tanggah, ngarasa ajrih ku Dalem Cianjur.“ Gusti sembaheun abdi, nyanggakeun diri abdi kangge gusti, seja babakti ka gusti papayung nagri, “ cek Apun ngajawab semu dareuda, dadana ratug dagdigdug nahan gumuruh cintanana. “ Hayu ayeuna keneh urang ka Cianjur, nyai baris cicing dipendopo. Samemeh akang nikah ka nyai, Nyai baris dididik heula sababaraha waktu sangkan biasa jeung kahirupan pendopo, “ teges Dalem Cianjur,ti harita Apun Gencay dibawa ka Cianjur, ninggalkeun si ema jeung si bapa kolotna anu teu weleh pasrah kana nasib, Apun geus buleud rek ninggalkeun sagala kapeurihna hirup jadi jalma sangsara.
Apun Gencay teh kembang desa, geulisna sabiwir hiji sa distrik Cikole mah. Ema jeung bapana sakapeung sok bati bingung kusabab rabul lalaki anu hayang mikamilik Apun, ngan weleh kabeh oge taya anu laksana. Lain kurang kunu garagah karasep, jeung kunu bareunghar, tapi kabeh lalaki anu hayang ka Apun  kabeh malundur, naon sababna ? Sababnamah aya Ki Soma jawara anu dipikasieun kusabab sakti mandraguna bari boga talajak panasan cenah, cek kolotmah sahaok kadua gaplok. Ki Soma geus omat-omatan ka kolotna Apun, oge ka kabeh urang Cikole teu meunang mikeun Apun ka lalaki mana wae, ihwal ti ka manehna. Najan can aya beungkeutan antara Soma jeung Apun, ngan manehna geus asa ngapimilik, padahal Apun oge can karuhan daek dipigarwa, “ Bapa-ema, mana Nyai Apun ? Cenah dibawa Demang Cikole ka Cianjur, naha dibikeun ? “ cek Soma hariweuweus datang ngajorag padumukan kolot Apun. “ Ujang ulah ngambek kakami, kamimah teu walakaya. Juragan Demang katut opas kamari sore datang ka dieu tuluy mawa si Apun, cenah jadi ditikah ku Gusti Bupati Cianjur teh, “ cek indungna Apun. Ki Soma ngahuleng, “ heueuh ku geulis-geulisna Apun pangkat bupati oge kagegeloan, ngan lain tandingan aing lamun kudu ngarebut Apun ti Bupati mah, tapi dagoan siah…aing seja ngawales kajadian ieu kumaha wae carana, “ cek gerentes Ki Soma bari tuluy ngaleos tiimah kolotna Apun.
Kacaritakeun dipendopo Cianjur, Dalem jeung Apun keur suka bungah ngaliwatan poe ku hiasan kembang-kembang cinta duaan, lir ibarat Raden Mundinglaya jeung Dewi Asri anu papada mikacinta dina lalakon “Sasakadomas”. Teu karasa sababaraha poe deui Apun baris didahup ku papayung nagri, sisiapan dipendopo katembong pisan najan basajan, loba tukang kembang, tukang masak, jeung para badega pendopo pulang anting mawa sarupaning kaperluan. Ninggang dikabeh pada riweuh, pada sibuk nyiapkeun karamean taya anu apal Ki Soma datang ka pendopo mawa kembang satanggungan nyaru-nyaru tukang kembang, “ Dimana siah Dalem Cianjur, aing paeh ge teu panasaran lamun geus bisa maehan heula Dalem anu geus maok bebene aing, “ cek gerentes Ki Soma bari ngusap-ngusap Condre bedog leutik anu diselipkeun dina cangkengna. Sanggeus luak-lieuk bari salungkar salengkor mawa kembang satanggungan Ki Soma ningali Apun Gencay keur dirairung ku para dayang di gedong Pancaniti pendopo, “ emh Apun buah hate akang , asa beuki geulis wae nyai teh. Saksian akang rek nyieun balitungan ka Dalem Cianjur , “ cek gerentesna.
Ngan sawaktu ningal kalebah pendopo dijero aya hiji jalma diuk dina korsi anu moncorong komarana dirariung ku para menak anu sila marendeko, “ itu sigana Dalem Cianjur teh,” cek Kisoma bari nyalingker sisi pendopo ngadagoan riungan bubar. Laju Ki Soma mapatkeun ajian halimunan meunang ngalap ti Ki Bagja kuncen gunung Gorowong. “ Ajian aing halimunan. Saha wae moal ngadeuleu aing, jalma, jin jeung demit marakayangan oge moal ngadeuleu aing, samar-samar kabeh tetenjoan ka aing kasimbutan halimun gunung Gorowong, leungit aing tina panenjo saha wae, leungit ngangles, “ cek Ki Soma, tuluy nenjrag bumi tilu kali, les ngangles wujud Ki Soma nu ngaleungit teh asup ka jero pendopo mawa bedog condre ka hareupeun Dalem. Dalem Cianjur keur ngabaheuhay di korsi, inyana ngarasa lungse sanggeus mingpin riungan, sedengkeun Mas Purwa laceukna anu jadi panasehatna masih keneh uplek ngobrol jeung sababaraha menak teu jauh ti Dalem Cianjur nu keur diuk, teu kanyahoan ku sasaha bleg Ki Soma nembongkeun diri nangtung hareupeun Dalem Cianjur, “ Yeuh rasakeun Dalem, kapeurih kaula kusabab Apun direbut, baris dibayar ku nyawa anjeun, hayu urang paeh babarengan, ngababatang papada teu bisa ngapimilik Apun Gencay, “ cek Ki Soma, kitu teh bari tuluy nubleskeun condre ka lebah jajantung Dalem Cianjur anu ngarasa reuwas teu pupuguh aya jalma jahat hareupeunana. Dalem ngagiwar saeutik, antukna condre keuna kana patuangana, atuh burial getih kaluar tina patuangan Dalem Cianjur bareng jeung peujit-peujitna, “ Mas Purwa, naha caricing wae, “ cek Dalem bari gegeroan ka lanceukna.
Anu digeroan reuwas kacida, ningali adina aya anu nandasa teu kasawang samemehna, Ki Soma balik nyerang ka Mas Purwa nubleskeun condre ngan weleh teu neurak-neurak, beuheung Ki Soma laju dipariueskeun, pakarang condre direbut ku Mas Purwa bari tuluy ditojoskeun kana genggerong jeung jajantung Ki Soma sababaraha kali, cer getih manceur, Ki Soma teu lila tiwas sapada harita. Layonna laju dicacag ku hulu balang, diparabkeun ka anjing edan di sisi alun-alun. Dalem Cianjur anu terus ngagetih wanci sareupna laju perlaya, layonna dikurebkeun dikampung Pamoyanan sagedengeun makam Dalem Tarikolot ramana, ti harita Dalem Astramanggala / Rd Aria Wiratanu III disebut Dalem Dicondre. Apun Gencay wanoja geulis anu jadi rebutan menak jeung somah, teu lila balik deui ka lemburna di Cikembar, gawena ngan huleng jentul wae nepika gering parna, teu lila maot mawa duriatna anu teu kungsi kebat.


14 comments: